AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI KELAS XI.

(1)

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN

CARITA WAYANG DI KELAS XI

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat

Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Gun Gun Cahya Gumilar NIM 0902371

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BASAHA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG


(2)

LEMBAR PENGESAHAN GUN GUN CAHYA GUMILAR

NIM 0902371

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA KELAS XI

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP.196411101989032002

Pangaping II,

Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001


(3)

PERNYATAAN

Saya menyatakan bahwa skripsi yang berjudul “Ajén Falsafah dina Kasenian Wayang Golék Ruatan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMA Kelas XI” ini sepenuhnya karya saya sendiri. Tidak ada bagian di dalamnya yang merupakan plagiat dari karya orang lain dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanski yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, Januari 2013

Yang membuat pernyataan,


(4)

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI KELAS XI1)

Gun Gun Cahya Gumilar2 ABSTRAK

Skripsi yang berjudul “Ajén Falsafah dina Kasenian Wayang Golék Ruatan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di Kelas XI” dilatarbelakangi oleh keinginan penulis untuk memperkenalkan kesenian wayang golék ruatan kepada para siswa serta menganalisis nilai-nilai yang terkandung dalam kesenian tersebut untuk kemudian dijadikan bahan pembelajaran di SMA. Penelitian ini memiliki tujuan untuk menumbuhkan rasa cinta sekaligus untuk memelihara budaya beserta kesenian yang tersebar di masyarakat khususnya kesenian wayang golék. Selain itu, penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan tata cara pagelaran wayang golek ruatan beserta perlengkapan dan nilai-nilai yang terkandung di dalamnya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, sedangkan tekniknya menggunakan teknik telaah pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Teknik telaah pustaka digunakan untuk mencari dan menentukan dasar-dasar teoritis yang ada kaitannya dengan skripsi ini. Sumber data dalam penelitian ini yaitu para dalang di lingkungan Giriharja. Berdasarkan hasil penelitian diperoleh kesimpulan bahwa (1) Kesenian wayang golek memiliki tujuan untuk menyelamatkan manusia yang tergolong kepada manusa mangsaeun kala; (2) Cerita yang dibawakan dalam kesenian wayang golék ruatan dimulai oleh cerita yang bergantung pada tujuan ruatan; (3) Perlengkapan yang digunakan dalam kesenian wayang golék ruatan sama seperti pagelaran wayang pada umumya; (4) Semua hal dalam kesenian wayang golék ruatan memiliki nilai-nilai kehidupan yang sangat tinggi, hal tersebut terlihat dari prosesi upacara dan makna yang terkandung dalam simbol-simbol yang terdapat dalam sesajen; (5) Falsafah yang terkandung dalam kesenian wayang golék ruatan yakni sebagai media penghubung yang didasari oleh kosmologi Sunda. Dan (6) Adapun hasil dari penelitian ini yaitu berupa film yang berisi pergelaran kesenian wayang golék ruatan sebagai bahan pembelajaran menyimak di SMA.

1)Skripsi ini dibimbing oleh Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Agus Suherman, M. Hum. 2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung angkatan 2009


(5)

DAPTAR EUSI

Kaca

LEMBAR PENGESAHAN ... PERNYATAAN ...

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR PANUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR TABÉL ... xi

DAFTAR BAGAN ... xii

DAPTAR FOTO ... xiii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Filsafat ... 6


(6)

2.1.2 Objék Filsafat ... 6

2.1.3 Métode Filsafat ... 7

2.1.4 Cabang-Cabang Filsafat ... 8

2.2 Kabudayaan ... 8

2.2.1 Wangenan Kabudayaan ... 8

2.2.2 Wujud Kabudayaan ... 9

2.2.3 Unsur Kabudayaan ... 10

2.2.4 Sistem Pewarisan Budaya ... 11

2.2.5 Sistem Kapercayaan ... 11

2.3 Wayang ... 12

2.3.1 Wangenan Wayang ... 12

2.3.2 Sajarah Wayang ... 13

2.3.3 Jenis Wayang ... 15

2.4 Kapercayaan jeung Anggapan ... 17

2.5 Wayang Golék ... 19

2.5.1 Wangenan Wayang Golék ... 19

2.5.2 Sajarah Wayang Golék ... 19

2.5.3 Pungsi Pagelaran Wayang Golék ... 21

2.5.4 Wayang ... 21

2.6 Ruatan ... 21

2.6.1 Wangenan Ruatan ... 21

2.6.2 Jenis Ruatan ... 22

2.7 Bahan Pangajaran jeung SKKD ... 23

2.7.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 23

2.7.2 SKKD Basa jeung Pangajaran Sastra Sunda ... 23

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ... 26

3.2 Desain Panalungtikan ... 27

3.3 Métode Panalungtikan ... 28

3.4 Wangenan Operasional ... 28

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 29


(7)

3.7 Analisis Data ... 31

3.8 Prosedur Panalungtikan ... 31

3.8.1 Léngkah Tatahar ... 32

8.2 Léngkah Ngumpulkeun Data ... 32

3.8.3 Léngkah Ngolah Data ... 32

3.8.4 Léngkah Nyusun Laporan ... 32

BAB IV AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI KELAS XI 4.1 Deskripsi Kasenian Wayang Golék Ruatan ... 33

