KAJIAN STRUKTURAL, STILISTIKA, JEUNG ETNOPEDAGOGI DINA KUMPULAN SAJAK PERIODE TAUN 2000-AN.

(1)

KAJIAN STRUKTURAL, STILISTIKA,

JEUNG ETNOPEDAGOGI

DINA KUMPULAN SAJAK PERIODE TAUN 2000-AN

TESIS

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal gelar Magister Pendidikan Basa jeung Budaya Sunda

ku

Acep Deri Cahyadi NIM 1200994

PROGRAM STUDI

PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2014

(2)

Kajian Struktural, Stilistika,

jeung Etnopedagogi

dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Oleh

Acep Deri Cahyadi S.Pd UPI Bandung, 2011

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

Sekolah Pascasarjana

© Acep Deri Cahyadi 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

ACEP DERI CAHYADI NIM 1200994

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi

dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping 1,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 19590614 198601 1 002

Pangaping II,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 19641110 198903 2 002

Kauninga ku

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI Bandung,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 19630210 198703 1 001

(4)

v Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

DAPTAR EUSI

Kaca

PANGJAJAP ... i

CATUR PANUHUN ... ii

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... v

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II KAJIAN PUSTAKA 2.1 Sajak ... 8

2.1.1 Sajarah Kamekaran Sajak ... 8

2.1.2 Wangenan Sajak ... 14

2.1.3 Metode jeung Hakékat Sajak ... 18

2.2 Strukturalisme ... 22

(5)

vi

2.4 Etnopedagogi ... 33

2.5 Sosiologi Sastra ... 34

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 39

3.2 Desain Panalungtikan ... 39

3.3 Métode Panalungtikan ... 40

3.4 Wangenan Operasional ... 40

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 41

3.6 Prosedur Panalungtikan ... 42

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 42

3.8 Téhnik Ngolah Data ... 43

BAB IV ANALISIS DATA PANALUNGTIKAN 4.1 Analisis Sajak Serat Panineungan karangan Etty R.S ... 44

4.1.1 Ungkara Sajak ... 44

4.1.2 Analisis Unsur Struktur Batin Sajak ... 47

4.1.3 Analisis Unsur Stilistika ... 49

4.1.4 Analisis Unsur Etnopedagogi ... 50

4.2 Analisis Sajak Nu Nyusuk Dina Sukma karangan Chyé Rétty Isnéndés .... 80

4.2.1 Ungkara Sajak ... 80

4.2.2 Analisis Unsur Struktur Batin Sajak ... 80

4.2.3 Analisis Unsur Stilistika ... 81

4.2.4 Analisis Unsur Etnopedagogi ... 81

4.3 Analisis Sajak Paguneman karangan Acep Zamzam Noor ... 103

4.3.1 Ungkara Sajak ... 103

4.3.2 Analaisis Unsur Struktur Batin Sajak ... 104

4.3.3 Analisis Unsur Stilistika ... 105

(6)

vii

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

4.4 Analisis Sajak Tariking Angin karangan Godi Suwarna ... 138

4.4.1 Ungkara Sajak ... 138

4.4.2 Analisis Unsur Struktur Batin ... 139

4.4.3 Analisis Unsur Stilistika ... 140

4.4.4 Analisis Etnopedagogi ... 141

4.5 Modél Bahan Ajar jeung Kagiatan Aprésiasi Sastra ... 179

4.5.1 Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar Bahan Ajar Sajak ... 179

4.5.2 Indikator jeung Tujuan Pangajaran ... 182

4.5.3 Bahan Ajar Sajak ... 183

4.5.4 Padika Ngajarkeun Bahan Ajar Sajak ... 189

4.5.5 Media Pangajarn Aprésiasi Sajak ... 191

4.5.6 Evaluasi Bahan Ajar Sajak ... 192

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 197

5.2 Rékoméndasi... 199

DAPTAR PUSTAKA ... 201 LAMPIRAN-LAMPIRAN

(7)

KAJIAN STRUKTURAL, STILISTIKA, JEUNG ETNOPEDAGOGI DINA KUMPULAN SAJAK PERIODE TAUN 2000-AN 1)

Acep Deri Cahyadi 2) ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh masalah pentingnya suatu analisis sastra utamanya dalam karya sastra puisi (sajak). Panelitian ini bertujuan untuk: 1) Mendeskripsikan struktur batin sajak yang mencakup tema (sense), nada (tone), perasaan (feeling), dan amanat (intention) yang terdapat dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an; 2) Mendeskripsikan unsur stilistika yang terdapat dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an; dan 3) Mendeskripsikan kajian etnopedagogi yang terdapat dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an. Untuk mencapai tujuan tersebut, dalam penelitian ini digunakan desain penelitian kualitatif, metode yang digunakan adalah metode deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan adalah studi pustaka. Berdasarkan hasil pengolahan data baik struktural, stilistika, maupun etnopedagogi dapat disimpulkan bahwa: (1) Tema sajak yang terdapat dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an umumnya termasuk ke dalam tema sosial; (2) Nada yang muncul dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an ini adalah nada terkenang, kecewa, marah, haru, ketir,

syukur, rindu, bahagia, bangga, bertanya, dan harapan; (3) Perasaan yang

muncul dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an ini adalah perasaan

bingung, khawatir, bahagia, sayang, kecewa, marah, rindu, dan bangga; (4) Amanat yang terdapat dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an ini secara

umum adalah manusia seyogyanya tetap semangat dalam mengarungi kehidupan dan manusia wajib bersyukur atas limpahan keindahan alam semesta yang Tuhan berikan kepadanya; (5) Unsur stilistika yang terdapat dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an secara umum mencakup gaya basa hiperbola, metapora, personifikasi, dan simile; dan (6) Kajian etnopedagogi yang terdapat dalam kumpulan sajak periode tahun 2000-an mencakup 16 nilai etnopedagogi yang berhubungan dengan pribadi, 15 nilai etnopedagogi yang berhubungan dengan masyarakat, 27 nilai etnopedagogi yang berhubungan dengan alam, 9 nilai etnopedagogi yang berhubungan dengan kepercayaan, dan 14 nilai etnopedagogi yang berhubungan dengan kepuasan lahiriah dan batiniah.

