Rumusan Masalah Raraga Tulisan Desain Panalungtikan

4 Riksa Sukma Wibawa , 2015 ANALISIS STRUKTURAL D INA KUMPULAN SAJAK TITIMANGSA KARYA ABD ULLAH MUSTAPPA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Panalungtikan ngeunaan sajak dina wangun skripsi anu maké ulikan struktural katitén masih kurang. Ku kituna, ieu panalungtikan medar ngeunaan unsur struktural dina kumpula sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa. Hawe Setiawan, kritikus sastra Sunda kungsi nétélakeun dina ésséyna yén sajak-sajak anu aya dina kumpulan sajak Titimangsa téh mangrupa surat ngeunaan ésénsi kahirupan pangarang anu ditepikeun dina wangun simbolis ka istrina, Aam Amilia. Sacara fisik ieu buku kumpulan sajak téh miboga ciri has anu teu ilahar. Éta ciri has téh nya éta salian ti judul kumpulan, unggal sajak ukur ditandaan ku angka 1 nepi ka 68. Eusina ngawengku 68 sajak alit, saluyu jeung judulna anu mangrupa sajak-sajak pondok. Sajak anu pangpanjangna ngawengku 8 padalisan jeung 5 pada, sedengkeun anu pangpondokna ukur sapada. Ieu hal jadi salah sahiji kasang tukang panulis milih ieu buku kumpulan sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa jadi bahan panalungtikan. Ku kituna, ieu panalungtikan nu dijudulan “Analisis Struktural dina Kumpulan Sajak Titimangsa Karya Abdullah Mustappa perlu dilaksanakeun.

1.2 Rumusan Masalah

Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan ukur nganalisis struktur batin sajak, anu ngawengku téma, nada, rasa, jeung amanat. Dumasar kana éta hal, ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap. 1 Téma naon waé anu aya dina buku kumpulan sajak Titimangsa? 2 Nada naon waé nu aya dina buku kumpulan sajak Titimangsa? 3 Rasa naon waé anu aya dina buku kumpulan sajak Titimangsa? 4 Amanat naon waé anu nyangkaruk dina buku kumpulan sajak Titimangsa?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

5 Riksa Sukma Wibawa , 2015 ANALISIS STRUKTURAL D INA KUMPULAN SAJAK TITIMANGSA KARYA ABD ULLAH MUSTAPPA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Luyu jeung maslah anu dipedar di luhur, tujuan ieu panalungtikan téh nya éta pikeun nganalisis unsur-unsur sajak anu aya dina buku Kumpulan Sajak karya Abdullah Mustappa.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, ieu panalungtikan boga tujuan pikeun: 1 ngadéskripsikeun téma anu aya dina kumpulan sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa; 2 ngadéskripsikeun nada anu aya dina kumpulan sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa; 3 ngadéskripsikeun rasa anu aya dina kumpulan sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa; 4 ngadéskripsikeun amanat anu aya dina kumpulan sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi anu euyeub ngeunaan struktur batin anu nyangkaruk dina kumpulan sajak Titimangsa karya Abdullah Mustappa.

1.4.1 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis anu dipiharep tina ieu panalungtikan nya éta: 1 ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngeuyeuban élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra modéren, hususna dina wangun sajak; 2 pikeun ngadéskripsikeun hasil analisis karya sastra dina wangun sajak dumasar kana struktur pangwangunna; 3 ieu panalungtikan bisa jadi bahan bacaeun atawa dijadikeun salah sahiji bahan referénsi dina ulikan sastra. 6 Riksa Sukma Wibawa , 2015 ANALISIS STRUKTURAL D INA KUMPULAN SAJAK TITIMANGSA KARYA ABD ULLAH MUSTAPPA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Raraga Tulisan

BAB I medar kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan. BAB II medar tiori-tiori ngeunaan: sastra, sajak Sunda, jeung strukturalisme. BAB III medar métode panalungtikan, desain panalungtikan, sumber data, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan. BAB IV medar analisis data. BAB V medar kacindekan jeung saran kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun. Riksa Sukma Wibawa , 2015 ANALISIS STRUKTURAL D INA KUMPULAN SAJAK TITIMANGSA KARYA ABD ULLAH MUSTAPPA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Métode asalna tina kecap methodos basa Latén anu hartina stratégi pikeun maham kana kanyataan realitas dumasar kana léngkah-léngkah anu ngéntép seureuh pikeun ngeungkulan runtuyan sabab-akibat Ratna, 2013, kc. 34. Siswantoro 2010, kc. 55-56 nétélakeun yén métode téh nya éta cara nu dipaké dina panalungtikan anu mangrupa kagitan ilmiah, métodena kudu dilaksanakeun sacara sistematis dumasar kana urutan léngkah- léngkah panalungtikan. Panalungtikan sastra sarua jeung panalungtikan élmu séjénna, nya éta maké métode anu sistematis. Bédana, panalungtikan sastra mah sipatna déskriptif. Ku kituna, métode dina ieu panalungtikan digolongkeun kana métode déskriptif. Mukhtar 2013, kc. 29 nétélakeun yén métode déskriptif nya éta: “Metode deskriptif adalah sebuah penelitian yang dimaksudkan untuk mengungkap sebuah fakta empiris secara objektif dan ilmiah dengan berlandaaskan pada logika keilmuan, prosedur, dan didukung oleh metodologi dan teoritis yang kuat sesuai dengan disiplin keilmuan yang ditekuni ”. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif-analitik. Métode dékriptif-analitik nya éta métode anu ngadéskripsikeun sakabéh data kalawan rinci, anu saterusna éta data téh dianalisis Ratna, 2013, kc. 53. Éta métode téh dipaké pikeun ngadéskripsikeun sajak-sajak dina buku kumpulan sajak Titimangsa ngaliwatan pamarekan struktural kana téksna. Desain panalungtikan nya éta gambaran prosés panalungtikan anu rék dilaksanakeun Mukhtar, 2013, kc. 39. Dina desain panalungtikan, sakurang- kurangna kudu aya: 1 judul panalungtikan nu nandeskeun masalah, 2 alesan diayakeunana panalungtikan, 3 tujuan panalungtikan, 4 mangpaat hasil panalungtikan, 5 landasan tiori, 6 talaaah kapustakaan, 7 métodologi ngawengku téhnik sampling, métode ngeumpulkeun data, jeung métode analisis data, léngkah-léngkah panalungtikan, jeung biaya panalungtikan. Riksa Sukma Wibawa , 2015 ANALISIS STRUKTURAL D INA KUMPULAN SAJAK TITIMANGSA KARYA ABD ULLAH MUSTAPPA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Ali dina Jabrohim, 2012, kc. 31 méré gambaran yén panalungtikan dilaksana keun dumasar kana sababaraha tahap panalungtikan, nya éta: 1 tahap rarancang panalungtikan, 2 tahap ngalaksanakeun panalungtikan, jeung tahap nyieun laporan panalungtikan. Tahap rarancang ngawengku ngarumuskeun masalah, talaah kasang tukang masalah, jeung nyusun rarancang panalungtikan. Satrerusna dituluykeun kana tahap ngalaksanakeun panalungtikan, nu ngawengku prosés ngumpulkeun data, ngelompokkeun, jeung nganalisis data. Tahap katilu nya éta tahap nyieun laporan panalungtikan. Ieu di handap dipedar desain anu dipaké dina ieu panalungtikan. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Sumber Data