Kasang Tukang Panalungtikan BUBUKA

Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Maju mundurna hiji bangsa, salah sahijina bisa katitén tina budayana, sabab dina hirup kumbuhna manusa moal leupas tina budaya. Salian ti éta, budaya ogé ngabédakeun bangsa nu hiji jeung bangsa séjén. Numutkeun Koentjaraningrat 2009, kc. 146 budaya téh mangrupa hasil tina cipta, karsa, jeung rasa manusa. Sedengkeun numutkeun Taylor dina Soelaeman, 1990, kc. 10 nétélakeun yén kabudayaan téh gemblengna tina hal nu kompléks, nu di jerona ngawengku pangaweruh, mitos kapercayaan, kasenian, moral, hukum, adat istiadat kabiasaan, sarta kamampuh lianna nu aya di masarakat. Kaayaan géografis Indonésia nu kabagi ku sababaraha pulo, nyababkeun Indonésia kabagi jadi sababaraha sélér bangsa nu miboga karakter nu béda-béda. Éta ogé nu ngalantarankeun unggal sélér bangsa di Indonésia jadi miboga ciri has séwang-séwangan dina budayana, salah sahijina nya éta budaya Sunda. Masarakat Sunda nu mayoritas hirup di Jawa Barat geus katelah ku budayana, salah sahijina dina widang kasenian. Masarakat Sunda miboga rupa-rupa kasenian, salah sahijina seni sastra, saperti nu diébréhkeun ku Ajip Rosidi yén sastra téh nya éta kasenian nu digelarkeun dina wangun basa Rosidi, 2009, kc. 227. Numutkeun René Wellek jeung Austin Warren, yén sastra mangrupa kagiatan kréatif nu ngahasilkeun hiji karya seni Wellek Warren, 2014, kc.3. Salaku hiji produk manusa, sastra tangtu miboga unsur pangwangunna, nu ngalantarankeun éta sastra jadi hiji bungkeuleukan karya seni nu madeg mandiri. Saperti nu diébréhkeun ku Semi 2012, kc. 84 yén sastra mangrupa hiji karya kréatif nu miboga otonomi nu madeg mandiri, nu miboga aspék pangwangunna sorangan saperti téma, galur, latar, tokoh, gaya basa, jeung hubungan nu harmoni antar aspék pangwangunna. Karya sastra, hususna novel miboga peran nu kawilang penting dina kahirupan manusa. Salian pikeun panglipur haté atawa batin hiji jalma, sastra ogé miboga mangpaat nu séjén. Luyu jeung konsép Horace dina Isnendes, 2010, kc. 15 yén karya sastra téh miboga konsép dulce éndah jeung utile mangpaat. Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Éndah di dieu, maksudna karya sastra téh bisa méré kasenangan, kapuasan batin pikeun nu maca. Salian ti éta karya sastra ogé mangpaat, hartina lain saukur kagiatan heuheureuyan atawa miceunan waktu wungkul, tapi kagiatan anu daria; mibanda tujuan; jeung oriéntasi. Karya sastra nu kabagi jadi sababaraha wangun, aya wangun prosa, puisi, jeung drama. Dina wangun prosa, karya sastra kabagi deui jadi sababaraha jenis, salah sahijina nya éta novel. Novel munggaran nu aya di sastra Sunda nya éta novel Baruang ka nu Ngarora karya Daéng Kanduruan Ardiwinata atawa D.K. Ardiwinata, nu medal dina taun 1914 Rosidi, 2009, kc. 103. Minangka salah sahiji produk budaya, sastra hususna novel teu leupas tina campur leungeun manusa salaku kréator-na. Kitu deui dina dunya sastra Sunda, boh sastra heubeul, boh sastra modérn tangtu kapangaruhan ku budayana. Ku kituna, karya sastra miboga peran penting dina dunya budaya. Numutkeun Thomas Warton dina Koswara, 2012, kc. 10 nétélakeun yén sastra téh gudang adat istiadat, buku sumber sajarah peradaban, ku kituna sastra dianggap sabagé dokumén sosial pikeun medar ihtisar sajarah sosial. Minangka salah sahiji unsur budaya anu raket patalina jeung kahirupan sosial budaya nu ngarojong kana éta karya sastra, salian pikeun nyumponan pangabutuh batin manusa, sastra ogé miboga peran séjén nu kalintang penting pikeun kamajuan sélér bangsa, utamana dina pasualan budaya. Nilik kana kaayaan mangsa kiwari, masarakat nganggap karya sastra utamana novel kurang penting. Masarakat nganggap yén karya sastra ngan saukur hayalan pangarang imajinasi pikeun nyumponan pangabutuh batin wungkul. Padalah di sagédéngeun éta, novel miboga bebeneran di jerona sarta miboga ajén- inajén nu luhung. Salian ti éta, novel ogé lain ukur hasil tina implengan hayalan pangarang. Leuwih ti éta, novel téh mangrupa titiron tina kahirupan nu saenyana. Luyu jeung nu diébréhkeun ku Tamsyah 1996, kc. 171 yén novel téh nya éta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Dumasar kana éta pamadegan, tangtu salah mun nganggap novel téh ngan saukur karya meunang ngalamun. Dina enyana meunang ngalamun, novel ogé miboga ajén bebeneran dina kahirupan, sabab novel dijieunna ku manusa pangarang nu di mana éta pangarang téh anggota tina masarakat sabudeureunana. Ku kituna, Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu novel atawa hasil karya manéhanana pangarang tangtu kapangaruhan ku lingkungan sabudeureunana. Isnendes 2010, kc. 17 ngébréhkeun yén sastra hususna novel téh mangrupa pakakas pikeun nuluykeun tradisi jeung révitalisasi budaya. Hartina, novel minangka salah sahiji wangun karya sastra miboga konsép ngawétkeun ajén-ajén tradisi jeung budaya nu aya di jerona. Dumasar kana éta pamadegan, salian ti medar struktur pangwangunna tangtu perlu diayakeunana panalungtikan ajén budaya nu nyangkaruk dina éta karya sastra, sangkan masarakat bisa leuwih ngahargaan turta apal kana mangpaat karya sastra dina harti nu jembar, nu salah sahijina salaku produk budaya nu tangtu miboga ajén budaya nu luhung. Dina ieu panalungtikan, baris nganalisis novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata. Anapon panalungtikan saacanna nu nalungtik novel “Baruang ka nu Ngarora” téh nya éta: 1 “Babandingan Karakter Palaku Utama dina Novel Baruang ka nu Ngarora jeung Gogoda ka nu Ngarora ” ku Tuti Haryati Sri; 2 “Rarangkén Hareup dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata ” ku Erna Lestari; 3 “Rarangkén Barung dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karangan D.K. Ardiwinata pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP” ku Nani. Nilik kana éta judul, panalungtikan ngeunaan novel Baruang ka nu Ngarora can aya nu maluruh ngeunaan budayana. Ku kituna, dina ieu panalungtikan, panalungtik baris maluruh struktur pangwangunna nu mangrupa téma, fakta carita jeung sarana carita, sarta maluruh ajén budaya aya dina novel Baruang ka nu Ngarora. Sedengkeun judul ieu panalungtikan nya éta “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel ‘Baruang ka nu Ngarora’ Karya D.K. Ardiwinata”.

1.2 Rumusan Masalah