“AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN KUDA RÉNGGONG (LINGKUNG SENI CITRA KENCANA) DÉSA PARUNGSÉRAB KECAMATAN KATAPANG KABUPATÉN BANDUNG”.

(1)

iv DAFTAR EUSI ABSTRAK………..………… PANGJAJAP………..……… DAFTAR EUSI………..…… DAFTAR SINGGETAN……… DAFTAR TABÉL………..… DAFTAR LAMPIRAN……… i ii iv ix x xii

BAB I BUBUKA……….. 1

1.1 1.2 1.3 1.4 1.5 1.6. 1.7 1.8

Kasang Tukang Masalah……….. Watesan jeung Rumusan Masalah……… 1.2.1 Watesan Masalah……….. 1.2.2 Rumusan Masalah………. Tujuan Panalungtikan………... Mangpaat Panalungtikan……….. Anggapan Dasar………... Landasan Tiori……….. Wangenan Operasional………. Métode jeung Téknik Panalungtikan...

1 4 4 5 6 6 7 7 8 9


(2)

iv

1.8.1 Métode……….. 1.8.2 Téknik Panalungtikan………...

9 10 BAB II KABUDAYAAN, KASENIAN, KUDA RÉNGGONG JEUNG

FILSAFAT……….. 12

2.1. Kabudayaan……….. 12

2.1.1. 2.1.2. 2.1.3

Wangenan Budaya………. Wujud Budaya……… Unsur Budaya ………..

12 13 14

2.2. Kasenian……….. 15

2.2.1. 2.2.2. 2.2.3.

Ambahan Kasenian ……… Tujuan Kasenian……….. Ruang lingkup ………....

16 17 18 2.3

2.4

Kasenian Kuda Rénggong……… 2.3.1 Wangenan Kasenian Kuda Rénggong……….. 2.3.3 Sajarah Kuda Rénggong………... 2.3.4 Kamekaran Kasenian Kuda Rénggong…….…….... 2.3.5 Bédana Rénggong jeung Ronggéng dina

Kuda Rénggong……… Filsa-19 20 21 23 25 26 2.4.1 2.4.2 Wangenan Filsafat……….. Objék Filsafat………... 26 28


(3)

iv 2.4.3 2.4.4 2.4.5 Métode Filsafat……….. 2.3.3.1 Sintétis……… 2.3.3.2 Analisis………... Cabang-cabang Filsafat……….. Filsafat K aéndahan (Éstetika)………..

29 29 31 31 32

BAB III DASAR TÉORI... 35 3.1 Métode jeung Téknik Panalungtikan………. 35

3.1.1 3.1.2 Métode Panalungtikan………. Téknik Panalungtikan………. 35 36 3.2 3.3 3.4 3.5 Instrumén Panalungtikan………... Sumber Data……….. Téknik Ngolah Data………... Léngkah-léngkah Panalungtikan………... 3.5.1 Lékah-léngkah Tatahar……….. 3.5.2 Léngkah Ngumpulkeun Data………. 3.5.3 Léngkah Ngolah Data... 3.5.4 Léngkah Nyusun Laporan……….

37 37 37 38 38 38 38 39


(4)

iv

BAB IV AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN KUDA RÉNGGON DI

DÉSA PARUNGSÉRAB 40

4.1 Gambaran Umum Tempat Panalungtikan……… 40 4.1.1 4.1.2 Lokasi Géografis……….. Sosial Budaya………... 40 40 4.1.2.1 4.1.2.2 4.1.2.3 4.1.2.4 4.1.2.5 Warga……… Pendidikan……… Agama jeung Kapercayaan……….. Bahasa………. Pakasaban……… 40 41 42 42 42 4.1.3 Sistem Kakarabatan……….. 43 4.2. Kasenian Kuda Rénggong Désa Parungsérab………..

4.2.1 Sajarah Kasenian Kuda Rénggong di Désa Parungsé rab……… 4.4.2 Cara Milih Kuda dina Kasenian Kuda Rénggong di

Désa Parungsérab Dumasar kana Caturanggana ….. 4.2.3 Pakakas atawa Property Kuda Rénggong………... 4.2.4 Prak-Prakan Kasenian Kuda Rénggong di Désa

Pa-rungsérab………... 4.2.4.1 Pra Helaran Kuda Rénggong……… 4.2.4.2 Wanci Helaran Kuda Rénggong………..

44 44 45 47 48 48 53


(5)

iv 4.3

4.4

4.2.4.3 Prakna Helaran Kuda Rénggong………… 4.2.4.4 Pasca Helaran Kuda Rénggong………… Déskripsi Ajén Falsafah dina Kasenian Kuda Rénggong………. 4.3.1. Falsafah dina Properti Kuda Rénggong……... 4.3.2. Falsapah Pencak dina Kuda Rénggong…………... 4.3.3. Falsafah Kalenggkepan Upacara nyawér

suna-tan……… Ajén Pangaweruh Pikeun Budak Sunatan………

54 57 58

58 62 60 63 64

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN... 68 5.1.

