Pendi Permana, 2013 Korelasi Antara Makéna Basa Indung Jeung Préstasi Diajar Nulis Surat Basa Sunda Siswa
Kelas Viii Smp Negeri 3 Lembang Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
4 Panalungtik
Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi aya henteuna korelasi antara makéna basa indung anu digunakeun ku siswa jeung préstasi diajar nulis
surat basa Sunda.
1.5 Sistematika Panulisan
BAB I BUBUKA, anu ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung
sistematika panulisan. BAB II LANDASAN TIORI, anu ngawengku ngeunaan tiori anu aya
patalina jeung masalah anu ditalungtik di antarana medar ngeunaa basa indung, pemerolehan basa, nulis, surat, jeung surat pribadi.
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN, anu medar ngeunaan métode panalungtikan, medar ngeunaan sumber data, desain panalungtikan, métode
panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.
BAB IV ANALISIS KORELASI ANTARA MAKÉNA BASA INDUNG JEUNG PRÉSTASI DIAJAR NULIS SURAT BASA SUNDA SISWA KELAS
VIII SMP NEGERI 3 LEMBANG, anu ngawengku data jeung hasil panalungtikan.
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN, anu ngawengku kacindekan jeung saran.
DAFTAR PUSTAKA, anu ngawengku ngeunaan judul-judul buku anu digunakeun salaku sumber tiori dina skripsi.
eung budak, budak jeung budak, katut kulawarga séjénna, pikeun interaksi
komunikasi antara anggota kulawarga. antara bapa jeung indung, indung jeung budak, bapa jeung budak, budak
jeung budak
Pendi Permana, 2013 Korelasi Antara Makéna Basa Indung Jeung Préstasi Diajar Nulis Surat Basa Sunda Siswa
Kelas Viii Smp Negeri 3 Lembang Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku: sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional,
instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan anu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik nganalisis data.
3.1 Sumber Data
Sumber data nya éta sakabéh subjék anu ditalungtik, kaasup aspék-aspék anu dipaluruh sarta ditalungtik salila prosés panalungtikan Arikunto, 2010:172.
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kelas VIII G SMP Negeri 3 Lembang taun ajar 20122013 anu jumlahna 40 urang siswa, anu ngawengku 19
siswa lalaki jeung 21 siswa awéwé.
3.2 Desain Panalungtikan