Kata Kunci: analisis, struktural, stilistika, etnopedagogi, dan sajak tahun 2000-an.

1) Tesis ini dibimbing oleh Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dr. Ruhaliah, M.Hum. 2) Mahasiswa Pascasarjana Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

(8)

v Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

KAJIAN STRUKTURAL, STILISTIKA, JEUNG ETNOPEDAGOGI DINA KUMPULAN SAJAK PERIODE TAUN 2000-AN 3)

Acep Deri Cahyadi 4) ABSTRACT

This research is motivated by the problem of primary importance in a literary analysis literary poetry (rhyme).This research is aimed to (1) describe the inner structure of the poem which includes the theme, tone, feeling, and mandate is contained in a collection of poems of the 2000s period; (2) to describe the stilistika elements contained in a collection of poems of the 2000s period; and (3) to describe the study ethnopedagogic contained in a collection of poems of the 2000s period. To achieve these objectives, this study used qualitative research design. The method used is descriptive method, while the techniques used are literature studies. Based on the results of both structural processing, stilistika, and ethnopedagogic can be concluded that: (1) rhyme theme contained in a collection of poems of the 2000s period generally belong to the social theme; (2) a tone poem in the collection period of the 2000s are remembered tones, disappointment, anger, anxiousness, be concerned, gratitude, longing, happy, proud, ask, and hope; (3) the feeling of that appears in a collection of poems of the 2000s period are feelings of confused, worry, happy, unfortunately, disappointed, angry, nostalgic, and proud; (4) mandates contained in collection of poems of the 2000s period in general is that we as humans should remain in wade spirit and human life must give thanks for the beauty of the abundance of the universe that God has given to us; (5) stilistika elements contained in a collection of poems of the 2000s period generally includes a base style hyperbole, metaphor, personification, and simile; and (6) ethnopedagogic studies contained in a collection of poems of the 2000s period covers 16 ethnopedagogic value associated with the private, 15 ethnopedagogic value associated with the community, 27 ethnopedagogic values associated with nature, 9 ethnopedagogic value associated with the trust, and the 14 values that ethnopedagogic related to outward and inward satisfaction.

Keywords: analysis, structural, stilistika, ethnopedagogic, and poetry of the 2000s.

1) Tesis ini dibimbing oleh Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dr. Ruhaliah, M.Hum. 2) Mahasiswa Pascasarjana Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

(9)

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Panalungtikan

Karya sastra nya éta karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun alat basa. Minangka karya seni, warnaning karya sastra téh dicipta salawasna napak dina ngolah unsur-unsur éstétis (kaéndahan sastra). Kulantaran alatna basa, nya nu diolah ku pangarang téh sakabéh poténsi nu kapimilik ku basa, kaasup rupa-rupa fungsina atawa makéna basa.

Karya sastra mangrupa gambaran atawa tafsiran ngeunaan hiji kahirupan anu diéksprésikeun ku pangarang minangka manipéstasi tina perasaan, harepan, ide, pikiran, jeung sajabana. Dina karya sastra, manusa bisa ngarasakeun ayana kasugemaan, kabagjaan, kani‟matan, hiburan inteléktual jeung spiritual anu bisa nedunan dirina kana naluri kaéndahan.

Karya sastra imajinatif kabagi kana tilu golongan, nya éta puisi, prosa, jeung drama. Anu ngabédakeun ieu golongan nya éta cara maké basana. Dina puisi unsur basa dipaké sacara maksimal pikeun meunangkeun harti, inténsitas sora tina kekecapanana. Basa puisi nya éta basa nu mibanda harti jembar tur multi ma‟na.

Puisi mangrupa salah sahiji karya sastra. Dumasar kana waktu gumelarna disebut puisi buhun jeung puisi modérn. Sajak mangrupa puisi modérn, lantaran teu kauger ku patokan-patokan. Nurutkeun Iskandarwassid (1992, kc. 130), sajak téh nya éta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu (pati) kauger ku patokan wangunna.

Ditilik tina wangun eusina, sajak bisa dibédakeun antara sajak épik jeung sajak lirik. Sajak épik nya éta sajak nu ngadadarkeun carita atawa ngalalakon, sedengkeun sajak lirik nya éta sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna. Salian ti éta, anu témbong téh deuih sikep panyajakna téa. Dina sajak épik mah najan kumaha baé ogé si panyajakna téh kauger ku galur anu rék jadi jejer lalakonna téa. Tafsiran atawa visi pribadina téh kawatesanana ku éta jejer. Ku sabab kitu, akibatna sajak épik ogé sipatna leuwih objéktif. Sabalikna dina sajak lirik, lantaran si panyajak mibanda kabébasan anu laluasa dina napsirkeun jejer sajakna

(10)

2

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

téa, sikep atawa rasa pribadina téh bisa muncul leuwih kuat jeung leuwih tembres. Anu matak, sajak lirik mah sipatna leuwih subjéktif.

