Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN
SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Penduduk Kampung Naga jumlahna 325 jiwa anu mibanda 106 pupuhu kulawarga jeung jumlah bangunan 111, 108 imah, 1 bale, 1 masjid, jeung 1 bumi
ageung. Kasang tukang masarakat Kampung Naga teu dijelaskeun sacara jelas timana asalna, sabab buku anu ngajelaskeun ngeunaan sajarah Kampung Naga
kaduruk waktu jaman DITII. Tapi numutkeun masarakat Kampung Naga, karuhun anu kawentar Sembah Dalem Singaparna jadi panutan sakabeh tatanan
kahirupan adat istiadat sarta hukum adat salaku penghormatan ka anjeunna, ku kituna anjeunna dimakamkeun sabeulah kulon Kampung Naga.
Pakasaban masarakat Kampung Naga, lolobana Patani. Tapi, dina kamekaran jaman aya sababaraha parobahan diantarana, salaku Patani jeung
ditambah buka usaha leuleutikan saperti kerajinan tangan, buruh, jrrd. Dina
umumna atikan masarakat Kampung Naga masih keneh handap, tapi aya oge tamatan SMP boh SMA. Urang Naga, ngagem agama Islam. Anu kawentar ku
falsafah hirupna silih asah, silih asih, tur silih asuh.
3.3 Ngumpulkeun Data
3.3.1 Jenis Data
Data anu dikumpulkeun dina ieu panalungtikan nya éta, data kualitatif. Data kualitatif mangrupa data dina wangun kalimah, lain dina wangun angka.
Data kualitatif bisa di beunangkeun ngaliwatan pangumpulan data saperti analisis dokumen, wawancara, diskusi, observasi. Wangun data kualitatif nya éta
mangrupa poto atawa gambar. Data dina ieu panalungtikan nyaéta ngaran pakakas tradisional masarakat
Kampung Naga maké ulikan ekolinguistik anu ngawengku interrelationships interalasi basa jeung lingkungan, environment lingkungan ragawi jeung sosial
budaya, jeung diversity keberagaman basa jeung lingkungan. Hubungan antara basa jeung lingkungan katiten dina pribasa Sunda; Kudu
pindah cai pindah tampian, anu hartina yén urang Sunda kudu bisa hirup dimana bae. Hubungan eta basa dipaluruh maké jihat interrelationships interalasi basa
jeung lingkungan.
Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN
SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Lingkungan hirup manusa nyoko kana lingkungan fisik jeung lingkungan budaya. Ku sabab kitu, manusa bisa ditingali salaku mahluk biososiobudaya
Adimiharja, dina Sudaryat:2014. Dina ieu hal, pangaweruh manusa bisa digunakeun pikeun maham, ngamumule, jeung mere harti lingkungan sarta
pangalaman anu bakal nguatan kana paripolah pikeun hirup babarengan. Dina kahirupan manusa, basa patalina jeung sababaraha aspek, kaasup kana
lingkungan. Eta kabeh dipaluruh maké jihat environment. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan,
kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tatakrama basa. Undak usuk basa
enas-enasna mangrupa sopat santun makéna basa, ku kituna, undak usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes hormat jeung ragam basa kasar loma,
atawa teu hormat anu dipaluruh tina jihat diversity keberagaman basa jeung lingkungan.
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data