Kagiatan diajar LatihanPancén

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 84 3 e Buaya ngangsar, nyaéta watek kuda goréng, dibawa meuntas dina parung sok depa dina leuwi sok palid; tandana kukulinciran dina beuteung beulah tukang. f Tumpur ludes, nyaéta watek kuda anu goréng, matak sangsara ka nu ngingu; tandana kukulinciran dina beuteung beulah hareup. Turub layuan, nyaéta watek kuda anu goréng, matak pikasieuneun; tandana kukulinciran dina toggong kuda, handapeun séla beulah hareup. 8 Repok Repok nyaéta tujuman anu aya patalina jeung cara ngayahokeun alus henteuna nasib dua jalma nu rék laki rabi. Ma ’na anu dikandungna aya dua rupa: a anu alus ma ’nana, kayaning: ratu sabdaning pandita, padaringan kebek, sangga waringin, satria lalaku; b anu goréng ma ’nana kayaning: pisang punggel, lumbung gumulung, jeung tunggak kasemi. 9 Gaya Basa Gaya basa nyaéta rakitan basa anu dipaké sangkan ngahudang pangaruh efék anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngaregepkeun. Gaya basa téh réa wandana, di antarana:Mijalma, Ngasor, Métafora, Babandingan

D. Kagiatan diajar

Kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék kalawan percaya diri tur gawé babarengan jeung fasilitor sejenna, nyoko kana runtuyan kagiatan nu ngalarapkeun Modél Literasi Kewacanaan CALISLAUJI, saperti ieu di handap. 1. Maca tujuan jeung indikator kalawan daria. 2. Maca kalawan inténsif pedaran bahan ngeunaan Basa jeung Kabudayaan, Makenan Basa, jeung Pakeman Basa kalawan disiplin. 3. Nulis raguman matéri unggal-unggal kagiatan diajar dumasar kana matéri anu geus dibaca kalawan dibarung ku rasa suka bungah. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 85 3 4. Ngaregepkeun paparan materi ti fasilitator, tanya jawab, jeung sawala kelompok pikeun migawé latihanpancén dibarung ku konséntrasi. 5. Latihan soal-soal pilihan ganda pikeun persiapan postés kalawan daria. 6. Néangan tur maca référénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan latihanpancén kalawan kréatif. 7. Ngalaksanakeun postés di TUK anu geus ditangtukeun kalawan konséntrasi, daria, jeung tanggung jawab.

E. LatihanPancén

Pigawé ieu latihan kalawan gawé babarengan, taliti, tur tangggung jawab. 1. Bédakeun yén hubungan basa jeung kabudayaan téh sipatna koordinatif jeung subordinatif 2. Jelaskeun sacara singget hasil panalungtikan Sapir jeung Whorf ngeunaan basa jeung budaya 3. Tétélakeun watesan kabudayaan Sunda 4. Di masarakat Sunda aya uga anu unina “Munding bule bakal dibeberik ku bagong koneng ”. Upama ditengétan, éta uga téh ngagambarkeun sikep naon? Tétélakeun 5. Ieu di handap aya tabél conto-conto kekecapan anu bisa digolongkeun kana pakeman basa. Tangtukeun wangun pakeman basana Conto Pakeman Basa Wangun Pakeman basa ngadu angklung wiwirang di kolong catang, nya gedé nya panjang anak dua keur gumunda alak paul ahli leleb dibeuleum seuseur munding bulé dibeberik bagong konéng dikepung wakul buaya mangap luhur kokopan malapah gedang PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 86 3 ngahampas sukapura ngadaun ngora cianjur katalanjuran ratu sabdaning pandita padaringan kebek sangga waringin sekar panggung sumur bandung pamiceunkeun tampolong

F. Tingkesan