Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Salian ti sawatara panalungtikan ngeunaan sosiologi sastra, panalungtikan kana buku kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid ogé kungsi
dilaksanakeun, sanajan tina aspék anu béda, nyaéta panalungtikan anu judulna “Galur Carita dina Kumpulan Carita Pondok Nu Harayang Di Hargaan jeung
Halimun Peuting pikeun dijadikeun salah sahiji Alternatif Milih Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” Andi Sambas, 2003; “Babandingan
Palaku Utama kana Ngaréspon Latar Sosial dina Kumpulan Carpon Halimun Peuting jeung Nu Harayang di Hargaan
” Asep Kurnia, 2003; jeung “Kamampuh Siswa dina Ngaaprésiasi Carita Pondok Halimun Peuting: Studi
Deskriptif Siswa Kelas 2.4 Pasundan 8 Bandung T.A. 20042005” Ruci Sucitra,
2004. Dina wangun eséy, Duduh Durahman dina bukuna Catetan Prosa Sunda,
kungsi nulis ngeunaan Iskandarwassid, judul éséyna, “Iskandarwassid, Pangarang
Bulu Taneuh ”. Dina wangun panalungtikan ilmiah hususna skripsi, nu nalungtik
ngeunaan aspék sosiologi dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid can kungsi aya. Ku kituna, ieu panalungtikan ngeunaan
“Kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
” penting dilaksanakan pikeun ngeuyeuban dokuméntasi panalungtikan ilmiah ngeunaan aspék sosial jeung kapangarangan dina karya sastra Sunda.
1.2. Idéntifikasi Masalah
Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesanan ukur nalaah perkara aspék sosiologi sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting
karangan Iskandarwassid. Tilikan sosiologi sastra ngawengku aspék sosiologi 1 pangarang; biografi, prosés kréatif, jeung gambaran kahirupan interaksi sosialna,
2 karya sastra; analisis kana karya sastra, maksud anu nyamuni dina karya sastra katut naon saenyana anu rék ditepikeun pangarang tina karyana, 3 nu maca;
talaah kana réspon nu maca karya sastra, dina ieu panalungtikan, nu maca karya sastra diwakilan ku kritikus sastra.
Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
1.3. Rumusan Masalah
Rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1 Kumaha aspék sosiologi pangarang dina kumpulan carpon Halimun Peuting
karangan Iskandarwassid? 2
Kumaha aspék sosiologi karya sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid?
3 Kumaha aspék sosiologi nu maca kana kumpulan carpon Halimun Peuting
karangan Iskandarwassid, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku kritikus sastra?
1.4. Tujuan Panalungtikan 1.4.1.
Tujuan Umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta nalaah aspék sosiologi sastra anu nyampak dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid.
1.4.2. Tujuan Husus
Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun: 1
kahirupan pangarang minangka subjék anu nyiptakeun karya sastra biografi, prosés kréatif, jeung kahirupan interaksi sosial dina kumpulan carpon
Halimun Peuting karya Iskandarwassid; 2
aspék sosial karya sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid;
3 hasil sawangan nu maca karya, anu dina ieu panalungtikan diwakilan ku
kritikus sastra kana kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid.
1.5. Mangpaat Panalungtikan
1.5.1. Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nyaéta dipiharep bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan sastra, hususna ulikan sosiologi sastra, talaah anu
Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
matalikeun karya jeung aspék saluareunana ékstrinsik. Ieu panalungtikan ogé dipiharep bisa ngeuyeuban panalungtikan ngeunaan kasusastraan Sunda.
1.5.2. Mangpaat Praktis
Mangpaat dina ieu panalungtikan, dipiharep: 1
pikeun kamekaran élmu, bisa jadi sumber référénsi keur mahasiswa basa jeung sastra, jeung akademisi sastra dina nalungtik sastra Sunda;
2 pikeun lembaga kasundaan, bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda
tur jadi dokuméntasi dina kamekaran sastra Sunda; 3
pikeun anu nalungtik, bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung wawasan; 4
pikeun masarakat, bisa nyangking gambaran prosés genesis gelarna karya sastra anu dihasilkeun ku pangarang, katut patalina jeung kahirupan sosial
masarakat sastra.
1.6. Raraga Tulisan
Raraga tulisan dina ieu panalungtikan ngawengku lima bab, nyaéta: Bab I bubuka, medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan; Bab II ngeunaan kajian tiori dina ieu panalungtikan, medar sosiologi sastra, carita
pondok Sunda, jeung périodisasi sastra Sunda; Bab III eusina ngeunaan métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, prosédur
panalungtikan, téhnik ngumpulkeun jeung analisis data, jeung; Bab IV ngadeskripsikeun hasil analisis tina panalungtikan, nyaéta ngeunaan aspék
sosiologi sastra dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid; Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan, sarta saran ti panalungtik
ngeunaan hal-hal nu aya patalina jeung panalungtikan.
Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode jeung Desain Panalungtikan
3.1.1 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa léngkah ilmiah pikeun nyangking data kalawan tujuan jeung mangpaat anu tangtu Sugiyono, 2008, kc. 2. Dina
panalungtikan anu sipatna ilmiah, rasional, empiris, tur ngéntép seureuh, diperlukeun métode anu luyu jeung kabutuhan panalungtikan. Pamadegan
Sugiyono luyu jeung Ratna 2013, kc. 34 nu nétélakeun, yén métode mangrupa cara atawa stratégi pikeun maham réalitas. Fungsi métode nyaéta ngabasajankeun
pasualan anu keur disanghareupan ku panalungtik. Rupa-rupa métode diterapkeun dina panalungtikan, gumantung kana udagan anu hayang dihontal.
Sacara umum, métode panalungtikan diwincik jadi dua rupa, nyaéta métode panalungtikan kuantitatif jeung métode panalungtikan kualitatif. Panalungtikan
sastra anu objékna ngawengku karya, pangarang, jeung nu maca karya, kaasup objék panalungtikan humaniora anu merlukeun interprétasi maksud
ma’na. Ku kituna métode kualitatif luyu diterapkeun kana panalungtikan sastra Semi, 2012,
kc. 31. Panalungtikan kualitatif sipatna leuwih déskriptif, sabab data anu dipaké tur dianalisis mangrupa gambaran kekecapan lain saukur angka nominal. Pikeun
nyangking maksud jeung pamahaman tina hiji karya anu ditalungtik, prosés dina ngagambarkeun data pikeun dianalisis téh kawilang pentingna. Udagan utama anu
hayang dihontal, nyaéta nyangking pamahaman tina karya anu sagemblengna. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyaéta métode deskriptif
analitik. Métode deskriptif analitik mangrupa métode gabungan antara métode déskriptif jeung métode analisis. Métode déskriptif analisis dipaké pikeun
ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis Ratna, 2013, kc. 53. Déskriptif hartina ngagambarkeun sakumaha ayana fakta, sedengkeun analisis
mangrupa prosés talaah. Nalaah gambaran fakta-fakta sangkan bisa nyangking