KORÉLASI ANTARA PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUHMAKÉNA UNDAK USUK BASA SUNDA SISWA KELAS X SMA PLUS MERDÉKA SORÉANG.

(1)

vii

DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR PANUHUN ……….………... iii

ABSTRAK ………...……….………... vi

DAPTAR EUSI ………...….………... vii

DAPTAR TABEL ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

BAB I BUBUKA ……….. 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ………... 1

1.2 Rumusan jeung Watesan Masalah ……… 3

1.2.1 Watesan Masalah ……….. 3

1.2.2 Rumusan Masalah ………. 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ………... 4

1.3.1 Tujuan Umum ……….………... 4

1.3.2 Tujuan Husus ……….…………... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ………... 4

1.4.1 Mangpaat Téoritis ………....……. 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ……….. 5

1.5 Raraga Tulisan ...………. 5

BAB II KALUNGGUHAN UNDAK USUK BASA SUNDA, MAKÉNA BASA, ASUMSI JEUNG HIPOTÉSIS ..……… 7

2.1 Basa Sunda jeung Panyaturna ………...…..……..…….. 7

2.2 Kalungguhan Undak Usuk Basa Sunda ..……… 8

2.3 Prinsip-prinsip Undak Usuk Basa Sunda………. 10

2.4 Pangaweruh jeung Kamampuh makéna Undak Usuk Basa Sunda ... 12


(2)

viii

2.4.1.1 Wangenan Undak Usuk Basa Sunda ...13

2.4.1.2 Galur Omongan ... 14

2.4.1.3 Kasang Tukang Tempat, Waktu jeung Suasana ... 14

2.4.1.4 Rasa jeung Nada ... 15

2.4.1.5 Amanat Omongan ... 15

2.4.1.6 Gelarna Kecap Lemes Basa Sunda ... 16

2.4.2 Kamampuh Ngagunakeun Undak Usuk Basa Sunda ... 18

2.4.2.1 Wangun Undak Usuk Basa Sunda ... 21

2.4.2.2 Wanda Undak Usuk Basa Sunda ... 24

2.5 Anggepan Dasar ………...……...……..………. 26

2.6 Hipotésis ... 26

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ……...………...………… 27

3.1 Desain Panalungtikan ………...………….………..27

3.2 Métode Panalungtikan ……… 28

3.3 Wangenan Operasional ... 28

3.3.1 Korélasi ... 29

3.3.2 Undak Usuk Basa Sunda ... 29

3.4 Populasi jeung Sampel …...………... 29

3.5 Téhnik Panalungtikan ………. 30

3.5.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ………....……... 31

3.5.2 Téhnik Ngolah Data ………..…………... 31

3.6 Instrumén Panalungtikan ……… 34

3.6.1 Nyusun Instrumén Panalungtikan ……… 34

3.6.2 Nguji Instrumén Panalungtikan ………... 35

3.7 Prosedur Ngolah Data ………. 41

3.7.1 Tahap Tatahar ……….. 41

3.7.2 Tahap Ngumpulkeun Data ………... 42

3.7.3 Tahap Ngolah Data ……….. 42


(3)

ix

BAB IV KORÉLASI ANTARA PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉNA UNDAK USUK BASA SUNDA

SISWA KELAS X SMA PLUS MERDÉKA SORÉANG ………...…… 43

4.1 Tingkat Pangaweruh Siswa Kelas X SMA Plus Merdéka Soréang ngeunaan Undak Usuk Basa Sunda ...…. 44

4.2 Tingkat Kamampuh Siswa Kelas X SMA Plus Merdéka Soréang dina Makéna Undak Usuk Basa Sunda ... 46

4.3 Korélasi antara Pangaweruh Jeung Kamampuh makéna Undak Usuk Basa Sunda …………...………... 48

4.4 Uji Hipotésis ………...………... 49

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ……… 51

5.1 Kacindekan ………...………... 51

5.2 Saran ………...………... 51

DAPTAR PUSTAKA ... 53


(4)

1

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Basa Sunda nyaéta basana urang Sunda. Hirup huripna basa Sunda gumantung kana panyatur nu makéna. Basa Sunda masih kénéh dipiara tur dipaké ku masarakat panyaturna, kacatet panyatur panglobana kadua sabada basa Jawa. Kalungguhan Basa Sunda mangrupa lambang ajén inajén budaya anu dipatalikeun jeung kamampuh basa Sunda dumasar kana ajén inajén masarakat Sunda.

Basa Sunda hirup bareng jeung gumelarna masarakat katut budayana urang Sunda. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda rinéka/ragam basa. Ari ragam basa téh disawang tina jihat nu makéna anu nyoko kana wewengkon, tahap atikan, jeung sikep panyaturna; bisa tina jihat makéna nyoko kana jejer omongan, sarana, jeung sosokna (Sudaryat, spk., 2007:3)

Perkara kalungguhan jeung pungsi basa Sunda kungsi ditandeskeun deui dina Kongrés Basa Sunda V taun 1988 di Cipayung Bogor ku Aweuhan Cipayung, anu eusi galeuhna nyoko kana tujuh hal, nyaéta (1) basa Sunda miboga kalungguhan jadi basa daérah, (2) basa Sunda miboga pungsi nu tangtu, (3) basa Sunda jadi unsur budaya Sunda nu boga daya tur poténsi ngawewegkeun pribadi masarakat Jawa Barat dina ngukuhan katahanan nasional, (4) basa Sunda bisa dipaké pakakas dina ngadeudeul pangwangunan Jawa Barat.

Basa téh nyaéta lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan éntép seureuhna (sistematis), tur ragem antar anggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi (Sudaryat 1991: 1). Masarakat Sunda kitu


(5)

2

deui dina ngagunakeun basana, urang Sunda maké panta-panta basa, minangka ajén inajén nu geus aya sabada urang Sunda kaéréh ku karajaan Mataram. Ku kituna, dina prosés komunikasi ngalibetkeun dua pihak atawa leuwih anu kudu silih ajénan, boh panyatur ka pangregep, boh pangregep ka panyatur. Dina pola komunikasi masarakat Sunda, tatakrama nu dimaksud, dibeungkeut dina hiji aturan nyaéta undak usuk basa Sunda (UUBS).

Pakait jeung éta hal, undak-usuk basa Sunda atawa disebut ogé tatakrama basa Sunda, nyaéta bagbagan makéna basa minangka hiji ajén nu aya di masarakat tur dipaké. Bagbaganana nyaéta ngeunaan makéna basa lemes, loma/sedeng, kasar jeung kasar pisan. Kiwari éta panta-panta basa masih loba kénéh dipaké tur dipiara. Jadi hiji problematika pikeun sababaraha para budayawan mah, nyaéta ayana sikep narima jeung sikep teu narima anu hartina rék dipaké jeung teu dipaké, teu mangaruhan pikeun pamaké basa, nu penting maké basa Sunda.

Di sagigireun ti éta, tatakrama basa Sunda atawa undak usuk basa Sunda, dihenteu-henteu ogé geus ngabudaya di masarakat Sunda sarta kudu dipikawanoh ku masarakatna pangna di tataran akademis, nembrak pisan undak usuk basa Sunda geus aya dina dunya atikan formal, boh anu menengah boh tingkat luhur.

Kiwari basa Sunda diajarkeun ti SD nepi ka SMA, hasil diajar basa Sunda téh, tangtu dipiharep siswa mahér ngagunakeun basa Sunda, boh lisan, boh tulisan. Salasahiji indikator mampuh ngagunakeun basa Sunda, di antarana dipakéna Undak Usuk Basa Sunda (UUBS) kalawan bener tur merenah.


(6)

3

Patali jeung éta hal, panulis nalungtik korélasi antara kamampuh jeung pangaweruh makéna undak-usuk basa Sunda siswa SMA.

Murid SMA nu diajar basa Sunda geus samistina wanoh kana Undak usuk basa Sunda sarta bisa ngalarapkeunana dina komunikasi sapopoé, boh dina campur gaul jeung pada baturna boh jeung anggota masarakat sabudeureunana.

Dumasar kana kasang tukang di luhur, judul ieu panalungtikan, nyaéta “Korélasi antara Pangaweruh jeung Kamampuh Makéna Undak Usuk Basa Sunda kelas X SMA Plus Merdéka Soréang”.

1.2 Watésan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Ieu panalungtikan ukur nalungtik ayana korélasi ngeunaan kamampuh jeung pangaweruh undak-usuk basa Sunda nu ngawengku ragam basa hormat keur ka batur, ragam basa hormat keur sorangan, ragam basa loma/kasar, ragam basa kasar pisan di kelas X SMA Plus Merdéka Soréang, taun ajaran 2011 – 2012.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar watesan masalah di luhur, ieu panalungtikan maluruh ayana korélasi antara kamampuh jeung pangaweruh siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang dina makéna undak-usuk basa Sunda. Patali jeung ieu panalungtikan aya sababaraha masalah nu kudu dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap:

1) Kumaha pangaweruh makéna undak usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang?


(7)

4

2) Kumaha kamampuh makéna undak usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang?

3) Naha aya korélasi anu signifikan antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak-usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nyaéta pikeun maluruh korélasi antara kamampuh jeung pangaweruh makéna undak usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang.

1.3.2 Tujuan Husus

Panalungtik mibanda tujuan pikeun ngadéskripsikeun:

1) pangaweruh undak usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang.

2) kamampuh makéna undak usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang.

3) korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh dina makéna undak usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan baris dijembarkeun dina dua bagian, mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.


(8)

5

1.4.1 Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan undak usuk basa Sunda sarta bisa jadi bahan évaluasi saréréa sangkan bisa ditarékahan pikeun diungkulan masalah makéna undak usuk basa Sunda. Sarta bisa méré mangpaat ku ayana hasil korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda di sakola-sakola, hususna di sakola SMA Plus Merdéka Soréang.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian tujuan di luhur, ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaat pikeun: 1) Lembaga atikan, pikeun ngajaga ajén inajén anu nyangkaruk dina budaya Sunda, dina makéna undak-usuk basa Sunda, anu dipaké prosés kagiatan diajar.

2) Murid, dina ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuhna ngeunaan makéna undak-usuk basa Sunda, utamana di SMA.

3) Guru, pikeun ngukur pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda sarta bisa méré gambaran korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda siswa SMA.

1.5 Raraga Tulisan

Eusi ieu skripsi ngawengku 5 bab, anu medar ngeunaan “Korélasi antara Pangawéruh jeung Kamampuh makéna Undak Usuk Basa Sunda” sacara sistematis. Dina bab I dipedar ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan jeung


(9)

6

watesan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, anggapan dasar, hipotésis jeung raraga tulisan. Dina bab II dipedar ngeunaan kajian téori panalungtikan nu diantarana ngeunaan, kalungguhan undak usuk basa Sunda dina makéna basa Sunda. Dina bab III dipedar ngeunaan métode panalungtikan, nu ngaruntuykeun sababaraha téori nu ngawengku métode panalungtikan, populasi jeung sampel, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, jeung prosedur ngolah data. Dina bab IV di pedar hasil panalungtikan ngeunaan korélasi pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang. Dina bab V dipedar ngeunaan kacindekan jeung saran.


(10)

27

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan dilakukeun pikeun ngadéskripsikeun “Korélasi antara Pangaweruh jeung Kamampuh Makéna Undak Usuk Basa Sunda”. Siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang.

Dina ieu panalungtikan aya sababaraha léngkah panalungtikan, nyaéta: (1) nyieun soal, (2) nguji kualitas soal (3) ngayakeun tés, (4) ngolah data, (5) ngadeskripsikeun, (6) kacindekan, (7) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntré deui, dibagankeun saperti kieu:

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

korelasi

X Y

X : Pangaweruh ngeunaan undak usuk basa Sunda Y : Kamampuh makena undak usuk basa Sunda

3.2 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta déskriptif korélasional. Panalungtikan déskriptif nyaéta panalungtikan anu ngagambarkeun, atawa medar hiji perkara kalawan ngagunakeun prosedur ilmiah pikeun


(11)

28

ngajawabna sacara aktual. S ipat panalungtikan déskriptif nyaéta ngajelaskeun saayana, sakumaha nu kapanggih dilapangan kalawan medar pasualan nu jadi puseur panalungtikan. Léngkah-léngkah panalungtikan déskriptif nyaéta milih jeung ngarumuskeun hiji pasualan, nangtukeun jenis data jeung prosedur ngumpulkeunana, nganalisis data, nyindekeun, jeung nyieun laporan (Sutedi, 2009: 58).

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh sarta ngadéskripsikeun hubungan atawa korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda. Ku kituna, salian ti métode déskripsi, métode séjénna nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode korélasi, pikeun mikanyaho ayana hubungan antara dua variabel, di antarana variabel X (Pangaweruh undak-usuk basa Sunda) jeung variabel Y (Kamampuh makéna undak undak-usuk basa Sunda).

3.3Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré tur puguh tatapakanna, dina ieu panalungtikan di-tétélakeun sababaraha wangenan operasional.

3.3.1 Korélasi

Korélasi nyaéta studi hubungan antara dua variabel atawa leuwih sarta bisa méré gambaran ngeunaan hubungan antara variabel. Ku kituna dina ieu hal bisa katingali ayana korélasi/hubungan pangaweruh jeung kamampuh murid dina makéna undak usuk basa Sunda.


(12)

29

3.3.2 Pangaweruh Undak Usuk Basa Sunda

Undak usuk basa Sunda nyaéta panta-pantana basa, dipakéna diluyukeun jeung kaayaan umur, kalungguhan, sarta situasi nu nyarita jeung nu diajak nyarita katut nu dicaritakeunana (Tamsyah, 1987: 9). Undak-usuk basa Sunda dipaké ku urang Sunda lantaran basa Sunda mangrupa basa rasa. Ku kituna ieu undak-usuk basa Sunda aya sababaraha tahapan, diantarana aya basa lemes, loma/sedeng, kasar jeung kasar pisan (cohag), panalungtik maluruh pangaweruhna ngeunaan undak-usuk basa Sunda sarta maluruh kamampuh pamahaman kana ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda anu ngawengku, ragam loma, ragam hormat ka batur, sorangan jeung saluhureun sarta dina ragam basa kasar pisan.

3.3.3 Kamampuh Undak Usuk Basa Sunda

Basa Sunda miboga panta-panta makena basa, nyaeta dina ngalarapkeun basa lemes, loma/sedeng, kasar jeung kasar pisan (cohag). Ieu hal mangrupa hiji kamampuh makena undak usuk basa Sunda saumpama dipake dina komunikasina sapopoe. Kukituna kamampuh ngagunakeun undak-usuk basa Sunda nyaéta gumantung kana pangaweuhna dina nyangkem undak usuk basa Sunda.

3.4 Populasi jeung Sampel

Medar ngeunaan perkara populasi jeung sampel, nyaéta pikeun medar ngeunaan perkara nu ditalungtik, saperti dihandap ieu.


(13)

30

a. Populasi

Populasi nyaéta wilayah general objék atawa subjék nu ditalungtik sarta mibanda kualitas jeung karakteristik nu tangtu nepika panalungtik bisa nangtukeun nu rék di talungtikna. Populasi dina ieu panalungtikan nyaéta sakabéh siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang taun ajaran 2011-2012.

b. Sampel

Sampel nyaéta bagian tina wilayah nu rék ditalungtik, nyaéta pikeun ngawakilan nu ditalungtik saumpama populasi nu rék ditalungtik lega teuing, ku kituna sampel digunakeun kalawan ngawakilan sababaraha objék nu rék ditalungtik, sampel nu dipilih kudu bener-bener répréséntatif dina harti objék nu ditalungtik ngawakilan sagemblengna, boh tina karakteristik, boh tina jumlah. Sampel panalungtikan nyaéta siswa kelas X anu jumlahna 65 urang tina 98 urang. Sampel dina ieu panalungtikan ngagunakeun téhnik proposif. Ieu tehnik nyaéta pikeun meunangkeun data ti populasi anu teu di pilah-pilah subjékna pangna dina hal milah-milah antara nu pinter jeung nu bodo. Kukituna ieu sampel miboga anggepan sarua ka sakabéh sampel pikeun jadi subjék panalungtikan (Sugiyono, 2009 : 117-118).

3.5 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa cara (prosedur) pikeun meunangkeun data nu diperlukeun sagemblengna, sangkan tujuan panalungtikan nu dipiharep


(14)

31

kahontal. Tehnik dina ieu panalungtikan ngawengku dua tehnik, nyaéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.5.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés, anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan pangaweruh jeung kamampuh objék panalungtikan. Tés nu dilakukeun nyaéta tés objéktif, anu mangrupa soal-soal nu jawabanna geus disadiakeun. Di antarana tés mangrupa soal-soal pilihan ganda anu jumlahna 30 soal kalawan 4 option.

3.5.2 Téhnik Ngolah Data

Sabada meunangkeun data nu dibutuhkeun ti lapangan, kalawan ngagunakeun téhnik tés, satuluyna data diolah ngagunakeun téhnik analisis statistik.

Léngkah-léngkah nu digunakeun pikeun ngolah data ti lapangan, nyaéta:

a. Analisis Kualitas Soal

Nganalisis soal pangaweruh katut kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda ngawengku uji validitas soal, uji réliabilitas tés, nguji tingkat hésé babarina soal jeung ngitung indéks tingkat pangbéda soal.

b. Analisis Uji Tés

1) Ngitung skor atah (SAK)

2) Ngitung skor atah bersih (SAB), kalawan ngagunakeun rumus

SAB = ∑

B -

�−∑�


(15)

32

Katerangan:

SAB = skor atah bersih B = jawaban bener S = jawaban salah

n = jumlah alternatif jawaban 3) Ngitung mean ideal kalawan rumus:

MI= x SI

4) Ngitung standar deviasi idéal (SDI) kalawan maké rumus :

SDI = x MI

Ngalarapkeun kana skala 10

Tabél 3.1

Pedoman Konvérsi Pikeun Skala 10

Skala angka

Peunteun (ubahan

skala)

Katerangan

MI+2,25 (SDI) 10 sampurna

MI+1,75 (SDI) 9 hadé pisan

MI+1,25 (SDI) 8 hadé

MI+0,75 (SDI) 7 cukup

MI+0,25 (SDI) 6 sedeng

MI-0,25 (SDI) 5 rada sedeng

MI-0,75 (SDI) 4 kurang

MI-1,25 (SDI) 3 kurang

MI-1,75 (SDI) 2 goréng

MI-2,25 (SDI) 1 goréng pisan

c. Uji Hipotésis Korélasi Antara Pangaweruh jeung Kamampuh


(16)

33

Ngitung koéfisien korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda kalawan maké léngkah-léngkah di handap ieu:

1) Ngitung korélasi kalawan maké rumus:

=

� ∑ −(∑ )(∑ )

[� ∑ ²−(∑ )²][� ∑ ²−(∑ )²]

Katerangan:

rxy = koéfisién korélasi

∑XY = jumlah produk X jeung Y

∑X2 = jumlah kuadrat skor X

∑Y2

= jumlah kuadrat skor Y

Sabada ngitung rxy tuluy diinterprétasikeun kana harga rxy di handap ieu:

Tabél 3.2

Klasifikasi Interprétasi Korélasi

0,80 – 1,00 luhur pisan 0,60 – 0,80 luhur 0,40 – 0,60 cukup 0,20 – 0,40 handap 0,00 – 0,20 handap pisan

(Arikunto, 2008: 75) 2) Nguji hipotésis, kalawan ngagunakeun rumus :

t

itung

=

� �−

( −�

Kritéria nguji hipotésis nyaéta lamun titung ≥ ttabél dina taraf signifikan 5%, hartina aya korélasi anu hadé antara pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun


(17)

34

undak usuk basa Sunda. Sabalikna t itung ≤ t tabél hartina euweuh korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda.

3.6 Instrumén Panalungtikan

Panalungtikan kuantitatif, mangaruhan pisan kana kualitas Instrumén jeung kualitas ngumpulkeun data. Panalungtikan kuantitatif raket pisan patalina jeung validitas jeung réliabilitas instrumén sarta kualitas ngumpulkeun data, ku kituna panalungtikan kuantitatif gumantung kana cara panalungtikan jeung instrumén panalungtikanana sangkan hasil instrumén panalungtikan bisa kauji validitas jeung réliabilitasna (Sugiyono, 2009: 305).

3.6.1 Nyusun Instrumén Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, instrumén nu digunakeun nyaéta tés. Tés nyaéta saruntuyan patalékan atawa latihan soal nu dijadikeun alat nu digunakeun pikeun ngukur pangaweruh intelegénsi sarta kamampuh nu dipimilik ku individu atawa kelompok (Arikunto, 2010: 266).

Instrumén nu digunakeun pikeun ngukur pangaweruh jeung kamampuh ngeunaan undak usuk basa Sunda nyaéta mangrupa soal pilihan ganda anu jumlahna 30 soal, anu masing-masing variabel X jeung Y jumlahna 15 soal. Anapon léngkah-léngkah nyieun instrumén nyaéta:

1) Nyieun kisi-kisi soal;


(18)

35

3) Mariksa tur nyarungsum soal;

Kisi-kisi soal anu dijadikeun alat ukur pangaweruh undak usuk basa Sunda bisa dititénan dina tabél di handap ieu:

Tabél 3.3

Kisi-kisi Pangaweruh Undak Usuk Basa Sunda

No Konsep pangaweruh undak usuk basa Sunda

Jumlah soal

No. Soal

1 Wangenan undak usuk basa Sunda 1 5

2 Ragam basa nu dipaké keur ka saluhureun 1 1 4 Ragam basa nu dipaké keur di

forum/hareupeun balaréa 1 3

5 Ragam basa nu dipaké keur ka sato 1 4

6 Ragam basa nu dipaké keur ambek 2 6, 10

7 Ragam basa lemes nu dipaké keur batur 2 7, 14 8 Ragam basa lemes nu dipaké keur

sorangan 2

8, 9, 15

9 Wangenan makéna basa kasar pisan 1 11

10 Wangenan makéna basa loma 1 12

11 Wangenan makéna basa lemes 1 13

Kisi-kisi soal nu dijadikeun alat ukur kamampuh undak usuk basa Sunda bisa dititénan dina tabél di handap ieu:

Tabél 3.4

Kisi-kisi Kamampuh Makéna Undak Usuk Basa Sunda

No Konsép kamampuh undak usuk basa Sunda

Jumlah soal

No. Soal

1 Ngalarapkeun ragam basa lemes keur ka

batur 6

16, 17, 19, 20, 21, 30 2 Ngalarapkeun ragam basa lemes keur

sorangan 3

18, 22, 29

3 Ngalarapkeun ragam basa kasar 3 26, 27,

28


(19)

36

25

3.6.2 Nguji Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan digunakeun pikeun ngukur nilai variabel sarta ngukur data sacara akurat dumasar kana nu ditalungtik (Sugiyono, 2009:133).

a. Nguji Validitas Soal

Nguji validitas soal nu dilakukeun, nyaéta ngagunakeun uji coba instrumén. Uji coba instrumén nyaéta hiji tarékah pikeun mikanyaho valid henteuna soal sacara signifikan, ku kituna sabada di uji coba instrumén nu dilakukeun nyaéta nguji soal ka sampel nu séjén, lain sampel objék panalungtikan, uji instrumén dilakukeun ka 20 urang pikeun nguji validitas soal saacan diujikeun ka objék panalungtikan SMA Plus Merdéka Soréang, uji validitas soal tés dilakukeun maké rumus korélasi product moment kalawan angka kasar saperti di handap ieu :

=

� ∑ −(∑ )(∑ )

[� ∑ ²−(∑ )²][� ∑ ²−(∑ )²]

Katerangan:

rxy = koéfisién korélasi antara variabel x jeung variabel y, dua variabel nu dikorélasikeun.

n = jumlah sampel

X = jumlah total sampel nu ngajawab bener dina hiji soal Y = jumlah total sampel bener tina sakabéh soal


(20)

37

Hasil tina koéfisién dikonsultasikeun kana tabél harga kritik tabél product moment kalawan tingkat kapercayaan 5%. Kritéria nu digunakeun nyaéta lamun r itung > r tabel, éta soal téh dianggap valid.

Tabél 3.5

Klasifikasi Interprétasi Validitas

R Interprétasi

(1) (2)

0,80 < rxy≤ 1,00 Luhur pisan (sampurna) 0,60 < rxy ≤ 0,80 Luhur (validitas luhur)

(1) (2)

0,40 < rxy ≤ 0,60 Cukup (validitas sedeng) 0,20 < rxy≤ 0,40 Handap (validitas handap)

Rxy ≤0,20 Handap pisan (teu valid)

(Suyatna dina Nuraeni, 2011: 60) Dumasar hasil uji validitas soal pangaweruh undak usuk basa Sunda, tina 15 soal nu diujikeun ka 20 siswa, katitén hasilna : 11 soal valid kalawan 1 soal kaasup kana kritéria luhur pisan (sampurna), 2 soal kaasup kana kritéria luhur (validitas luhur), 4 soal kaasup kritéria sedeng (validitas sedeng), 4 soal kaasup kritéria handap (validitas handap), 4 soal teu valid kalawan kritéria handap pisan (teu valid). Sedengkeun soal kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda nu jumlahna 15 soal, 12 soal valid kalawan 1 soal kaasup kana kritéria luhur (validitas luhur), 6 soal kaasup kritéria sedeng (validitas sedeng), 5 soal kaasup kritéria handap (validitas handap), 3 soal teu valid kalawan kritéria handap pisan (teu valid). (Leuwih jéntréna aya dina tabél lampiran).

b. Nguji Réliabilitas

Réliabilitas nyaéta ajeg, hartina bisa ngahasilkeun data nu sarua saumpama digunakeun sababaraha kali. Réliabilitas instrumén aya hubungana


(21)

38

jeung masalah kapercayaana. Ku kituna, uji réliabilitas dilaksanakeun pikeun nunjukeun yén éta instrumén téh bisa dipercaya salaku alat ngumpulkeun data.

Pikeun nguji réliabilitas instrumén tés pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda, léngkah-léngkahna nyaéta:

1. Ngitung rxy ngagunakeun rumus product moment

=

� ∑ −(∑ )(∑ )

[� ∑ ²−(∑ )²][� ∑ ²−(∑ )²]

Katerangan:

rxy = koéfisién korélasi antara variabel x jeung variabel y, dua variabel nu dikorélasikeun.

n = jumlah sampel X = skor ganjil Y = skor genap

2. Data diolah deui ngagunakeun téhnik belah dua, ieu téknik tés dilakukeun sakali, biasana jawaban dibagi dua nyaéta skor tina soal ganjil (X) jeung skor tina soal genap (Y). Satuluyna dimeunangkeun angka korélasina ngagunakeun rumus korélasi product moment diluhur. Anu satuluyna data diasupkeun ngagunakeun rumus:

r =

2 1+

Soal pangaweruh diinterprétasikeun kana rtabél 20 kalawan taraf signifikansi 5% = 0,423, hasil tina téhnik belah dua diluhur dimeunangkeun r = 0,75 (réliabel).


(22)

39

Soal kamampuh diinterprétasikeun kana rtabél 20 kalawan taraf signifikansina 5% nyaéta 0,423 hasil tina téhnik belah dua diluhur dimeunangkeun r = 0,44 (réliabel).

Sanggeus harga ritung dikonsultasikeun kana rtabél , satuluyna ritung diinterprétasikeun kana kritéria réliabilitas pikeun mikanyaho kritéria interprétasina. Dihadap ieu mangrupa klasifikasi interprétasi réliabilitas:

Tabél 3.6

Klasifikasi Interprétasi Réliabilitas

R Interprétasi

0,80-1,00 Luhur pisan

0,60-0,79 Luhur

0,40-0,59 Cukup

0,20-0,39 Handap

0,00-0,19 Handap pisan

( Arikunto, 2008 : 93) Dumasar kana hasil itung diluhur, hasil uji réliabilitas soal pangaweruh téh nyaéta 0,75 hartina, soal tés luhur. Hasil uji réliabilitas soal kamampuh téh nyaéta 0,44 hartina soal tés cukup. (Leuwih jéntréna aya dina tabél lampiran).

c. Nguji Tingkat Hésé Babarina Soal

Pikeun nguji tingkat hésé babarina soal pangaweruh dina wangun pilihan ganda ngagunakeun rumus :

THB =

��


(23)

40

THB = tingkat hésé babarina soal pilihan ganda

nB = lobana réspondén nu ngajawab soal kalawan bener

N = jumlah réspondén

Tabel 3.7

Interprétasi Tingkat Hésé Babarina Soal Tungkat hésé-babarina Interprétasi

0,00 ≤THB< 0,30 Soal hésé

0,31 ≤ THB < 0,70 Soal sedeng

0,71 ≤ THB ≤ 1,00 Soal gampang

(Arikunto, 2008:210) Dumasar hasil uji tingkat hésé babarina soal pangaweruh ngagunakeun undak usuk basa Sunda, tina 15 soal nu diujikeun hasilna: 7 soal kaasup kana katégori soal nu gampang, 8 soal kaasup kana kritéria soal sedeng. Hasil uji tingkat hésé babarina soal kamampuh makéna undak usuk basa Sunda, tina 15 soal nu diujikeun hasilna 8 soal kaasup kana katégori soal nu gampang, 6 soal kaasup kana katégori sedeng, jeung 1 soal kaasup kana katégori hésé. (Leuwih jéntréna aya dina tabél lampiran).

d. Nguji Tingkat Pangbéda

Skor butir nu hadé nyaéta bisa ngabédakeun kelompok asor jeung kelompok unggul. Pikeun ngitung daya pangbéda soal kamampuh wangun pilihan ganda digunakeun rumus:

DP =

�� �

-

�� ��

Katerangan:

DP = daya pangbéda


(24)

41

Sa = jumlah skor siswa kelompok asor

N = jumlah subjék kelompok unggul jeung asor (27,5% tina total réspondén)

Pikeun nafsirkeun tingkat daya pangbéda, dipaké patokan ti saperti dihandap:

Tabél 3.8

Klasifikasi Interprétasi Daya Pangbéda Soal Daya pangbéda Intérprétasi

0,70 ≤ DSP ≤ 1,00 alus pisan

0,40 ≤ DSP ≤ 0,70 Alus

0,20 ≤ DSP ≤ 0,40 Cukup

0,00 ≤ DSP ≤ 0,20 Goréng DSP ( - ) < 0,00 goréng pisan

(Arikunto, 2008: 218) Hasil tina uji daya pangbéda soal pangaweruh ngagunakeun undak usuk basa Sunda tina 15 soal katitén yén 4 soal kaasup kana kritéria alus pisan , 2 soal kaasup kritéria alus, 1 soal kaasup kana kritéria cukup, 7 soal kaasup kana kritéria goréng, 1 soal kaasup kana kritéria goréng pisan. Hasil uji daya pangbéda soal kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda tina 15 soal katitén 1 soal kaasup kana kritéria alus pisan, 3 soal kaasup kana kritéria alus, 4 soal kaasup kana kritéria cukup, 5 soal kaasup kana kritéria goréng, 2 soal kaasup kana kritéria goréng pisan. (Leuwih jéntréna aya dina tabél lampiran).

3.7 Prosedur Panalungtikan

Léngkah-léngkah nu dilakukeun dina ieu panalungtikan ngawengku opat léngkah poko nyaéta: tahap tatahar, tahap ngumpulkeun data, tahap ngolah data, jeung tahap nyusun laporan.


(25)

42

3.7.1 Tahap Tatahar

Aya sababaraha prosés saacan panalungtikan dilaksanakeun, nyaéta: 1) Ngajukeun judul panalungtikan;

2) Nyusun rarancang panalungtikan; 3) Ngayakeun talaah pustaka; 4) Nangtukeun sumber data; 5) Ngayakeun konsultasi.

3.7.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha tahap pikeun ngumpulkeun data, nyaéta: 1) Ngayakeun konsultasi jeung pangaping.

2) Ngayakeun obsérvasi;

3) Nyieun soal tés panalungtikan;

4) Ngayakeun tés pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda;

3.6.3 Tahap Ngolah Data

Pikeun ngolah data, aya sababaraha nu dilakukeun, nyaéta: 1) Ngayakeun konsultasi jeung dosén pangaping

2) Mariksa data nu geus kakumpul ;

3) Ngajén pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda;

4) Ngorélasikeun variabel pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun undak usuk basa Sunda;

5) Ngadéskripsikeun data hasil panalungtikan; 6) Nyieun kacindekan hasil panalungtikan;


(26)

43

3.7.4 Tahap Nyusun Laporan

Saméméh jadi beundeulan skripsi nu mangrupa ahir tina ieu panalungtikan. Sakabéh data panalungtikan nu geus diolah, satuluyna data dicindekkeun hasil ahirna.


(27)

51

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda di kelas X SMA Plus Merdéka Soréang. Hal-hal anu kapanggih dina prosés panalungtikan yén pemahaman siswa ngeunaan ragam basa lemes nu dipaké keur batur jeung ngeunaan wangenan makéna basa lemes, masih kénéh kurang dipikanyaho siswa. Dumasar kana aspék kamampuhna, siswa dina ngalarapkeun ragam basa loma jeung ngalarapkeun kecap dina ragam basa keur sorangan, masih kénéh kurang dikawasa siswa. Tingkat pangaweruh siswa ngeunaan undak usuk basa Sunda, gedéna rata-rata meunang peunteun 7 (cukup), nyaéta aya 14 (21,54%) siswa. Peunteun tingkat kamampuh siswa ngeunaan undak usuk basa Sunda, gedéna rata-rata meunang peunteun 7 (cukup), nyaéta 23 (33,85%) siswa. Hasil itungan tina sakabéh data, gedéna korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda téh 0,30, nu kaasup kana katégori handap, dina taraf signifikansi 5% (N = 65) nuduhkeun harga 0,254, ku kituna, Hi ditarima H0 ditolak, ku kituna korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang téh signifikan.

.


(28)

52

Undak usuk basa Sunda najan aya sawatara pamadegan, heureutna nu maké basa Sunda alatan ayana undak usuk basa Sunda nu jadi balukar lantaran héséna kaserep ku masarakat, yén sok aya paripaos “abdi mah teu tiasa nganggo basa Sunda lemes” hal saperti kitu undak usuk basa Sunda lain jadi rereged pikeun sakumna masarakat dina makéna basa Sunda saumpama dina biantara atawa kagiatan séjéna, tapi undak usuk basa Sunda kudu jadi hiji tangtangan urang Sunda kulantaran undak usuk basa Sunda geus ngabudaya sarta diaku jadi hiji tatakrama dina makéna basa Sunda.

Ningal hal saperti kitu seja méré saran ka sakumna insan akademis di SD, SMP, SMA atawa pakuliahan jeung masarakat umumna, undak usuk basa Sunda kedah diwanohkeun, nu mangrupa ajén budaya urang Sunda dina makéna basa, sangkan teu leungit.

Ku ayana ngolah data ngorélasikeun antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda, katitén hasilna saumpama di sakola aya kénéh atawa henteu diajarkeuna undak usuk basa Sunda. Panalungtik miboga saran dina hal panalungtikan ngeunaan pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda, mudah-mudahan aya nu leuwih lega ambahanana, sangkan bisa katingal ayana nu maké undak usuk basa Sunda.

Panalungtik sadar yén ieu hasil jauh tina sampurna alatan tuna ku pangabisa jeung kanyaho, mudah-mudahan waé ku ayana ieu hasil bisa méré gambaran sarta mangpaat pikeun balaréa.


(29)

53

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik, Jakarta: Rineka Cipta.

________. 1986. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Bina Aksara.

________. 2008. Dasar-dasar Evaluasi Pendidikan. Bandung: Bumi Aksara. Danadibrata, 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Hadi, Ahmad, Spk. 2006. Peperenian. Bandung: CV. Geger Sunten

Nuraeni, Imas Siti. Korélasi Pangaweruh jeung Kamampuh Mahasiswa Tingkat Hiji Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2010/2011 Dina Ngagunakeun Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Red. Manglé. 1987. Polemik Undak Usuk Basa Sunda, Bandung: PT. Manglé Panglipur.

Rosidi, Ajip. 2006. Urang Sunda jeung Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Sudaryat, Yayat. 1991. Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten

________. 1993. Wacana, Adegan Kecap, Prase jeung Klausa Bahasa Sunda. Bandung: CV. Andira Bandung.

Sudaryat, Yayat. Yudibrata, Karna. jeung Prawirasumantri, Abud. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya


(30)

54

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sutedi, Dedi. 2009. Prosedur Penelitian Bahasa Jepang. Bandung: UPI Press. Tamsyah, Budi Rahayu, Spk. 1996. Galuring Basa Sunda, Bandung: Pustaka

Setia.


(1)

3.7.1 Tahap Tatahar

Aya sababaraha prosés saacan panalungtikan dilaksanakeun, nyaéta: 1) Ngajukeun judul panalungtikan;

2) Nyusun rarancang panalungtikan; 3) Ngayakeun talaah pustaka; 4) Nangtukeun sumber data; 5) Ngayakeun konsultasi.

3.7.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha tahap pikeun ngumpulkeun data, nyaéta: 1) Ngayakeun konsultasi jeung pangaping.

2) Ngayakeun obsérvasi;

3) Nyieun soal tés panalungtikan;

4) Ngayakeun tés pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda;

3.6.3 Tahap Ngolah Data

Pikeun ngolah data, aya sababaraha nu dilakukeun, nyaéta: 1) Ngayakeun konsultasi jeung dosén pangaping

2) Mariksa data nu geus kakumpul ;

3) Ngajén pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda;


(2)

43

3.7.4 Tahap Nyusun Laporan

Saméméh jadi beundeulan skripsi nu mangrupa ahir tina ieu panalungtikan. Sakabéh data panalungtikan nu geus diolah, satuluyna data dicindekkeun hasil ahirna.


(3)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda di kelas X SMA Plus Merdéka Soréang. Hal-hal anu kapanggih dina prosés panalungtikan yén pemahaman siswa ngeunaan ragam basa lemes nu dipaké keur batur jeung ngeunaan wangenan makéna basa lemes, masih kénéh kurang dipikanyaho siswa. Dumasar kana aspék kamampuhna, siswa dina ngalarapkeun ragam basa loma jeung ngalarapkeun kecap dina ragam basa keur sorangan, masih kénéh kurang dikawasa siswa. Tingkat pangaweruh siswa ngeunaan undak usuk basa Sunda, gedéna rata-rata meunang peunteun 7 (cukup), nyaéta aya 14 (21,54%) siswa. Peunteun tingkat kamampuh siswa ngeunaan undak usuk basa Sunda, gedéna rata-rata meunang peunteun 7 (cukup), nyaéta 23 (33,85%) siswa. Hasil itungan tina sakabéh data, gedéna korélasi antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda téh 0,30, nu kaasup kana katégori handap, dina taraf signifikansi 5% (N = 65) nuduhkeun harga 0,254, ku kituna, Hi ditarima H0 ditolak, ku kituna korélasi

antara pangaweruh jeung kamampuh siswa kelas X SMA Plus Merdéka Soréang téh signifikan.

.


(4)

52

Undak usuk basa Sunda najan aya sawatara pamadegan, heureutna nu maké basa Sunda alatan ayana undak usuk basa Sunda nu jadi balukar lantaran héséna kaserep ku masarakat, yén sok aya paripaos “abdi mah teu tiasa nganggo

basa Sunda lemes” hal saperti kitu undak usuk basa Sunda lain jadi rereged pikeun sakumna masarakat dina makéna basa Sunda saumpama dina biantara atawa kagiatan séjéna, tapi undak usuk basa Sunda kudu jadi hiji tangtangan urang Sunda kulantaran undak usuk basa Sunda geus ngabudaya sarta diaku jadi hiji tatakrama dina makéna basa Sunda.

Ningal hal saperti kitu seja méré saran ka sakumna insan akademis di SD, SMP, SMA atawa pakuliahan jeung masarakat umumna, undak usuk basa Sunda kedah diwanohkeun, nu mangrupa ajén budaya urang Sunda dina makéna basa, sangkan teu leungit.

Ku ayana ngolah data ngorélasikeun antara pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda, katitén hasilna saumpama di sakola aya kénéh atawa henteu diajarkeuna undak usuk basa Sunda. Panalungtik miboga saran dina hal panalungtikan ngeunaan pangaweruh jeung kamampuh makéna undak usuk basa Sunda, mudah-mudahan aya nu leuwih lega ambahanana, sangkan bisa katingal ayana nu maké undak usuk basa Sunda.

Panalungtik sadar yén ieu hasil jauh tina sampurna alatan tuna ku pangabisa jeung kanyaho, mudah-mudahan waé ku ayana ieu hasil bisa méré gambaran sarta mangpaat pikeun balaréa.


(5)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik, Jakarta: Rineka Cipta.

________. 1986. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Bina Aksara.

________. 2008. Dasar-dasar Evaluasi Pendidikan. Bandung: Bumi Aksara. Danadibrata, 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Hadi, Ahmad, Spk. 2006. Peperenian. Bandung: CV. Geger Sunten

Nuraeni, Imas Siti. Korélasi Pangaweruh jeung Kamampuh Mahasiswa Tingkat

Hiji Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajaran 2010/2011 Dina Ngagunakeun Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Red. Manglé. 1987. Polemik Undak Usuk Basa Sunda, Bandung: PT. Manglé Panglipur.

Rosidi, Ajip. 2006. Urang Sunda jeung Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Sudaryat, Yayat. 1991. Pedaran Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten

________. 1993. Wacana, Adegan Kecap, Prase jeung Klausa Bahasa Sunda. Bandung: CV. Andira Bandung.

Sudaryat, Yayat. Yudibrata, Karna. jeung Prawirasumantri, Abud. 2007. Tata


(6)

54

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif Kualitatif,

dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sutedi, Dedi. 2009. Prosedur Penelitian Bahasa Jepang. Bandung: UPI Press. Tamsyah, Budi Rahayu, Spk. 1996. Galuring Basa Sunda, Bandung: Pustaka

Setia.