Sumber Data Instrumén Panalungtikan

30 Anisa Sylviannisa, 2016 MÉD IA GAMBAR KOLASE PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA D INA NULIS SAJAK Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Subjék Panalungtikan

Anu jadi subjék dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 20152016. Sabab kamampuh siswa anu héngkér dina nulis sajak.

3.3 Sumber Data

Sumber data nya éta sakabéh subjek anu ditalungtik. Data dina ieu panalungtikan nya éta hasil tulisan nu mangrupa sajak siswa kelas XI B3 SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajaran 20152016 anu jumlahna 43 siswa, ngawengku 21 lalaki jeung 22 awéwé. Sumber datana digambarkeun dina tabél ieu di handap. Tabél 3.1 Data siswa SMA Pasundan 1 Bandung

3.4 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto 2013, kc. 192 instrumén minangka alat bantu pikeun panalungtik dina kagiatan ngumpulkeun data. Instrumén panalungtikan kawilang penting dina prosés panalungtikan, kusabab kahontal atawa henteuna tujuan panalungtikan ditangtukeun ku alus atawa henteuna instrumén anu digunakeun ku panalungtik. Dina ieu panalungtikan instrumén nu digunakeun nya éta tés. Nurutkeun Arikunto 2013, kc. 193 tés mangrupa runtuyan patalékan atawa latihan sarta alat nu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, intelegénsi, kamampuh atawa bakat anu dipimilik ku individu atawa kelompok. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta: Kelas Jenis kelamin Jumlah XI B3 Lalaki 21 siswa Awéwé 22 siswa Jumlah 43 siswa 31 Anisa Sylviannisa, 2016 MÉD IA GAMBAR KOLASE PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA D INA NULIS SAJAK Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Tés Tés dilaksanakeun dua kali nya éta pretés jeung postés, tés nu kahiji pretés nya éta ngukur kamampuh siswa saméméh ngagunakeun média gambar kolase, tés anu kadua postés nya éta ngukur kamampuh siswa sabada ngagunakeun média gambar kolase. 2 Gambar Kolase Gambar kolase mangrupa bagean anu penting dina ieu panalungtikan, lantaran nganteur siswa dina prosés nyieun sajak jeung mantuan panalungtik dina prosés nepikeun matéri ka siswa. Siswa bisa ngajieun sajak sabari ningali kana gambar anu geus disadiakeun. Gambar anu dijadikeun média nya éta kumpulan-kumpulan gambar anu teu aya hubunganana tapi dina hiji kontéks anu sarua. Gambar kolase anu digunakeun dina panalungtikan dibagi jadi dua téma nya éta kanyaah kolot jeung cinta. Dina prosésna siswa anu diuk belah kénca nyokot téma cinta, anu diuk belah katuhu nyokot téma kanyaah kolot. LEMBARAN TES NULIS SAJAK Jieun hiji sajak, témana bébas teu diwatesanan, maké basa sorangan, nu panjangna paling saeutik dua pada Kalawan merhatikeun hal-hal saperti ieu di handap a. Diksi b. Implengan c. Gaya basa d. Téma e. Amanat 32 Anisa Sylviannisa, 2016 MÉD IA GAMBAR KOLASE PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH SISWA D INA NULIS SAJAK Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Prosedur Panalungtikan