Tempat Panalungtikan Partisipan jeung tempat Panalungtikan

Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Saperti anu geus disebutkeun samemehna, panalungtikan kualitatif henteu ngutamakéun jumlah partisipan anu loba, tapi kasus tipikal saluyu jeung masalah anu rek ditalungtik Sarantakos, dina Poerwandari, 2005. Ieu hal dumasar kana pamikiran yén panalungtikan kualitatif henteu condong kana lobana jumlah partisipan, tapi leuwih jero kana informasi anu bisa di cokot di unggal partisipan, nepi ka muncul panemuan anu nembongkeun pangaweruh partisipan. Panalungtik, netepkeun jumlah partisipan opat jalma anu dipihareup bisa ngawakilan informasi anu rek ditalungtik ngeunaan pakakas tradisional anu aya di masarakat Kampung Naga.

3.2.4 Tempat Panalungtikan

Tempat panalungtikan dilaksanakeun di Kampung Naga, Desa Neglasari Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat. Jarak tempuh ti kota Tasikmalaya sakitar 30 km, ti kota Garut mung 25 km atawa sakitar 90 km ti Bandung ngaliwatan Garut Disbudpar, 2008:14. Numutkeun data ti Desa Neglasari wangun tanah di Kampung Naga mangrupa bukit anu produktivitas tanahna subur. Luas tanah Kampung Naga kurang leuwih 10,5 hektar, sabagian dipaké pikeun imah, pakarangan, empang jeung saleuwihna digunakeun pikeun tatanén. Dusun Naga ayana di hiji lembah anu rata-rata 500 meter dpl. anu sarupa ciga mangkok gede. Hawana seger, suhu rata-rata 21,5-23 derajat celcius. Angka curah hujan unggal taun ngahontal 3.468 mm. Pikeun nepi ka Kampung Naga kudu ngaliwatan jalan anu leutik tur ngaliwatan tangga anu lobana 344. Sanggeus ngaliwatan tangga tuluy ngaliwatan ciwulan anu bersih tur kapiara. Sacara global masarakat Kampung Naga dibagi jadi dua kelompok, nya eta: a kelompok masarakat Kampung Naga anu aya di pamukiman Kampung Naga, jeung b kelompok masarakat Kampung Naga anu aya di luar pamukiman anu disebut Sanaga. Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Penduduk Kampung Naga jumlahna 325 jiwa anu mibanda 106 pupuhu kulawarga jeung jumlah bangunan 111, 108 imah, 1 bale, 1 masjid, jeung 1 bumi ageung. Kasang tukang masarakat Kampung Naga teu dijelaskeun sacara jelas timana asalna, sabab buku anu ngajelaskeun ngeunaan sajarah Kampung Naga kaduruk waktu jaman DITII. Tapi numutkeun masarakat Kampung Naga, karuhun anu kawentar Sembah Dalem Singaparna jadi panutan sakabeh tatanan kahirupan adat istiadat sarta hukum adat salaku penghormatan ka anjeunna, ku kituna anjeunna dimakamkeun sabeulah kulon Kampung Naga. Pakasaban masarakat Kampung Naga, lolobana Patani. Tapi, dina kamekaran jaman aya sababaraha parobahan diantarana, salaku Patani jeung ditambah buka usaha leuleutikan saperti kerajinan tangan, buruh, jrrd. Dina umumna atikan masarakat Kampung Naga masih keneh handap, tapi aya oge tamatan SMP boh SMA. Urang Naga, ngagem agama Islam. Anu kawentar ku falsafah hirupna silih asah, silih asih, tur silih asuh.

3.3 Ngumpulkeun Data

Dokumen yang terkait

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII.

0 23 28

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA: ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK.

5 101 33

SIKEP BASA KULAWARGA DINA NGUKUHAN BASA SUNDA DI DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG.

0 15 29

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP (ULIKAN STRUKTURAL).

1 49 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

AJEN ESTETIKA DINA ARSITEKTUR IMAH ADAT KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KACAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN AJAR MACA ARTIKEL BUDAYA KELAS XII.

0 44 26

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.

2 45 28

PERAN SESEPUH ADAT DALAM MENINGKATKAN MOTIVASI BERWIRAUSAHA DI MASYARAKAT KAMPUNG NAGA : Studi Deskriptif terhadap Masyarakat Adat Kampung Naga di Kampung Naga Rt.01 Rw.01 Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya.

0 0 30

MITIGASI BENCANA PADA MASYARAKAT TRADISIONAL DALAM MENGHADAPI PERUBAHAN IKLIM DI KAMPUNG NAGA KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA (Disaster Mitigation on Traditional Community Against Climate Change in Kampong Naga Subdistrict Salawu Tasikmalaya) | Dew

0 1 7

Studi Etnofarmakognosi- Etnofarmakologi Tumbuhan Sebagai Obat Di Kampung Naga Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya

0 0 6