5.2.

Kacindekan... Saran...

68 69

DAFTAR PUSTAKA... LAMPIRAN-LAMPIRAN... RIWAYAT HIRUP...

71 73 88


(6)

(7)

1

BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Masalah

Kabudayaan nya éta kabiasaan manusa nu aya dina kahirupan sapopoé jeung alamna. Sunda mangrupa salah sahiji sélér bangsa anu aya di Indonésia sarta miboga kabudayaan sorangan. Kabudayan Sunda tangtu loba pisan, sabab ngawengku kabiasaan masarakat anu ngagem kana éta budaya. Koentjaraningrat (1990: 205) nétélakeun yén kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal di antarana; 1) basa, 2) sistem pangaweruh, 3) organisasi sosial, 4) sistem téhnologi, 5) sistem pakasaban, 6) sistem kapercayaan, jeung 7) sistem kasenian.

Unggal unsur kabudayaan anu universal ngajangélék dina tilu wujud kabu-dayaan nya éta anu ngawengku sistem budaya (ideas), sistem sosial (activities), jeung unsur-unsur kabudayaan fisik (artefak). Sistem religi atawa kapercayaan miboga wujud salaku hiji sistem kayakinan atawa kapercayaan ngeunaan gagasan-gagasan ka-Tuhan-an, déwa, roh, naraka, sawarga, jrrd.

Di sagédéngeun éta hal, sistem kayakinan ngajangélék dina upacara-upacara atawa ritual boh anu sipatna usum-usuman boh nu sipatna kakapeungan. Salian ti kitu, sistem kapercayaan atawa réligi ogé ngajangélék dina wangun barang-barang nu disucikeun atawa dikaramatkeun salaku property dina ritual.

Dina unsur universal, kasenian nu aya di jero gagasan, hasil pamikiran, jeung carita-carita rakyat. Kasenian mibanda wangun anu ngajangélék dina


(8)

2

kalakuan atawa paripolah antara nu nyipta jeung palaku kasenian atawa pihak anu milu ngarojong kana éta kasenian nya éta pananggap seni, jeung konsumén kasenian. Di sagédéngeun éta hal, kasenian ogé miboga kabudayaan fisik anu ngajangélék mangrupa candi, tinunan, jeung barang-barang karajinan.

Seni nya éta salah sahaji wangun kaéndahan. Anu di jerona moal leupas tina kabutuhan jeung kahirupan masarakat. Dumasar kana éta anggapan bisa dicindekkeun yén seni moal bisa leupas tina kahirupan masarakat. Sabab tumuwuhna seni gumantung kana masarakat salaku pangrojongna. Lajuning laku lampah manusa ti taun ka taun tangtu robah, éta hal téh kapangaruhan ku mekarna jaman. Patali jeung hal éta tangtu waé loba hal anu mangaruhan kana unsur-unsur kabudayaan utamana kana unsur kabudayaan Sunda, salah sahijina dina widang kasenian.

Robahna jaman teu bisa disingkahan. Ieu hal ngabalukarkeun kurangna minat jeung aprésiasi kana widang kasenian hususna. Ku kituna, perlu ditarékahan pikeun ngadokuméntasikeun kasenian atawa kabudayaan Sunda. Ieu tarékah dilakukeun sangkan budaya Sunda teu kaeréh ku budaya modern. Salah sahiji kabudayaan nu aya di tatar Sunda nya éta Kuda Rénggong.

Kuda rénggong salah sahiji kasenian pintonan masarakat nu miboga ka-monésan sorangan. Ayana kasenian kuda rénggong tangtu teu leupas tina maksud jeung tujuan diciptakeunana.

Teu bisa disingkahan mun saumpamana dina jaman bihari yén kuda rénggong téh salah sahiji ritual anu dilakonan ku masarakat dina mapag tamu


(9)

3

karajaan atawa para inohong dina mangsa harita. Kiwari, kuda rénggong jadi salah sahiji pintonan masarakat dina acara sunatan atawa féstival kasenian.

Numutkeun Ganjar Kurnia jeung Arthur. S. Nalan (2003:8) kuda rénggong mangrupa salah sahiji kasenian pintonan masarakat nu asalna ti Kabupatén Sume-dang. Numutkeun sababaraha seniman, kuda rénggong mimiti aya di désa Cikuru-buk, Kecamatan Buah Dua, Kabupatén Sumedang. kuda rénggong mangrupa seni pintonan helaran (pawai). Kecap “rénggong” dina kuda rénggong nya éta métatésis tina kecap ronggéng, anu maksudna kamonésan (Keterampilan) cara leumpangna kuda anu geus dilatih ngigel nuturkeun wirahma tatabeuhanana.

Dina ieu kasenian pintonan téh dirojong ku sababaraha unsur seni, di anta-rana seni tari, seni sora, jeung seni musik, anu gumulung jadi karya seni tradi-sional, tur teu leupas tina ajén-ajén kasundaan nu nyampak di sabudeureun urang. Saperti kasenian kuda rénggong nu aya di Désa Parungsérab, Kec. Katapang, Kab. Bandung.