4.1.2 Pakakas atawa Property dina Kasenian Wayang Golék Ruatan... 35

4.1.2.1 Pakakas Waditra ... 35

4.1.2.2 Pakakas Wayang ... 35

4.1.2.3 Pakakas dina Sasajén ... 35

4.3 Tata Cara Pagelaran Wayang Golék Ruatan ... 37

4.4 Prak-prakan Kasenian Wayang Golék Ruatan ... 37

4.4.1 Pra Upacara ... 37

4.4.2 Prakna Upacara ... 38

4.4.2.1 Para Pamaén ... 38

4.4.2.2 Runtuyan Upacara Wayang Golék Ruatan ... 38

4.4.2.3 Lalakon dina Ruatan (purwakala) ... 39

4.5 Déskripsi Simbol-Simbol jeung Ajén Falsafah nu Nyampak dina Kasenian Wayang Golék Ruatan ... 50

4.5.1 Prak-Prakan Upacara ... 50

4.5.2 Sasajén dina Kasenian Wayang Golék Ruatan... 52

4.6 Ajén Falsafah dina sasajén Wayang Golék Ruatan ... 72

4.7 Bahan Pangajaran Ngaregepkeun ... 73

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 74


(8)

DAPTAR PUSTAKA ... 78 LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 80 RIWAYAT HIRUP ... 90


(9)

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAB I

BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Kabudayaan nya éta kabiasaan manusa anu ngawengku pangaweruh, kapercayaan, seni, hukum, moral, adat, jeung sakumna kabiasaan anu aya di masarakat. Kabudayaan mangrupa hasil prosés mikir nu jero tur waktu nu panjang. Unggal wewengkon boga ciri has budayana séwang-séwangan. Koentjaraningrat (1990: 205) nétélakeun, yén kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal, nya éta; 1) sistem kapercayaan atawa réligi, 2) sistem jeung organisasi masarakat, 3) organisasi pangaweruh, 4) sistem basa, 5) sistem kasenian, 6) sistem pakasaban, jeung 7) sistem téhnologi.

Wujud kabudayaan téh aya tilu rupa nya éta sistem budaya (ideas), sistem sosial (activities) jeung unsur kabudayaan fisik (artefak). Sistem kapercayaan miboga kayakinan atawa kapercayaan ka nu nyiptakeunana. Salian ti éta, sistem kayakinan jeung kapercayaan ngajanggélék dina upacara atawa ritual, boh nu sok dipintonkeun boh nu jarang dipintonkeun. Lian ti éta, sistem kapercayaan ogé ngajanggélék dina wangun barang barang anu dipaké salaku pakakas nu dianggap suci atawa karamat.

Kasenian mangrupa subsistem tina unsur kabudayaan anu teu bisa leupas tina kecap éstétika salaku faktor anu ngeuyeuban kasenian. Sabab, kasenian mangrupa sarana pikeun nepikeun ajén éstétika antara nu nyiptakeun seni ka masarakat luar salaku konsuménna. Ku kituna, seni gumantung pisan ka masarakatna salaku konsumén anu ngarojongna.

Alatan kapangaruhan ku mekarna jaman, kasenian Sunda baheula geus jarang dipintonkeun. Ku kituna, perlu diayakeun tarékah pikeun ngungkulanana, nya éta ku cara ngadokuméntasikeun sangkan kabudayaan Sunda teu kaeréh ku kabudayaan modéren. Salasahijina nya éta kasenian wayang golék.


(10)

2

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

Wayang asal kecapna tina bayang (Kosasih, 2010: 102). Carita wayang di Indonesia, hususna di pulo Jawa dibawa ku nu dagang ti India ka Indonésia, nya éta Ramayana, Arjuna Sastrabahu, jeung Mahabarata, tapi ari ngawayangna mah pituin kabinangkitan pulo Jawa (Salmun, 1942: 1).

Carita wayang dibagi kana sababaraha bagian, nya éta murwa, nyandra, kakawén, jeung antawacana (Soepandi, 1984: 14). Kakawén nya éta tembang dalang dina pagelaran wayang golék, ngagunakeun basa Kawi. Eusina mangrupa déskripsi kaayaan adegan nu keur dicaritakeun. Istilah kakawén téh aya ogé nu nyebutkeun suluk (élmu tasaup, siloka perlambang nu sok dikawihkeun). Piriganana maké laras saléndro jeung pélog (Kosasih, 2010: 103).

Murwa nya éta kekecapan bubuka dalang, umumna sok ngagunakeun basa Kawi. Tapi dalang wayang golék loba anu ngagunakeun basa Sunda, diucapkeun bari dipirig ku gamelan anu hawar-hawar. Nyandra nya éta prolog nu dicaritakeun ku dalang sabada murwa, ngagambarkeun kaayaan karajaan, kagagahan jeung kaagungan raja, kautamaan (sipat jeung dangdananana) bari dipirig ku gamelan nu hawar-hawar. Antawacana nya éta paguneman atawa dialog antar tokoh wayang dina pagelaran wayang (Kosasih, 2010: 103).

Ayana kasenian wayang golék teu leupas tina maksud jeung tujuan diciptakeunana. Ieu kasenian miboga ajén falsafah anu luhur. Jaman baheula, kasenian wayang golék téh dipaké pikeun nyebarkeun agama Islam. Tapi ka ayeunakeun, kasenian wayang golék diadu-maniskeun jeung banyolan anu ngajanggélék jadi hiji hiburan anu matak ngirut kana ati nu nongtonna. Tapi di sagigireun éta, wayang golék ogé masih dipaké pikeun upacara ritual, ruatan, jrrd.

Ruat atawa ruatan nya éta hiji kecap pagawéan kariaan pikeun nyalametkeun barang anyar atawa jelema supaya awét kapakéna, genah dipibandana, panjang umurna, péndékna supaya salamet dunya-ahérat (Danadibrata, 2006 : 587).


