Babad Panjalu : ulikan struktural, semiotik, jeung etnopédagogik.

(1)

DAFTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP... ii

CATUR NUHUN ... iii

ABSTRAK ... vi

DAFTAR EUSI ... ix

DAFTAR TABEL ... xiii

DAFTAR BAGAN ... xiv

DAFTAR SINGGETAN ... xv

DAFTAR LAMPIRAN ... xvi

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang ... 1

1.2Rumusan Masalah ... 5

1.3Tujuan Panalungtikan ... 6

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.5Rangkay Panalungtikan ... 7

BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1 Babad ... 9

2.1.1 Wangenan Babad ... 9

2.1.2 Papasingan Babad ... 11

2.1.2.1 Dumasar Eusi Carita ... 11

2.1.2.2 Dumasar Wangun Karangan ... 12

2.1.2.3 Dumsar Wujud Karangan ... 13

2.1.2.4 Dumasar Waktu ... 14

2.1.2.5 Dumasar Bahan ... 14

2.1.2.6 Dumasar Basa ... 14

(2)

2.1.2.8 Dumasar Tempat ... 15

2.1.3 Kamekaran Babad ... 16

2.1.4 Épisode Babad ... 23

2.1.5 Struktur Babad ... 23

2.1.5.1 Téma ... 25

2.1.5.2 Fakta Carita ... 26

2.1.5.2.1 Galur ... 26

2.1.5.2.2 Palaku jeung Watek ... 28

2.1.5.2.3 Latar ... 31

2.1.5.3 Sarana Sastra... 32

2.2 Semiotik ... 33

2.2.1 Wangenan Semiotik ... 33

2.2.2 Kamekaran Semiotik ... 35

2.2.3 Unsur Semiotik ... 36

2.2.3.1 Ikon ... 36

2.2.3.2 Indéks ... 37

2.2.3.3 Simbol ... 38

2.3 Étnopédagogik ... 39

2.3.1 Wangenan Étnopédagogik ... 39

2.3.2 Kamekaran Étnopédagogik ... 41

2.3.3 Ajén Étnopédagogik ... 42

2.4 Panalungtikan Saméméhna ... 46

2.5 Raraga Mikir ... 48

2.6 Anggapan Dasar ... 49

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Data jeung Sumber Data ... 50

3.2 Desain Panalungtikan ... 50

3.3 Métode Panalungtikan ... 52

(3)

3.4.1 Pedoman Analisis Téks ... 53

3.4.2 Kartu Data ... 56

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 57

3.6 Téhnik Ngolah Data ... 58

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 59

4.1.1 Data Babad Panjalu ... 59

4.1.1.1 Kaayaan Buku Babad Panjalu ... 59

4.1.1.2 Ringkesan Babad Panjalu ... 61

4.1.1.3 Épisode Babad Panjalu ... 63

4.1.2 Analisis ... 70

4.1.2.1 Struktur Carita ... 70

4.1.2.1.1 Téma ... 70

4.1.2.1.2 Fakta Carita ... 73

4.1.2.1.2.1 Galur ... 73

4.1.2.1.2.2 Palaku jeung Watek ... 77

4.1.2.1.2.3 Latar ... 96

4.1.2.1.3 Sarana Sastra ... 110

4.1.2.2 Unsur Semiotik ... 112

4.1.2.2.1 Ikon ... 112

4.1.2.2.2 Indéks ... 119

4.1.2.2.3 Simbol ... 164

4.1.2.3 Ajén Étnopédagogik ... 166

4.1.2.3.1 Moral Manusa ka Pangéran ... 167

4.1.2.3.2 Moral Manusa salaku Pribadi ... 168

4.1.2.3.3 Moral Manusa jeung Manusa Séjénna ... 174

4.1.2.3.4 Moral Manusa ka Alam ... 177

4.1.2.3.5 Moral Manusa kana Waktu ... 180

(4)

4.2 Pedaran ... 185

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 199

5.1.1 Struktur ... 199

5.1.2 Semiotik ... 200

5.1.3 Étnopédagogik ... 200

5.2 Saran ... 202

DAFTAR PUSTAKA ... 203

LAMPIRAN ... 207

RIWAYAT HIRUP ... 214

(5)

DAFTAR TABÉL

Tabél 3.1 : Format Pedoman Analisis Strukural ... 53

Tabél 3.2 : Format Pedoman Analisis Semiotik ... 53

Tabél 3.3 : Format Pedoman Analisis Étnopédagogik ... 54

Tabél 3.4 : Format Analisis Téma ... 54

Tabél 3.5 : Format Analisis Galur ... 54

Tabél 3.6 : Format Analisis Palaku jeung Watek ... 55

Tabél 3.7 : Format Analisis Latar ... 55

Tabél 3.8 : Format Analisis Ikon ... 55

Tabél 3.9 : Format Analisis Indéks ... 55

Tabél 3.10 : Format Analisis Simbol ... 56

Tabél 3.11 : Format Analisis Étnopédagogik ... 56

Tabél 3.12 : Format Data Struktural ... 56

Tabél 3.13 : Format Data Semiotik ... 57

Tabél 3.14 : Format Data Étnopédagogik ... 57

Tabél 4.1 : Data Latar Babad Panjalu ... 96

Tabél 4.2 : Wangun Karangan ... 111

Tabél 4.2 : Analisis Unsur Ikon ... 112

Tabél 4.3 : Analisis Unsur Indéks ... 119

(6)

DAFTAR BAGAN

Bagan 2.1 : Tataran Tanda ... 39

Bagan 2.2 : Raraga Mikir Panalungtikan ... 48 Bagan 2.3 : Desain Panalungtikan ... 51

DAFTAR SINGGETAN

BP : Babad Panjalu dgm. : diagramatis

(7)

il : ilikan

img. : imagis

jrrd. : jeung réa-réa deui

jsté. : jeung salian ti éta M : Masehi

mfr. : métafora R : Radén

R.A. : Radén Arya sos. : sosial spk. : saparakanca

temp. : tempat wkt. : waktu

DAFTAR LAMPIRAN

a. Lampiran 1 : SK Pengangkatan Pembimbing Penulisan Tesis ... 207 b. Lampiran II : Hasil Uji Komprehensif ... 209 c. Lampiran III : Sarsilah Bupati Panjalu ... 210

(8)

(9)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Kahirupan karya sastra gumantung kana lingkungan jeung kamekaran jaman anu dilakonanana. Kamekaran sastra saeutik gedéna geus mawa parobahan nu kawilang ngaronjat. Bihari katitén wangun sastra gumelar jeung sumebarna tatalépa (oral tradition), tapi kiwari éta wangun sastra geus bisa dibaca ku balaréa. Pon kitu deui, nilik kana kamekaran médiana boh sastra lisan boh sastra tulisan (tinulis). Sastra lisan nu aya di masarakat Sunda di antarana mangrupa carita pantun, dongéng, jangjawokan (mantra), kakawihan, jeung pupujian. Anapon sastra tinulis winangun naskah jeung prasasti anu mibanda tujuan sangkan karya sastra nu aya bisa hirup lana sarta dipikawanoh ku balaréa. Lian ti éta, ku ayana sastra tinulis kapanggih gambaran kahirupan kabudayaan sélér bangsa dina mangsa bihari, (il. Barried, 1985:4).

Koswara (2011:10) nétélakeun yén sastra bisa dianggap minangka gejala sosial anu ditulis dina kurun waktu nu tangtu bakal raket patalina jeung norma-norma sarta adat-istiadat nu tumuwuh dina éta jaman. Gejala sosial ngagelarkeun kumaha gambaran kahirupan dina éta jaman bisa katangar. Lian ti éta, sastra ogé ngagambarkeun kahirupan anu mangrupa hiji kanyataan sosial. Hal nu sawanda ngeunaan karya sastra mangrupa gambaran kahirupan kabudayaan mangsa bihari ditétélakeun ku Bachtiar dina Ékadjati (1982:2) nyaéta:

“Karya-karya tulis yang ditinggalkan oleh para nenek moyang ini dapat dipelajari untuk memperoleh gambaran, meskipun tidak lengkap dan tidak menyeluruh, mengenai kebudayaan pada waktu mereka hidup. Pengetahuan yang diperoleh dari karya-karya tulis ini, naskah-naskah ini, dapat membantu kita dalam usaha mempelajari, mengtahui, mengerti, dan

kemudian menyajikan sejarah perkembangan bangsa kita.”

Karya sastra mangrupa salah sahiji gambaran atawa eunteung kahirupan manusa dina hirup kumbuh di masarakat anu digelarkeun ngagunakeun basa minangka médiana. Karya sastra dina enas-enasna ngurung sakumna kahirupan

(10)

2

manusa dina harti jembar (il. Iskandarwassid, 2003:138). Eunteung kahirupan nu aya di masarakat ilaharna sumender kana kaayaan pakumbuhan nu karandapan dina kahirupan sapopoé. Pon kitu deui, gambaran kahirupan dina karya sastra kapaluruh ngaliwatan interaksi sosial anu ngawengku sawatara kagiatan campur gaul antarmasarakat, antarmanusa, jeung antarkajadian anu lumangsung. Ku kituna, kahirupan nu nyampak dina karya sastra mangrupa kedaling ébréhan batin sacara bébas.

Karya sastra Sunda kawilang réa wanda jeung wangunna. Éta hal lantaran kahirupan sastra Sunda nyaluyukeun jeung pajamanan „ngindung ka waktu

ngabapa ka jaman‟. Karya sastra Sunda dipaké pikeun nepikeun sawatara hal anu

aya patalina jeung budaya Sunda, minangka contona sastra golongan babad. Babad mangrupa carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon (Iskandarwassid, 2003:17).

Ngeunaan babad, Poérwadarminta (1985:70) nétélakeun yén babad téh sarua jeung riwayat, sajarah, atawa tambo. Lian ti éta, Salmoen (1963:102-103) ngagolongkeun carita babad kana anak golongan sajarah. Éta hal, mibanda sasaruaan utamana palebah puseur pamianganna suméndér kana unsur sajarah. Sanajan kitu ditilik tina jihad sajarah jeung sastra kangaranan babad mah angger bae mangrupa karya sastra (Ékadjati, 1982:2). Anapon nu nyaruakeun babad jeung sajarah (élmu sajarah) mibanda alesan lantaran babad mangrupa sajarah kabaheulaan nurutkeun pajamanana. Samalah munasabah upama aya katerangan yén golongan babad umurna leuwih kolot tibatan golongan sajarah (sajarah modérn).

Dina Kamus Umum Basa Sunda (2007:39) dijéntrékeun yén babad téh mangrupa dongéng anu ngandung unsur sajarah. Éta wangenan upama disurahan nyoko kana asal muasal (gumelarna) carita ngaliwatan dongéng salaku média basa dina nepikeunana. Munggaranna babad disusun dumasar sumber lisan „oral

tradition‟ anu ditepikeun sacara turun-tumurun tatalépa di sabudereun masarakat hiji wewengkon. Nilik kana gumelarna babad ngagunakeun média lisan, atuh munasabah dina babad bakal kapanggih unsur sajarah nu ngabogaan sipat karya

(11)

3

sastra. Unsur sajarah dina karya sastra winangun babad sipatna teu murni, béda jeung unsur sajarah nu aya dina ulikan élmu sajarah.

Kateumurnian unsur sajarah dina babad kapangaruhan ku sawatara faktor diantarana: pangarang, lingkungan, jeung tujuan nu hayang dihontal. Patalina pangarang dina nulis carita babad kacida pisan penting jeung mangaruhanana. Ilubiungna pangarang dina nulis babad dijéntrékeun ku Sumardjo & Saini KM (1994:24) yén sanajan karya sajarah dumasar kana sababaraha sumber fakta, tapi dina nepikeunna mah teu leupas tina unsur hayali (imaji) pangarang. Unsur hayali pangarang mangrupa salah sahiji sipat nu aya dina karya sastra. Harti nu sawanda ditétélakeun ku Ékadjati (1978:1) yén:

“Babad menurut pengertian penyusun dan lingkungan masarakatnya dianggap sebangsa sejarah, yaitu tentang masa lampau mereka atau leluhur mereka. Namun demikian kegiatan penyusunan babad tak dapat dilepaskan dari kegiatan penciptaan sastra. Dan babad itu sendiri bila ditinjau dari sudut

sastra merupakan karya sastra.”

Dumasar kana sawatara wangenan, bisa dicindekeun yén babad nyaéta karya sastra wanda buhun nu ngandung unsur sajarah anu mibanda tujuan pikeun kaperluan lingkungan masarakat anu tangtu di salah sahiji wewengkon. Niténan kana éta wangenan, babad bisa dipaké bahan panalungtikan paélmuan widang basa, sastra, sajarah, antropologi, étnografi, sosiologi, étnopédagogik, jeung nu lianna.

Média basa anu digunakeun dina babad nyaéta média basa tinulis, sedengkeun karanganana ditepikeun dina wangun prosa (lancaran) jeung wangun puisi (kauger), (il. Ékadjati, spk., 1985:196). Salah sahiji babad anu ngagunakeun media basa tinulis sarta digelarkeun dina wangun puisi atawa kauger (ragam wawacan) di antarana nyaéta Babad Panjalu.

Eusi karya sastra winangun babad ilaharna medar kajadian atawa peristiwa penting nu raket patalina jeung unsur sajarah. Lian ti éta, teu saeutik medar sarsilah raja-raja atawa bupati sawatara wewengkon. Unsur sajarah nu kapanggih dina babad kadarna leuwih onjoy, lantaran ditulisna babad suméndér kana aspék sajarah minangka puseur pamianganna. Ku kaguarna eusi babad méré gambaran

(12)

4

kahirupan manusa mangsa bihari. Gambaran mangsa bihari bakal mibanda ajén upama ditalungtik sacara gemet.

Babad Panjalu mangrupa koléksi C.M. Pléyte tina peti no 121 anu geus diterbitkeun ku Proyék Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daérah, Jakarta. Luyu jeung ngaranna, Babad Panjalu asalna ti wewengkon Panjalu Kabupatén Ciamis nu aya di wilayah Priangan. Nitenan asalna ti priangan, ku kituna Babad Panjalu ngabogaan ciri historiografi priangan (sarsilah parabupati) anu mibanda ajén étnopédagogik anu linuhung pikeun hirup kumbuh masarakat nu aya di wewengkon Panjalu malar hirup tinemu reujeung huripna.

Sawatara panalungtikan anu geus dilakukeun kana Babad Panjalu diantarana: Babad Panjalu; Transkripsi jeung Transliterasi (Rosyadi, 1992), Babad Panjalu; Satu Kajian Sastra (Hendarin, 1986), Babad Panjalu; Karya Sastra Sajarah Sunda (Satibi, 1998), jeung Analisis Saya terhadap Babad Panjalu (Herdiyan, 2010). Panalungtikan anu dilakukeun ku Rosyadi (ed.) kana Babad Panjalu mangrupa transkripsi jeung transliterasi sarta ngadadarkeun sajumlahing ajén-inajén nu kapanggih dina éta babad. Panalungtikan kana Babad Panjalu anu dipigawé ku Hendarin museur kana carita Babad Panjalu dipasing-pasing dumasar peristiwa jeung épisode tokoh nu ngalalakon, sedengkeun anu dipigawé ku Satibi museur kana ulikan unsur intrinsik karya sastra jeung historiografi tradisional anu ngawengku sarsilah bupati Panjalu sarta sawatara titinggal nu aya patalina jeung Babad Panjalu nu sumebar di wewengkon Panjalu katut sabudereunana. Kitu deui analisis Babad Panjalu beunang Herdiyan museur kana historiografi tradisional (sarsilah parabupati Panjalu).

Bédana jeung panalungtikan-panalungtikan saméméhna, dina ieu panalungtikan leuwih museur kana ulikan struktural jeung semiotik. Anu engkéna dipiharep meunangkeun ajén-inajén étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu.

Babad Panjalu mangrupa karya sastra tinulis anu suméndér kana peristiwa sajarah (sastra Sajarah) nu mibanda ajén-inajén étnopédagogik. Ajén-inajén étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu bakal kapanggih upama ditalungtik ngagunakeun ulikan struktural jeung semiotik. Ulikan struktural museur kana struktur carita minangka pangwangun hiji carita saperti tema, fakta carita, jeung

(13)

5

sarana sastra (Stanton, 2012:45), sedengkeun ulikan semiotik ngawengku unsur ikon, simbol, jeung indéks.

Disawang tina segi semiotik, Babad Panjalu mangrupa sajumlahing unsur semiotik anu méré gambaran kahirupan mangsa bihari. Ku kituna, eusina perlu diguar ngaliwatan ulikan semiotik. Cobley jeung Litza Janz (Ratna, 2010:97), sacara définitif nétélakeun yén kecap semiotik asalna tina basa Yunani nyaéta

seme” anu hartina “penafsir tanda”. Istilah séjén nyaéta “semeion” anu hartina tanda. Tanda di dieu hartina hiji hal anu ngawakilan tanda/ hal nu séjén (Isnendes, 2010:31). Tanda aya di mana-mana, bisa mangrupa kecap, gerak isarat, lampu lalu lintas, jrrd. Pon kitu deui struktur karya sastra, struktur film, wangunan, atawa sora manuk bisa dianggap tanda. Ahli filsafat Amerika, Charles Sanders Pierce, negeskeun yén urang bisa mikir sabab ayana tanda salaku sarana. Lamun euweuh tanda, tangtu manusa moal bisa komunikasi. Salian ti éta, ku ayana tanda manusa

bakal méré ma‟na kana sagala hal nu nyampak di alam dunya (Sudjiman,

1996:vii-1).

Nilik kana katerangan di luhur, puseur pamiangan dina ieu panalungtikan maluruh struktur babad dumasar kana unsur téma, fakta carita anu ngawengku galur, palaku jeung watek, latar, jeung sarana sastra. Lian ti éta, tilu unsur semiotik ikon, indeks, jeung simbol dipaluruh dina ieu panalungtikan. Tumali jeung éta hal, ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun jeung nganalisis struktur carita babad jeung unsur semiotik sangkan meunangkeun ajén-inajén étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu.

Satuluyna minangka lajuning laku kana karep jeung sikep, nu nulis bakal nalungtik salah sahiji karya sastra golongan babad. Karya sastra golongan babad nu dimaksud luyu jeung katerangan di luhur nyaeta Babad Panjalu. Jejer ieu panalungtikan nyaeta Babad Panjalu (Ulikan Struktural, Semiotik, jeung Étnopédagogik).

1.2 Rumusan Masalah

Masalah dina ieu panalungtikan sawadina ditulis jeung dirumuskeun dina wangun kalimah pananya. Pon kitu deui enggoning ngadéskripsikeun jeung

(14)

6

nganalisis struktural, semiotik, jeung étnopédagogik dina karya sastra golongan babad.

Dumasar kana katerangan di luhur, rumusan masalah dina ieu panalungtikan bakal ditulis dina wangun patalékan saperti ieu di handap.

a. Kumaha struktur carita dina Babad Panjalu?

b. Unsur semiotik naon waé nu nyampak dina Babad Panjalu? c. Ajén-inajén étnopédagogik naon waé nu aya dina Babad Panjalu?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sangkan puguh éntép seureuh jeung leunjeuranna, ieu panalungtikan ngabogaan tujuan nu hayang dihontal. Éta tujuan téh nyaéta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun;

a. Struktur carita dina Babad Panjalu;

b. Unsur semiotik dina Babad Panjalu; jeung c. Ajén-inajén étnopédagogik dina Babad Panjalu.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu hayang kahontal tina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

a. Mangpaat Tioritis

Dipiharep bisa méré pangdeudeul kana élmu sastra dina widang babad, jeung pikeun élmu atikan hususna sistem atikan budaya nyaéta pangaweruh ngeunaan ajén-inajén étnopédagogik dina Babad Panjalu.

b. Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat praktis hususna pikeun panalungtik jeung masarakat.

1). pikeun panalungtik

Ku ayana ieu panalungtikan, panalungtik bisa mikanyaho leuwih teleb ngeunaan étnopédagogik tina Babad Panjalu, sarta bisa numuwuhkeun deui karesep kana karya sastra buhun (babad) anu eusina ngandung ajén-inajén

(15)

7

2). pikeun masarakat

Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa numuwuhkeun minat jeung karesep nu balukarna bisa nimbulkeun karep pikeun ngamumulé satra buhun, nyaéta babad di antara nerekabna pangaruh budaya modérn anu teu hadé.

1.5 Rangkay Panalungtikan

Ieu panalungtikan disusun kana lima bab kalawan ngagunakeun rangkay panalungtikan saperti ieu di handap:

Bab I : Bubuka

Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung rangkay panalungtikan.

Bab II : Tatapakan Tiori

Dina ieu bab dipedar sawatara hal anu jadi tatapakan panalungtikan: 1) Ulikan Tiori

Tiori dasar jeung konsép poko anu jadi tatapakan tiori pikeun ngolah jeung nganalisis babad salaku objék panalungtikan. Dipedar ogé tiori struktural, semiotik, jeung étnopédagogik.

2) Panalungtikan saméméhna kana Babad Panjalu.

3) Raraga mikir dumasar konsep panalungtikan sacara gembleng. 4) Anggapan dasar dina ieu panalungtikan ditétélakeun dumasar kana

panalungtikan-panalungtikan saméméhna anu luyu jeung tiori-tiori paraahli.

Bab III : Métodologi Panalungtikan

Ieu bab eusina medar métode panalungtikan anu ngawengku; data jeung sumber data, desain panalungtikan, métode jeung pamarekan panalungtikan, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data.

Bab IV : Hasil Panalungtikan jeung Pedaran

Ieu bab eusina medar ngadéskripsikeun jeung nganalisis data sarta patalina tiori nu aya di bab 2 jeung hasil panalungtikan. Dina ieu bab

(16)

8

diébréhkeun ngeunaan struktur carita, semiotik, jeung étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu wedalan Proyék Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daérah, Jakarta.

Bab V : Kacindekan jeung Saran

Dina ieu bab eusina kacindekan tina sakabéh pedaran. Salian ti éta, aya rékomendasi mangrupa saran anu ditepikeun ku panalungtik pikeun instansi nu aya patalina jeung hasil panalungtikan.

(17)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Nurutkeun Moléong (2007:157) sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nyaéta kumpulan kecap jeung tindakan. Sumber data primer dina ieu panalungtikna nyaéta karya sastra wangun babad. Babad anu dimaksud nyaéta Babad Panjalu nu dikoléksi ku C.M. Pleyte (Museum Pusat Jakarta). Medal taun 1982 ku Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah, Jakarta.

Garapanana museur kana ngungkabkeun eusi jeung konsép sarta ajén-inajén étnopédagogik nu aya dina Babad Panjalu. Tumali jeung éta hal, sumber data dina ieu panalungtikan nya éta téks anu nyampak dina Babad Panjalu.

Babad Panjalu mangrupa karya sastra golongan babad anu ditulis dina wangun puisi kauger (pupuh). Lian ti éta, Babad Panjalu ngagunakeun 9 pupuh minangka pangwangun karanganana kalawan lobana 523 pada. Anapon pupuh anu dipaké ngawengku asmarandana (2), sinom (3), kinanti (2), pangkur (1), durma (1), dangdanggula (2), mijil (2), magatru (2), jeung pucung (1).

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nyaéta rencana anu nuduhkeun gambaran utama ngeunaan hiji hal anu baris dilakukeun. Desain panalungtikan mangrupa prosés nu diperlukeun dina rarancang panalungtikan nepi ka patalékan nu aya bisa kajawab (Arikunto, 2010:175). Ngaliwatan desain panalungtikan, naon rupa anu jadi udagan dina panalungtikan bisa leuwih imeut jeung gemet.

Desain ieu panalungtikan bisa kagambar saperti ieu di handap dina wangun bagan.

(18)

51 Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Nangtukeun Masalah Nangtukeun Objék Panalungtikan Nangtukeun Téori jeung Métode Panalungtikan

Strukrural (Robert Stanton)

Semiotik (Charles S. Pierce)

Étnopédagogik (Suwarsih Warnaen)

Palaku jeung watek

Téma Fakta

Carit a

Ngadéskripsikeun, Nganalisis, jeung Napsirkeun Latar

Ikon Simbol

Indéks

Ajén Moral Manusa (1) MMP (2) MMPr (3) MMS (4) MMA (5) MMW (6) MMTH

Nyindekkeun jeung Nyusun Laporan

Struktur carita

Semiotik

Babad Panjalu (Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah,

1992) Étnopédagogik

Galur Sarana sastra

(19)

52

3.3Métode Panalungtikan

Objék studi dina ieu panalungtikan nyaéta karya sastra winangun babad jeung dokumén anu raket patalina jeung panalungtikan. Masalah anu ditalungtikna mangrupa carita nu ngagambarkeun kajadian nu kaalaman dina mangsa nu geus kaliwat. Éta pasualan diungkulan ngaliwatan ulikan struktural, semiotik, jeung étnopédagogik. Babad Panjalu nu diterbitkeun ku Proyek Penerbitan Buku Sastra Indonesia dan Daerah, bakal diguar eusina sangkan manggihan unsur-unsur anu dikandungna. Éta unsur tinangtu anu raket patalina jeung ieu panalungtikan.

Dumasar katerangan di luhur, métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif anu mibanda fungsi pikeun ngungkulan pasualan dina panalungtikan (Ratna, 2012:34). Métode déskriptif mangrupa métode anu dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis. Métode déskriptif nyaéta métode anu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta anu nyampak dina objék panalungtikan (Ratna, 2012:53).

Nilik kana éta hal, métode déskriptif dipilih lantaran babad mibanda struktur carita jeung unsur semiotik anu dijerona nyampak ajén-inajén étnopédagogik.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan mangrupa alat anu digunakeun pikeun meunangkeun data (Sudjana, 1991:59). Ku kituna, instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta kartu data nu mangrupa kalimat, frasa, jeung klausa anu dipaké dina studi bibliografi, ku cara nyutat sawatara data nu aya dina éta sumber. Kartu data digunakeun pikeun ngababarikeun milih jeung milah data nu kapanggih tina téks sumber data panalungtikan. Kartu data anu diperlukeun aya tilu rupa; kartu Struktur, kartu semiotik, jeung kartu étnopédagogik.

(20)

53

3.4.1 Pedoman Analisis Teks

Tilu pedoman analisis anu digunakeun dina ieu panalungtikan, nyaéta pedoman analisis struktur, pedoman analisis semiotik, jeung pedoman analisis étnopédagogik.

Tabel 3.1

Format Pedoman Analisis Struktural N0 Aspék anu

Dianalisis

Deskripsi

(1) (2) (3)

1 Tema 2 Galur

3 Palaku jeung watek 4 Latar : (a) tempat

(b) waktu) (c) sosial

Tabel 3.2

Format Pedoman Analisis Semiotik No Aspék anu

Dianalisis Deskripsi

(1) (2) (3)

1 Ikon 2 Indéks 3 Simbol

(21)

54

Tabel 3.3

Format Pedoman Analisis Étnopédagogik No Aspék anu

Dianalisis Deskripsi

(1) (2) (3)

1 MMP

2 MMPr

3 MMS

4 MMA

5 MMW

6 MMTH

Tabel 3.4

Format Pedoman Analisis Téma

No Kode Téma

Utama

Subtéma

1 2 3 4 5 6

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9)

Ket.: 1. Religi 2. Kamanusaan 3. Patriotisme 4. Keadaulatan rakyat 5. Keadilan sosial 6. Sajarah

Tabel 3.5

Format Pedoman Analisis Galur

No Kode

Galur

Dum. Runt Carita Dum. Jml Dum. Kpdt Dum. Eusi

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12)

Ket.: 1. Maju 2. Flash back 3. Campuran 4. Tunggal 5. Sub-galur 6. Dalit 7. Anggang 8. Peruntungan 9. Penokohan 10. Pamikiran

(22)

55

Tabel 3.6

Format Pedoman Analisis Palaku jeung Watek

No Kode Ngaran Palaku

Palaku Dum.

kalungguhan

Dumasar Penampilan

Dumasar wangun watek

Dumasar mekar henteuna watek

Dumasar gambaran palaku

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12) (13)

Tabel 3.7

Format Pedoman Analisis Latar

No Kode

Latar

Data Interpretasi Tempat Waktu Sosial

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

Tabel 3.8

Format Pedoman Analisis Ikon

No Kode Referent Tipe Interpretasi Cutatan

Citra Diagram Metafora

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8)

Tabel 3.9

Format Pedoman Analisis Indéks

No Kode Referent Tipe Interpretasi Cutatan

(23)

56

Tabel 3.10

Format Pedoman Analisis Simbol

No Kode Referent Interpretasi Cutatan

(1) (2) (3) (4) (5)

Tabel 3.11

Format Pedoman Analisis Étnopédagogik

No Kode Referent Ajén Moral Interpretasi Cutatan

1 2 3 4 5 6

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11)

Ket.: 1. Moral Manusa ka Pangeran; 2. Moral Manusa salaku Pribadina; 3. Moral Manusa ka Manusa Séjén; 4. Moral Manusa ka Alam

5. Moral Manusa kana Waktu;

6. Moral Manusa dina ngahontal hirupna

3.4.2 Kartu Data

Kartu data diperlukeun pikeun ngumpulkeun data panalungtikan sacara sistematis. Ieu panalungtikan ngagunakeun dalapan format kartu data anu diluyukeun jeung rumusan jeung tujuan anu rék dihontal. Éta dalapan format kartu data anu digunakeun bisa katitén saperti ieu di handap.

Tabel 3.12 Format Data Struktural No/ Aspek :

Kode : (BP/kaca/ pada) Cutatan :

(24)

57

Tabel 3.13 Format Data Semiotik No/ Aspek :

Kode : (BP/kaca/ pada) Cutatan :

Tabel 3.14

Format Data Étnopédagogik No/ Aspek :

Kode : (BP/kaca/ pada) Cutatan :

3.5 Téhnik Ngumpulkeun Data

Sanggeus nangtukeun judul jeung nyusun proposal, léngkah garapan saterusna nyaéta tahap ngumpulkeun data. Luyu jeung panalungtikan, pikeun ngumpulkeun, ngadéskripsikeun, jeung nganalisis data ngagunakeun studi bibliografi jeung analisis data. Studi bibliografi digunakeun pikeun néangan data anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan sastra. Sedengkeun téhnik analisis data dipaké dina prak-prakan nganalisis jeung milah-milih data anu kapanggih dina sumber data anu mangrupa Babad Panjalu.

Léngkah-léngkah ngumpulkeun data ngawengku; a. ngaidéntifikasi sumber data anu mangrupa Babad Panjalu; b. maca Babad Panjalu;

c. maluruh téori-téori anu raket patalina jeung panalungtikan; d. data dipasing-pasing dumasar struktur carita;

(25)

58

f. data dipasing-pasing dumasar ajén-inajén étnopédagogik; jeung

g. input data struktur, semiotik, jeung ajén-inajén étnopédagogik kana kartu data luyu jeug pedoman analisis.

3.6 Téhnik Ngolah Data

Data nu geus nyampak tina studi bibliografi perlu disusun, saterusna diolah. Dina ngolah data ngagunakeun sawatara téhnik anu digunakeun saperti téhnik struktural, semiotik, jeung étnopédagogik. Téhnik struktural digunakeun pikeun maluruh struktur pangwangun babad sangkan bisa dianalisis.

Téhnik semiotik digunakeun pikeun nganalisis tanda sangkan hiji karya sastra mibanda harti (Pradopo, 2012:122). Sedengkeun étnopédagogik digunakeun pikeun maluruh jeung meunangkeun ajén-inajén moral manusa Sunda nu nyangkaruk dina babad dumasar kana interpretasi kana analisis struktur jeung semiotikna.

Dumasar sawatara katerangan di luhur, léngkah-léngkah ngolah data ngawengku:

a. mariksa jeung nitenan deui data anu geus dikumpulkeun; b. ngadéskripsikeun struktur babad;

c. ngébréhkeun patalina antarunsur;

d. ngadeskripsikeun harti sacara semiotik ngaliwatan interpretasi tanda anu aya dina babad;

e. maluruh ajén-inajén étnopédagogik dina babad dumasar interprétasi struktur carita jeung semiotik;

f. nganalisis ajén-inajén étnopédagogik; jeung

g. nyindekkeun hasil déskripsi jeung analisis struktur, semiotik, jeung ajén-inajén étnopédagogik anu aya dina sumber data.

(26)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar pedaran panalungtikan dina bab opat, ieu di handap mangrupa kacindekan hasil panalungtikan anu ngawengku ulikan struktural, semiotik, jeung étnopédagogik.

5.1.1 Struktur

Téma sajarah mangrupa téma anu kapanggih dina carita Babad Panjalu. Éta hal, lantaran babad mangrupa karya sastra anu eusina medar sajarah hiji daérah (historiografi tradisional). Téma dina babad bisa kapanggih ngaliwatan unsur palaku, peristiwa/ galur, jeung tempat. Lian ti éta, kapanggih ogé subtéma atikan nu nyampak dina Babad Panjalu.

Galur atawa jalan carita anu dipaké ku pangarang loba ngagunakeun galur mérélé pikeun ngagambarkeun guluyurna runtuyan carita. Babad Panjalu ngagunakeun galur mérélé, lantaran carita anu dipedar di jerona mangrupa pedaran runtuyan parabupati anu ngalalakon di dayeuh Panjalu. Éta hal, bisa katitén dina épisode II nepi ka XXV. Jumlah bupati aya lima belas ti mimiti Prabu Borosngora anu mokalan jadi bupati Panjalu nepi ka Radén Cakranagara Anom. Ayana pangaruh palaku anu onjoy dina galur carita babad mangrupa ciri galur has carita babad anu eusina medar sarsilah bupati, jasana, maotna, jeung gaganti bupati anyar anu neruskeun pamaréntahan.

Palaku-palaku anu aya dina carita Babad Panjalu diébréhkeun ku pangarang dumasar kana status sosial masarakat. Bisa jadi kitu, lantaran Babad Panjalu mangrupa légitimasi kulawarga bangsawan Panjalu. Peran palaku nu nyangking kalungguhan bupati kawilang nyongcolang. Niténan karakter atawa pasipatan parapalaku bisa jadi picontoeun atawa jadi tuladan anu hadé keur sakumna warga masarakat Panjalu hususna, masarakat Sunda umumna.

(27)

200

Latar-latar anu aya dina Babad Panjalu leuwih dominan ngagunakeun latar tempat. Latar tempat anu kapanggih ilaharna mangrupa latar anu aya di sabudereun dayeuh Panjalu utamana sabudereun karaton, tapi aya ogé latar tempat di luar Panjalu/ daérah lain. Latar waktu mangrupa urutan kadua sabada latar tempat anu leuwih loba. Sedengkeun latar sosial mangrupa latar anu saeutik kapanggih, lantaran latar sosial kawatesanan dumasar eusi caritana anu mangrupa babad. Latar sosial kawatesanan ku status sosial masarakat nu aya dina pamaréntahan kabupatian di dayeuh Panjalu.

5.1.2 Semiotik

Unsur ikon metaforis mangrupa ikon anu kawilang dominan anu kapanggih dina carita Babad Panjalu. Éta hal, lantaran dina caritana aya sawatara ungkara kecap atawa kalimah anu kaasup basana ngupamakeun.

Unsur indéks mangrupa gambaran ayana hubungan kausalitas anu kapanggih dina Babad Panjalu. Unsur indéks anu kawilang onjoy nyaéta indéks réngkak paripolah. Éta hal, digunakeun sangkan carita anu aya di jerona karasa leuwih hirup. Pangarang ngagambarkeun réngkak paripolah ngaliwatan obahna awak anu dirandapan ku palaku.

Unsur simbol mangrupa unsur pamungkas anu kapanggih dina carita Babad Panjalu. Unsur simbol mibanda fungsi pikeun méré informasi konvénsional ti pangarang ka nu maca atawa ti palaku ka palaku lain dina carita.

5.1.3 Étnopédagogik

Ajén étnopédagogik anu kapanggih dina Babad Panjalu mangrupa ajén moral manusa dina pakumbuhan sapopoé. Moral manusa anu dimaksud nyaéta palaku bupati Panjalu jeung réngrénganana kaasup masarakat Panjalu/ Jampang anu ngarojong jalanna carita. Dumasar palaku bakal kapanggih kumaha ajén moral anu nyampak dina dirina sorangan pikeun picontoeun balaréa sangkan mibanda karakter anu hadé.

Ajén moral manusa ka Pangéran kapanggih dina diri parabupati Panjalu anu ngagem agama Islam. Éta hal, dibuktikeun ku bupati kahiji Panalu, Prabu

(28)

201

Borosngora anu mokalan ngagem agama Islam. Saterusna dina kahirupan sapopoé teu leupas tina pangaruh Islam boh ucapan boh réngkak paripolah.

Ajén moral manusa salaku pribadi anu kapanggih dina Babad Panjalu mangrupa ajén anu onjoy dibanding ajén lianna. Ajén moral manusa salaku pribadi katitén dina paripolah anu dilakukeun ku dirina keur karaharjaan masarakat. Ayana pagaliwota rupaning rasa dina diri mangaruhan kana paripolah hirup parabupati Panjalu. Kitu deui, ku ayana ngolah rasa bisa ngabédakeun anu kudu samistina dipilampah jeung anu dicegah luyu jeung kualitas sumber daya manusana.

Ajén moral manusa jeung manusa séjén mangrupa ajén moral anu gelar lantaran ayana hubungan sosial/ hirup kumbuh. Ajén moral manusa jeung papada dituduhkeun ku paripolah sapopoé dina pakumbuhan ngaliwatan ayana silih tulungan jeung silih wasiatan sangkan hirup aya dina katingtriman.

Ajén moral manusa ka alam anu kapanggih dina Babad Panjalu mangrupa atikan anu hadé dina ngokolakeun alam sangkan mibanda hasil atawa aya gunana. Paripolah manusa ngolah alam mangrupa picontoeun sangkan hirup cukup sandang pangan, ulah kakurangan. Dina ngolah alam satemenna teu boga niat hayang untung keur sorangan tapi kumaha ngawariskeun alam ka generasi anyar bari jeung teu ngaruksak.

Ajén moral manusa kana waktu mangrupa ajén kasadaran manusa dina hirup anu teu leupas tina waktu. Dina pakumbuhan hirupna manusa kawengku ku waktu linier, cycle, jeung baqa/ langgeng. Manusa mangrupa mahluk anu dibéré akal pikeun milih jeung milah sagala rupa ajén kahirupan. Manusa yakin ayana kahirupan anu langgeng jeung ayana siklus hirup manusa ti mimiti dina kandungan nepi ka jero kubur. Hirup manusa kudu ati-ati jeung tarapti lantaran pati salawasna ngukuntit. Ku kituna dipiharep manusa bisa ngamangpaatkeun waktu kalawan hadé sangkan aya mangpaatna keur balaréa saperti nu kagambar dina diri Prabu Borosngora.

Ajén moral manusa dina ngahontal tujuan hirupna mangrupa ajén anu kapanggih dina Babad Panjalu anu dituduhkeun ku moral palaku bupati. Palaku nu jadi bupati Panjalu teu salawasna genah nyangking kalungguhan bupati. Aya

(29)

202

kalana bupati panjalu leuwih mentingkeun urusan kaahératan tibatan kadunyaan. Ku kituna, aya bupati Panjalu dina ngahontal tujuan hirupna leuwih hadé nyirnakeun diri ngababakan di tempat anyar, ngadon tatapa, jeung ka luar ti dayeuh Panjalu. Ajén moral manusa dina ngahontal tujuan hirupna éstuning ngudag kasugemaan lahir jeung batin nurutkeun dirina, sabab hirup kudu sineger tengah. Pon kitu deui ajén moral anu dipibanda kudu nyaimbangkeun hirup malar tinemu jeung huripnana.

5.2 Saran

Karya sastra golongan babad (Babad Panjalu) mangrupa karya sastra anu euyeub ku ajén-inajén kahirupan. Ku kituna sangkan meunangkeun data anu dipiharep perlu ayana panalungtikan anu leuwih nyosok. Panalungtikan kana karya sastra babad kawilang jarang, padahal upama diguar eusina bisa meunangkeun sawatara hal gambaran kahirupan manusa baheula pikeun mageuhan jati diri bangsa. Minangka bahan rékoméndasi tina ieu panalungtikan, aya sawatara saran anu hayang ditepikeun utamana ka pihak anu aya patalina jeung panalungtikan.

a. Pikeun paguron luhur

UPI mangrupa paguron luhur geus waktuna gawé bareng jeung penerbit dina medalkeun karya ilmiah tiap mahasiswana. Sabab salila ieu, tiap karya ilmiah saperti tésis ngan cukup ngeusian rohangan perpustakaan UPI wungkul. Éta hal, dipalar sangkan masarakat wanoh kana panalungtikan anu dilakukeun ku mahasiswa. Sasieureun sabeunyeureun aya mangpaatna pikeun ngawewegan karakter bangsa ngaliwatan dunya atikan..

b. Pikeun mahasiswa basa jeung budaya Sunda

Panalungtikan kana Babad Panjalu anu leuwih euyeub bisa diteruskeun enggoning pikeun kamekaran élmu pangaweruh ngeunaan basa, sastra jeung budaya Sunda.

(30)

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A Chaedar spk. 2009. Etnopedagogi (Landasan Praktek Pendidikan dan Pendidikan Guru). Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Aminudin. 1991. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Malang: Sinar Baru. Arikunto, Suharsimi. 2010. Manajemen Penelitian. Jakarta: Rinéka Cipta.

Barried, Baroroh. 1985. Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Berger, A.A. 2010. Pengantar Semiotika; Tanda-tanda dalam Kebudayaan Kontemporer. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Budiman, Kris. 2005. Ikonisitas. Yogyakarta: Buku Baik.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Depdikbud. 1982. Babad Panjalu. Jakarta: Proyek Penelitian Buku sastra

Indonesia dan Daerah.

Depdikbud. 2007. Kamus Besar Bahasa Indonesia, Jakarta: Balai Pustaka. Depdikbud. 1997. Maung Panjalu dan Nyangku. Ciamis: Kasi Kebudayaan. Ekadjati, Edi S. 1978. Babad (Suatu Karya Sastra Sejarah). Bandung: Lembaga

Kebudayaan UNPAD.

Ekadjati, Edi S. 1982. Cerita Dipati Ukur; Karya Sastra Sejarah Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Ekadjati, Edi S., spk. 1985. Naskah Sunda Lama Kelompok Babad. Jakarta: Pusat Pembinaandan Pengembangan Bahasa.

Érlyane, Anne.1986. Analisis Struktur Babad Sumedang (skripsi). Bandung: Jurusan Sastra Daerah FASA, UNPAD.

Esten, Mursal. 1984. Kesusastraan Pengantar Teoridan Sejarah. Bandung: Angkasa.

Foster, E.M. 1979. Cerita dan Segi-segi Novel. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Depdikbud.

(31)

204

Hendarin, A Tisna. 1986. Babad Panjalu Satu Kajian Sastra (skripsi). Bandung: Jurusan sastra Daerah UNPAD.

Herdiyan, Fajar Dwi. 2010. Analisis Saya Terhadap Babad Panjalu. Bandung: (diunduh tina internet tgl. 12 Januari 2015).

Ikram, Ahadiat. 1980. Hikayat Sri Rama; Telaah Amanat dan Struktur (disertasi). Jakarta: UI.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian Sastra; Aplikasi Teori & Kritik Pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang Publishing.

Jurusan Pendidikan Basa dan Sastra Sunda FBBS UPI Bandung. 2008. Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Moleong, M. A. Lexy J. 2007. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Rosda. Nurgiyantoro, B. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada.

Piliang, Y.A. 2003. Hipersemiotika; Tafsir Cultural Studies atas Matinya Makna. Yogyakarta: Jalasutra.

Poerwadarminta, W.J.S. 1985. Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

Pradopo, R.D. 2012. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapanya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Radmila, Sasmita. 2011. Kearifan Lokal; Benteng Kerukunan. Jakarta: PT Gading Inti Prima.

Ratna, Nyoman Kutha. 2010. Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra dari Strukturalisme hingga Poststrukturalisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, Ajip. 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. Rosidi, Ajip (Pem. Red.). 2000. Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosidi, Ajip. 2011. Kearifan Lokal dalam Perspektif Budaya Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

(32)

205

Bandung: Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Nusantara, Depdikbud.

Ruhaliah. 2012. Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Rusyana, Yus. 1979. Novel Sunda Sebelum Perang. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Depdikbud.

Rusyana, Yus & Ami Raksanagara. 1980. Puisi Guguritan Sunda. Jakarta: Depdikbud.

Salmoen, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.

Santoso, Puji. 2010. Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: CV Angkasa.

Sardjono, Partini. 1985. Citra Prabu Siliwangi (makalah). Bandung: Seminar Sejarah dan Tradisi Tentang Prabu Siliwangi.

Satibi, Entoh Toharudin. 1998. Babad Panjalu; Karya Sastra Sejarah Sunda (skripsi). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS IKIP Bandung.

Satjadibrata, R. 2005. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Sibarani, Robert. 2012. Kearifan Lokal; Hakikat, Peran, dan Metode Tradisi

Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan (ATL).

Sopandi, Atik. 1985. Lagu Pupuh, Pengetahuan dan Notasinya. Bandung: CV Pustaka Buana.

Stanton, R. 2012. Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudaryat, Yayat. 2010. Nilai-Nilai Budaya Sunda (Ppt). Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat, spk. 2014. Nilai Edukatif dalam Paririmbon Sunda. Bandung: Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudaryat, Yayat. 2014. Wawasan Kasundaan. Bandung: Jurusan pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Sudjiman, Panuti. 1996. Memahami Cerita Rekaan. Jakarta: Pustaka Jaya.

Sukardja, Djadja. 1997. Maung Panjalu dan Nyangku. Ciamis: Kasi Kebudayaan, Depdikbud.

(33)

206

Sumardjo, Jakob & Saini K.M. 1994. Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Suryalaga, H.R. Hidayat. 2009. Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur

Hidayah.

Suryalaga, H.R. Hidayat. 2010. Filsafat Sunda; Sekilas Interpretasi Folklor Sunda. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Sutrisno, Sulastrin. 1984. Hikayat Hang Tuang; Analisis Struktur dan Fungsi. Yogyakarta: Gajah Mada University Press.

Teeuw, A. 1983. Membaca dan Menilai Karya Sastra. Jakarta: Gramedia

Universitas Pendidikan Indonesia. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI Bandung.

Waluyo, Herman J. 1987. Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga

Warnaen, Suwarsih. Spk. 1987. Pandangan Hidup Orang Sunda seperti yang Tercermin dalam Tradisi Lisan dan Sastra Sunda. Bandung: Depdikbud. Zaimar, O.K.S. 2014. Semiotika dalam Analisis Karya Sastra. Depok: Komodo

Entoh Toharudin Satibi, 2015

Babad Panjalu

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu