BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013.

(1)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN

(BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDON

É

SIA)

SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG

TAUN AJARAN 2012/2013

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

HESTI WIDIASTUTI NIM 0906083

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2013

(2)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN

(BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDON

É

SIA)

SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG

TAUN AJARAN 2012/2013

Oleh Hesti Widiastuti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Hesti Widiastuti 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

HESTI WIDIASTUTI NIM 0906083

“BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3

SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013” Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Temmy Widiastuti, S.Pd, M.Pd

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3

SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Hesti Widiastuti

Program Studi S-1 Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia

(dedeebo2009@yahoo.com)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kurangnya minat siswa terhadap wacana berbahasa Sunda, sebuah wacana yang dianggap lebih sulit dipahami apabila dibandingkan dengan wacana berbahasa Indonesia. Penelitian ini memiliki tujuan untuk mengukur perbandingan kemampuan siswa dalam membaca wacana berbahasa Sunda dengan wacana berbahasa Indonesia. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif analisis komparatif. Sumber data dalam penelitian ini yaitu hasil belajar membaca wacana berbahasa Sunda dan wacana berbahasa Indonesia siswa kelas XI IPA SMA Negeri 14 Bandung tahun pelajaran 2012/2013 yang berjumlah 40 siswa. Teknik penelitian yang digunakan yaitu teknik tes dan angket. Adapun instrumen yang digunakan dalam penelitian ini adalah lembar soal tes atau tes tulis, wacana berbahasa Sunda dan wacana berbahasa Indonesia. Berdasarkan hasil penelitian diperoleh kesimpulan bahwa (1) adanya perbedaan kemampuan siswa dalam membaca wacana berbahasa Sunda dengan rata-rata 57,83% dan wacana berbahasa Indonesia dengan rata-rata 76,3%, (2) adanya beberapa faktor yang mempengaruhi kurangnya kemampuan siswa dalam membaca wacana berbahasa Sunda seperti, bahasa yang digunakan sehari-hari, lingkungan tempat tinggal siswa, kurangnya ketersediaan buku sumber bahasa Sunda di sekolah, kurangnya waktu membaca yang dimiliki siswa, serta minat siswa terhadap pembelajaran bahasa Sunda, dan (3) dari hasil uji hipotesis diperoleh thitung (5,67) > ttabél (1,99), hal ini menyatakan bahwa hipotesis

kerja (Ha) diterima dan hipotesis nol (H0) ditolak. Dengan demikian, dapat

disimpulkan bahwa siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 belum memiliki kemampuan yang baik dalam membaca wacana (basa Sunda) apabila dibandingkan dengan kemampuan dalam membaca wacana (basa Indone

sia).

(5)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

COMPARISON OF THE READING ABILITY BETWEEN SUNDANESE AND INDONESIAN IN DISSCUSSION FOR GRADE XI IPA 3 STUDENTS

SENIOR HIGH SCHOOL AT SMA NEGERI 14 BANDUNG 2012/2013

Hesti Widiastuti

Program Studi S-1 Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia

(dedeebo2009@yahoo.com)

ABSTRAK

The research is motivated by the lack of students' interest in Sundanese language discourse, a discourse that is considered more difficult to understand when compared to the discourse in Indonesian language. This study aims to measure students' abilities in reading comparative discourse with a discourse Sundanese Indonesian language. The method used in this research is descriptive method of comparative analysis. Sources of data in this study are the results of learning to read discourse and discourse Sundanese Indonesian language students of class XI Science SMAN 14 Bandung school year 2012/2013, amounting to 40 students. Research techniques used are engineering tests and questionnaires. The instruments used in this research is a test booklet or written test, discourse and discourse Sundanese Indonesian language. Based on these results we concluded that (1) the difference in students 'abilities in reading Sundanese discourse with an average 57.83% and discourse in Indonesian language with an average of 76.3%, (2) there are several factors that affect students' lack of ability in reading the Sundanese language as discourse, the language used in everyday life, neighborhood students, the lack of availability of books Sundanese resources in schools, lack of time to read the student, as well as the interests of students towards learning Sundanese, and (3) of the test results hypotheses obtained thitung (5.67)> TTable (1.99), it is stated that the working hypothesis (Ha) is accepted and the null hypothesis (H0) is rejected. Thus, it can be concluded that the students of class XI IPA 3 SMAN 14 Bandung Taun Doctrine 2012/2013 has not had a good ability to read the discourse Sundanese when compared with the ability to read a discourse Indonesian.

(6)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu vi

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR PANUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR BAGAN ... xi

DAPTAR GRAFIK ... xii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiii

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 2

1.2.1 Watesan Masalah ... 2

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 3

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 3

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 3

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Raraga Tulisan ... 4

BAB II ULIKAN TÉORI, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Maca ... 6

2.1.1 Wangenan Maca ... 6

2.1.2 Tujuan Maca... 6

2.1.3 Pentingna Maca ... 9

2.1.4 Warna-warna Maca ... 9

2.2 Maca Pamahaman ... 11

2.2.1 Wangenan Maca Pamahaman ... 11

2.2.2 Aspék Maca Pamahaman ... 13

2.3 Kamampuh Maca ... 15

2.3.1 Standarisasi Pamahaman Eusi ... 16

2.4 Pangajaran Maca Basa Sunda SMA ... 16

2.4.1 Maca Pamahaman Mangrupa Bagian tina Pangajaran Basa Sunda ... 16

2.4.2 Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar Pangajaran Maca di SMA Dumasar kana Kurikulum KTSP ... 17

2.5 Pedaran ... 18

2.5.1 Wangenan Pedaran ... 18

2.5.2 Struktur Pedaran ... 18

(7)

vii

2.6.1 Anggapan Dasar ... 19

2.6.2 Hipotésis ... 19

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Populasi jeung sampel ... 20

3.1.1 Populasi ... 20

3.1.2 Sampel ... 20

3.2 Desain Panalungtikan ... 21

3.3 Métode Panalungtikan ... 21

3.4 Wangenan Operasional ... 22

3.4.1 Kamampuh Maca ... 22

3.4.2 Pedaran Basa Sunda ... 22

3.4.3 Pedaran Basa Indonésia... 23

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 23

3.6 Uji Validitas jeung Réliabilitas ... 23

3.6.1 Uji Validitas ... 24

3.6.2 Réliabilitas ... 24

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 25

3.8 Téhnik Ngolah Data ... 26

3.8.1 Nafsirkeun Skor ... 26

3.8.2 Uji Hipotésis ... 28

BAB IV BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONESIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012-2013 4.1 Uji Validitas ... 31

4.1.1 Uji Validitas Soal Tés Kamampuh Maca Pedaran Basa Sunda ... 31

4.1.2 Uji Validitas Soal Tés Kamampuh Maca Pedaran Basa Indonésia ... 34

4.2 Uji Réliabilitas ... 37

4.2.1 Uji Réliabilitas Kamampuh Maca Pedaran Basa Sunda ... 37

4.2.2 Uji Réliabilitas Kamampuh Maca Pedaran Basa Indonésia ... 40

4.3 Uji Hipotésis ... 42

4.4 Nangtukeun Tahap Kamampuh Maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) ... 47

4.4.1 Tahap Kamampuh Maca Pedaran Basa Sunda ... 48

4.4.2 Tahap Kamampuh Maca Pedaran Basa Indonésia ... 50

4.4.3 Siswa anu Mampuh Maca Pedaran Basa Sunda ... 52

4.4.4 Siswa anu Mampuh Maca Pedaran Basa Indonésia ... 54

4.5 Babandingan Kamampuh Maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) Siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung ... 53

4.6 Déskripsi Hasil Angkét ... 55

4.6.1 Faktor-faktor anu Mangaruhan Kamampuh Maca Pedaran Basa Sunda Siswa Kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung ... 59

4.6.2 Tarékah pikeun Ngungkulan Pasualan Maca Pedaran Basa Sunda Siswa Kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung ... 59

(8)

viii

4.4.3 Siswa anu Mampuh Maca Pedaran Basa Sunda ... 52

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 62

5.2 Rékoméndasi ... 63

DAPTAR PUSTAKA ... 65

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 67

(9)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 1

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Basa nya éta pakakas pikeun komunikasina manusa. Nurutkeun Kamus Danadibrata (2006: 68), basa nya éta omongan sapopoé tiap-tiap bangsa. Jadi, basa mangrupa omongan anu dipaké pikeun komunikasi manusa. Ngaliwatan basa, manusa bisa komunikasi langsung jeung manusa séjénna, silih tukeur pangalaman, ngedalkeun rasa, kahayang sarta imajinasi anu aya dina pikiranana.

