Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Panalungtikan

Hakékatna mah sastra téh fiksionalitas anu nandeskeun sual kaartistikan. Di satukangeun fiksionalitas jeung kaartistikanana téh ngajenggléng ajén-ajén kajujuran jeung bebeneran Koswara, 2011, kc.6. Karya sastra mangrupa karya imajinatif, hartina henteu enya-enya kajadian, sanajan kitu, maksud ma’na tina hiji karya sastra bisa jadi mangrupa harti injeuman tina kajadian anu saenyana. Kanyataan dina kahirupan masarakat mangrupa sumber gagasan nu jadi tatapakan kaciptana hiji karya sastra. Kanyataan anu satuluyna diréka tur diwewegan ku momonés basa nu éndah, lebah dieu karya sastra disebut karya éstétik. Ajén kajujuran jeung bebeneran anu nyampak dina karya sastra mangrupa hasil prosés kréatif pangarang anu tangtuna moal leupas tina pasualan inteléktualitas. Cindekna, karya sastra anu ajénna luhung salawasna miboga maksud. Di sagigireun unsur rékaan jeung éstétis tina karya sastra, aya pesen moral anu rék ditepikeun ku pangarang. Dumasar kana wangunna, karya sastra dibagi jadi tilu wangun, nyaéta puisi, prosa, jeung carita drama. Prosa nyaéta wanda basa karangan anu rakitanana maké basa sapopoé atawa lancaran, sedengkeun dumasar kana waktu gelarna, karya sastra dibagi jadi dua rupa, nyaéta sastra heubeul jeung sastra anyar atawa modérn. Karya sastra anu kagolongkeun kana karya sastra modérn, di antarana sajak, carita pondok, novel, jeung roman. Novél jeung carita pondok mangrupa karya sastra anu kaasup kana wangun prosa, ku sabab dicaritakeun dina wanda basa karangan lancaran. Carpon, salah sahiji wangun karya sastra anu jadi pilihan pangarang dina nepikeun gagasan sacara singget jeung padet. Ieu hal saluyu jeung pamadegan Ajip Rosidi dina Koswara 2011, kc.36, anu nétélakeun yén carpon mangrupa rangkuman ide. Sastra moal bisa leupas tina pasualan sosial kamasarakatan, ku sabab pangarang sastra jadi individu ti lingkungan masarakat sosial anu sapopoéna hirup Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kumbuh jeung masarakat. Sastra méré gambaran kahirupan, sedengkeun kahirupan téh mangrupa kanyataan sosial, sanajan karya sastra ogé niron alam jeung subjéktif manusa Wellek Warren, 1989, kc. 109. Ku kituna dina maham karya sastra, talaah sosiologi bisa dijadikeun salah sahiji tatapakan. Dunya dina karya sastra mangrupa titiron tina dunya sosial. Élmu sosiologi bisa dipaké pikeun nalaah karya sastra, lantaran sastra jeung masarakat mangrupa hal anu raket pisan patalina. Sosiologi nyaéta élmu anu maluruh hubungan antara masarakat jeung kahirupan sosialna, sedengkeun sastra mangrupa médium anu dipaké pikeun méré eunteung kahirupan sosial masarakat dina wangun fiksi. Sawatara ahli ngawincik talaah sosiologi sastra jadi sababaraha bagian, salah sahijina tiori anu diwanohkeun ku Wellek jeung Warren, anu ngabagi sosiologi sastra jadi tilu aspék talaah, nyaéta 1 sosiologi pangarang, 2 sosiologi karya sastra, jeung 3 sosiologi nu maca karya sastra Ratna, 2013, kc. 22. Trilogi anu diwincik ku Wellek jeung Warren teu jauh béda jeung tiori anu diwanohkeun ku Ian Watt dina Damono, 1979, kc.3 nyaéta 1 kontéks sosial pangarang, 2 sastra minangka eunteung masarakat, 3 jeung fungsi sosial sastra. Cindekna, sosiologi sastra museur kana tilu perkara, nyaéta pangarang, karya sastra, jeung masarakat. Tangtu ayana karya sastra moal leupas tina saha anu nyiptakeunana, nyaéta pangarang. Pangarang dina ieu hal miboga