Lantaran sipatna anu leuwih subjéktif téa, sigana nyababkeun matak sajak lirik kacida réana. Umumna panyajak, narulisna téh dina wangun lirik. Komo dina mangsa-mangsa kabéhdieunakeun mah. Meureun éta téh saluyu jeung kaayaan hirup kumbuh jaman kiwari anu sipatna leuwih individualis. Anu matak tina sajak-sajak lirik bisa kaciri sajak tiap-tiap panyajak, tangtu bakal béda sok sanajan témana sarua.

Ditilik tina unsur intrinsik pangwangunna, dina puisi aya nu disebut wangun struktur jeung lapis ma‟na. Aminudin (2013, kc. 136) nétélakeun yén wangun struktur puisi téh mangrupa unsur pangwangun puisi nu bisa dititénan sacara visual, éta unsur ngawengku sora, kecap, padalisan, pada, jeung tipografi. Ari

lapis ma‟na mangrupa unsur nu nyamuni dina struktur. Sedengkeun nurutkeun

Waluyo (1987, kc. 29), puisi ditilik tina unsur pokona nya éta struktur fisik jeung struktur batin. Unsur-unsurna téh moal madeg mandiri, tapi mangrupa hiji beungkeutan (struktur) antara nu hiji jeung nu lianna. Silih lengkepan nepi kahontal totalitas ma‟na nu nyamuni. Pikeun ngahontal totalitas ma‟na dina ngaanalisis hiji puisi perlu ayana ulikan anu luyu.

Sajak kaasup salah sahiji karya sastra nu bisa diulik tina sagala aspék. Ngingetkeun yén sajak nya éta struktur anu disusun tina sagala unsur jeung sarana kapuitisan. Ku sabab éta, sajak moal bisa dilenyepan sagemblengna lamun henteu mikanyaho jeung sadar yén puisi mangrupa karya éstétis anu miboga ma‟na jeung

mibanda harti, lain mangrupa hal anu kosong tanpa ma‟na. Ku sabab dina sajak

réa kekecapan anu mibanda harti konotatif, perlu ayana ulikan anu leuwih jembar, salah sahijina ulikan stilistika.

Satoto (2012, kc. 35) nétélakeun yén‘style’, „stail‟ atawa „gaya‟ nya éta cara has nu digunakeun ku pangarang pikeun ngadadarkeun wawasan tur ngedalkeun eusining batinna kalawan mibanda harti. Cara ngébréhkeunana bisa ngawengku sawatara aspék kabasaan: diksi, ngagunakeun basa injeuman (kias), basa figura

(figurative language), struktur kalimah, wangun-wangun wacana, jeung sarana

(11)

3

Nurutkeun Satoto (2012, kc. 35-36) istilah „stail‟ atawa „gaya‟ dina harti nu leuwih lega, ngawengku: (1) kelompok pangarang (misalna dina sastra Indonesia: aya gaya Angkatan 20, Angkatan 30, Angkatan 45, Angkatan 50, Angkatan 66, Angkatan 70, Angkatan 80, Angkatan 90, Angkatan Repormasi, jste); (2) hiji bangsa nu tangtu (misalna: gaya pangarang urang Inggris leuwih nekenkeun kana

‘understatement’; urang Italy leuwih resep kana hal-hal anu mibanda sipat

‘superlative’); jeung (3) bisa ogé mangrupa gaya hiji periode nu tangtu, misalna:

gaya Barok, gaya Romantik jste.

Dina sastra Sunda, utamana sajak, tinangtu pangarang nu hiji jeung nu séjénna mibanda kaunikan jeung gaya has séwang-séwangan. Dumasar sajarahna, ti mimiti gelar tug nepi ka kiwari can aya panalungtikan anu leuwih nekenkeun ulikan kana periode sajak, utamana sajak periode taun 2000-an. Sajak nu medal mangsa periode taun 2000-an masih didominasi ku pangarang kahot. Para inohong anu geus ancrub dina dunya sastra, kayaning Abdullah Mustappa, Dedy Windyagiri, Ajip Rosidi, Etti R.S., Godi Suwarna, Hadi AKS, jeung sajabana. Sedengkeun para nonoman diantarana Chyé Rétty Isnéndés, Deni A. Fajar, Rosyid E. Abby, jste.

Patali jeung widang atikan, dina sajak réa ajén-ajén anu nyangkaruk. Luyu jeung hakékat élmu pangaweruh saperti étika, ajén kamanuasaan, silih hargaan jeung sasama, nyaah kana lingkungan sabudeureunana, jeung sajabana. Ku kituna perlu ayana hiji panalungtikan anu leuwih nekenkeun kana widang éta, salah sahijina nya éta etnopedagogi. Ulikan etnopedagogi leuwih museur kana ulikan karakter pikeun leuwih ngahargaan kana ajén-ajén kabudayaan (kearifan lokal).

Panalungtikan ngeunaan gaya basa tinangtu geus réa pisan, utamana dina wangun skripsi, diantarana waé:

1. “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Kembang Katiga Karya Wahyu

Wibisana pikeun Milih Bahan Pangajaran Aprésiasi Satra di Sakola” ku Dewi Sukmawati taun 2005;

2. “Gaya Basa dina Kumpulan Carpon Oknum Karya Hadi AKS pikeun

(12)

4

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

3. “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Lagu Hujan Silantang Karya Etty R.S.

ku Hari Ramdani taun 2005;

4. “Gaya Basa jeung Purwakanti dina Surat Cinta Pangarang Sunda nu

Dikumpulkeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda” ku Elis Listiani Salim taun 2006;

5. Gaya Basa dina Novel Puputon karya Aam Amalia” ku Widya Nur Fajrin taun 2009;

6. “Gaya Basa dina Novel Pangantén karya Deden Abdul Azis” ku Roni

Suryana Saputra taun 2005.

