Murid Murid mangrupa individu anu unik tumuwuh luyu jeung tahap Bahan Ajar Bahan ajar mangrupa matéri ajar anu baris dipidangkeun dina prosés

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 Gambar 2. 1 Variabel nu Mangaruhan kana Hasil Diajar

b. Murid Murid mangrupa individu anu unik tumuwuh luyu jeung tahap

kamekaranana. Kamekaran budak téh saéstuna henteu ngan ukur ragana wungkul tapi méh bareng jeung mekarna kapribadian rohani. Unggal budak laju kamekaran kapribadianana henteu sarua jeung laju umurna, tah laju kamekaran anu béda-béda ieu anu bisa mangaruhan kana hasil diajar. Cara guru, murid ogé ceuk Dunkin dina Wina Sanjaya 2008:17 nyebutkeun aya sababara faktor anu bisa mangaruhan kana prosés diajar ngajar di sakola, nyaéta kasang tukang kahirupanana pupil formative Variabel nu Mangaruhan kana Hasil Diajar Ngajar Média  Disayagikeun lėngkėp  Luyu jeung pangabutuh Bahan ajar:  Teu hésé dipimilik  Pedaranana alus, jst. Lingkungan sabudeureun  Hubungan murid jeung murid  Hub guru jeung murid Murid:  Disiplin  Rajin  Taat aturan Guru :  Professional  Nalingakeun  disiplin PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 42 2 experience jeung sifat atawa karakter nu dipilik ku dirina pupil properties Anu patali jeung kasang tukang murid pupil formative experience kayaning: tempat kalahiran jeung panganjrékan, kaayaan ekonomi, kaayaan jeung kalungguhan kulawargana. Ari anu patali jeung sifat atawa karakter murid kayaning: kamampuh dasar, pangawéruh jeung sikep. Kapanan kaayaan murid téh dina emprona sok rupa-rupa, aya anu kamampuh dasarna pinunjul, aya anu kamampuh dasarna sedeng, jeung aya anu kapampuh dasarna di handap. Ari kaayaan murid anu miboga kamampuh dasarna pinunjul, lumbrah sok dibarung ku motivasi diajarna leuwih ti nu lian. Sabalikna pikeun murid anu kamampuh dasarna handap, motivasi diajarna ogé kurang hadé, méngpéléhé; ku lantaran kitu, guru kudu wijaksana dina nyanghareupan kaayaan saperti kitu, boh nu pinter boh nu bodo sarua papada murid anu kudu ditalingakeun kalawan adil.

c. Bahan Ajar Bahan ajar mangrupa matéri ajar anu baris dipidangkeun dina prosés

diajar ngajar. Ari bahan ajar téh nyaéta mangrupa déskripsi pakta-pakta jeung prinsip-prinsip, ngeunaan norma jeung aturan, ajén-inajén jeung sikep jeung sagala rupa paripolah jeung kaparigelan motorik. Ku lanaran kitu, bahan ajar mibanda élmu pangawéruh , norma, aturan, sikep, paripolah jeung kaparigelan nu mibanda ajén-inajén, konsép, prinsip jeung prosés lumangsungna kagiatan diajar ngajar geusan ngahontal nu jadi udagan pangajaran. Kalungguhan bahan ajar téh aya dua nyaéta pikeun guru jeung pikeun murid. Kalungguhan bahan ajar pikeun guru nya éta: a minangka palanggeran enggoning ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar; b ngaronjatkeun kagiatan diajar ngajar sangkan leuwih éféktif; c minangka palanggeran dina ngalaksanakeun évaluasi; jeung d bisa ngarobah kalungguhan guru nu kuduna ngajar jadi fasilitator dina kagiatan diajar ngajarna. Ari kalungguhan pikeun murid nyaéta a murid bisa diajar sajan 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 43 euweuh guru; b murid bisa diajar iraha waé; c murid bisa diajar luyu jeung kadaék katut kaparigelanana séwang-séwangan; d jadi palanggeran dina kagiatan diajarna pikeun ngaronjatkeun kompeténsi dirina.

d. Média Média dina harti anu lega nyaéta sagala rupa hal anu dipibutuh dina