Sok sanajan ieu kasenian téh asalna ti Sumedang, tapi ari dina wangun nu sagemblengna mah sarua-sarua kénéh. Ngan aya sababara hal wangun anu béda salaku ciri hasna masing-masing, sabab dina tradisi jeung kapercayaan antara masarakat Bandung jeung Sumedang tangtu aya bédana, hal ieu luyu jeung pamadegan Edi Sedyawati (1981: 52), nya éta:

“Seni pertujukan di Indonesia berangkat dari suatu keadaan dimana ia tum-buh di dalam lingkungan etnik yang berbeda satu sama lain. Dalam lingkungan etnik ini, adat atau kesepakatan yang turun temurun mengenai prilaku, mempu-nyai andil besar untuk menentukan bangkit rendahnya kesenian.”


(10)

4

Lamun ditilik deui, kasenian kuda rénggong téh miboga ajén filosofis simbol jeung ajén mitos (myth) nu di percaya ku masarakat urang salila ieu, tur can kapaluruh sagemblengna. Naon nu nyampak dina kasenian kuda rénggong tangtu miboga kasang tukang maksud jeung tujuan anu disilokakeun ngaliwatan simbol-simbol.

Dina upacara atawa pintonan kasenian aya anu ngaliwatan simbol (lambang) anu tangtu, modél ayana sasajén, pakéan, gerak. Hal ieu luyu jeung pamadegan Radcliffe-Brown dina Endraswara (2006: 200) nya éta lamun saupamana laku lampah ritual loba mintonkeun simbol, tangtu analisis ritual ogé kudu leuwih mu-seur kana simbol-simbol anu nyampak dina éta ritual.

Turner dina Endraswara (2006: 200) nétélakeun yén ngaliwatan analisis simbol ritual tangtu bakal milu ngeuyeuban jeung milu ngajéntrékeun sacara bener ngeunaan ajén nu aya di jero masarakat, sarta bakal ngaleungitkeun atawa ngajawab kapanasaran ngeunaan bebeneran hiji pedaran.

Patali jeung hal nu dijéntrékeun di luhur, sarta pikeun ngajawab rasa kapa-nasaran, panalungtik miboga karep pikeun nganalisis ajén filosofis nu nyangkaruk dina kasenian kuda rénggong.

1.2. Watesan jeung Rumusan Maslah 1.2.1. Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, loba pisan ajén-ajén anu nyangkaruk dina kasenian kuda rénggong, sangkan data jeung simbol nu aya dina éta kasenian teu lega teuing, ambahanana ieu panalungtikan kudu diwatesanan.


(11)

5

Ieu panalungtikan ngan ukur medar kajian filosofis nu aya dina kasenian Kuda Rénggong “Lingkung Seni Citra Kencana” Désa Parungsérab Kec. tapang Kab. Bandung.

1.2.2. Rumusan Masalah

Nazir (1988: 133) nétélakeun yén “Masalah timbul karena adanya tantangan, adanya kesangsian atau kebingungan kita terhadap sesuatu hal atau fenomena, adanya kemenduaan (ambiguity), adanya halangan dan rintangan, adanya celah (gap), baik antara kegiatan atau antara fenomena, baik yang telah ada atau yang akan ada.”

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, wincikan masalah ieu pana-lungtikan rék disusun dina wangun patalékan ieu dihandap;

1. Ngadéskripsikeun kasenian kuda rénggong? Hususna di Lingkung seni kuda rénggong “Citra Kencana” Désa Parungsérab Ke. Katapang Kab. Bandung?

2. Ajén falsafah naon waé anu nyampak dina kasenian kuda rénggong? Hu-susna di Lingkung seni kuda rénggong “Citra Kencana” Désa Parungse-rab Kec. Katapang Kab. Bandung?

3. Ajén pangaweruh naon nu bisa dicangkem ku pananggap seni nya éta budak nu disunatan?


(12)

6

1.3. Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh ngabogaan tujuan umum nya éta numuwuhkeun jeung ngariksa budaya tur kasenian nu aya di masarakat, sedengkeun tujuan husus ieu panalungtikan nya éta:

1. Ngadéskripsikeun prak-prakan kasenian kuda rénggong. Hususna di Lingkung seni kuda rénggong “Citra Kencana” Désa Parungsérab Kéc. Katapang Kab. Bandung?

2. Ngadéskripsikeun ajén-ajén falsafah nu aya dina kasenian kuda rénggong, hususna di Lingkung seni kuda rénggong “Citra kencana” Désa Parungsérab Kec. Katapang Kab. Bandung.

3. Ngadéskripsikeun ajén-inajén pikeun nu nanggap seni (budak sunatan).

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Unggal panalungtikan dina hakékatna mah ngabogaan tujuan. Ieu panalung-tikan téh ngabogaan tujuan nu ngawengku;

1. Sacara téoritis, panalungtikan ieu di handap bisa méré sumbangan anali-sis keur kamajuan paélmuan budaya Sunda. Ti dieu urang bisa meunang gambaran harti jeung pungsi sacara pungsional stuktural dina kasenian kuda rénggong.