Dina sawatara conto di luhur bisa katitén yén panalungtikan dina ulikan gaya basa tinangtu euyeub pisan, utamana dina widang skripsi sedengkeun dina widang tesis mah can aya. Pon kitu deui dina ulikan etnopédagogi, masih jarang nu nalungtikna. Nepi ka kiwari can aya panalungtikan dina widang skripsi, dina tésis gé kakara aya nu nalungtik saurang, nya éta:

1. “Ajén-ajén Etnopedagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya” ku Wiwin

Widaniawati taun 2011.

Ku kituna, perlu ayana panalungtikan sajak sacara leuwih gembleng. Dumasar kana éta hal, nu nyusun nyokot judul “Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Kajian sastra (puisi, prosa, jeung drama) téh kacida legana, mangka diperlukeun hiji watesan masalah sangkan ieu panalungtikan henteu lega teuing ambahanna tur ieu panalungtikan anu dilaksanakeun téh bisa museur. Ku sabab kitu ieu panalungtikan baris diwatesanan ngan saukur ngaanalisis struktur batin sajak (nu ngawengku tema, nada, rasa, jeung amanat), kajian stilistika, jeung ajén etnopedagogi.

(13)

5

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang jeung watesan masalah di luhur, ieu masalah téh dipertélakeun dina wangun patalékan, nya éta:

1) Kumaha struktur batin nu ngawengku téma, nada, rasa, jeung amanat nu aya dina buku kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an?

2) Unsur stilistika anu kumaha nu aya dina buku kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an?

3) Ajén etnopedagogi naon baé nu aya dina buku kumpulan sajak Periode Taun 2000-an?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, nya éta sakumaha anu dipedar di handap.

1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum dina ieu panalungtikan téh nya éta pikeun nambahan référénsi kajian sastra Sunda utamana sajak.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Struktur batin nu ngawengku téma, nada, rasa, jeung amanat nu aya dina

buku kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an.

2) Unsur stilistika nu aya dina buku kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an. 3) Ajén etnopedagogi nu aya dina buku kumpulan Sajak Periode Taun

2000-an.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap.

(14)

6

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa:

1) Ngabeungharan pangaweruh perkara ulikan sastra Sunda, utamana dina wengkuan tiori-tiori struktural, stilistika, jeung kajian etnopedagogi. 2) Aplikasi ulikan sastra pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra Sunda. 1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis, diantarana: 1) Pikeun Panalungtik

Nambahan pangalaman dina prosés panalungtikan sastra, utamana dina karya sastra wangun sajak.

2) Pikeun Pangajaran

Nambahan pangdeudeul ulikan, utamana ulikan sajak dina pangajaran aprésiasi sastra.

3) Pikeun Sakola

Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa nambahan référénsi kajian, utamana dina pangajaran sastra di sakola.

1.5Raraga Tulisan

Hasil ieu panalungtikan disusun dina karya tulis anu ngawengku genep bab, anu sistematikana ieu di handap:

BAB I BUBUKA

Dina Bab I didéskripsikeun bubuka nu ngawengku kasang tukang tina masalah anu ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan (anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus), mangpaat panalungtikan (anu ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis), sarta raraga tulisan dina ieu tesis.

(15)

7

BAB II KAJIAN PUSTAKA

Dina Bab II didéskripsikeun rupaning tatapakan téori nu ngawengku tiori sajak, struktural-stilistika, etnopedagogi, jeung biografi pangarang.

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Dina Bab III didéskripsikeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh jenis métode panalungtikan boh cara prak-prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, sumber data anu digunakeun dina panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta wangenan operasional.

BAB IV DESKRIPSI ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN

Dina Bab IV didéskripsikeun ngeunaan hasil panalungtikan anu ngawengku prak-prakana panalungtikan, analisis data hasil panalungtikan, jeung impleméntasi hasil panalungtikan pikeun bahan ajar aprésiasi sastra.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

Dina Bab V didéskripsikeun ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan, sarta saran atawa rékoméndasi-rékoméndasi pikeun panalungtikan anu dilaksanakeun sabada ieu panalungtikan.

(16)

39 Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan nu ngawengku: (1) sumber data panalungtikan, (2) desain panalungtikan, (3) métode panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) instrumén panalungtikan, (6) prosédur panalungtikan, (7) téhnik ngumpulkeun data, jeung (8) téhnik ngolah data.

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 129) sumber data nya éta subjék anu ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kumpulan sajak periode taun 2008-2013 kalayan wincikan: (1) Serat Panineungan karangan Étti R.S. medal taun 2008, (2) Nu Nyusuk dina Sukma karangan Chyé Rétty Isnéndés medal taun 2010, (3) Paguneman karangan Acép Zamzam Noor medal taun 2011, jeung (4) Tariking Angin karangan Godi Suwarna medal taun 2013.

