1
PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Manusa salaku mahluk sosial moal leupas tina prosés interaksi sosial, boh interaksi individu jeung individu, boh individu jeung masarakat, atawa sabalikna.
Salian ti éta, manusa ogé ngarandapan pangalaman empirik dina kahirupanana. Sajeroning nyorang hirup kumbuh, manusa mindeng nyurahan rupaning masalah
dina kahirupanana. Salah sahiji hasil tina éta prosés nyurahan hirup téh nya éta karya seni.
Dumasar pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén karya seni raket patalina jeung kahirupan masarakat. Salah sahiji wangun karya seni nya éta karya sastra.
Minangka salah sahiji wangun seni, karya sastra moal leupas tina pangaruh masarakat jeung kabudayaanana. Duanana miboga hubungan resiprokal nu
gumulung. Ku kituna, karya sastra jadi salah sahiji wujud éksprési idé, tur jadi salah sahiji bagian tina kabudayaan masarakat.
Anapon perkara wangenan sastra, rada hésé ditangtukeun watesanana. Ari anu jadi sabab, lantaran réa définisi sastra nu heureut teuing. Sabalikna, teu
saeutik ogé définisi sastra nu lega teuing. Salian ti éta, karya sastra téh kaasup kana widang seni anu mibanda sipat subjéktif. Karya sastra lain élmu éksak anu
objéktif tur puguh watesanana. Sok sanajan kitu, di handap aya sababaraha harti sastra nu dipedar ku sawatara ahli.
Koswara 2011, kc. 2, nétélakeun yén di Jerman dipikawanoh istilah schrifftum
jeung dichtung. Schrifftum ngawengku sagala perkara anu tinulis, sedeng dichtung mah ngawengku tulisan anu euweuh patalina sacara langsung
jeung kanyataan, tur miboga sipat rékaan, sedeng Tamsyah Purmawati 1999, kc. 219, ngajéntrékeun yén kecap sastra asalna tina basa Sansakerta, anu
ngandung harti ‘buku pangajaran’; ‘élmu pangaweruh’; ‘naskah’; buku-buku
2
PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
suci’. Kiwari éta harti téh jadi ngaheureutan. Anu kiwari disebut sastra nya éta karya seni anu digelarkeunana ngagunakeun alat basa, boh lisan boh tulisan.
Sacara umum, sastra mibanda fungsi dulce et utile, hartina éndah sarta boga daya guna Horace dina Wellek jeung Warren, 1990, kc. 25. Éndah ngandung
harti miboga ajén éstétik, sedeng boga daya guna hartina méré mangpaat pikeun kahirupan. Salian ti éta, sastra ogé boga fungsi didactic heresy, hartina ngahibur
nu maca Poe dina Wellek jeung Warren, 1989, kc. 25. Upama nilik kana wujudna, karya sastra bisa dipasing-pasing jadi tilu bagian,
nya éta puisi, prosa, jeung carita drama. Salah sahiji wangun karya sastra nya éta novel. Tamsyah Purmawati 1999, kc. 159 nétélakeun yén novel minangka
salah sahiji karya sastra prosa miboga ciri-ciri: méré kesan lir enya-enya kajadian, sarta ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Dina
novel aya sababaraha kajadian anu sambung-sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih upama dibandingkeun jeung
carita pondok, upamana. Atuh palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung palaku panambah figuran, sanajan henteu mutlak kitu.
Karya sastra mémang miboga sipat imajinatif, tapi karya sastra lain dongéng nu ngumbar imajinasi, atawa fantasi nu kaleuleuwihi. Cindekna, Teeuw
Nurgiyantoro, 1998, kc. 6 ngadadarkeun yén dina karya sastra aya gurat nu nganteng antara hal nu faktual jeung hal nu imajinatif.