2. Sacara praktis, panalungtikan ieu bisa muka wawasan masarakat, bisa nambahan pangaweruh salaku hiji pintonan anu unik, sangkan masarakat modéren bisa nyindekkeun sanggeus maca atawa ninggali langsung éta kasenian.


(13)

7

1.5. Anggapan Dasar

1. Kuda rénggong téh mangrupa hasil karsa, cipta, rasa, jeung karya ma-nusa Sunda nu gelarna geus heubeul, sarta kiwari masih dipikawanoh tur dipikaresep utamana ku masarakat Sunda.

2. Sacara lahiriah kasenian kuda rénggong miboga wangun nu béda-béda. 3. Kasenian kuda rénggong miboga ajén falsafah nu luhung.

1.6. Landasan Tiori

Dina nganalsis datana ngagunakeun metodé filsafat sintetis jeung analis, sangakan hasil nu dipiharep bener-bener kahontal.

1. Metodé Analisis

Numutkeun Achmadi (1995: 20) ngeunaan analisis dina kagiatan filsafat nya éta ngabérédélkeun istilah-istilah atawa pamadegan-pamadegan dina bagian-bagian, nepi ka mariksa ma’na nu aya dijerona. Anapon harti analisis nya éta minangka kagiatan mariksa sacara konseptual kana ma’na jeung istilah nu digunakeun. Dina pamadegan nu dijieun, ku jalan analisis éta pisan bisa dipiharep kapaluruh ma’na anyar jeung nguji istilah-istilah ku rupa-rupa conto.

2. Métode Sintétis

Sintesis mangrupa tarékah pikeun nyieun kacindekan tina kamungki-nan-kamungkinan nu aya. Maksudna, ngumpulkeun hiji pangaweruh nu bisa


(14)

8

kacangkem. Dina nyusun sistem pamikiran, para filsuf téh didadasaran ku pamikirannana nu dipangaruhan sajumlahing bahan nu ditéangan.

Dina widang filsafat aya sababaraha métode. Métode asal kecapna mito-hodos hartina menuju, jalan atawa cara. Métode mindeng dihartikeun salaku jalan mikir dina widang paélmuan. Dina widang filsafat métode digolongkeun kana tilu bagian, di antarana;

a. Métode kritis, nya éta nganalisis istilah jeung pamadegan ku jalan nyieun patalékan anu sarua nepi ka hakekatna dipikanyaho;

b. Métode analisis, nya éta ngalakukeun introspéksi ku jalan mikir simbol-simbol; jeung

c. Métode intuitif, nya éta masing-masing atawa nganalisis dina wangun je-roning pikiran nepi kana hakékatna (ditemukan jawabannya), (Achmadi, 1995: 19-21)

1.7. Wangenan Oprasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Ajén Falsafah Dina Kasenian Kuda Rénggong di Désa Parungsérab Kec. Katapang Kab. Bandung” sangkan aya gam-baran dina ieu judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu pa-nalungtikan, di antarana:

1. Ajén falsafah nya éta nilai, harga atawa pangaji anu dihasilkeun tina pamikiran anu ditéangan bebeneranana, pikeun ngungkap hiji pasualan penting dina éta kasenian kuda rénggong misalna ajén falsafah nu aya


(15)

9

patalina jeung agama, sosial (hirup kumbuh sapopoé ), politik, jeung sa-jabana.

2. Kasenian nya éta salah sahiji kaéndahan anu ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal. Kasenian bisa dicindekkeun nya éta adu manis antara gagasan (idea), kagiatan sosial (activities) atawa laku lampah ma-nusa dina kasenian jeung benda-benda kasenian (artefak), salaku hasil jeung ngarojong kana kasenian.

3. Kuda rénggong nya éta seni pintonan nu mangrupa helaran (pawai). Ke-cap “rénggong” dina kuda rénggong nya éta metatesis tina kecap ronggéng, anu maksudna kamonésan (keterampilan) cara leumpangna kuda anu geus dilatih ngigel nuturkeun wirahma musik.

1.8. Métode Panalungtikan jeung Téknik Panalungtikan

1.8.1. Métode

1. Nangtukeun tempat panalungtikan diayakeun di Désa Parungsérab Kec. Katapang Kab. Bandung.

2. Nangtukeun informan. Keur nangtukeun informan, panalungtikan ieu ngagunakeun konsép Spradley jeung Benard (Endraswara, 2006:203) in-tina informan téh kudu jalma anu maham kana kagiatan anu keur dita-lungtik. Nangtukeun informan ngagunakeun Téknik snowballing, nya éta dumasar informan anu saméméhna nepi ka meunang informan anyar. 3. Néangan data-data ngeunaan kasenian kuda rénggong, tina buku sumber


(16)

10

1.8.2. Téknik Panalungtikan 1. Tehnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data ngagunakeun Téknik partisipan observation jeung indepth interview numutkeun Adelr, Fontana, jeung Fray, (Endraswara, 2006:203) Téknik ngumpulkeun data ieu masih kénéh sadapur jeung konsep Spradley, yén panalungtik kudu ilubiung langsung dina éta kagiatan sangkan ngagampangkeun dina ngumpulkeun data.