(11)

3

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

Bab ngaruat atawa disebut rosa lantaran patalina jeung nyawa, cumantél kana paéh hirupna jalma (Salmun, 1986 : 65). Lamun ditilik deui, kasenian wayang golék miboga ajén filosofis simbol jeung ajén mitos nu dipercaya ku masarakat urang salila ieu, tur can kapaluruh sagemblengna. Naon anu nyampak dina kasenian wayang golék miboga kasang tukang maksud jeung tujuan anu disilokakeun ngaliwatan simbol-simbol.

Dina kasenian wayang golék tangtuna aya simbol (lambang) anu tangtu. Modél dedegan wayang, papakéan wayang, gerak, jeung paguneman salaku hal utama pikeun transformasi pangaweruh ka masarakat sangkan ku masarakat diteuleuman jeung diaprésiasi. Ku kituna, perlu ayana transformasi pangaweruh ka para nonoman sangkan wanoh kana kasenian wayang golék.

Hasil panalungtikan ngeunaan wayang kawilang loba. Diantarana Karakteristik Palaku dina Carita Pandawa-Kurawa Karya Hidayat Susanto ku Udin (2006). Karakteristik Tokoh Pandawa dina Carita Mahabarata pikeun Bahan Pangajaran di SMA ku Fajar Sukma Nur Alam (2008), Analisis Carita Wayang Golék Lakon Dorna Gugur Giriharja 3 ku Nano Sutrisno (2008),jrrd.

Luyu jeung hal di luhur, panalungtik miboga karep pikeun ngawanohkeun kasenian wayang golék jeung nganalisis ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA. Ku lantaran can aya panalungtikan nu ngaguar ngeunaan ajén falsafah sarta diimplikasikeun pikeun bahan pangajaran, ku kituna perlu ngayakeun panalungtikan anu judulna “Ajén Falsafah dina Kasenian Wayang golék Ruatan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di kelas XI”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah


(12)

4

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

Dina kasenian wayang golék ruatan loba pisan unsur–unsur anu bisa ditalungtik. Saperti unsur musik, unsur gerak, jrrd. Sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan ngan saukur medar analisis ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina sababaraha pertanyaan, nya éta:

1) Kumaha prak-prakkan pagelaran wayang golék ruatan? 2) Carita naon waé anu dipaké dina wayang golék ruatan?

3) Pakakas (properti) naon waé anu dipaké dina kasenian wayang golék ruatan? 4) Simbol-simbol naon waé anu nyampak dina kasenian wayang golék ruatan? 5) Kumaha ajén falsafah anu aya dina kasenian wayang golék ruatan?

6) Bahan ngaregepkeun nu kumaha anu cocog dipaké di SMA kelas XI ngeunaan ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung kasang tukang sarta rumusan masalahna, ieu panalungtikan miboga tujuan umum, nya éta pikeun numuwuhkeun jeung ngariksa budaya tur kasenian anu aya di masyarakat, hususna kasenian masarakat Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) Prak-prakkan pagelaran wayang golék ruatan;


(13)

5

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

3) Pakakas (properti) anu dipaké dina kasenian wayang golék ruatan;

4) Simbol-simbol anu nyampak dina prak-prakkan jeung pakakas kasenian wayang golék ruatan;

5) Ajén falsafah anu aya dina kasenian wayang golék ruatan; 6) Alternatif pikeun jadi bahan pangajaran di SMA kelas XI.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan bisa méré sumbangan analisis keur kamajuan paélmuan budaya Sunda. Ti dieu bisa dipikanyaho ngeunaan gambaran jeung fungsi kasenian wayang golék ruatan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan bisa nambahan wawasan, nambahan pangaweruh. Sangkan masarakat modérn bisa nyindekkeun sanggeus nitenan langsung éta kasenian wayang golék ruatan.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I ngawengku bubuka, nu medar ngeunaan kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, wangenan istilah, métode jeung téhnik panalungtikan, sumber data, sarta sistematika penulisan. Dina ieu bab, eusina ngeunaan kontéks tina masalah nu ditalungtik.


(14)

6

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

Bab II medar kajian téori, medar ngeunaan falsafah, kabudayaan, kasenian wayang golék ruatan, jeung bahan pangajaran ngaregepkeun. Dina ieu bab, eusina ngeunaan tatapakan téori anu dipaké dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan;

Bab III ngawengku métodologi panalungtikan, medar ngeunaan desain panalungtikan, métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, sumber data, wangenan oprasional, instrumén panalungtikan, jeung léngkah-léngkah panalungtikan.

Bab IV medar data jeung pembahasan hasil panalungtikan, medar ngeunaan déskripsi, prak-prakan, jeung ajén falsafah anu nyampak dina kasenian wayang golék ruatan, sarta implikasina dina bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA; jeung

Bab V medar kacindekan jeung saran. Dina ieu bab, panalungtik nepikeun kacindekan tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtikan ka hareupna.


(15)

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data nurutkeun Arikunto (2010: 172), nya éta tempat, jalma atawa barang ngeunaan variabel anu ditalungtik. Sacara gurat badag, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta: jalma (person), tempat (place), jeung kertas atawa dokumén (paper) (Arikunto, 2009: 99).

1) Jalma (person), nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan dina wawancara atawa jawaban tinulis tina angkét;

2) Tempat (place), nya éta sumber data anu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Tempat mangrupa objék pikeun métode obsérvasi;

3) Kertas atawa dokumén (paper), nya éta sumber data anu mangrupa tanda-tanda hirup, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjén. Dokumén mangrupa objék pikeun métode dokuméntasi (Arikunto, 2006: 129).

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nya éta sumber data lapangan ti para dalang di lingkungan Giriharja. Anapon cara nyangking data nya éta ku tehnik wawancara, dokumentasi foto jeung video, sarta data ti masarakat sabudeureun.


(16)

27

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN 3.2 Désain Panalungtikan

NANGTUKEUN MASALAH

 Ngarumuskeun masalah

 Ngarumuskeun anggapan dasar

 Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan

 Nangtukeun sumber data

NGUMPULKEUN DATA TINA BUKU-BUKU SUMBER NGEUNAAN WAYANG GOLÉK RUATAN

NGUMPULKEUN DATA

 Ulikan pustaka

 Observasi langsung

 Téhnik partisipasi

 Téhnik wawancara

 Téhnik dokuméntasi

NGOLAH DATA


(17)

28

Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salasahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan. Métode nya éta seperangkat wawasan filosofis pikeun ngahontal tujuan panalungtikan (Maryaéni, 2005: 23). Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Bogdan jeung Tylor (dina Muhammad, 2011: 19) nétélakeun yén panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu hasilna mangrupa data deskriptif winangun kekecapan tinulis, atawa tingkah polah ti masarakat nu ditalungtik. Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif.

Éta hal luyu jeung pamadegan Suyatna (2002: 14) anu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskriptif wungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu nyalusur ma’na implikasi. Dina ma’na anu leuwih lega, ieu métode téh remen digunakeun panalungtikan survey.

Ieu métode déskriptif téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ngeunaan ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan, garapanna museur kana runtuyan prak-prakan, pakakas (property), simbol-simbol dina prak-prak-prakan, jeung pakakas anu digunakeun. Anu satuluyna dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA.

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalungtikan nya éta “Ajén Falsafah dina Kasenian Wayang Golék Ruatan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun kelas XI”. Sangkan aya gambaran, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, nya éta:


(18)

29

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

1) Ajén falsafah, nya éta nilai, harga atawa pangaji anu dihasilkeun tina pamikiran anu ditéangan bebeneranana pikeun ngungkab hiji pasualan penting dina éta kasenian wayang golék ruatan;

2) Kasenian wayang golék, nya éta hiji kasenian tradisional anu tumuwuh di masyarakat Sunda. Kasenian wayang golék biasana dipaké pikeun ruatan jeung hiburan;

3) Ruatan nya éta kecap pagawéan kariaan nyalametkeun barang anyar atawa jelema supaya awét kapakéna, genah dipibandana, panjang umurna, tur supaya salamet dunya jeung ahérat (Danadibrata, 2006: 587);

4) Bahan pangajaran, nya éta sakabéh bahan/komponen pangajaran anu rék ditepikeun dina kagiatan ngajar, mangrupa élmu pangaweruh anu kudu dikawasa ku guru jeung murid; jeung

5) Pangajaran ngaregepkeun, nya éta salasahiji pangajaran anu aya dina SKKD basa Sunda.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, instrumen anu digunakeun nya éta, kaméra digital, handphone, jeung pedoman wawancara.

1) Kaméra Digital

Kaméra digital dipaké pikeun ngadokuméntasikeun foto dina prak-prakan kasenian wayang golék ruatan;

2) Handphone

Handphone digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka informan, ngeunaan wayang golék ruatan;


(19)

30

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kasenian wayang golék ruatan. Wawancara dilakukeun kalayan ngagunakeun patokan anu geus disadiakeun dina lambaran wawancara mangrupa kisi-kisi daftar pertanyaan anu patali jeung kabutuhan panalungtik atawa masalah anu rék ditalungtik. Anapon pertanyaan-pertanyaan dina wawancara nya éta:

1. Saha jenengan Bapa téh sareng kalungguhan dina grup kasenian wayang golék ieu salaku naon?

2. Kumaha sajarah kasenian wayang golék ruatan?

3. Kumaha prak-prakan kasenian wayang golék ruatan di grup Bapa téh? 4. Naha aya ritual husus saacan prakna ieu kasenian?

5. Kasenian wayang golék ruatan téh alusna dipintonkeun di jero atawa di luar ruangan?

6. Jejer naon anu dipake dina ieu kasenian wayang golék ruatan?

7. Naha aya sarat-sarat husus pikeun ilubiung dina ieu upacara ruatan téh?

8. Naon waé pakakas atawa properti anu digunakeun dina kasenian wayang golék ruatan ieu?

9. Saha waé seniman anu ilubiung dina ieu kasenian wayang golék ruatan?

10. Simbol-simbol naon waé nu aya dina pakakas atawa properti kasenian wayang golék ruatan ieu?

11. Ajén falsafah naon waé nu aya dina kasenian wayang golék ruatan?

12. Ti iraha Bapa tiasa kana kasenian wayang golék ruatan? Naha turunan ti sepuh atanapi tiasa nyalira?

13. Kumaha prosés pewarisan ieu kasenian kanggo ka payunna?

3.6 Tehnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta téhnik talaah pustaka, téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi. 1) Téhnik Talaah Pustaka


(20)

31

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

Téhnik talaah pustaka nya éta téhnik ngumpulkeun bahan-bahan tulisan pikeun néangan tur nangtukeun dasar-dasar tiori anu aya patalina jeung objék panalungtikan,

2) Téhnik Obsérvasi

Téhnik obsérvasi nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara nitenan sarta nyatet hasil tina obsérvasi (Fathoni, 2006: 104),

3) Téhnik Wawancara

Wawancara nya éta téhnik ngumpulkeun data ku cara prosés nanya ka informan. Hartina pertanyaan ti pihak nu ngawawancara jeung jawaban ti pihak nu diwawancara (Fathoni, 2006: 105),

4) Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun kumaha prak-prakanana éta panalungtikan, jeung ngadokuméntasikeun naon waé anu ditalungtik ti awal nepi ka ahir.

3.7 Analisis Data

Data anu geus dikumpulkeun dina panalungtikan, satuluyna dianalisis ngagunakeun metode déskriptif. Anu dideskripsikeunana nya éta prak-prakan pagelaran kasenian wayang golék ruatan, pakakas anu dipaké, carita anu dipaké, simbol-simbol anu aya dina prak-prakan jeung pakakas kasenian wayang golék ruatan, ajén falsafah anu aya dina kasenian wayang golék ruatan, sarta alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun anu kumaha anu luyu jeung ieu kasenian wayang golék ruatan. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tehnik talaah pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokumentasi.


(21)

32

3.8 Prosédur Panalungtikan

Prosédur dina ieu panalungtikan dibagi kana opat tahapan, nya éta: 1) Léngkah tatahar;

2) Léngkah ngumpulkeun data; 3) Léngkah ngolah data; jeung 4) Léngkah nyusun laporan.

3.8.1 Léngkah Tatahar

Léngkah awal dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Ngajukeun judul panalungtikan;

2) Ngumpulkeun sumber bahan kajian;

3) Nangtukeun masalah jeung objék panalungtikan; 4) Nyieun proposal panalungtikan;

5) Ngaréngsékeun surat ijin panalungtikan; jeung 6) Konsultasi ka dosén pangaping.

3.8.2 Léngkah Ngumpulkeun Data

Léngkah pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Nitenan sarta ngumpulkeun data sacara obsérvasi langsung ka dalang anu biasa ngaruat;

2) Ngadokuméntasikeun sarta ngainventarisasi data nu aya di lapangan; jeung

3) Ngayakeun wawancara ka seniman jeung aprésiator kasenian wayang golék ruatan.

3.8.3 Léngkah Ngolah Data

Léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Mariksa sarta niténan data-data anu geus dikumpulkeun; 2) Milihan data nu kapaké pikeun nyusun laporan;


(22)

33

Gun Gun Cahya Gumilar, 2013

AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN

4) Nyieun kacindekan tina data nu geus kapaluruh.

3.8.4 Léngkah Nyusun Laporan

Léngkah nyusun laporan mangrupa léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan sabada hasil panalungtikan dipasing-pasing jeung dianalisis tepi ka jadi informasi anu bisa disusun dina wangun déskriptif. Satuluyna ieu laporan disusun sacara sistematis dina wangun skripsi.


(23)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Sabada ditengetan jeung dianalisis ngeunaan ajén falsafah dina kasénian wayang golék ruatan ngahasilkeun sababaraha kacindekan, nya éta:

1) Kasenian wayang golék ruatan miboga tujuan pikeun nyalametkeun manusa anu kagolong kana manusa mangsaeun Kala. Runtuyan dina acara wayang golék ruatan nya éta dimimitian ti tabuh 07.00 peuting nya éta ngalaksanakeun ijab anu gunana pikeun menta idin ka karuhun anu geus maot sangkan éta acara aya dina kalancaran. Kira kira tabuh 09.00 peuting, kagiatan ijab réngsé. Satuluyna diteruskeun kana acara ngawayang atawa anu disebut ngalalakon. Ieu acara réngséna kira-kira bérés dina tabuh 04.00 subuh, acara satuluyna nya éta ngamandian jalma anu diruat. Ieu acara ieu dipungkas ku acara amitan, nya éta sesepuh pamitan ka para karuhun yén acara ruatan geus réngsé kalayan lancar. Sakabéh ieu acara mangrupa prosési sukuran jeung ménta kasalametan ka Alloh SWT. Sangkan dijaga jeung dijauhkeun tina sagala musibah. Kasenian wayang golék ruatan dilaksanakeun di luareun imah anu boga hajat. Ieu acara dipingpin ku sesepuh jeung dalang anu ngalakonkeun wayangna. 2) Carita anu digunakeun dina kasenian wayang golék ruatan dimimitian ku lakon

biasa gumantung ka naon anu diijabkeun dina ruatan. Sabada lakon biasa bérés karék ngalakonkeun carita ruatan nya éta lakon purwakala. Lakon purwakala nya éta ngalakonkeun Batara Kala anu hayang ngadahar jelema. Tapi jelema anu bisa didahar ku Batara Kala téh nya éta jelema anu kaasup kana pasal Kala tur paéhna kudu dipeuncit ku bedog Simantawa. Anu jadi mangsa dina ieu carita, nya éta Batara Guru, Jatusmati, jeung Orok. Dina caritana, Batara Kala ngudag-ngudag sakabéh anu jadi mangsana nepi ka tempat pagelaran wayang golék. Anu jadi dalang dina éta pagelaran téh nya éta Batara Wisnu anu nyamar jadi dalang Kandabuana. Sabada Batara Kala nepi ka tempat pagelaran Batara kala dicegat ku Semar. Nepi ka ahirna Batara Kala teu jadi ngamangsa anu tilu


(24)

75

tadi. Ku sabab bedog Simanatawana dicokot ku Semar dina waktu marebutkeun orok.

3) Pakakas anu digunakeun aya dua nya éta aya wangun waditra jeung wayang. Waditra anu dipake dina kasenian wayang golék ruatan sarua jeung waditra anu dipaké dina pagelaran wayang golék biasana. Sedengkeun wayang anu dipake dina acara ruatan nya éta wayang Batara Guru, Batara Kala, Resi Narada, jeung Jaka Jatusmati.

Sasajén anu aya dina prosési ruatan ngawengku sasajén poko jeung sasajén pangiring. Sasajén pangiring kabagi jadi dua rupa, nya éta sasajén wangun kadaharan minangka kadaharan olahan jeung non-kadaharan. Ieu sasajén miboga pungsi pikeun média anu ngahubungkeun (nyambungkeun) jeung ngajaga hubungan antara manusa jeung nu Maha Kawasa, manusa jeung karuhun, jeung hubungan antara manusana sorangan.

4) Sabada dititenan, ma’na anu nyampak dina ieu acara kawilang leubeut ku ajén-inajén kahirupan. Éta ma’na bisa katiten dina prosési jalanna upacara jeung ma’na tina simbol anu aya dina sasajén. Wayang anu jadi gambaran kahirupan manusa geus méré mangpaat atawa jalan pikeun manusa nimu ajén kahadéan. Wayang ogé bisa méré bongbolongan pikeun manusa dina milah-milah anu hadé jeung nu teu hadé. Tujuan dilaksanakeunana ruatan nya éta minangka média sukuran jeung ménta kasalametan ka Alloh SWT tina naon anu bakal kaalaman ku manusa dina ngajalankeun kahirupanana.

Lian ti salaku media sukuran, tangtuna baé ieu ruatan téh miboga ajén sosial pikeun masarakat sabudeureunana. Ku ieu acara masarakat bisa tetep ngajaga silaturahmi antar sasama.

5) Kasenian wayang golék ruatan miboga ajén falsafah mangrupa media panghubung anu didasaran ku kosmologi Sunda. Kapercayaan ngeunaan alam, anu di jerona kaasup sasatoan, manusa, jeung tutuwuhan. Tilu unsur éta museur kana konsép. ke-Tuhanan anu saterusna digambarkeun ku sasajén minangka gambaran tina kabéh unsur anu silih ajénan atawa silih hargaan jeung silih hormatan ka sasama mahluk Allah. Dina sasajén ogé ngandung ajén atikan sangkan bisa maca harti anu disilokakeun dina sasajén. Kasenian wayang


(25)

76

golék ruatan ogé mangrupa sarana pikeun ngawariskeun ajén budaya ti para karuhun urang Sunda anu bisa dijadikeun pedoman hirup atawa palsapah hirup urang Sunda.

6) Bahan pangajaran ngaregepkeun anu loyog di SMA kelas XI ngeunaan ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan nya éta dijieun wangun film sangkan leuwih ngirut ka siswa anu diajar. Film mangrupa alat transfer informasi anu kawilang gampang katarima ku unggal siswa di jaman kiwari.

5.2 Saran

Sabada nalungtik ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan, karasa réa pisan mangpaat anu karasana. Di antarana ngaguar tradisi anu geus jarang diayakeun di jaman ayeuna, bisa nambahan élmu pangaweruh kana widang agama. Tétéla geuning acara anu dianggap sakral téh miboga ajén-inajén kaagamaan anu luhur.

Sangkan mangpaat tina ieu acara téh bisa karasa ku sakumna pihak, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

1) Pikeun pihak lembaga pendidikan, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun alternatif bahan ajar. Sabab di jerona leubeut ku ajén-inajén atikan hususna ajén kabudayan;

2) Pikeun pihak masarakat, kasenian wayang golék ruatan téh mangrupa tradisi anu diwariskeun ti para karuhun urang Sunda, ogé miboga ajén positif di jerona. Ku kituna, ieu acara ulah nepi ka mawa pikiran masarakat kana kamusrikan, sarta ieu tradisi kudu dimumulé tur bisa dilaksanakeun;

3) Pikeun pihak penyelenggara, lian ti ajén positif, dina ieu acara téh sumebar ogé kapercayaan-kapercayaan jeung mitos anu geus napel dina diri masarakat. Ku kituna, ka pihak penyelenggara dipiharep bisa ngalelempeng pamahamanana sangkan henteu ngahudang sikep “méngkolna akidah” di masarakat;

4) Pikeun lembaga panalungtikan, panyusun ngarasa ieu panalungtikan téh masih can sampurna. Ku kituna, kacida hadéna upama panalungtikan samodél kieu


(26)

77

dituluykeun deui. Widang garapanana leuwih dihususkeun deui sangkan leuwih écés dina ngama’naanana.


(27)

DAPTAR PUSTAKA

Achmadi, Asmoro. 1977. Filsafat Umum. Jakarta: Grafindo Persada.

. .1995. Filasafat Umum. Jakarta. PT. Raja Grafindo Persada. Arikunto. 2006. Prosedur Penelitian (suatu pendekatan praktik). Jakarta: Rineka

Cipta.

. 2009. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

. 2010. Prosedur Penelitian (suatu pendekatan praktik). Jakarta: Rineka Cipta.

Brata, Nugroho Trisnu. 2007. Antropologi Untuk SMA dan MA Kelas XI. Jakarta: Esis.

Danadibrata, R.A. 1986. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Effendi, Ridwan dan Malihah, Elly. 2007. Pendidikan Lingkungan, Sosial, Budaya, dan Teknologi. Bandung: Yasindo Multi Aspek.

Fathoni, Abdurrahmat. 2006. Antropologi Sosial Budaya. Jakarta: Rineka Cipta. Koentjaraningrat. 1990. Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.

. 1985. Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Kosasih, Dede. 2010. Santika Basa. Bandung: Kingqilaban.

Lembaga Basa Sastra Sunda. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate. Maryaeni. 2005. Metode Penelitian Kebudayaan. Jakarta: PT Bumi Aksara. Muhammad. 2011. Paradigma Kualitatif Penelitian Bahasa. Yogyakarta: Liebe

Book Press.

Mulyono, Sri. 1982. Wayang. Jakarta: PT. Inti Indayu Press.

Pasha, Lukman. 2011. Buku Pintar Wayang. Yogyakarta: In Azna Book.

