24
Rany Mahardhika, 2015 KAJIAN STRUKTURAL D AN PSIKOLOGIS D ALAM NOVEL SRIPANGGUNG KARYA TJARAKA
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Desain Panalungtikan
Desain  nu  dipaké  dina  ieu  panalungtikan  mangrupa  léngkah-léngkah  nu dilakukeun  dina  panalungtikan.  Anapon  ieu  desain  panalungtikan  digambarkeun
dina  bagan  ieu  di  handap.
Bagan  3.1 Desain  Panalungtikan
Masalah
Analisis  struktural  jeung  psikologis  dina  novel Sripanggung
Ngumpulkeun  Data
Ngagunakeun  studi  pustaka
Analisis Data
Déskripsi Data
1. Struktur  novel  Sripanggung
2. Psikologi  palaku  novel  Sripanggung
Kacindekan
Rany Mahardhika, 2015 KAJIAN STRUKTURAL D AN PSIKOLOGIS D ALAM NOVEL SRIPANGGUNG KARYA TJARAKA
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
3.2 Métode Panalungtikan
Ieu  panalungtikan  ngagunakeun  pamarekan  kualitatif.  Pamarekan  kualitatif maham kana maksud tina kajadian-kajadian jeung interaksi manusa dina situasi nu
tangtu  Ratna,  2013,  kc.  46.  Nu  diutamakeun  dina  panalungtikan  kualitatif  nya éta  sakumaha  jerona  pamahaman  interaksi  konsép-konsép  anu  keur  ditalungtik
Semi,  1993, kc. 11. Tina  katerangan  Semi  bisa  dijéntrékeun,  pamarekan  kualitatif  digunakeun
pikeun  maham  kana ma’na  tina  sawatara  ciri  pamarekan  kualitatif.  Ciri
pamarekan  kualitatif  nurutkeun  Bodgan    Biklen  dina  Semi,  1992,  kc.  30-32 nya  éta  1  latar  alamiah  natural  setting  mangrupa  sumber  data  jeung
panalungtik  salaku  instrumén  konci;  2  panalungtikan  kualitatif  sipatna déskriptif,  hartina  datana  dina  wangun  kecap  atawa  gambar,  lain  dina  wangun
angka;  3  leuwih  ngutamakeun  prosés  lain  hasil;  4  analisis  datana  sacara induktif;  jeung  5 leuwih  tujul  kana  ma
’na. Dumasar kana pamarekan kualitatif,  métode nu dipaké dina  ieu panalungtikan
nya éta métode déskriptif analisis. Métode déskriptif analisis mangrupa métode nu ngadéskripsikeun  fakta-fakta,  nu tujuanna pikeun  nyangkem  unsur-unsurna,  tuluy
dianalisis  Ratna,  2013, kc. 53. Nurutkeun  Semi  1992,  kc.  38-39  léngkah-léngkah  nu  dilaksanakeun  dina
panalungtikan kualitatif,  nya éta 1 nyusun konsép, dina kagiatan  nu  munggaran, panalungtik ngarumuskeun  masalah; 2 ngumpulkeun bahan-bahan  nu ngarojong
kana  panalungtikan,  boh  kapustakaan  boh  informan;  3  ngalaksanakeun panalungtikan,  dina  ieu  kagiatan  panalungtik  ngumpulkeun  data,  nyatet  data,
ngalaksanakeun panalungtikan,
sanggeus data
kakumpulkeun tuluy
dikelompokkeun;  4  ngadéskripsikeun  hasil  panalungtikan,  dina  ieu  tahap dilaksanakeun  analisis  data,  interpretasi,  jeung  ngdéskripsikeun  hasil
panalungtikan,  sanggeus  kitu  ngarumuskeun  kasimpulan.  Salila  prosés ngumpulkeun data, konsép  nu  geus aya bisa robah deui, jeung bisa disusun deui
konsép nu  anyar.
Rany Mahardhika, 2015 KAJIAN STRUKTURAL D AN PSIKOLOGIS D ALAM NOVEL SRIPANGGUNG KARYA TJARAKA
Universitas Pendidikan Indonesia
|
repository.upi.edu
|
perpustakaan.upi.edu
3.3 Téhnik  Panalungtikan 3.3.1 Téhnik  Ngumpulkeun  Data