Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan
Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1. Kasang Tukang Masalah
Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana. Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran
nu dipiboga ku manusa téh minangka ciri anu ngabédakeun jeung mahluk séjénna. Éta kabudayaan téh diciptakeun sarta digunakeun ku manusa éta sorangan.
Kabudayaan bakal terus tumuwuh bareng jeung kamekaran jaman. Manusa téh mangrupa mahluk sosial, nu butuh ku jalma séjén dina
nyanghareupan kahirupanana. Sakumaha anu kaunggel dina sempalan rumpaka pupuh Pucung “utamana jalma kudu loba batur, keur silih tulungan, silih
titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti padajalma ”. Ku kituna manusa hirup dina
hiji kelompok nu bisa disebut ogé masarakat. Numutkeun William A. Haviland Sundjaya, 2008, kc.4, masarakat
minangka sakelompok jalma anu nyicingan hiji daérah sarta miboga kabudayaan nu sarua, ogé numuwuhkeun interaksi sosial. Demi interaksi sosial minangka
konci tina kahirupan sosial. Ilaharna, tina interaksi sosial bisa ngadatangkeun balukarna, boh balukar positif boh balukar négatif. Balukar négatif bisa
mangaruhan jalma pikeun ngalakukeun hal-hal anu teu luyu jeung norma-norma agama ogé norma-norma sosial. Pikeun mageran pangaruh négatif nu aya di
lingkungan, manusa butuh ku sistem pikeun ngurangan éta pangaruh négatif téh. Éta sistem pikeun ngungkulan pangaruh négatif téh mangrupa aturan norma,
kaidah, hukum nu tinulis jeung teu tinulis. Aturan nu teu tinulis umumna nyampak dina budaya lokal nu salasahijina
mangrupa aspék kapamalian, sabab dina éta budaya lokal téh kacida leubeut pisan ku ajén-inajén jeung palsapah hirup. Upamana dina kapamalian, urang Sunda
Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan
Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
baheula nepikeun pikiran, rasa, kahayang dina wangun lisan ku cara dibalibirkeun sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan.
Koentjaraningrat 2009, kc.144, nétélakeun yén kabudayaan nyaéta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu
dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaan kacida mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran
kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu aya dina budaya
bakal mangaruhan kana kamekaran atikan. Dina kabudayaan, nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék dina wujud ideel
anu sifatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa di cabak, tapi tempatna aya dina alam pikiran masarakat dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Wujud
ideel bisa disebut ogé jeung paripolah, ieu hal téh nuduhkeun yén wujud ideel téh fungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana paripolah manusa dina masarakat
salaku tatakrama atawa sopan santun. Ajén ngandung harti pangaji, harga LBSS, 1995, kc. 18. Ajén di dieu lain
hartina harga nu bisa diukur ku angka, tapi nu patalina jeung norma kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk mangpirang-pirang aturan anu aya
patalina jeung atikan, ngatik budak kana kahadéan sangkan ngajadikeun budak nu patuh kana norma norma kahirupan. Atikan numutkeun Danadibrata 2009, kc.39
nyaéta pangajaran kana jalan kahadéan, méré, malajarkeun, warah, ngabingbing. Dina kahirupan masarakat, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning
cara pikeun ngaplikasikeun naon nu dimaksud atikan, boh métode boh bahanna. Salasahiji atikan anu aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun
hal-hal anu teu meunang dilakonan, sabab saupama dilakonan pasti bakal aya balukarna. Salasahiji hal anu sering dijadikeun alat dina ngadidik nyaéta ku ayana
folklor anu ngébréhkeun ngeunaan aspék kapamalian anu dipaké ku masarakat. Balukar upama urang ngalanggar pamali biasana aya patalina jeung
kasalametan diri, boh nu langsung kajadian, boh dina jangka waktu nu tangtu. Ku
Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan
Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
kituna, pamali téh mangrupa hal anu dianggap matih pikeun ngahulag naon nu teu meunang dilakonan ku urang.
Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand Danandjaya, 2007, kc.21 folklor kabagi jadi tilu bagian, nyaéta folklor lisan,
folklor sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nyaéta folklor anu wangunna murni lisan. Folklor sabagian lian nyaéta folklor anu wangunna
mangrupa campuran unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nyaéta folklor anu wangunna lain lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta
papasingan diluhur téh jéntré pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan anu kaasup kana genre kapercayaan rayat.