2. Téknik Analisis Data

Panalungtikan ieu ngagunakeun modél kualitatif nya éta mangrupa déskripsi anu leuwih jero ngeunaan fenoména anu aya dina kasenian kuda rénggong. Dina konsép Gertz (Endraswara, 2006:205) anu disebut “modél for” jeung “modél of” hartina konsép nu aya tuluy dilarapkeun kana réalitas kaayaan sosial budaya, hartina réalitas sosial numutkeun Kaplan jeung Men-ers (Endraswara, 2006:205). Nanya ka jalma nu ngalakonan langsung kana éta kagiatan, sangkan ulah aya tapsir intersubjéktif, anu satuluyna dikoréla-sikeun.

Keur medar ngeunaan harti jeung kagunaan sacara stuktural pungsional tina kasenian kuda rénggong, digunakeun analisis kuantitatif étnografi. Maksudna anu nalungtik ngadéskripsikeun sacara étnografi ngeunaan laku lampah, paripolah, jeung kekecapan masarakat satempatna.

Laporan data analisis dilakukeun sacara déskripsi, sangkan leuwih jero jeung ku cara ngatur, ngaruntuykeun, ngawilah-wilah, sarta méré ciri jeung klasifikasi data. Dina ieu analisis nu leuwih ditémbongkeun nya éta hasil


(17)

11

data, lamun saumpamana aya penafsiran, panalungtik teu ngalakukeun pa-nalungtikan. Mun aya penafsiran, éta mah hasil informan anu milu jeung anu paham kana harti ritual. Ku cara samodél kitu, dipiharep bakal kapanggih harti jeung kagunaanana kasenian kuda rénggong, utamana keur anu ngala-konan éta kagiatan, leupas ti interpénsi. Ku sabab kitu, dipiharep éta kase-nian kuda rénggong téh miboga harti jeung kagunaan.


(18)

35

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1. Métode Panalungtikan

Métode dina wangenan anu leuwih jembar dianggap mangrupa cara stratégi pikeun maham réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun nganalisis runtuyan sabab akibat anu satuluyna. Salaku alat, sarua jeung téori métode miboga pungsi pikeun ngabasajankeun, supaya leuwih babari ditalungtik jeung dicangkem (Ratna, 2004: 34).

Arikunto (1996:150) nétélakeun yén métode panalungtikan téh nya éta, cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Saluyu jeung pamanggih Suyatna (2002: 14) anu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskriptif wungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan atawa teu menangkeun ma’na implikasi. Dina ma’na nu lega ieu métode téh digunakeun panalungtikan survéy.

Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun simbol jeung ajén falsafah dina kasenian kuda rénggong di Désa Parungsérab Kecamatan Katapang Kabupatén Bandung.


(19)

36

3.1.2. Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta observasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

1) Téhnik telaah pustaka, nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tuli-san, pikeun néangan tur nangtukeun dasar-dasar téorétis anu aya patalina jeung ieu skripsi.

2) Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan ku-maha prak-prakan kasenian kuda rénggong téh.

3) Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kuda rénggong di lingkung seni Cipta Kencana nu aya di Désa Pa-rungsérab Kecamatan Katapang Kabupatén Bandung pikeun nyangking bahan lisan (sumber lisan), ieu téhnik téh salah sahiji bagian anu penting dina satiap survéy. Ieu hal téh geus diécéskeun ku Irawati Singarimbun anu dicutat ku Masri Singarimbun jeung Sofian Effénsi (1989; 192) nya éta:

Wawancara merupakan suatu proses interaksi dan komunikasi, dalam proses ini, hasil wawancara ditentukan oleh beberapa faktor yang berinter aksi dan nenpenharuhi arus informasi, faktor-faktor tersebut ialah: pewawancara, responden, topik penelitian yang tertuang dalam daptar pertanyaan da situasi wawancara.


(20)

37

3.2. Instrumen Panalangtikan

Sudjana (1991: 52) nétélakeun yén nu dimaksud instrumén panalungtikan téh nya éta, sakabéh alat atawa cara nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nu perlukeun. Instrumén nu digunakeun dina ieu panalngtikan nya éta:

1. Tapé Rékorder

Tapé rékorder digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman kuda rénggong di Désa Parungsérab.

2. Kaméra Foto

Kaméra foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan heularan kasenian kuda rénggong.

3. Pedoman wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kuda rénggong di Désa Parungsérab Kecamatan Katapang Kabupatén Bandung.