3.2 Desain Panalungtikan

Panalungtikan kualitatif ngagunakeun desain panalungtikan studi kasus, dina harti panalungtikan dipuseurkeun kana hiji runtuyan kajadian nu dipilih jeung dicangkem sacara leuwih teleb (Sukmadinata, 2012, kc. 99). Panalungtikan kualitatif nataharkeun jeung ngararancang sacara leuwih asak pikeun nangtukeun tempat, partisipan, jeung ngamimitian ngumpulkeun data.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Watesan jeung Rumusan

Masalah Panalungtikan

Nyusun Patalékan-patalékan Inti

Ngumpulkeun Data, Ngaanalisis jeung Ngainterprétasi Data

Nyusun Laporan Panalungtikan

(17)

40

3.3 Métode Panalungtikan

Métode umum nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskripsi. Anu dimaksud métode déskripsi nya éta métode anu bisa ngungkulan pasualan kalawan aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, nyieun papasingan, ngaanalisis, jeung nafsirkeun (Surakhmad, 1994, kc. 139).

Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun sacara sistematis data nu aya dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013. Boh data struktur batin, unsur stilistikna, boh ajén-ajén etnopedagogina.

Métode husus nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode struktural, stilistika, jeung etnopedagogi. Ieu métode téh mangrupa gabungan antara métode panalungtikan struktural-stilistika jeung etnopedagogi.

Dina prak-prakanana, ngagunakeun métode struktural-stilistika jeung etnopedagogi téh nya éta ngaanalisis struktur batin (téma, nada, rasa, jeung amanat), kajian stilistika, jeung kajian etnopedagogi.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan aya persépsi anu sarua kana ieu panalungtikan, ieu di handap ditétélakeun wangenan ngeunaan kecap-kecap anu jadi judul panalungtikan.

1) Analisis struktural nya éta analisis sajak kaasup unsur-unsurna jeung fungsina dina struktur sajak jeung ngajéntrékeun tiap unsur éta mibanda ma’na lamun aya patalina jeung unsur-unsur séjénna, bisa ogé dumasar kana tempat dina strukturna;

2) Stilistika mangrupa élmu nu nalungtik ngeunaan cara ngagunakeun basa jeung gaya dina karya sastra;

3) Ajén etnopedagogi mangrupa atikan nu leuwih nekenkeun kana ulikan anu aya patalina jeung ajén-ajén budaya;

4) Sajak nya éta wujud karya sastra nu ngébréhkeun pikiran jeung perasaan pangarang sacara imajinatif, disusun ku cara ngonséntrasikeun sakabéh kamampuh basa sacara struktur fisik jeung struktur batin.

(18)

41

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Instrumén Panalungtikan

Dina prakna ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun kartu data jeung tabél. Kartu data digunakeun pikeun nyirian data-data nu aya dina kumpulan sajak periode taun 2000-an. Data ngeunaan struktur batin nu dipatalikeun ma’nana maké kajian stilistika sarta ajén etnopedagogi diasupkeun kana format data nu geus disadiakeun. Sedengkeun ari tabél, digunakeun pikeun ngasupkeun data nu geus dikumpulkeun diasupkeun kana format tabél nu geus disadiakeun. Kartu data jeung tabél bisa diilikan ieu di handap.

Tabél 3.1 Format Analisis Struktural No Judul Sajak Analisi Struktur Batin

Tema Nada Rasa Amanat

1 2 3 4 5 6

Judul Buku Kumpulan Sajak

JUDUL SAJAK Pangarang A. Struktural

1. Tema 2. Nada 3. Rasa 4. Amanat B. Stilistika C. Etnopedagogi

1. Hakékat manusa salaku pribadi 2. Hakékat manusa salaku masarakat 3. Hakekat manusa jeung alam

4. Hakékat manusa jeung kapercayaan

5. Hakékat manusa dina ngahontal kasugemaan lahiriah jeung batiniah

(19)

42

Tabél 3.2 Format Analisis Stilistika/Gaya Basa No Judul

Buku

Analisis Stilistika

Kalimah Gaya Basa Kode

1 2 3 4 5

Tabél 3.3 Format Analisis Etnopédagogi

No. Judul Sajak

Etnopedagogi

(Hakékat manusa salaku Pribadi, Masarakat, Alam,

Kapercayaan, jeung Kasugemaan)

Pribadi Masarakat Alam Kapercayaan Kasugem

aan

1 2 3 4 5 6 7

3.6 Prosedur Panalungtikan

Prosédur dina ieu panalungtikan téh digambarkeun dina diagram ieu di handap:

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngagunakeun tilu cara, nya éta studi dokuméntasi, analisis eusi, jeung tehnik wawancara.

Néangan jeung Ngumpulkeun Data:

Studi Dokuméntasi, Analisis Eusi, jeung Wawancara

Idéntifikasi Pasualan

(Buku Kumpulan Sajak Periode 2008-2013)

Analisis Data

(20)

43

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téhnik studi dokuméntasi digunakeun pikeun maluruh dokumén-dokumén anu ngandung informasi ngeunaan kajian strukturalisme, kajian stilistika, jeung kajian etnopedagogi

Téhnik wawancara terbuka digunakeun pikeun maluruh, nalaah, jeung ngalengkepan informasi nu dianggap perlu, ku cara ngayakeun wawancara jeung sawatara narasumber, atawa ahli nu dianggap paham kana pasualan nu ditalungtik, sarta mibanda informasi anu dianggap penting pikeun ngalengkepan data panalungtikan.

3.8 Téhnik Ngolah Data

Dumasar métode jeung téknik nu geus disebutkeun di luhur, téknik ngolah data baris diébréhkeun saperti ieu di handap.

1) Maluruh unsur struktur batin sajak (téma, nada, rasa, jeung amanat) dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013;

2) Nyindekkeun/mindahkeun sakabéh unsur kana wangun tabél;

3) Tiap-tiap data stilistika nu kapanggih dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013 dibéré kode anu tangtu.

