Watesan Masalah Rumusan Masalah Tujuan Panalungtikan Mangpaat Panalungtikan

7 PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu ngawujud dina wangun éséy. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Aspék Sosiologi Sastra dina Novel Saéni Karangan Hadi AKS” perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan Masalah

Sangkan ieu panalungtikan puguh jujutanana, ambahan ieu panalungtikan perlu diwatesanan. Ku sabab, upama ambahan ieu panalungtikan teu diwatesanan, tangtu ieu panalungtikan bakal picawérangeun. Ku sabab ambahan sosiologi sastra kawilang lega, ieu panalungtikan téh rék diwatesanan luyu jeung pamadegan Wellek jeung Warren 1989: 111, nu medar: 1 sosiologi pangarang, nu nalungtik status sosial, ideologi politik, jeung hal-hal nu patalina ngeunaan pribadi pangarang; 2 sosiologi karya sastra, nu nalungtik karya katut ma’na, tujuan, jeung kontéks karya sastra; jeung 3 sosiologi pamaca, nu nalungtik pamaca jeung pangaruh karya sastra pikeun masarakat.

1.3 Rumusan Masalah

Sangkan ambahan panalungtikan teu lega teuing, ieu panalungtikan tangtu perlu diwatesanan. Rumusan masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya di handap. 1 Kumaha aspék sosiologi pangarang dina novel Saéni? 2 Kumaha aspék sosiologi karya sastra dina novel Saéni? 3 Kumaha sawangan masarakat sastrawan, kritikus kana novel Saéni?

1.4 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kasang tukang katut rumusan masalah anu di luhur, ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1 aspék sosiologi pangarang dina novel Saéni; 2 aspék sosiologi karya sastra dina novel Saéni; jeung 3 sawangan masarakat sastrawan, kritikus kana novel Saéni. 8 PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

1.5 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat sakumaha nu dipedar di handap. 1 pikeun panalungtik, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh jeung pangalaman panalungtik; 2 pikeun référénsi, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban hasil panalungtikan sastra Sunda tur jadi dokuméntasi pikeun lembaga, sarta sastra Sunda; jeung 3 pikeun masarakat, ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan référénsi ngeunaan kasang tukang sosial hiji karya sastra, sarta mikanyaho yén karya sastra téh dalit jeung kahirupan masarakat

1.6 Sistematika Penulisan