3.3 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan, nya éta sakabéh prak-prakan nu aya dina kasenian kuda rénggong di Désa Parungsérab Kec. Katapang; kayaning prak-prakanana, waditra, jeung sakabéh istilah dina ieu kasenian anu bisa ngarojong Ajén Falfsaah dina kasenian kuda rénggong.

3.4. Téhnik Ngolah Data


(21)

38

dékriptif. Anu didéskripsikeunnana nya éta prak-prakan kasenian jeung ajén falsafah sarta ajén pangaweruh naon nu pikeun pananggap seni (budak sunatan).

3.5. Léngkah-léngkah Panalungtikan

Aya opat léngkah anu dijadikeun rarancang dina ieu panalungtikan, nya éta 1) tahap tatahar; 2) tahap ngumpulkeun data; 3) tahap ngolah data; jeung 4) tahap nyusun laporan panalungtikan

3.4.1. Lékah-léngkah Tatahar

Léngkah munggaran dina ieu panalungtikan; 1) Nyodorkeun judul panalungtikan;

2) Nyusun rarancang panalungtikan; 3) Ngayakeun suvéy awal;

4) Ngurus surat izin panalungtikan; 5) Konsultasi jeung pangaping;

3.4.2. Léngkah Ngumpulkeun Data

1) Observasi nalika helaran kasenian kuda rénggong di pagelarkeun;

2) Wawancara ka para seniman jeung anu aya pakaitanna dina éta kasenian;

3.4.3. Léngkah Ngolah Data


(22)

39

1) Mariksa data nu geus kakumpul; 2) Ngadéskripsikeun data; jeung

3) Nyieun kacindékkan data nu geus kapaluruh.

3.4.4. Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan sacara sistematis dina wangun skripsi.


(23)

68

BAB V PANUTUP 5.1 Kacindekan

Kasenian kuda rénggong nya éta salah sahiji kasenian masarakat anu mangrupa wangun pawai atawa helaran. Ieu kasenian téh tumuwuh di Sumedang, Di Désa Cikurubuk Kecamatan Buahdua. Kiwari kasenian téh geus sumebar ka unggal daérah atawa wewengkon di Jawa Barat. Kasenian ieu téh sok ngajanggélék dina acara budak sunatan jeung deui kiwari mah ieu kasenian téh geus jadi pintonan dina acara féstival atawa acara dina TV. Ieu téh nandakeun yén kasenian kuda rénggong téh geus jadi komediti para wisata.

Lamun diilikan deui, moal nutup kamungkinan ajén-ajén nu aya dina kase-nianana sorangan bisa leungit sabab di dieu anu jadi hal utamana, kumaha carana sangkan bisa nyugeumakeun para wisatawan. Hal ieu luyu jeung Bapa Entah salaku pamingpin kasenian kuda rénggong “lingkung seni citra kencana” Kecamatan Katapang, Bandung. Anjeunna parantos kadongkapan tamu ti sababaraha statsion TV yén kasenian kuda rénggong pikeun tutumpakan budak sunatan jeung kuda rénggong keur pintonan dina TV (wisata) jelas bénten sabab aya sababaraha hal nu dileungitkeun samodél sasajén jeung ritual-ritualna. Tapi justru ku ayana hal éta ieu kasenian téh bisa dipikawanoh ku sakabéh masarakat Indonesia hususna Jawa Barat, sangkan masarakat bisa ngamumulé kana ieu kasenian.


(24)

69

Béda halna dina kasenian kuda rénggong pikeun tutumpakan budak sunatan, di dieu loba pisan ajén-ajén kasundaan pikeun tranformasi pangaweruh keur budak sunatanna. Sabab sunatan salah sahiji upacara anu aya pakaitna jeung siklus kahirupan manusa, anu ngan sakali saumur hirup bakal dipilampah ku manusa hu-susna jalma Islam. Ku sabab kitu, kasenian kuda rénggong jadi hiji momentum pikeun budak sunatan dina transpormasi budaya jeung ajén-inajén nu aya dina sabudeureun kasenian kuda rénggong, sabab dina prosés inisiasi ieu ku saurang budak bakal terus diinget jeung dipilampah dina kahirupanana nu bakal datang.

Ku sabab éta, perlu pisan pikeun urang saréréa sangkan ngajaga jeung ngariksa kana ieu kabudayaan atawa kasenian. Sangkan dina mangsa nu bakal datang, kasenian ieu masih bisa dipintonkeun dina acara-acara sunatan sarta sangkan ajén-inajén nu aya dina kasenian ieu bisa diwariskeun ka anak incu urang.

5.2 Saran

Nalungtik kasenian daérah loba pisan mangpaatna hususna pikeun panyusun. Dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban kana kajembaran kasenian tradisional anu aya di Jawa Barat hususna kasenian kuda rénggong. Sim kuring panyusun ngarasa ieu panalungtikan téh masih jauh tina kasampurnaan, sabab masih loba pisan nu acan kaguar dina ieu kasenian téh sabab dian upacara helaran kasenian kuda rénggong pikeun budak sunatan, aya sababaraha uapacara saméméhna nu kudu dilakonan. Misalna upacara jarah, upacara rempugan, upacara ngangkat, upacara


(25)

70

ngamandian jeung nu pamungkas uapacara ngahelarkeun. Jadi upacara helaran kuda rénggong téh mangrupa salah sahiji bagian tina ritual sunatan. Kaharepna atuh kacida hadéna lamun seug kasenian ieu téh dituluykeun deui panalungtikannana. Widang garapanna anu leuwih husus deui sangkan leuwih apdol dina ngajén ieu kasenian.


(26)

72

DAPTAR PUSTAKA

Dananjaya, James. (1994). Foklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti. LBSS. (1997). Kamus Utama Basa Sunda. Bandung. Tarate.

Satjadibrata. (2005). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1996). Kamus Besar Bahasa Indoneia. Jakarta: Balai Pustaka.

Kayam, Umar. (1981). Seni, Tradisi, Masyarakat. Jakarta: Sinar Harapan. Rosidi, Ajip, Spk. (2000). Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rojak, Abdil. (2005). Teologi Kebatinan Sunda (Kajian Antropologi Agama Tentang Aliran Kebatinan Perjalanan). Bandung. Kiblat Buku Utama.

Kurnia, Ganjar jeung Nalan, S Arthur. (2003). Deskripsi Kesenian Jawa Barat. Bandung. Etro Teater.

Arikunto, S. (2002). Edisi Revisi V. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan. Jakarta. Rineka Cipta.

Esten, M. (1999). Adat Istiadat Daerah Jawa Barat. Jakarta: Projek Penelitian Dan Pencatatan Kebudayaan Daerah.

Hupad. (1999). Pengantar Antropologi. Bandung: Angkasa.

Harjoso, A. (2005). Budaya Dan Penelitian Orang Sunda. Bandung. Gunung Jati press.


(27)

72

Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Pendidikan dan Pengajaran Bahasa (Diktat Kuliah). Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Unifersitas Pendidikan Indonesia.

Koenjaraningrat. (2002). Kebudayaan Mentalitas Pembangunan. Jakarta. Gramedia Pustaka Utama.

Koenjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: rineka Cipta. Achmadi, Asmoro. (1995). Filsafat Umum. Jakarta: Raja Grapindo Persada.

Ekadjati, Edi S. (2005). Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah). Jakarta: Pustaka Jaya.

Narawati, Tanti. (2003). Wajah Tari Sunda dari Masa ke Masa. Bandung: P4ST. UPI Sdyawati, Edi. (1981). Perubahan Seni Pertunjukan. Jakarta: Sinar Harapan.

Catur Wati, Endang. (2007). Tari Tradisional Sunda. Bandung: Sunan Ambu Perss. STSI Bandung.

De Groat, F George dan Notosujipto. (2006). Pencak Silat Seni Bela Diri Indonesia. Bandung: PT Ganesa.


(1)

1) Mariksa data nu geus kakumpul;

2) Ngadéskripsikeun data; jeung

3) Nyieun kacindékkan data nu geus kapaluruh.

3.4.4. Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan sacara

sistematis dina wangun skripsi.


(2)

68

BAB V

PANUTUP

5.1 Kacindekan

Kasenian kuda rénggong nya éta salah sahiji kasenian masarakat anu mangrupa

wangun pawai atawa helaran. Ieu kasenian téh tumuwuh di Sumedang, Di Désa

Cikurubuk Kecamatan Buahdua. Kiwari kasenian téh geus sumebar ka unggal daérah

atawa wewengkon di Jawa Barat. Kasenian ieu téh sok ngajanggélék dina acara

budak sunatan jeung deui kiwari mah ieu kasenian téh geus jadi pintonan dina acara

féstival atawa acara dina TV. Ieu téh nandakeun yén kasenian kuda rénggong téh

geus jadi komediti para wisata.

Lamun diilikan deui, moal nutup kamungkinan ajén-ajén nu aya dina

kase-nianana sorangan bisa leungit sabab di dieu anu jadi hal utamana, kumaha carana

sangkan bisa nyugeumakeun para wisatawan. Hal ieu luyu jeung Bapa Entah salaku

pamingpin kasenian kuda rénggong “lingkung seni citra kencana” Kecamatan

Katapang, Bandung. Anjeunna parantos kadongkapan tamu ti sababaraha statsion TV

yén kasenian kuda rénggong pikeun tutumpakan budak sunatan jeung kuda rénggong

keur pintonan dina TV (wisata) jelas bénten sabab aya sababaraha hal nu

dileungitkeun samodél sasajén jeung ritual-ritualna. Tapi justru ku ayana hal éta ieu

kasenian téh bisa dipikawanoh ku sakabéh masarakat Indonesia hususna Jawa Barat,

sangkan masarakat bisa ngamumulé kana ieu kasenian.