Sastra salaku pangwangun ajén kamanusaan teu kudu dipihamham deui. Lantaran ngan manusa nu mibanda rasa linuhung, minangka hiji mahluk nu
diciptakeun ku Pangéran pinuh ku budi akal. Nya ngan manusa nu mampuh nepikeun sipat-sipat kamanusaanana dina karya sastra Isnendes, 2007, kc. 14.
Dumasar pedaran di luhur, karya sastra éstu raket patalina jeung kahirupan masarakat. Pon kitu deui novel nu miboga rohang téks nu lega. Dina novel
pangarang kacida laluasa pikeun ngarékam tur nyurahan rupaning masalah sosial. Minangka karya sastra prosa nu panjang, novel baris ngasongkeun masalah nu
3
PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
gemet tur kompleks. Ku kituna, novel nu ngagambarkeun realitas sosial baris merenah ditalungtik ku pamarekan sosiologi sastra.
Pikeun nalungtik hiji karya sastra, réa téori jeung pamarekan nu bisa digunakeun. Malah teu saeutik élmu-élmu séjén nu dipatalikeun jeung élmu sastra
pikeun ngahontal pangabutuh panalungtikan, atawa mibanda sipat intertekstual. Upamana baé, élmu sosiologi, psikologi, sajarah, jeung cultural studies.
Pon kitu deui pamarekan sosiologi sastra, taya lian ti dua widang élmu nu dihijikeun. Nurutkeun Swingewood dina bukuna The Sociology of Literature
Faruk, 2012, kc. 1, sosiologi nya éta pamarekan anu ilmiah tur objéktif ngeunaan manusa dina hirup kumbuhna di masarakat, sarta studi ngeunaan
lembaga-lembaga tur prosés-prosés sosial. Sedeng sastra bisa disebut salasahiji lembaga sosial nu ngagunakeun basa minangka médiumna. Cindekna, sosiologi
sastra nya éta ulikan sosiologi ngeunaan karya sastra dumasar prinsip élmu sosiologi jeung sastra.
Pamarekan sosiologi sastra béda jeung pamarekan nu neueulkeun kana prinsip otonomi sastra. Pamarekan sosiologi sastra miboga pamadegan yén karya
sastra jeung kasang tukang sosial téh lain dunya nu séwang-séwangan, patukang tonggong, sarta taya gurat badag nu nganteng. Sosiologi sastra miboga pamadegan
yén antara karya sastra, pangarang, jeung kasang tukang sosial téh mibanda hubungan
anu sipatna silih pangaruhan atawa resiprokal. Pamarekan sosiologi sastra miboga pamadegan yén karya sastra téh narima
pangaruh ti masarakat, sakaligus mampuh méré pangaruh pikeun masarakat. Malah masarakat mindeng nangtukeun ajén karya sastra dina hiji jaman. Sedeng
sastrawan taya lian ti anggota masarakat nu teu bisa leupas tina pangaruh ti lingkungan masarakat di sabudeureunana Semi, 2012, kc. 92
Kawas tiori sastra nu séjénna, sosiologi sastra gé miboga sababaraha ambahan. Ian Watt Damono, 1979, kc. 3 nétélakeun aya tilu ambahan dina
pamarekan sosiologi sastra. Kahiji, kontéks sosial pangarang. Ieu kontéks nalungtik: a kumaha cara pangarang dina nyiar napakah; b perkara
4
PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
profésionalisme pangarang dina pakasabanana, tepi ka mana pangarang nganggap pakasabanana minangka hiji profési; c masarakat nu kumaha nu ditujul ku
pangarang. Kadua, sastra minangka eunteung masarakat. Ieu kontéks maluruh tepi ka mana karya sastra bisa jadi eunteung kahirupan masarakat. Utamana ieu
kontéks nalungtik: a tepi ka mana karya sastra jadi eunteung masarakat, sabab ciri-ciri masarakat nu ditulis dina karya sastra, bisa jadi geus teu lumaku deui dina
mangsa pangarang nulis karya sastra; b pangarang mindeng milih fakta-fakta sosial nu tangtu, cindekna tepi ka mana pangaruh sipat pangarang kana karya nu
ditulisna; c génre sastra mindeng jadi sikep sosial hiji kelompok, lain sikep sosial nu universal, cindekna tepi ka mana génre sastra bisa ngawakilan
masarakat; d karya sastra nu satékah polah ngagambarkeun kaayaan sosial kalawan gemet, bisa jadi teu bisa dipercaya ku masarakat sacara gembleng.
