PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
56
2
D.  Kagiatan Diajar
Saréngséna Sadérék niténan pedaran matéri pangjaran ka 2 anu patali jeung Ngungkulan  Héséna  Murid  Diajar  Basa  Sunda.  Kumaha  aya  kelemeng-
kelemengna  atawa  henteu?  Mun  acan  aya  kelemeng,  komo  deui  nyangkem sakabéhna matéri nu dipedar, pék balikan deui macana. Dina lumangsungna
maca,  sing  tengét  naon  anu  dianggap  penting  ku  Sadérék,  hég  catet.  Ku lantaran  kitu,  salawasna  Sadérék  kudu  nyayagikeun  pulpén  jeung  buku
catétan husus.
Sing  ingét  anu  jadi  téma  dina  pangajaran  ka  2  téh  ngungkulan  bangbaluh jeung  ngaronjatkeun  préstasi  katut  kréativitas  murid  diajar  basa  Sunda.  Ti
mimiti faktor guru nepi ka faktor lingkungan, ésénsi pesenna kudu kacangkem ku  Sadérék.  Upama  Sadérék  geus  nyangkem  pedaran  matéri  di  luhur,
satuluyna  Sadérék  métakeun    boh  dina  wangun  angket  boh  wawancara  ka murid,  hasilna  tuluy  ditabulasikeun.  Hasil  tina  tabulasi,  ku  Sadérék  bisa
dicindekkeun  faktor  naon  anu  jadi  hésé  pikeun  murid  enggoning  diajar  basa Sunda?
Lamun  pasualan  héséna  téa  geus  kapanggih,  Sadérék  bisa  nangtukeun  sikep. Rék kumaha jeung kudu kumaha? Jigana waé pasualan “hésé” pikeun murid dina
diajar basa Sunda hususna, geus jadi rahasiah umum. Ku lantaran kitu, kacida hadéna éta pasualan téh dipadungdéngkeun jeung babaturan saprofési Sadérék,
boh di lingkungan kelompok Sadérék, boh di lingkungan komunitas saprofési anu leuwih lega.
Kagiatan  atawa  aktivitas  diajar  nu  kudu  dipilampah  ku  Sadérék  nyoko  kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1.  Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2.  Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin.
3.  Pigawé  latihan  atawa  pancén  nu  dipidangkeun  dina  ieu  kagiatan  diajar
tanggung jawab jeung disiplin. 4.  Baca  deui  saliwat  pedaran  bahan  ajar,  tuluy  titénan  tur  bandingkeun
jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif.
2
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
57
5.  Lamun  manggih  bangbaluh,  Sadérék  bisa  kréatif  tur  gawé  bareng  dina diskusi jeung kancamitra séjénna.
E.  Latihan