Sumber Data Pamarekan Panalungtikan

Arif Firmansyah, 2013 Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMAMASMK Ulikan Struktural-Semiotik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu No Kode Objék Analisis Interprétasi Contona: a Kode 1718I b Kode a18II Katerangan: 17 : nomor urut paguneman 18: kaca I : adegan a: nomor urut wawacangside text

3.5 Sumber Data

Anu jadi sumber dina ieu panalungtikan nya éta naskah longsér karya H. R Hidayat Suryalaga anu ditalungtik sacara struktural-sémiotik sarta dijadikeun bahan pangajaran di SMAMASMK. Tina dalapan judul naskah longsér karya H. R Hidayat Suryalaga, anu kapaluruh naskah na ngan opat naskah nya éta “Mad Toing”, “Tiodédad”, “Nyiar Gawé, “Kokok-Kokok Pangadilan Longsér”. Tapi ngan dua naskah anu ditalungtik nya éta naskah longsér “Mad Toing” jeung “Tiodédad”, sacara tematis eusina dianggap rele van ngawakilan kaayaan jaman kiwari, miboga ma’na anu teleb, jeung luyu dijadikeun bahan pangajaran. 3.6 Téhnik Panalungtikan 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data Dina ieu panalungtikan téknik ngumpulkeun datana ngagunakeun téknik dokuméntasi ku cara macaan, nalaah, jeung neuleuman eusi sababaraha bahan bacaan, boh mangrupa buku, dokumén-dokumén, atawa sumber tinulis séjénna anu aya patalina jeung panalungtikan. Data anu digunakeun nya éta naskah longsér karya H.R Hidayat Suryalaga anu judulna “Mad Toing” jeung “Tiodédad”.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Arif Firmansyah, 2013 Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMAMASMK Ulikan Struktural-Semiotik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dina ieu panalungtikan ngolah datana ngagunakeun téhnik analisis data, pikeun ngaguar struktur drama jeung ma’na anu nyangkaruk dina naskah longsér anu judulna “Mad Toing” jeung Tiodédad”. Léngkah-léngkahna nya éta: 1. Maca Naskah “Mad Toing” jeung “Tiodédad” 2. Nganalisis struktur pangwangun drama dina naskah “Mad Toing” jeung “Tiodédad” 3. Nganalisis aspék sémiotikna 4. Nyusun laporan panalungtikan, dina wangun tésis.

3.7 Pamarekan Panalungtikan

Pamarekan nya éta salasahiji tatapakan anu digunakeun dina prakna ngaapresiasi hiji karya sastra Aminudin, 2002:94. Dina panalungtikan sastra aya opat pamarekan anu diébréhkeun ku Abrams Semi, 1989:43, nya éta pamarekan objéktip, mimétik, éksprésip, jeung pragmatik. Pamarekan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pamarekan objéktip. Ieu pamarekan diwatesanan ku cara nelaah kana karya sastrana. Hal anu aya di saluareun karya sastrana, teu jadi bahan tinimbangan. Ku kituna, ieu pamarekan leuwih jero nalaah sastra tina unsur instrinsikna anu ngawangun hiji karya sastra. 118 Arif Firmansyah, 2013 Naskah Longser Karya H.R Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMAMASMK Ulikan Struktural-Semiotik Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sastra Sunda, dumasar kana waktu gelarna dibagi kana dua rupa, nya éta sastra Sunda buhun klasik jeung sastra Sunda modérn. Genre sastra Sunda buhun aya carita pantun, wawacan, guguritan, mantra, sisindiran, jeung kakawihan. Genre sastra modérn aya sajak, novel, carpon, jeung drama. Nilik kana wangunna, karya sastra dibagi kana tilu wangun, nya éta puisi, prosa, jeung drama. Salasahiji genre drama Sunda nya éta longsér. Dina alam harita longsér mangrupa alat hiburan pikeun masarakat, tapi kadieukeun mah longsér téh geus jarang kasebut deui. Pangna genre longsér melempem, lantaran carita-carita longsér anu dipintonkeun ti baheula geus teu saluyu deui jeung pangabutuh jaman ayeuna, ku sabab hésé néangan naskah longsér. Dina mimiti ayana longsér, biasana dialog téh ditambul kitu baé, tapi ka jaman béh dieukeun mah longsér téh geus maraké naskah. Dina ieu panalungtikan strukrural- sémiotik naskah longsér “Mad Toing”, jeung “Tiodédad” masalah anu dipedarna nya éta struktur drama anu ngawengku, téma, fakta carita tokoh, setting, alur, sarana carita puseur implengan, gaya basa, unsur drama prolog, dialog, pembabakan adegan, wawacangside text, solilokui, aside, epilog. Jeung ma’na ikon, indéks jeung simbol anu nyangkaruk dina naskah longsér anu ditalungtik. Dina ieu panalungtikan ogé dipedar ngeunaan tiori-tiori anu nyoko kana garapan, sedengkeun hasilna dijadikeun salasahiji alternatif pikeun pangajaran drama di SMAMASMK. Hasil analisis naskah “Mad Toing” nya éta: Téma anu kapanggih nya éta téma kamanusaan anu leuwih museur kana pasualan moral manusa dina nyanghareupan kahirupan; alur dina ieu naskah nya éta alur mérélé; tokoh anu jadi palaku dina ieu naskah aya 11 palaku, anu kabagi jadi 1 palaku utama jeung 10