Unggal masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan, salasahijina anu mangrupa kapercayaan rayat. Kapercayaan rayat didieu nu
mangrupa pamali atawa pantrangan. Kecap pamali téh digunakeun pikeun hal-hal anu sifatna tabu.
Dina kahirupan urang sunda, loba kapanggih pakeman basa, di antarana kapamalian. Cenah, kapamalian téh salah sahiji padika dina nepikeun atikan
karuhun Sunda. Nurutkeun makna aslina, kecap pamali téh nyaéta sagala rupa anu ngotoran awak mala=kokotor; mali=nu nyababkeun kokotor, leutak nu
ngalimpudan awak. Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur dilelebah, teu saeutik ogé anu bangga nepi ka hésé karampana ku akal waras.
Lantaran teu apal nyurahanana, antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali téh “paman diali”. Taya bédana jeung dongéng anu sok diheureuykeun jadi
“ngabobodo budak céngéng”, tur padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan Ruhimat, 2006, kc.41.
Pamali numutkeun Danadibrata 2009, kc.489 nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.
Mulkan 2007 dina artikel nu judulna “Pamali, Tradisi Budaya Lisan
Leluhur Sunda” nétélakeun yén pamali nyaéta larangan pikeun ngalaksanakeun atawa ngucapkeun hiji hal nu matak mawa balai boh ka dirina sorangan boh ka
Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan
Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
sabudeureunana. Upama dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan.
Pamali, biasana patali jeung kecap mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma minangka hal nu teu asup akal, sabab mitos mangrupa ungkara atawa hal-hal anu
dipercaya sacara turun tinurun ku hiji masarakat. Ku kituna, mitos dianggap aya patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul.
Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun
sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot, éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén
atawa multitafsir. Dina ieu panalungtikan digunakeun tilikan semiotik pikeun maluruh tanda
anu aya dina éta kapamalian. Semiotik nyaéta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu anu nganggap yén fénoména sosialmasarakat jeung kabudayaanana
mangrupa tanda-tanda. Semiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvensi-konvensi nu ngayakinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti.
Jadi nu bisa dijadikeun tanda téh sabenerna mah lain ngan saukur basa hungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan Pradopo, 1995, kc. 119.
Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang penting pikeun maluruh kumaha ajén atikan tina éta pamali mangaruhan kana sikep hiji masarakatna.
Ajén-inajén dina éta pamali téh mawa pangaruh ka masarakatna. Ku kituna, pamali dijadikeun alat pikeun kolot ngatik ka budakna. Upama urang ngatik
budak ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal anu matak ngarugikeun, budak tangtu bakal merhatikeun tuluy ngarasa sieun nu ahirna éta budak téh bisa
nurut kumaha ceuk kolotna. Panalungtikan ngeunaan ajén atikan kawilang loba, diantarana ngeunaan
kaulinan, sisindiran, pupujian, jeung wawacan, tapi dina nalungtik kumaha ajén atikan nu nyampak dina kapamalian can aya nu nalungtik, sedengkeun dina aspék
Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan
Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
kapamalian téh leubeut ku ajén-inajén ngeunaan atikan. Aya sababaraha panalungtikan anu aya patalina jeung ajén atikan di antarana:
1 Sri Mulyani 0700444 anu judulna “Ajén Atikan dina Kaulinan Barudak Lembur di Désa Sukamaju Kecamatan Cigudeg Kabupatén Bogor pikeun
Bahan Pangajaran di SD”. 2 Ayu Mustika Mayashinta anu judulna “Ajén atikan dina sisindiran anu
aya di kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran di SMP”.
3 Eros Rosmiati anu judulna “Ajén atikan puisi pupujian di Kecamatan Ciparay Kabupatén Bandung”.
Sedengkeun panalungtikan husus ngeunaan aspék kapamalian mah can aya nu nalungtik. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan kana éta hal nu dijudulan
“Ajén Atikan dina Folklor Aspék Kapamalian anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung Tilikan Semiotik
”.
1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah