Desain Panalungtikan Analisis Data

Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, panalungtik maké pamarekan kualitatif. Ngaliwatan pamarekan kualitatif bisa nyangking pamahaman sarta tafsiran nu nyosok jero tina ma’na, kanyataan sarta fakta nu rélevan. Numutkeun Moleong dina Basrowi Suwandi, 2008, kc. 187 yén panalungtikan kualitatif mibanda sipat déskriptif, ku kituna data nu dikumpulkeun umumna mangrupa kekecapan atawa gambar. Ku sabab éta, métode nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Ieu métode ngawengku rupa-rupa téhnik déskriptif, di antarana ngajéntrékeun, nganalisis, jeung ngelompokkeun. Anapon nu didéskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta deskripsi carita, struktur carita, sarta ajén budaya nu aya dina novel Baruang ka nu Ngarora. Salian ti métode, desain panalungtikan ogé diperlukeun dina prosés panalungtikan. Desain panalungtikan nya éta sawangan atawa gambaran umum ngeunaan prosés panalungtikan nu baris dilakonan. Anapon desain panalungtikanna saperti di handap ieu: Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Novel Baruang ka nu Ngarora Kacindekan Tatahar Ngumpulkeun Data: Studi Pustaka Ngolah Data nganalisis Nulis Laporan Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Ngumpulkeun Data

3.2.1 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan nya éta benda atawa subjék pikeun meunangkeun informasi atawa data. Sacara umum, sumber data bisa diklasifikasikeun jadi tilu jenis nya éta: 1 person jelema; 2 paper kertasdokumén, jeung; 3 place tempat Arikunto, 2010, kc. 172. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta buku novel Baruang ka nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata. Ieu novel mangrupa novel Sunda munggaran nu mimiti medal dina taun 1914. Buku nu dipaké mangrupa buku citakan taun 2013, nu diwedalkeun ku Kiblat. Ieu buku mangrupa sumber data utama dina ieu panalungtikan. Gamar 3.1 Cover novel Baruang ka nu Ngarora terbitan kiblat 2013

3.2.2 Instrumén Panalungtikan

Dina panalungtikan, tangtu diperlukeun instrumén panalungtikan pikeun meunangkeun sumber data pikeun lumangsungna panalungtikan. Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas nu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data Arikunto, 2010, kc. 203. Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Data dina ieu panalungtikan nya éta hasil analisis struktur jeung ajén budaya dina novel Baruang ka nu Ngarora. Instrumén nu dipaké dina ieu panalungtikan mangrupa kartu data anu fungsina pikeun nyimpen data-data nu dianalisis. Anapon conto analisis datana, boh data unsur intrinsik, boh data ajén budayana saperti ieu di handap: Gambar 3.2 Conto Data Analisis Unsur Intrinsik Data nu ditulis dina kode data mangrupa data hasil nganalisis data nu mangrupa data unsur intrinsik, jeung unsur budayana. Anapon harti tina kodena nya éta unsur intrinsikbudaya, nomer urut, kaca, jeung nomer paragrap. Conto, tina gambar 3.2 kode datana nya éta D11151, hartina nya éta D1 mangrupa kode pikeun latar; 1 nya éta nomer urut; 15 mangrupa kode halaman kaca; jeung 1 kode paragrap. Anapon kode-kode pikeun unsur intrinsik di antarana nya éta: A1 kode téma; B1 kode galur; C1 kode palaku; D1 kode latar; E1 kode sudut pandang; F1 kode gaya basa; jeung G1 kode suasana. Salian maké kartu data, dina ieu panalungtikan ogé maké sistem tabél pikeun ngumpulkeun hasil analisis unsur intrinsik sarta ajén budaya dina novel Baruang ka nu Ngarora anu geus disimpen dina kartu data. Tabél 3.1 Tabél unsur intrinsik novel Baruang ka nu Ngarora No. Unsur Intrinsik Data Kode Data 1 2 3 4 1 Téma 2 Galur Kode data: D11151 Struktur nu dianalisis: Latar tempat Cutatan: …di imah Haji Abdul Raup beurang-peuting geus ramé; rabul anu ngaralayad jeung nu rék babantu. Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 2 3 4 3 Palaku 4 Latar tempatwaktusosial 5 Sudut Pandang 6 Gaya Basa 7 Suasana Sedengkeun ajén budaya nu ditalungtik dina ieu novel ngawengku: 1 ajén tiori; 2 ajén ékonomi; 3 ajén éstétik; 4 ajén politik; jeung 5 ajén sosial. Salian ti éta, ajén budaya ogé dipaluruh tina unsur-unsur budaya nu aya dina ieu novel. Anapon datana saperti ieu di handap. Gambar 3.3 Conto Data Analisis Unsur Budaya Gambar 3.3 mangrupa kartu data unsur budaya. Kode nu aya dina éta kartu data teu jauh béda jeung kartu data dina struktur jeung ajén budaya. Kode A2 mangrupa kode sistem réligi jeung kapercayaan, 1 nya éta nomer urut data; 38 nya éta kode halaman; jeung 3 kode paragaraf. Anapon kode-kode unsur budaya di antarana: A2 sistem religi jeung upacara kapercayaan; B2 sistem jeung organisasi kamasarakatan; C2 sistem pangaweruh; D2 sistem basa; E2 kasenian; F2 sistem pakasaban; sarta G2 sistem téknologi. Hasil analisis unsur budaya éta dikumpulkeun dina tabél ieu di handap. Kode data: A21383 Ajén budaya nu dianalisis: Sistem réligi jeung kapercayaan Cutatan: Anu matak lahir Kanjeng Nabi, lamun henteu kuat maradahna, leuwih hadé montong baé, bobojo téh teu perlu, malah-malah ku Kanjeng Nabi, geus diwajibkeun pisan, sakur umat anu boga pamajikan, wajib méré napkah tamblik mas kawin, ambéh awéwé betah. Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.2 Tabél unsur budaya novel Baruang ka nu Ngarora No. Unsur Budaya Data Kode Data 1 Sistem réligi jeung upacara kaagamaan 2 Sistem organisasi jeung kamasarakatan 3 Sistem Pangaweruh 4 Sistem Basa 5 Kasenian 6 Sistem Pakasaban 7 Sistem téknologi

3.2.3 Téhnik Ngumpulkeun Data

Data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta novel Baruang ka nu Ngarora, citakan kadua ku pamedal Kiblat Pustaka Utama taun 2013. Dina ieu panalungtikan, téhnik ulikan pustaka dipaké pikeun meunangkeun data atawa informasi nu aya patalina jeung struktur novel sarta ajén budaya anu nyampak dina novel Baruang ka nu Ngarora. Anapon lengkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta: 1 Maca sagemblengna téks novel; 2 Nyirian data anu patalina jeung struktur unsur intrinsik novel sarta unsur kabudayaan; 3 Ngasupkeun data-data nu geus dicirian kana kartu data pikeun dianalisis.

3.3 Analisis Data

Numutkeun Basrowi jeung Suwandi 2008, kc. 192 analisis data téh mangrupa usaha prosés milih jeung nglasifikasi data pikeun ngajawab masalah. Pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan, panalungtik maké téhnik analisis deskriptif pikeun nganalisis data nu mangrupa struktur novel unsur intrinsik sarta unsur kabudayaan nu aya dina novel Baruang ka nu Ngarora. Léngkah dina ngolah datana nya éta saperti di handap ieu: Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Klasifikasi data ngolom-ngolomkeun data; 2 Nganalisis data; 3 Nafsirkeun data; 4 Ngadéskripsikeun data; jeung 5 Nyieun kacindekan tina hasil analisis data. Thaifur Abu Yazid, 2015 Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Novel Baruang ka nu Ngarora Karya D.K. Ardiwinata Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Novel nu mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu raket pisan patalina jeung lingkungan sosial katut budaya nu aya disabudeureun pangarangna. Budaya mangrupa hasil tina cipta, rasa, jeung karsa manusa nu ngawujud kana gagasan, tindakan, sarta benda pikeun nyumponan pangabutuh hirupna. Ku kituna, novel tangtu miboga ajén budaya nu luyu jeung lingkungan sosial budayana, ka asup novel Baruang ka nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata nu mangrupa novel Sunda munggaran. Dina ieu panalungtikan ti mimiti tatahar, ngumpulkeun data, nganalisis data, nepi ka nyusun laporan hasilna bisa dicindekkeun saperti ieu di handap. Novel mangrupa salah sahiji wujud karya sastra modern nu ditulis dina wangun lancaran naratif nu nyaritakeun kajadian nu aya dina kahirupan sapopoé. Novel nu mangrupa salah sahiji karya sastra dina wangun lancaran prosa miboga struktur unsur pangwangunna sorangan nu ngawengku téma, fakta carita plot, palaku, jeung latar, sarta sarana carita sudut pandang, gaya basa, jeung suasana. Inti carita dina novel Baruang ka nu Ngarora nya éta nyaritakeun kahirupan rumah tangga Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah nu diruksak ku Aom Usman. Aom Usman nu miboga gelar ménak ngajadikeun manéhna bisa laku lampah sangeunahna, salah sahijina nya éta nyokot pamajikan batur. Lian ti éta, ieu novel ogé pinuh ku ajén atikan sarta papatah sangkan hirup bener. Saperti novel-novel séjénna, ieu novel diwangun ku unsur-unsur struktur saperti téma, fakta, jeung sarana carita. Téma tina ieu novel nya éta sosial, nu nyaritakeun kaayaan sosial dina jaman kolonial Walanda, nu harita masarakat pribumi kabagi jadi dua golongan, nya éta golongan ménak jeung cacah. Sedengkeun fakta carita nu aya ieu novel di antarana nya éta galur, palaku, jeung latar. Galur tina ieu novel nya éta ngagunakeun galur mérélé maju nu katitén tina kajadian-kajadianna nu ngaguluyur ti mimiti Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah nikah, nepi ka kudu pepegatan, sarta nepi ka hirupna teu puguh. Nu jadi palaku utama dina ieu novel nya éta Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah, sedengkeun