PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
5
daria, gedé kamungkinan naon anu dipiharep bakal kacumponan kalawan hasil nu nyugemakeun;  tapi  sabalikna,  lamun  parapamilon  sikep  katut  paripolah  diajarna
kurang daria jeung kurang soson-soson, pamohalan tujuan nu ditatangtukeun dina ieu modul téh bisa kahontal. Ku kituna, sakali deui pikeun parapamilon usahakeun
dina  nyanghareupan  ieu  tugas  diajar  ngaliwatan  modul  téh  kudu  dilaksanakeun kalawan daria tur soson-soson.
C.  Peta Kompeténsi
Bagan 0. 1 Peta Kompeténsi
D.  Ambahan Matéri
Bahan anu dipidangkeun dina ieu Kagiatan Diajar Tahap1 nyoko kana wéngkuan bahan ajar basa jeung sastra Sunda, kaédah basa ciri-ciri khas basa Sunda, ciri
basa budak jeung kaparigelan ngagunakeun basa, sarta tiori jeung génre sastra
2. Ngungkulan
bangbaluh jeung
Ngaronjatkeun Préstasi
katut Kréativitas  murid  diajar  basa
Sunda 1. Mikawanoh karakteristik, poténsi,
jeung kamampuh awal murid dina diajar basa Sunda
3.  Kahasan Basa Sunda
4. Kawih jeung Kakawihan
Pendagogik
Professional
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
6
kawih  jeung  kakawihan  katut  aprésiasina.  Luyu  jeung  ambahan  matéri, pidanganana diwangun ku opat kagiatan diajar saperti ieu di handap.
Kagiatan Diajar 1 :  Mikawanoh karakteristik, poténsi, jeung kamampuh awal murid dina diajar basa Sunda;
Kagiatan Diajar 2 :  Ngungkulan bangbaluh murid diajar basa Sunda jeung ngaron- jatkeun préstasi jeung kréativitas murid dina diajar  basa Sunda
Kagiatan Diajar 3 :   Hakékat basa Sunda, Ciri khas basa Sunda, jeung Ciri khas basa budak
Kagiatan Diajar 4 :   Kawih jeung Kakawihan
E.  Cara Ngagunakeun Modul
Kamampuh  atawa  kompeténsi  Sadérék  dina  ngawasa  bahan  Kagiatan  Diajar baris dipeunteun ku hasil tés jeung laporan pancén pribadi, anu ngawéngku 1
bahan ajar basa jeung sastra Sunda, 2 kaédah basa ciri-ciri has basa Sunda, ciri has basa budak,  sarta 3 tiori jeung génre sastra wangun jeung rumpaka
kakawihan.
Dina ngulik éta bahan Kagiatan Diajar téh, Sadérék kudu maca jeung ngajawab latihan  dina  Kagiatan  Diajar  kalawan  ngaruntuy.  Ari  sababna,  bahan  dina
Kagiatan Diajar I jadi dasar pikeun bahan dina Kagiatan Diajar II, bahan kagiatan diajar  II  bakal  jadi  bahan  pikeun  kagiatan    diajar  III,  jst.    Lamun  manggihan
bangbaluh  dina  nyangkem  bahan  jeung  ngajawab  latihan  atawa  soal,  Sadérék bisa nyawalakeun ngadiskusikeun jeung kancamitra séjénna atawa nanyakeun
ka instruktur.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
7
KOMPETENSI
PEDAGOGIK
NGARONJATKEUN DIAJAR BASA SUNDA
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
8
1
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
9
KAGIATAN DIAJAR 1
MIKAWANOH KARAKTERISTIK, POTÉNSI, JEUNG KAMAMPUH AWAL MURID SD
DINA DIAJAR BASA SUNDA
A.  Tujuan