Conto: (1/001/01) 1 : nomer urut 001 : kaca 01 : padalisan

4) Ngainterprétasi sakabéh data stilistika dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013;

5) Ngarékapitulasi data stilistika anu kapanggih dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013 dumasar kana kelompok dina wangun tabél; 6) Nyirian sakabéh ajén-ajén etnopedagogi nu aya dina kumpulan sajak

periode taun 2008-2013;

7) Ngarékapitulasi data etnopédagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak periode taun 2008-2012; jeung

(21)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana déskripsi jeung hasil analisis data nu dipidangkeun dina bab IV, aya tilu hal anu perlu dicindekkeun nya éta perkara unsur struktur, unsur stilistika, jeung ajén etnopedagogi.

1. Unsur struktur anu aya dina kumpulan sajak Serat Panineungan téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Serat Panineungan sacara umum kaasup téma sosial. Nada anu kapanggih dina sajak-sajak ieu nya éta: nada tineung, keuheul, ambek, nyungkun, ketir, hariwang,

dumareuda, sono, bungah, bagja, tumanya, pangajak, jeung pangharepan.

Nada di dieu mangrupa kaayaan batin si pangarang nalika nulis ieu sajak.

Rasa anu kapanggih dina ieu sajak nya éta rasa sono, tineung, bingung, melang, sugema, bagja, nyaah, hanjakal, keuheul, kaambek, kaketir, jeung rasa kangen. Rasa di dieu mangrupa rasa nu dibalukarkeun sanggeus maca

ieu sajak. Amanat anu ditepikeun dina ieu sajak intina nya éta ngélingan ka sakumna manusa sangkan ngalakukeun lampah hadé minangka konci kasalametan jeung kabagjaan di dunya jeung ahératna. Unsur struktur anu aya dina kumpulan sajak Nu Nyusuk Dina Sukma téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Nu Nyusuk Dina Sukma sacara umum kaasup téma pasualan kawanojaan. Nada anu kapanggih dina ieu sajak nya éta nada bingung, hariwang, sadrah, pangharepan, ketir, nalangsa,

sumanget, bungah, reueus, jeung keueung. Rasa anu kapanggih dina ieu sajak

nya éta rasa hariwang, nyaah, mikareueus, ceceub, tunggara, nalangsa, sono, jeung rumasa. Amanat anu apanggih dina ieu sajak intina nya éta ngélingan ka sakumna manusa nu kumelendang di alam pawenangan ieu. Unsur struktur

(22)

198

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

anu aya dina kumpulan sajak Paguneman téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Paguneman sacara umum kaasup téma pénoména alam.

Nada anu kapanggih dina ieu sajak nya éta nada sedih, hariwang, reueus/waas, pananya, jeung melang. Rasa anu kapanggih dina ieu sajak nya

éta rasa karémpan, panasaran, tugenah, sono, waas, gumbira, jeung sedih. Amanat anu kapanggih dina ieu sajak intina nya éta ajén-ajén anu kudu dilakukeun ku manusa sangkan hirup bagja di dunya jeung ahératna. Unsur struktur anu aya dina kumpulan sajak Tariking Angin téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Tariking Angin sacara umum kaasup téma ngalalana. Nada anu kapanggih dina ieu sajak nya éta nada keueung,

barontak, sedih, mikangen, reueus, hémeng, jeung melang. Rasa anu

kapanggih dina ieu sajak nya éta rasa sedih, hariwang, sono, melang, sukur,

tagiwur, baluweng pikir, jeung kapanasaran haté. Amanat anu kapanggih

dina ieu sajak intina nya éta manusa kudu sumanget dina enggoning nyumponan pangabutuh hirup, ieu hal mangrupa konci kasuksésan hirup manusa di dunya jeung ahératna.

2. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Serat

Panineungan ieu diwangun ku 12 gaya basa ngupamakeun, 24 gaya basa

metapora, 64 gaya basa mijalma, 5 gaya basa raguman, 29 gaya basa rarahulan, 5 gaya basa kadalon, 1 gaya basa kahanan, 3 gaya basa silib, jeung 3 gaya basa rautan tina 10 judul sajak nu dianalisis. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Nu Nyusuk dina Sukma diwangun ku 4 gaya basa ngupamakeun, 8 gaya basa metapora, 36 gaya basa mijalma, 14 gaya basa rarahulan, 5 gaya basa kadalon, jeung 10 gaya basa kahanan. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Paguneman nya éta: 16 gaya basa ngupamakeun, 22 gaya basa metapora, 23 gaya basa mijalma, 1 gaya basa raguman, 24 gaya basa rarahulan, 3 gaya basa kadalon, jeung 1

(23)

199

gaya basa ébréhan. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Tariking Angin nya éta gaya basa ngupamakeun jumlahna 9, gaya basa metapora jumlahna 13, gaya basa mijalma jumlahna 42, gaya basa ocon jumlahna 1, gaya basa raguman jumlahna 10, gaya basa rarahulan jumlahna 56, gaya basa kadalon jumlahna 7, gaya basa ébréhan jumlahna 6, jeung gaya basa kahanan jumlahna 4.

3. Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Serat Panineungan ieu nya éta: 6 hakékat manusa salaku pribadi, 3 hakékat manusa jeung masarakat, 7 hakékat manusa jeung alam, 2 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 5 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina 10 sajak anu dianalisis. . Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Nu Nyusuk dina Sukma nya éta 4 hakékat manusa salaku pribadi, 2 hakékat manusa jeung masarakat, 5 hakékat manusa jeung alam, 2 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 4 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina sapuluh judul sajak nu dianalisis. Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Paguneman ieu nya éta: 1 hakékat manusa salaku pribadi, 5 hakékat manusa jeung masarakat, 6 hakékat manusa jeung alam, 3 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 2 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina sapuluh judul sajak nu dianalisis. Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Tariking Angin nya éta 5 hakékat manusa salaku pribadi, 5 hakékat manusa jeung masarakat, 9 hakékat manusa jeung alam, 2 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 3 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina sapuluh judul sajak anu dianalisis.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekkan di luhur, aya sababaraha rékoméndasi anu kudu ditepikeun nya éta:

1. Pikeun ahli sastra, ulikan struktural, stilistika, jeung etnopedagogi dina kumpulan sajak ieu leubeut pisan ku ajén-ajén atikan pikeun nambahan

(24)

200

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pangaweruhna. Ku kituna, diperlukeun daya tapsir anu kuat pikeun nyangkem

ma’na-ma’na anu dikandungna. Tapi tinangtu ieu ulikan téh masih héngkér,

perlu ayana lajuning laku panalungtikan saterusna sangkan leuwih jembar. 2. Pikeun guru, sangkan leuwih ngajembaran kualitas éta pangaweruh, boh

téorina boh aprésiasina;

3. Pikeun mahasiswa, panalungtikan ngeunaan struktural, stilistika, jeung etnopedagogi ieu teu dipatalikeun sacara langsung jeung widang pangajaran. Ku kituna, perlu ayana lajuning laku kualitas panalungtikan saterusna.

(25)

DAPTAR PUSTAKA

Ahimsa-Putra, Heddy Shri. (2001). Strukturalisme Levi-Strauss: Mitos dan Karya

Sastra. Yogyakarta: Galang Press.

Alwasilah, A. Chaedar spk. (2009). Etnopedagogi: Landasan praktek pendidikan

dan pendidikan guru. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Aminuddin. (2013). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta. Black, Elizabeth. (2011). Stilistika Pragmatis. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Esten, Mursal. (1992). Memahami Puisi. Bandung: Angkasa. Godi, Suwarna. (2013). Tariking Angin. Bandung: Geger Sunten.

Iskandarwassid. (1992). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten. Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya

Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Isnendes, Retty. (2010). Teori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Jalil, Dianie Abdul. (1990). Teori dan Periodisasi Puisi Indonesia. Bandung: Angkasa.

Koswara, Dedi. (2007). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan bahasa Daerah FPBS UPI.

Koswara, Dedi. (2010). Sastra Sunda Modern. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Mustappa, Abdullah. (2014). Wirahma Sajak. Bandung: Pustaka Jaya. Noor, Acep Zamzam. (2011). Paguneman. Bandung: Nuansa Cendikia.

Nurgiyantoro, Burhan. (2007). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Perss.

Pradopo, Rachmat Djoko. (1995). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan

(26)

202

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

Pradopo, Rachmat Djoko. (2012). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Perss.

Ratna, Nyoman Kutha. (2013). Stilistika Kajian Puitika Bahasa, Sastra, dan

Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Rosidi, Ajip. (1983). Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. Rosidi, Ajip. (2007). Sajak Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Rosidi, Ajip. (2011). Kearifan Lokal. Bandung: Kiblat Buku Utama. Satoto, Soediro. (2012). Stilistika. Yogyakarta: Penerbit Ombak

Sibarani, Robert. (2012). Kearifan Lokal: Hakekat, Peran, dan Metode Tradisi

Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan.

Sudaryat, Yayat. (1997). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Sukmadinata, Nana Syaodih. (2012). Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sumardjo & Sarni, K.M., (1994). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramédia Pustaka Utama.

Supinah, Pien & M.E. Suhendar. (1993). Pendekatan Teori Sejarah dan Apresiasi

Sastra Indonesia. Bandung: Pionir Jaya.

Surakhmad. (1994). Pengantar Penelitian Ilmiah. Bandung: Tarsito.

Tamsyah, Budi Rahayu. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: C.V. Pustaka Setia.

Tarigan, Henry Guntur. (2009). Pengajaran Gaya Bahasa. Bandung: Angkasa. Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI.

Waluyo, Hérman J. (1987). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

Widaniawati, Wiwin. (2011). Ajén-ajén Etnopedagogi dina Dongéng di Kota

Tasikmalaya. (Tesis) Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI.

(1)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana déskripsi jeung hasil analisis data nu dipidangkeun dina bab IV, aya tilu hal anu perlu dicindekkeun nya éta perkara unsur struktur, unsur stilistika, jeung ajén etnopedagogi.

1. Unsur struktur anu aya dina kumpulan sajak Serat Panineungan téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Serat Panineungan sacara umum kaasup téma sosial. Nada anu kapanggih dina sajak-sajak ieu nya éta: nada tineung, keuheul, ambek, nyungkun, ketir, hariwang,

dumareuda, sono, bungah, bagja, tumanya, pangajak, jeung pangharepan.

Nada di dieu mangrupa kaayaan batin si pangarang nalika nulis ieu sajak.