(3)

Béda halna dina kasenian kuda rénggong pikeun tutumpakan budak sunatan, di

dieu loba pisan ajén-ajén kasundaan pikeun

tranformasi

pangaweruh keur budak

sunatanna. Sabab sunatan salah sahiji upacara anu aya pakaitna jeung siklus

kahirupan manusa, anu ngan sakali saumur hirup bakal dipilampah ku manusa

hu-susna jalma Islam. Ku sabab kitu, kasenian kuda rénggong jadi hiji

momentum

pikeun budak sunatan dina

transpormasi

budaya jeung ajén-inajén nu aya dina

sabudeureun kasenian kuda rénggong, sabab dina prosés inisiasi ieu ku saurang budak

bakal terus diinget jeung dipilampah dina kahirupanana nu bakal datang.

Ku sabab éta, perlu pisan pikeun urang saréréa sangkan ngajaga jeung ngariksa

kana ieu kabudayaan atawa kasenian. Sangkan dina mangsa nu bakal datang,

kasenian ieu masih bisa dipintonkeun dina acara-acara sunatan sarta sangkan

ajén-inajén nu aya dina kasenian ieu bisa diwariskeun ka anak incu urang.

5.2 Saran

Nalungtik kasenian daérah loba pisan mangpaatna hususna pikeun panyusun.

Dipiharep ieu hasil panalungtikan bisa ngeuyeuban kana kajembaran kasenian

tradisional anu aya di Jawa Barat hususna kasenian kuda rénggong. Sim kuring

panyusun ngarasa ieu panalungtikan téh masih jauh tina kasampurnaan, sabab masih

loba pisan nu acan kaguar dina ieu kasenian téh sabab dian upacara helaran kasenian

kuda rénggong pikeun budak sunatan, aya sababaraha uapacara saméméhna nu kudu

dilakonan. Misalna upacara jarah, upacara rempugan, upacara ngangkat, upacara


(4)

70

ngamandian jeung nu pamungkas uapacara ngahelarkeun. Jadi upacara helaran kuda

rénggong téh mangrupa salah sahiji bagian tina ritual sunatan. Kaharepna atuh kacida

hadéna lamun seug kasenian ieu téh dituluykeun deui panalungtikannana. Widang

garapanna anu leuwih husus deui sangkan leuwih apdol dina ngajén ieu kasenian.


(5)

72

Dananjaya, James. (1994). Foklor Indonesia. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

LBSS. (1997). Kamus Utama Basa Sunda. Bandung. Tarate.

Satjadibrata. (2005). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1996).

Kamus Besar Bahasa Indoneia.

Jakarta: Balai Pustaka.

Kayam, Umar. (1981). Seni, Tradisi, Masyarakat. Jakarta: Sinar Harapan.

Rosidi, Ajip, Spk. (2000). Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rojak, Abdil. (2005). Teologi Kebatinan Sunda (Kajian Antropologi Agama Tentang

Aliran Kebatinan Perjalanan). Bandung. Kiblat Buku Utama.

Kurnia, Ganjar jeung Nalan, S Arthur. (2003).

Deskripsi Kesenian Jawa Barat.

Bandung. Etro Teater.

Arikunto, S. (2002). Edisi Revisi V. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan. Jakarta.

Rineka Cipta.

Esten, M. (1999).

Adat Istiadat Daerah Jawa Barat. Jakarta: Projek Penelitian Dan

Pencatatan Kebudayaan Daerah.

Hupad. (1999). Pengantar Antropologi. Bandung: Angkasa.

Harjoso, A. (2005).

Budaya Dan Penelitian Orang Sunda. Bandung. Gunung Jati


(6)

72

Suyatna, Amir. (2002).

Pengantar Metodologi Pendidikan dan Pengajaran Bahasa

(Diktat Kuliah). Bandung. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Unifersitas

Pendidikan Indonesia.

Koenjaraningrat. (2002).

Kebudayaan Mentalitas Pembangunan. Jakarta. Gramedia

Pustaka Utama.

Koenjaraningrat. (1990). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: rineka Cipta.

Achmadi, Asmoro. (1995). Filsafat Umum. Jakarta: Raja Grapindo Persada.

Ekadjati, Edi S. (2005).

Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah). Jakarta:

Pustaka Jaya.

Narawati, Tanti. (2003). Wajah Tari Sunda dari Masa ke Masa. Bandung: P4ST. UPI

Sdyawati, Edi. (1981). Perubahan Seni Pertunjukan. Jakarta: Sinar Harapan.

Catur Wati, Endang. (2007).

Tari Tradisional Sunda. Bandung: Sunan Ambu Perss.

STSI Bandung.

De Groat, F George dan Notosujipto. (2006). Pencak Silat Seni Bela Diri Indonesia.

Bandung: PT Ganesa.


Dokumen yang terkait

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA KABUPATÉN BANDUNG.

1 70 31

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI KELAS XI.

1 49 28

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN RÉLIGI DINA KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT: Tilikan Sémiotik - repository UPI S BD 1205197 Title

0 2 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3

AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA KABUPATÉN BANDUNG - repository UPI S BD 1006671 Title

0 0 3