Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 59

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék luyukeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem matéri ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan daria, disiplin, mandiri, tur percaya diri. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 60 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61 PROFÉSIONAL Pakeman Basa jeung Wanda Téks di SMP PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 62 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 63 3 KAGIATAN DIAJAR 3 BASA JEUNG KABUDAYAAN, MAKÉNA BASA, SARTA PAKEMAN BASA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 3, ngawengku tujuan-tujuan ieu di handap. 1. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon mampuh ngajéntrékeun hakikat kabudayaan kalawan daria tur kréatif. 2. Sanggeus diskusi, pamilon mampuh ngajéntrékeun hakikat basa kalawan taliti tur kréatif. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon mampuh ngajéntrékeun patalina kabudayaan jeung basa kalawan percaya diri. 4. Sanggeus maca, pamilon mampuh ngécéskeun kalungguhan basa Sunda kalawan kréatif. 5. Sanggeus sawala, pamilon mampuh nétélakeun laku basa Sunda kalawan gawé babarengan. 6. Sangeus sawala, pamilon mampuh ngécéskeun hakékat pakeman basa Sunda kalawan gawé babarengan. 7. Sangeus sawala, pamilon mampuh nétélakeun wanda pakeman basa Sunda kalawan gawé babaregan. 8. Sangeus sawala, pamilon mampuh nataan rupa-rupa conto ungkara pakeman basa Sunda kalawan kréatif.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Indikator kahontalna kompeténsi kagiatan diajar 3, ngawengku ieu di handap. 1. Ngajéntrékeun hakikat kabudayaan. 2. Ngajéntrékeun hakikat basa. 3. Ngajéntrékeun patalina kabudayaan jeung basa. 4. Ngécéskeun kalungguhan basa Sunda. 5. Nétélakeun laku basa Sunda. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 3 6. Ngécéskeun hakékat pakeman basa Sunda. 7. Nétélakeun wanda pakeman basa Sunda. 8. Nataan rupa-rupa conto ungkara pakeman basa Sunda.

C. Pedaran Matéri 1. Basa jeung Kabudayaan