peran anu sakitu gedéna dina gelarna hiji karya sastra. Katapisan pangarang dina mekarkeun ide jeung gagasanana nepi ka bisa ngahasilkeun hiji karya sastra anu miboga ajén luhung, mangrupa hasil prosés kréatif anu kawangun tina hasil pangalaman lahiriah jeung batiniah pangarang dina kahirupanana. Dina pamarekan ékstrinsik, kaéndahan jeung pamahaman karya sastra bisa disalusur ngaliwatan biografi pangarangna. Ayana panalungtikan kana biografi pangarang, nu maca bisa nyalusur kahirupan pangarang anu jénius, nyalusur kamekaran moral, méntal, jeung inteléktualna Wellek jeung Warren, 1989, kc.82 Perspéktif biografi mangrupa talaah ngeunaan kahirupan pangarang, hususna kumaha idéologi sosial jeung status sosial pangarang dina nyiptakeun karya sastra. Manusa, kaasup pangarang, mangrupa mahluk sosial, sanajan mindeng Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ditolak, dina kasus anu tangtu talaah ngeunaan biografi masih bisa méré mangpaat. Dina élmu sastra, biografi pangarang lain curriculum vitae, tapi aspék anu mantuan kumaha maham kana prosés kréatif jeung genesis karya sastra Ratna, 2013, kc.56-57. Karya sastra mangrupa hasil cipta pangarang, maniféstasi tina kumpulan gagasan jeung pangalaman lahiriah batiniah, nepi ka jadi hiji karya sastra anu boga ajén luhung. Kaayaan sosial anu digambarkeun pangarang dina karyana, mangrupa hiji bukti ayana kajujuran. Kajujuran dina napsirkeun kondisi sosial anu karandapan. Analisis maksud tina karya sastra bisa ngajawab nepi ka mana karya sastra bisa jadi eunteung masarakat sosialna. Ku kituna, sawangan sosial pangarang dina karya sastra bisa jadi tatapakan dina nganalisis karya sastra. Aspék katilu nyaéta perkara sosiologi nu maca karya sastra. Talaah kana sawangan nu maca mangrupa tarékah pikeun ngajawab pertanyaan nepi ka mana saenyana pangaruh sosial karya sastra ka masarakat. Anu dimaksud katégori masarakat dina ieu hal, nyaéta masarakat sosial sabudeureun lingkungan karya sastra, boh masarakat awam, lingkungan akademisi, jeung kritikus sastra. Talaah kana sosiologi nu maca ogé bisa méré gambaran nu leuwih teleb, nepi ka mana ajén sosial dina karya sastra aya patalina jeung ajén sosial anu aya di masarakat. Carpon dipilih minangka objék dina ieu panalungtikan, ku sabab carpon salah sahiji wangun karya sastra anu mindeng nyaritakeun kahirupan sosial masarakat. Henteu sakabéh carpon méré gambaran kahirupan sosial sacara gembleng, kitu ogé henteu sakabéh pangarang mampuh ngébréhkeun sawangan dunyana sacara objéktif. Kamampuh pangarang diperlukeun dina hal ngébréhkeun gagasan kréatif idéologina. Kamampuh maham kana kondisi sosial tinangtu aya di sawaréh jalma, tapi kamampuh ngébréhkeun kondisi sosial tadi kana wangun karya sastra teu loba pangarang anu tapis. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, carpon anu pilih nyaéta buku kumpulan carpon anu judulna Halimun Peuting karya Iskandarwassid. Halimun Peuting karya Iskandarwassid kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé dina taun 1990. Nurutkeun interpretasi panyusun, ieu karya sastra mangrupa kumpulan carpon anu eusina méré gambaran kahirupan sosial anu nyata jeung munel. Saupama dipatalikeun jeung sifat karya sastra anu ngandung unsur Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kajujuran, buku kumpulan carpon Halimun Peuting kalawan jujur méré kani’matan sacara teu langsung ka nu maca dina nyalusur kahirupan. Jujur dina nyaritakeunana