Pranowo, Lilih PA. 2011. Atlas Tokoh-Tokoh Wayang dari Riwayat Sampai Silsilah. Jakarta: PT. Buku Seru.


(28)

79

Rudy, Sri Teddy. 2012. Ruwatan Sukerta dan Ki Timbul Hadiprayitno. Jakarta:Yayasan Kertagama.

Salmun, MA. 1986. Padalangan I. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

` . 1942. Padalangan di Pasundan. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Soepardi, Atik. 1984. Pagelaran Wayang Golek Purwa Gaya Priangan. Bandung: Pustaka Buana.

Suryana, Jajang. 2002. Wayang Golek Sunda. Bandung: Kiblat.

Suyatna, A. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: Jurusan pendidikan Bahasa Daerah.

Tim Pengembang Kurikulum dan Pembelajaran. 2009. Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: UPI.

Widagdo, Djoko Spk. 1991. Ilmu Budaya Dasar. Jakarta. Bumi Aksara.

Zamroni, Mohammad. 2009. Filsafat Komunikasi (Penganta Ontologis, Epistemologis, Aksiologis). Jakarta: Graha Ilmu.


(1)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Sabada ditengetan jeung dianalisis ngeunaan ajén falsafah dina kasénian wayang golék ruatan ngahasilkeun sababaraha kacindekan, nya éta:

1) Kasenian wayang golék ruatan miboga tujuan pikeun nyalametkeun manusa anu kagolong kana manusa mangsaeun Kala. Runtuyan dina acara wayang golék ruatan nya éta dimimitian ti tabuh 07.00 peuting nya éta ngalaksanakeun ijab anu gunana pikeun menta idin ka karuhun anu geus maot sangkan éta acara aya dina kalancaran. Kira kira tabuh 09.00 peuting, kagiatan ijab réngsé. Satuluyna diteruskeun kana acara ngawayang atawa anu disebut ngalalakon. Ieu acara réngséna kira-kira bérés dina tabuh 04.00 subuh, acara satuluyna nya éta ngamandian jalma anu diruat. Ieu acara ieu dipungkas ku acara amitan, nya éta sesepuh pamitan ka para karuhun yén acara ruatan geus réngsé kalayan lancar. Sakabéh ieu acara mangrupa prosési sukuran jeung ménta kasalametan ka Alloh SWT. Sangkan dijaga jeung dijauhkeun tina sagala musibah. Kasenian wayang golék ruatan dilaksanakeun di luareun imah anu boga hajat. Ieu acara dipingpin ku sesepuh jeung dalang anu ngalakonkeun wayangna. 2) Carita anu digunakeun dina kasenian wayang golék ruatan dimimitian ku lakon

biasa gumantung ka naon anu diijabkeun dina ruatan. Sabada lakon biasa bérés karék ngalakonkeun carita ruatan nya éta lakon purwakala. Lakon purwakala nya éta ngalakonkeun Batara Kala anu hayang ngadahar jelema. Tapi jelema anu bisa didahar ku Batara Kala téh nya éta jelema anu kaasup kana pasal Kala tur paéhna kudu dipeuncit ku bedog Simantawa. Anu jadi mangsa dina ieu carita, nya éta Batara Guru, Jatusmati, jeung Orok. Dina caritana, Batara Kala ngudag-ngudag sakabéh anu jadi mangsana nepi ka tempat pagelaran wayang golék. Anu jadi dalang dina éta pagelaran téh nya éta Batara Wisnu anu nyamar jadi dalang Kandabuana. Sabada Batara Kala nepi ka tempat pagelaran Batara kala dicegat ku Semar. Nepi ka ahirna Batara Kala teu jadi ngamangsa anu tilu


(2)

75

tadi. Ku sabab bedog Simanatawana dicokot ku Semar dina waktu marebutkeun orok.

3) Pakakas anu digunakeun aya dua nya éta aya wangun waditra jeung wayang. Waditra anu dipake dina kasenian wayang golék ruatan sarua jeung waditra anu dipaké dina pagelaran wayang golék biasana. Sedengkeun wayang anu dipake dina acara ruatan nya éta wayang Batara Guru, Batara Kala, Resi Narada, jeung Jaka Jatusmati.

Sasajén anu aya dina prosési ruatan ngawengku sasajén poko jeung sasajén pangiring. Sasajén pangiring kabagi jadi dua rupa, nya éta sasajén wangun kadaharan minangka kadaharan olahan jeung non-kadaharan. Ieu sasajén miboga pungsi pikeun média anu ngahubungkeun (nyambungkeun) jeung ngajaga hubungan antara manusa jeung nu Maha Kawasa, manusa jeung karuhun, jeung hubungan antara manusana sorangan.

4) Sabada dititenan, ma’na anu nyampak dina ieu acara kawilang leubeut ku ajén-inajén kahirupan. Éta ma’na bisa katiten dina prosési jalanna upacara jeung ma’na tina simbol anu aya dina sasajén. Wayang anu jadi gambaran kahirupan manusa geus méré mangpaat atawa jalan pikeun manusa nimu ajén kahadéan. Wayang ogé bisa méré bongbolongan pikeun manusa dina milah-milah anu hadé jeung nu teu hadé. Tujuan dilaksanakeunana ruatan nya éta minangka média sukuran jeung ménta kasalametan ka Alloh SWT tina naon anu bakal kaalaman ku manusa dina ngajalankeun kahirupanana.

Lian ti salaku media sukuran, tangtuna baé ieu ruatan téh miboga ajén sosial pikeun masarakat sabudeureunana. Ku ieu acara masarakat bisa tetep ngajaga silaturahmi antar sasama.