Rasa anu kapanggih dina ieu sajak nya éta rasa sono, tineung, bingung, melang, sugema, bagja, nyaah, hanjakal, keuheul, kaambek, kaketir, jeung rasa kangen. Rasa di dieu mangrupa rasa nu dibalukarkeun sanggeus maca

ieu sajak. Amanat anu ditepikeun dina ieu sajak intina nya éta ngélingan ka sakumna manusa sangkan ngalakukeun lampah hadé minangka konci kasalametan jeung kabagjaan di dunya jeung ahératna. Unsur struktur anu aya dina kumpulan sajak Nu Nyusuk Dina Sukma téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Nu Nyusuk Dina Sukma sacara umum kaasup téma pasualan kawanojaan. Nada anu kapanggih dina ieu sajak nya éta nada bingung, hariwang, sadrah, pangharepan, ketir, nalangsa,

sumanget, bungah, reueus, jeung keueung. Rasa anu kapanggih dina ieu sajak

nya éta rasa hariwang, nyaah, mikareueus, ceceub, tunggara, nalangsa, sono, jeung rumasa. Amanat anu apanggih dina ieu sajak intina nya éta ngélingan ka sakumna manusa nu kumelendang di alam pawenangan ieu. Unsur struktur

(2)

198

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

|

anu aya dina kumpulan sajak Paguneman téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Paguneman sacara umum kaasup téma pénoména alam.

Nada anu kapanggih dina ieu sajak nya éta nada sedih, hariwang, reueus/waas, pananya, jeung melang. Rasa anu kapanggih dina ieu sajak nya

éta rasa karémpan, panasaran, tugenah, sono, waas, gumbira, jeung sedih. Amanat anu kapanggih dina ieu sajak intina nya éta ajén-ajén anu kudu dilakukeun ku manusa sangkan hirup bagja di dunya jeung ahératna. Unsur struktur anu aya dina kumpulan sajak Tariking Angin téh ngawengku struktur lahir jeung struktur batin. Dina ieu hal nya éta perkara struktur batin nu ngawengku kana téma, nada, rasa, jeung amanat. Téma anu kapanggih tina sapuluh judul sajak, kumpulan sajak Tariking Angin sacara umum kaasup téma ngalalana. Nada anu kapanggih dina ieu sajak nya éta nada keueung,

barontak, sedih, mikangen, reueus, hémeng, jeung melang. Rasa anu

kapanggih dina ieu sajak nya éta rasa sedih, hariwang, sono, melang, sukur,

tagiwur, baluweng pikir, jeung kapanasaran haté. Amanat anu kapanggih

dina ieu sajak intina nya éta manusa kudu sumanget dina enggoning nyumponan pangabutuh hirup, ieu hal mangrupa konci kasuksésan hirup manusa di dunya jeung ahératna.

2. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Serat

Panineungan ieu diwangun ku 12 gaya basa ngupamakeun, 24 gaya basa

metapora, 64 gaya basa mijalma, 5 gaya basa raguman, 29 gaya basa rarahulan, 5 gaya basa kadalon, 1 gaya basa kahanan, 3 gaya basa silib, jeung 3 gaya basa rautan tina 10 judul sajak nu dianalisis. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Nu Nyusuk dina Sukma diwangun ku 4 gaya basa ngupamakeun, 8 gaya basa metapora, 36 gaya basa mijalma, 14 gaya basa rarahulan, 5 gaya basa kadalon, jeung 10 gaya basa kahanan. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Paguneman nya éta: 16 gaya basa ngupamakeun, 22 gaya basa metapora, 23 gaya basa mijalma, 1 gaya basa raguman, 24 gaya basa rarahulan, 3 gaya basa kadalon, jeung 1

(3)

gaya basa ébréhan. Unsur stilistika/gaya basa anu kapanggih dina kumpulan sajak Tariking Angin nya éta gaya basa ngupamakeun jumlahna 9, gaya basa metapora jumlahna 13, gaya basa mijalma jumlahna 42, gaya basa ocon jumlahna 1, gaya basa raguman jumlahna 10, gaya basa rarahulan jumlahna 56, gaya basa kadalon jumlahna 7, gaya basa ébréhan jumlahna 6, jeung gaya basa kahanan jumlahna 4.

3. Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Serat Panineungan ieu nya éta: 6 hakékat manusa salaku pribadi, 3 hakékat manusa jeung masarakat, 7 hakékat manusa jeung alam, 2 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 5 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina 10 sajak anu dianalisis. . Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Nu Nyusuk dina Sukma nya éta 4 hakékat manusa salaku pribadi, 2 hakékat manusa jeung masarakat, 5 hakékat manusa jeung alam, 2 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 4 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina sapuluh judul sajak nu dianalisis. Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Paguneman ieu nya éta: 1 hakékat manusa salaku pribadi, 5 hakékat manusa jeung masarakat, 6 hakékat manusa jeung alam, 3 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 2 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina sapuluh judul sajak nu dianalisis. Ajén etnopedagogi anu kapanggih dina kumpulan sajak Tariking Angin nya éta 5 hakékat manusa salaku pribadi, 5 hakékat manusa jeung masarakat, 9 hakékat manusa jeung alam, 2 hakékat manusa jeung kapercayaan, jeung 3 hakékat manusa dina nyumponan kasugemaan lahir jeung kasugemaan batin tina sapuluh judul sajak anu dianalisis.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana kacindekkan di luhur, aya sababaraha rékoméndasi anu kudu ditepikeun nya éta:

1. Pikeun ahli sastra, ulikan struktural, stilistika, jeung etnopedagogi dina kumpulan sajak ieu leubeut pisan ku ajén-ajén atikan pikeun nambahan

(4)

200

Acep Deri Cahyadi, 2014

Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an

|

pangaweruhna. Ku kituna, diperlukeun daya tapsir anu kuat pikeun nyangkem ma’na-ma’na anu dikandungna. Tapi tinangtu ieu ulikan téh masih héngkér, perlu ayana lajuning laku panalungtikan saterusna sangkan leuwih jembar. 2. Pikeun guru, sangkan leuwih ngajembaran kualitas éta pangaweruh, boh