Instrumen Panalungtikan Ngumpulkeun Data

Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Obsérvasi dilakukeun ku cara niténan langsung hiji objék data pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga.anu bakal ditalungtik. Dina ieu kagiatan panalungtikan, obsérvasi dilakukeun ku cara rekaman gambar. Pikeun ngarojong proses panalungtikan tangtuna ngagunakeun média atawa alat saperti kaméra, handphone, jste. Obsérvasi dilaksanakeun sangkan meunang gambaran anu nyata ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna pakakas tradisional. Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina téhnik obsérvasi, nya éta: 1 nyieun pedoman obsérvasi, 2 ngalaksanakeun observasi ka lapangan 3 niténan langsung kaayaan masarakat Kampung Naga 4 Kaayaan masarakat diasupkeun kana naon-naon anu aya dina pedoman obsérvasi.

3.3.2.2 Téhnik Wawancara

Esterberg dina sugiyono, 2010:317 nétélakeun yén wawancara mangrupa patemon dua jalma pikeun nukeur informasi jeung idé ku cara tanya jawab nepi k a bisa meunang ma’na dina hiji topik. Wawancara mangrupa téhnik anu dilakukeun ngaliwatan komunikasi langsung atawa Tanya jawab jeung Kuncén, masarakat Kampung Naga, wawakil ti kulawarga, patani, jeung tukang nyieun imah. Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun téhnik wawancara, di antarana nya éta: 1 nyieun pedoman wawancara; 2 yusun daptar patalékan jeung tujuan panalungtikan; 3 néang narasumber pikeun meunangkeun informasi ku cara wawancara; tuluy 4 nulis jawaban anu dipibeunang ku narasumber

3.3.3 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat-alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun, ngolah, jeung ngainterprétasi sagala informasi anu ditarima. Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Numutkeun Arikunto 2010:192 instrumén panalungtikan nyaéta alat anu digunakeun dina waktu panalungtikan nu nyoko kana métode jeung téhnik panalungtikan nu digunakeun. Instrumén panalungtikan nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta: a. Pédoman Obsérvasi Pédoman wawancara nu baris aya di antarana mangrupa patalékan- patalékan. Obsérvasi didieu nyaéta pengamatan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu valid. Tabél 3.1 Pedoman Obsérvasi Lokasi Obsérvasi : Jenis Obsérvasi : Tgl Obsérvasi : Observer : No Kode Daftar Tanya Dipake Ngartieun Istilah Sejen b. Pédoman Wawancara Pédoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat Kampung Naga, meunangkeun data dumasar kana masalah nu ditalungtik. Tabél 3.2 Pedoman Wawancara Wasta : Jenis Kelamin : Umur : Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kalunggguhan di kulawarga : Pakasaban : Jenjang atikan : Kalungguhan di masarakat : Patalékan : No Patalékan 1. Naon waé pakakas anu digunakeun ku masarakat Kampung Naga, dina kahirupan sapopoé, hususna: a. Pakakas Rumah tangga: b. Pakakas Tatanén: c. Pakakas Ngala lauk : d. Pakakas Ngebon : 2. Kumaha fungsina, éta pakakas tradisional teh? 3. Unsur lingkungan naon baé anu nyampak dina kandaga kecap pakakas tradisional? 4. Kumaha patalina antara kandaga kecap pakakas tradisional nu aya jeung tradisi masarakat Kampung Naga? e. Kaméra jeung Hp Ieu alat digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sakabéh kagiatan panalungtikan. Hasil ieu instrumén nya éta mangrupa gambar dua diménsi atawa visual.

3.4 Analisis Data

Miles dan Huberman Sugiyono, 2007, ngebrehkeun yén aktivitas dina nganalisis data kualitatif dilakukeun sacara interaktif jeung lumangsung tuluy- tumuluy, nepi ka data jenuh. Eta aktivitas nya éta reduksi data data reduction, penyajian data data display, jeung conclusiondrawingverification Sugiyono, 2007.

Dokumen yang terkait

STRUKTUR DINA KAULINAN TRADISIONAL DI DÉSA PAGERWANGI KACAMATAN LEMBANG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP KELAS VII.

0 23 28

TRADISI BABARIT DÉSA DI KACAMATAN PALASAH KABUPATÉN MAJALENGKA: ULIKAN STRUKTURAL-SÉMIOTIK.

5 101 33

SIKEP BASA KULAWARGA DINA NGUKUHAN BASA SUNDA DI DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG.

0 15 29

ADEGAN PUPUJIAN DI DÉSA SIRNASARI KACAMATAN SURADÉ KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP (ULIKAN STRUKTURAL).

1 49 31

UNSUR SÉMIOTIK DINA KASENIAN BANGKONG RÉANG DI KAMPUNG CIJAURA DÉSA LEBAKMUNCANG KACAMATAN CIWIDÉY KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL DI SMA.

0 21 32

AJEN ESTETIKA DINA ARSITEKTUR IMAH ADAT KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KACAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN AJAR MACA ARTIKEL BUDAYA KELAS XII.

0 44 26

PUPUJIAN DI DÉSA PANYINDANGAN KACAMATAN PAKÉNJÉNG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMP KELAS VII.

2 45 28

PERAN SESEPUH ADAT DALAM MENINGKATKAN MOTIVASI BERWIRAUSAHA DI MASYARAKAT KAMPUNG NAGA : Studi Deskriptif terhadap Masyarakat Adat Kampung Naga di Kampung Naga Rt.01 Rw.01 Desa Neglasari Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya.

0 0 30

MITIGASI BENCANA PADA MASYARAKAT TRADISIONAL DALAM MENGHADAPI PERUBAHAN IKLIM DI KAMPUNG NAGA KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA (Disaster Mitigation on Traditional Community Against Climate Change in Kampong Naga Subdistrict Salawu Tasikmalaya) | Dew

0 1 7

Studi Etnofarmakognosi- Etnofarmakologi Tumbuhan Sebagai Obat Di Kampung Naga Kecamatan Salawu Kabupaten Tasikmalaya

0 0 6