5) Kasenian wayang golék ruatan miboga ajén falsafah mangrupa media panghubung anu didasaran ku kosmologi Sunda. Kapercayaan ngeunaan alam, anu di jerona kaasup sasatoan, manusa, jeung tutuwuhan. Tilu unsur éta museur kana konsép. ke-Tuhanan anu saterusna digambarkeun ku sasajén minangka gambaran tina kabéh unsur anu silih ajénan atawa silih hargaan jeung silih hormatan ka sasama mahluk Allah. Dina sasajén ogé ngandung ajén atikan sangkan bisa maca harti anu disilokakeun dina sasajén. Kasenian wayang


(3)

76

golék ruatan ogé mangrupa sarana pikeun ngawariskeun ajén budaya ti para karuhun urang Sunda anu bisa dijadikeun pedoman hirup atawa palsapah hirup urang Sunda.

6) Bahan pangajaran ngaregepkeun anu loyog di SMA kelas XI ngeunaan ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan nya éta dijieun wangun film sangkan leuwih ngirut ka siswa anu diajar. Film mangrupa alat transfer informasi anu kawilang gampang katarima ku unggal siswa di jaman kiwari.

5.2 Saran

Sabada nalungtik ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan, karasa réa pisan mangpaat anu karasana. Di antarana ngaguar tradisi anu geus jarang diayakeun di jaman ayeuna, bisa nambahan élmu pangaweruh kana widang agama. Tétéla geuning acara anu dianggap sakral téh miboga ajén-inajén kaagamaan anu luhur.

Sangkan mangpaat tina ieu acara téh bisa karasa ku sakumna pihak, panalungtik hayang nepikeun saran, nya éta:

1) Pikeun pihak lembaga pendidikan, ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun

alternatif bahan ajar. Sabab di jerona leubeut ku ajén-inajén atikan hususna ajén kabudayan;

2) Pikeun pihak masarakat, kasenian wayang golék ruatan téh mangrupa tradisi

anu diwariskeun ti para karuhun urang Sunda, ogé miboga ajén positif di jerona. Ku kituna, ieu acara ulah nepi ka mawa pikiran masarakat kana kamusrikan, sarta ieu tradisi kudu dimumulé tur bisa dilaksanakeun;

3) Pikeun pihak penyelenggara, lian ti ajén positif, dina ieu acara téh sumebar ogé

kapercayaan-kapercayaan jeung mitos anu geus napel dina diri masarakat. Ku kituna, ka pihak penyelenggara dipiharep bisa ngalelempeng pamahamanana sangkan henteu ngahudang sikep “méngkolna akidah” di masarakat;

4) Pikeun lembaga panalungtikan, panyusun ngarasa ieu panalungtikan téh masih


(4)

77

dituluykeun deui. Widang garapanana leuwih dihususkeun deui sangkan leuwih écés dina ngama’naanana.


(5)

DAPTAR PUSTAKA

Achmadi, Asmoro. 1977. Filsafat Umum. Jakarta: Grafindo Persada.

. .1995. Filasafat Umum. Jakarta. PT. Raja Grafindo Persada. Arikunto. 2006. Prosedur Penelitian (suatu pendekatan praktik). Jakarta: Rineka

Cipta.

. 2009. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

. 2010. Prosedur Penelitian (suatu pendekatan praktik). Jakarta: Rineka Cipta.

Brata, Nugroho Trisnu. 2007. Antropologi Untuk SMA dan MA Kelas XI. Jakarta: Esis.

Danadibrata, R.A. 1986. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Effendi, Ridwan dan Malihah, Elly. 2007. Pendidikan Lingkungan, Sosial,

Budaya, dan Teknologi. Bandung: Yasindo Multi Aspek.

Fathoni, Abdurrahmat. 2006. Antropologi Sosial Budaya. Jakarta: Rineka Cipta. Koentjaraningrat. 1990. Kebudayaan, Mentalitas, dan Pembangunan. Jakarta:

Gramedia Pustaka Utama.

. 1985. Ritus Peralihan di Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka. Kosasih, Dede. 2010. Santika Basa. Bandung: Kingqilaban.

Lembaga Basa Sastra Sunda. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate. Maryaeni. 2005. Metode Penelitian Kebudayaan. Jakarta: PT Bumi Aksara. Muhammad. 2011. Paradigma Kualitatif Penelitian Bahasa. Yogyakarta: Liebe

Book Press.

Mulyono, Sri. 1982. Wayang. Jakarta: PT. Inti Indayu Press.

Pasha, Lukman. 2011. Buku Pintar Wayang. Yogyakarta: In Azna Book.

Pranowo, Lilih PA. 2011. Atlas Tokoh-Tokoh Wayang dari Riwayat Sampai

Silsilah. Jakarta: PT. Buku Seru.


(6)

79

Rudy, Sri Teddy. 2012. Ruwatan Sukerta dan Ki Timbul Hadiprayitno. Jakarta:Yayasan Kertagama.

Salmun, MA. 1986. Padalangan I. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

` . 1942. Padalangan di Pasundan. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Soepardi, Atik. 1984. Pagelaran Wayang Golek Purwa Gaya Priangan. Bandung: Pustaka Buana.

Suryana, Jajang. 2002. Wayang Golek Sunda. Bandung: Kiblat.

Suyatna, A. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran

Bahasa. Bandung: Jurusan pendidikan Bahasa Daerah.

Tim Pengembang Kurikulum dan Pembelajaran. 2009. Kurikulum dan

Pembelajaran. Bandung: UPI.

Widagdo, Djoko Spk. 1991. Ilmu Budaya Dasar. Jakarta. Bumi Aksara.

Zamroni, Mohammad. 2009. Filsafat Komunikasi (Penganta Ontologis,