Sistematika Penulisan Lokasi Panalungtikan

Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupatén Bandung 2 Harti jeung fungsi dina aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung 3 Ajén atikan nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung 4 Unsur semiotik nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan sunda, hususna dina widang aspék kapamalian.

1.4.2. Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran ngeunaan ajén atikan jeung ma’na simbol-simbol nu nyangkaruk dina aspék kapamalian anu aya hususna di masarakat Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.5. Sistematika Penulisan

Sistematika penulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nyaéta: 1 Bab I bubuka, ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika penulisan; Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Bab II ngeunaan kajian tiori tina ieu panalungtikan, medar kabudayaan, foklor aspék kapamalian, ajén atikan, jeung tilikan semiotik; 3 Bab III Métodologi Panalungtikan anu dipaké dina ieu skripsi nu medar ngeunaan métode panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data; 4 Bab IV ngadeskripsikeun hasil tina panalungtikan, diantarana waé pembahasan ngeunaan kondisi sosial budaya Désa Tanjungwangi, déskripsi kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, déskripsi harti jeung fungsi aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, sarta semiotik anu aya dina aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka. 5 Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran ti panalungtik ngeunaan hal-hal nu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik kahareupna. Daftar pustaka jeung lampiran-lampiran. Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1. Lokasi Panalungtikan

Désa Tanjungwangi mangrupa salasahiji désa di Kecamatan Cicaléngka nu kaasup wilayah Kabupaten Bandung. Ieu désa téh mangrupa pamekaran tina Désa Dampit, ayana di beulah wétaneun kota Bandung, jarakna 215 km ti pamaréntahan pusat Nagara, 49 km ti pusat pamaréntahan Provinsi Jawa Barat jeung 40 km ti puseur dayeuh Kabupatén Bandung sarta 9 km ti Kecamatan Cicaléngka. Désa Tanjungwangi ngadeg minangka désa swakarya. Ditinggali tina topografi, kaayaan wilayah Désa Tanjungwangi téh mangrupa daérah pagunungan. Ieu désa téh minangka désa panungtung. Tapi sanajan kitu ieu désa téh kaasup désa anu boga daya irutna utamana kaayaan alamna tina objék wisatana nu kasohor nyaéta Curug Cindulang jeung KW Kawasan Wisata. Désa Tanjungwangi ngawengku 3 kadusunan, nu eusina diwangun ku 7 rw jeung 31 rt. Aya 16 wilayah kampung anu katulis sacara administratif, sarta 6 wilayah kampung anu ngadeg sacara tradisional. Ieu dihandap dijéntrékeun data statistik Désa Tanjungwangi. Tabel 3.1 Batas géografis Désa Tanjungwangi Batas Désa Kalurahan Kalér Desa Sindulang Wétan K.S.D.A Kidul K.S.D.A Kulon Desa Dampit K.S.D.A: Konservasi Sumber Daya Alam

1. Luas wilayah dumasar pegunungan:

Pemukimam 94 Ham 2 Sawah 8 Ham 2 Diani Permasih, 2014 Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Kebuntegalanladang 434 Ha m 2 Kuburan 3 Ha m 2 Pekarangan 72,225 Ha m 2 Kantor 0,8 Ha m 2 Luas prasarana umum 22 Ha m 2 Total wilayah 637,625 Ha m 2

2. Topografi:

Bentangan wilayah: Désa berbukit-bukit 637,625 Ha m 2 .

3.2. Métode Panalungtikan