Wangenan Oprasional Instrumen Panalangtikan Sumber Data

8 kacangkem. Dina nyusun sistem pamikiran, para filsuf téh didadasaran ku pamikirannana nu dipangaruhan sajumlahing bahan nu ditéangan. Dina widang filsafat aya sababaraha métode. Métode asal kecapna mito-hodos hartina menuju, jalan atawa cara. Métode mindeng dihartikeun salaku jalan mikir dina widang paélmuan. Dina widang filsafat métode digolongkeun kana tilu bagian, di antarana; a. Métode kritis, nya éta nganalisis istilah jeung pamadegan ku jalan nyieun patalékan anu sarua nepi ka hakekatna dipikanyaho; b. Métode analisis, nya éta ngalakukeun introspéksi ku jalan mikir simbol- simbol; jeung c. Métode intuitif, nya éta masing-masing atawa nganalisis dina wangun je- roning pikiran nepi kana hakékatna ditemukan jawabannya, Achmadi, 1995: 19-21

1.7. Wangenan Oprasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Ajén Falsafah Dina Kasenian Kuda Rénggong di Désa Parungsérab Kec. Katapang Kab. Bandung” sangkan aya gam- baran dina ieu judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu pa- nalungtikan, di antarana: 1. Ajén falsafah nya éta nilai, harga atawa pangaji anu dihasilkeun tina pamikiran anu ditéangan bebeneranana, pikeun ngungkap hiji pasualan penting dina éta kasenian kuda rénggong misalna ajén falsafah nu aya 9 patalina jeung agama, sosial hirup kumbuh sapopoé , politik, jeung sa- jabana. 2. Kasenian nya éta salah sahiji kaéndahan anu ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal. Kasenian bisa dicindekkeun nya éta adu manis antara gagasan idea, kagiatan sosial activities atawa laku lampah ma- nusa dina kasenian jeung benda-benda kasenian artefak, salaku hasil jeung ngarojong kana kasenian. 3. Kuda rénggong nya éta seni pintonan nu mangrupa helaran pawai. Ke- cap “rénggong” dina kuda rénggong nya éta metatesis tina kecap ronggéng, anu maksudna kamonésan keterampilan cara leumpangna kuda anu geus dilatih ngigel nuturkeun wirahma musik. 1.8. Métode Panalungtikan jeung Téknik Panalungtikan 1.8.1. Métode 1. Nangtukeun tempat panalungtikan diayakeun di Désa Parungsérab Kec. Katapang Kab. Bandung. 2. Nangtukeun informan. Keur nangtukeun informan, panalungtikan ieu ngagunakeun konsép Spradley jeung Benard Endraswara, 2006:203 in- tina informan téh kudu jalma anu maham kana kagiatan anu keur dita- lungtik. Nangtukeun informan ngagunakeun Téknik snowballing, nya éta dumasar informan anu saméméhna nepi ka meunang informan anyar. 3. Néangan data-data ngeunaan kasenian kuda rénggong, tina buku sumber boh tina media citak atawa elektronika. 10

1.8.2. Téknik Panalungtikan 1. Tehnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data ngagunakeun Téknik partisipan observation jeung indepth interview numutkeun Adelr, Fontana, jeung Fray, Endraswara, 2006:203 Téknik ngumpulkeun data ieu masih kénéh sadapur jeung konsep Spradley, yén panalungtik kudu ilubiung langsung dina éta kagiatan sangkan ngagampangkeun dina ngumpulkeun data.

2. Téknik Analisis Data

Panalungtikan ieu ngagunakeun modél kualitatif nya éta mangrupa déskripsi anu leuwih jero ngeunaan fenoména anu aya dina kasenian kuda rénggong. Dina konsép Gertz Endraswara, 2006:205 anu disebut “modél for ” jeung “modél of” hartina konsép nu aya tuluy dilarapkeun kana réalitas kaayaan sosial budaya, hartina réalitas sosial numutkeun Kaplan jeung Men- ers Endraswara, 2006:205. Nanya ka jalma nu ngalakonan langsung kana éta kagiatan, sangkan ulah aya tapsir intersubjéktif, anu satuluyna dikoréla- sikeun. Keur medar ngeunaan harti jeung kagunaan sacara stuktural pungsional tina kasenian kuda rénggong, digunakeun analisis kuantitatif étnografi. Maksudna anu nalungtik ngadéskripsikeun sacara étnografi ngeunaan laku lampah, paripolah, jeung kekecapan masarakat satempatna. Laporan data analisis dilakukeun sacara déskripsi, sangkan leuwih jero jeung ku cara ngatur, ngaruntuykeun, ngawilah-wilah, sarta méré ciri jeung klasifikasi data. Dina ieu analisis nu leuwih ditémbongkeun nya éta hasil 11 data, lamun saumpamana aya penafsiran, panalungtik teu ngalakukeun pa- nalungtikan. Mun aya penafsiran, éta mah hasil informan anu milu jeung anu paham kana harti ritual. Ku cara samodél kitu, dipiharep bakal kapanggih harti jeung kagunaanana kasenian kuda rénggong, utamana keur anu ngala- konan éta kagiatan, leupas ti interpénsi. Ku sabab kitu, dipiharep éta kase- nian kuda rénggong téh miboga harti jeung kagunaan. 35

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1. Métode jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1. Métode Panalungtikan Métode dina wangenan anu leuwih jembar dianggap mangrupa cara stratégi pikeun maham réalitas, léngkah-léngkah sistematis pikeun nganalisis runtuyan sabab akibat anu satuluyna. Salaku alat, sarua jeung téori métode miboga pungsi pikeun ngabasajankeun, supaya leuwih babari ditalungtik jeung dicangkem Ratna, 2004: 34. Arikunto 1996:150 nétélakeun yén métode panalungtikan téh nya éta, cara nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Saluyu jeung pamanggih Suyatna 2002: 14 anu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskriptif wungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan atawa teu menangkeun ma’na implikasi. Dina ma’na nu lega ieu métode téh digunakeun panalungtikan survéy. Métode déskriptif dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun simbol jeung ajén falsafah dina kasenian kuda rénggong di Désa Parungsérab Kecamatan Katapang Kabupatén Bandung. 36

3.1.2. Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta observasi, wawancara, jeung dokuméntasi. 1 Téhnik telaah pustaka, nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tuli- san, pikeun néangan tur nangtukeun dasar-dasar téorétis anu aya patalina jeung ieu skripsi. 2 Téhnik observasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan ku- maha prak-prakan kasenian kuda rénggong téh. 3 Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kuda rénggong di lingkung seni Cipta Kencana nu aya di Désa Pa- rungsérab Kecamatan Katapang Kabupatén Bandung pikeun nyangking bahan lisan sumber lisan, ieu téhnik téh salah sahiji bagian anu penting dina satiap survéy. Ieu hal téh geus diécéskeun ku Irawati Singarimbun anu dicutat ku Masri Singarimbun jeung Sofian Effénsi 1989; 192 nya éta: Wawancara merupakan suatu proses interaksi dan komunikasi, dalam proses ini, hasil wawancara ditentukan oleh beberapa faktor yang berinter aksi dan nenpenharuhi arus informasi, faktor-faktor tersebut ialah: pewawancara, responden, topik penelitian yang tertuang dalam daptar pertanyaan da situasi wawancara. 37

3.2. Instrumen Panalangtikan

Sudjana 1991: 52 nétélakeun yén nu dimaksud instrumén panalungtikan téh nya éta, sakabéh alat atawa cara nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nu perlukeun. Instrumén nu digunakeun dina ieu panalngtikan nya éta:

1. Tapé Rékorder

Tapé rékorder digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka para seniman kuda rénggong di Désa Parungsérab.

2. Kaméra Foto

Kaméra foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar dina prak-prakan heularan kasenian kuda rénggong.

3. Pedoman wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kuda rénggong di Désa Parungsérab Kecamatan Katapang Kabupatén Bandung.

3.3 Sumber Data

Sumber data dina ieu panalungtikan, nya éta sakabéh prak-prakan nu aya dina kasenian kuda rénggong di Désa Parungsérab Kec. Katapang; kayaning prak- prakanana, waditra, jeung sakabéh istilah dina ieu kasenian anu bisa ngarojong Ajén Falfsaah dina kasenian kuda rénggong.

3.4. Téhnik Ngolah Data

Dokumen yang terkait

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA SÉBA CIBURUY DÉSA PAMALAYAN KECAMATAN BAYONGBONG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 16 30

AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA KABUPATÉN BANDUNG.

1 70 31

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI.

1 11 23

AJÉN FALSAFAH UPACARA SIDEKAH TUTULAK DÉSA KARANGTAWANG KECAMATAN KUNINGAN KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

2 28 33

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI KELAS XI.

1 49 28

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN TRADISI PAREBUT SÉÉNG DI DÉSA KUTAJAYA KECAMATAN CICURUG KABUPATÉN SUKABUMI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 30 33

AJÉN RÉLIGI DINA KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT: Tilikan Sémiotik - repository UPI S BD 1205197 Title

0 2 3

AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI - repository UPI S BD 1006275 Title

0 0 3

AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA KABUPATÉN BANDUNG - repository UPI S BD 1006671 Title

0 0 3