tur éndah dina nepikeun pesen moralna. Coleridge nétélakeun yén unggal kahirupan, sanajan euweuh hartina, saupama dicaritakeun kalawan jujur, tinangtu hasilna bakal alus Wellek jeung Warren, 1989, kc.82. Gambaran kondisi sosial anu nyampak dina sawatara carita pondok karya Iskandarwassid téh nimbulkeun anggapan yén pangarang boga sawangan sosialna nu hayang ditepikeun ngaliwatan karyana. Ngaliwatan adegan-adegan lahiriah jeung batiniah nu nyampak dina karyana, nu maca bisa milu ngarandapan naon anu saenyana keur kajadian di masarakat hususna masalah sosial kamasarakatan. Katapisan pangarang geus hasil mawa nu maca ka alam pamikiran anu rék ditepikeun pangarang ngaliwatan karyana. Ku kituna, pikeun maluruh nepi ka mana hubungan anu kawangun di antara pangarang jeung karyana katut masarakat sastrana, dina ieu panalungtikan, baris ditalaah ngeunaan aspék sosial jeung kapangarangan ngagunakeun tilikan sosiologi sastra. Panalungtikan ilmiah séjénna anu nalaah aspék sosiologi sastra dina karya saperti novel jeung kumpulan carpon kawilang euyeub, di antarana panalungtikan “Aspék Sosiologi Sastra dina kumpulan Carpon Nu Baralik Manggung karangan Nano S” Fery Timorochmadi, 2005; “Analisis Pérspéktif Biografis kana Antologi Sajak Jiwalupat Karya Godi Suwarna: Panalungtikan Sosiologi Sastra ” Dea Lugina, 2009; Aspék Sosiologi Sastra dina Novel Kembang-Kembang Petingan Karangan Holisoh M.E” Dewi Supriyatin Imanti, 2005; ”Sosiologi Sastra kana Kumpulan Carpon Oknum Karangan Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA” Tika Yuanita, 2011; jeung “Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu Harayang Dihargaan karya Darpan” Arif Ali Abdillah, 2013. Kungsi aya ogé panalungtikan anu matalikeun antara karya jeung pangarangna ngagunakeun pamarekan Abrams, nyaéta anu judulna “Unsur Objéktif jeung Eksprésif Novél Béntang Pasantrén Karya H. Usep Romli HM Pikeun Bahan Pangajaran Maca Pedaran Sastra di SMA Kelas XI” Cahmawati Ningrum, 2013. Nursolihah, 2014 Kumpulan Carpon Halimun Peuting Karya Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Salian ti sawatara panalungtikan ngeunaan sosiologi sastra, panalungtikan kana buku kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid ogé kungsi dilaksanakeun, sanajan tina aspék anu béda, nyaéta panalungtikan anu judulna “Galur Carita dina Kumpulan Carita Pondok Nu Harayang Di Hargaan jeung Halimun Peuting pikeun dijadikeun salah sahiji Alternatif Milih Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SLTP” Andi Sambas, 2003; “Babandingan Palaku Utama kana Ngaréspon Latar Sosial dina Kumpulan Carpon Halimun Peuting jeung Nu Harayang di Hargaan ” Asep Kurnia, 2003; jeung “Kamampuh Siswa dina Ngaaprésiasi Carita Pondok Halimun Peuting: Studi Deskriptif Siswa Kelas 2.4 Pasundan 8 Bandung T.A. 20042005” Ruci Sucitra, 2004. Dina wangun eséy, Duduh Durahman dina bukuna Catetan Prosa Sunda, kungsi nulis ngeunaan Iskandarwassid, judul éséyna, “Iskandarwassid, Pangarang Bulu Taneuh ”. Dina wangun panalungtikan ilmiah hususna skripsi, nu nalungtik ngeunaan aspék sosiologi dina kumpulan carpon Halimun Peuting karya Iskandarwassid can kungsi aya. Ku kituna, ieu panalungtikan ngeunaan “Kumpulan carpon Halimun Peuting karangan Iskandarwassid: Tilikan Sosiologi Sastra ” penting dilaksanakan pikeun ngeuyeuban dokuméntasi panalungtikan ilmiah ngeunaan aspék sosial jeung kapangarangan dina karya sastra Sunda.

1.2. Idéntifikasi Masalah