Katilu, fungsi sosial sastra. Dina ieu kontéks, aya tilu hal nu jadi bahan panalungtikan: a kaom Romantik nganggap yén karya sastra téh sarua jeung
karya nabi, hartina tepi ka mana pangaruh karya sastra kana ajén sosial; b dina jihat séjén, karya sastra dianggap sakadar panglipur, tepi ka mana karya sastra
dianggap minangka panglipur; c aya hiji kompromi klasik: sastra kudu ngajarkeun hiji hal ku cara nu ngalipur.
Sacara umum, pamarekan sosiologi sastra raket patalina jeung konsép mimesis
. Hartina karya sastra dianggap minangka eunteung tina kahirupan masarakat. Sok sanajan kitu, karya sastra teu sagemblengna minangka hasil tina
mindahkeun kahirupan nyata kana karangan. Karya sastra mangrupa hasil rékaan pangarang dina nyurahan kahirupan kalawan jihat sawangan nu teu ragem. Salian
ti éta, sosiologi sastra ogé nalungtik ajén-ajén sosial, ajén-ajén bebeneran, kabudayaan, interaksi sosial, lembaga sosial, sarta masalah sosial dina karya
sastra. Nu jadi objék dina ieu panalungtikan nya éta novel Saéni karangan Hadi
AKS. Ieu novel dipilih dumasar tinimbangan: 1 euyeub ku unsur lokalitas, utamana dina ngagambarkeun masalah sosial jeung budaya di wewengkon basisir
5
PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
Banten; 2 ayana gurat nu nganteng antara gaya basa dialék Banten jeung carita nu dipidangkeun dina ieu novel; sarta 3 ngandung kritik jeung ajén sosial.
Hadi AKS geus kasohor minangka pangarang nu kritis, tur karya-karyana euyeub ku unsur lokalitas basisir Banten. Hadi lahir 16 Méi 1965 di Citapis,
pasisian kulon Pandéglang. Sanggeus lulus ti SPGN Pandéglang taun 1984, Hadi nuluykeun kuliah di Jurusan Pendidikan Basa Sastra Sunda IKIP Bandung. Ti
harita Hadi mimiti katarik kana dunya sastra Sunda. Mimiti resep nulis taun 1985. Éta karesep téh beuki ngagalura sanggeus milu kursus ngarang Sundanologi taun
1986. Karangan nu munggaran dimuat nya éta sajak Bandéra Hideung nu dimuat dina Kalawarta Kujang. Sedeng carponna nu munggaran nya éta Nu Mulang
Pasosoré, dimuat dina majalah Katumbiri.
Hadi ogé mindeng kasinugrahan pangajén dina widang sastra. Di antarana Hadiah Sastra LBSS, D.K. Ardiwinata, Anugrah Soeria Di Radja, Hadiah Sastra
R.H. Oeton Moechtar, Hadiah Sastra Paguyuban Pasundan, sarta Pinunjul 1 Pasanggiri Nulis Fiksimini di Unpad taun 2011. Anapon karya-karyana nu geus
medal mangrupa buku di antarana kumpulan carpon Oknum 1998, kumpulan sajak Ombak Halimun 2002, kumpulan carpon Kalapati 2011, jeung novel
Saéni 2014. Kiwari Hadi nganjrek di Lembang. Salian ti ngajar di SMPN 3
Lembang, Hadi jeung istrina, Ai Koraliati, ngokolakeun Saung Sastra Lembang. Opat karya Hadi di luhur, utamana novel Saéni, ngandung ajén-ajén budaya
sarta masalah-masalah sosial nu kawilang kompleks tur jembar. Warna lokalitas dina novel Saéni teu saukur jadi papaés atawa ornamen wungkul, tapi éstu dalit
ngahiji jeung lelembutan pangarang katut karyana. Ieu novel ogé ngandung gejala-gejala
sosial nu teu konvensional. Ku kituna, geusan nalungtik éta perkara, perlu dilaksanakeun panalungtikan kalawan ngagunakeun pamarekan sosiologi
sastra. Mémang geus réa panalungtik nu ngayakeun panalungtikan ngeunaan
sosiologi sastra. Éta panalungtikan- panalungtikan téh di antarana, ”Aspék
Sosiologi Sastra dina kumpulan Carpon Nu Baralik Manggung Karangan Nano S”
6
PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
Fery Timorocmadi, 2005; “Kajian Sosiologi Sastra kana Novel Carios Agan
Permas Karya Joehana” Amelia Fauziah; ”Aspék Sosiologi Sastra dina Novel
Kembang-Kembang Petingan Karangan Ho
lisoh M.E.” Dewi Supriyatin Imanti, 2005;
“Analisis Perspéktif Biografis kana Antologi Sajak Jiwalupat Karya Godi Suwarna: Panalungtikan Sosiologi Sastra
” Dea Lugina, 2009 ”Analisis Komparatif Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Murang-Maring
jeung Serat Sarwasatwa jeung Novel Sandékala jeung Déng Karangan Godi
Suwarna” Ari Andriansyah, 2009; ”Sosiologi Sastra kana Kumpulan Carpon Oknum
Karangan Hadi AKS pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA”
Tika Yuanita, 2011 ; jeung “Aspék Sosiologi Sastra dina Kumpulan Carpon Nu
Harayang Dihargaan karya Darpan” Arif Abdillah, 2013.
Salian ti panalungtikan dina wangun skripsi di luhur, sawatara masarakat sastra sakaligus sastrawan jeung kritikus ogé kungsi nulis éséy ngeunaan novel
Saéni karangan Hadi AKS, di antarana baé: 1 Teddi Muhtadin: Miindung ka
Laut, Mibapa ka Sagara panganteur novel Saéni, 2014; 2 Popon Saadah:
Carnyam ”Saéni” Hasil Kréatifitas Pangarangna? Lir Cahya Nyorot Eunteung, 2014; 3 Saini K.M., Duduh Durahman, Karno Kartadibrata: Béjér Pangajén
Hadiah Sastra Sayembara Ngarang R. Oeton Moechtar Majalah Manglé No.
1844, 10-16 Januari 2002; 4 Abdullah Mustapa: Saéni jeung Ijan, Antara Biheung jeung Rémpan
Awal Ramadhan 1425 H; 5 Ajip Rosidi: Hadiah Sastra Ranca
gé 2008, Karya Sastra Sunda: Buku Roman “Sandékala” Karya Godi Suwarna Baris Dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2008
www.sundanews.com, 2012; 6 Hawe Setiawan: Nu Goréng Patut Teu Alus Milik
www.sundanews.com, 2012; sarta 7 M. Taufan Musonip: Arti Mitologi Bagi Kreatifitas Kita
www.mtaufanmusonip.blogspot.com, 2007 Dumasar judul panalungtikan-panalungtikan di luhur, katémbong can aya
panalungtik nu nalungtik ngeunaan novél Saéni kalawan ngagunakeun pamarekan sosiologi sastra. Lian ti éta, pedaran séjén nu nalungtik novel Saéni gé ukur
7
PRAYOGA ADIWISASTRA, 2014 ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA NOVEL SAÉNI KARANGAN HADI AKS
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu
ngawujud dina wangun éséy. Ku kituna, ieu panalungtikan nu judulna “Aspék Sosiologi Sastra dina Novel Saéni
Karangan Hadi AKS” perlu dilaksanakeun.
1.2 Watesan Masalah