Nurutkeun Tarigan (2008: 1), aya opat kaparigelan basa anu biasa dipaké dina pangajaran basa, nya éta: ngaregepkeun, maca, nulis, jeung nyarita. Opat kaparigelan éta henteu bisa dipisahkeun, silih mangaruhan jadi hiji beungkeutan anu disebut catur tunggal. Nurutkeun Sudaryat (2004: 12) aya tilu tujuan pangajaran basa Sunda nya éta sangkan siswa: 1) ngajénan jeung ngarasa reueus kana basa jeung sastra Sunda; 2) paham kana basa jeung sastra Sunda (wangun, harti, jeung pungsi); sarta 3) mampuh maké basa jeung sastra Sunda kalawan bener tur merenah. Miang tina tujuan pangajaran basa nu diébréhkeun ku Sudaryat di luhur baris katitén tina kaparigelan basa anu dikawasa ku siswa.

Dumasar SKKD, komponén ngaregepkeun jeung maca kaasup kana tahap pamahaman, ari komponén nyarita jeung nulis kaasup kana tahan aplikasi.

Kiwari masarakat Indonésia geus kurang minat kana kagiatan maca. Hal ieu anu diebréhkeun ku Abidin (2012: 1) yén di lingkungan Sakola, minat siswa kana maca masih kénéh kurang, éta hal dibalukarkeun sababaraha faktor di antarana waé: 1) pangajaran maca di Sakola kurang inovatif nu ngabalukarkeun siswa bosen, jeung 2) kurangna pamahaman siswa kana eusi bacaan nu ngabalukarkeun siswa ngedul maca.

Nurutkeun pangalaman panulis salila PPL (Program Pengalaman

Lapangan) di SMA Negeri 14 Bandung hususna kelas XI anu kurang leuwih opat

bulan lilana (Séptémbér-Désémbér 2012), bisa dicindekkeun minat maca siswa kurang pisan, komo kana maca téks basa Sunda. Téks basa Sunda dianggap hésé dibanding téks basa Indonésia. Ku kituna panulis ngayakeun panalungtikan sacara

(10)

2

pasti, kumaha kamampuh maca téks basa Sunda siswa kelas XI anu diwakilan ku XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung sarta faktor naon anu ngabalukarkeun kurangna minat maca téks basa Sunda di kelas XI IPA 3.

Dumasar kana hal di luhur, ieu panalungtikan nu dilaksanakeun di SMA Negeri 14 Bandung téh dianalisis pikeun ngukur minat maca siswa kana téks basa Sunda di lingkungan sakola SMA Negeri 14 Bandung sarta ngabandingkeun minat siswa antara maca téks Basa Sunda jeung Basa Indonésia.

Maca téks dina ieu panalungtikan nya éta maca Pedaran anu saluyu jeung pangajaran kelas XI, pentingna maca pedaran pikeun siswa dina pangajaran basa nya éta pikeun ngaidéntifikasi, napsirkeun sarta maham kana eusi bacaan. Ku ayana kagiatan maca pedaran, siswa dipiharep leuwih paham kana hal-hal anu aya patalina jeung élmu pangaweruh, boh anu aya patalina jeung kasundaan, boh di luar kasundaan.

Ieu panalungtikan medar hiji kaparigelan nya éta kaparigelan maca lantaran saluyu jeung masalah anu disanghareupan kiwari. Kurangna minat rumaja hususna siswa SMA dina maca téks basa Sunda mangrupa masalah anu kiwari disanghareupan. Teu saeutik siswa SMA anu nganggap maca téks basa Sunda leuwih hése tibatan maca téks dina basa Indonésia. Ku kituna ieu panalungtikan bakal nguji coba kamampuh maca siswa dina maca téks basa Sunda jeung basa Indonésia

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Saluyu jeung kasang tukang, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan ngawengku kamampuh siswa XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung kana maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia), sarta babandingan kamampuh siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung kana maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia).

(11)

3

1. Kumaha kamampuh maca Pedaran (Basa Sunda) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung?

2. Kumaha kamampuh maca Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung?

3. Kumaha hasil babandingan kamampuh maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung? 4. Faktor naon anu mangaruhan kana kamampuh maca pamahaman Pedaran

(Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho babandingan kamampuh maca Pedaran (Basa Sunda) jeung maca Pedaran (Basa Indonésia).

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1. kamampuh maca pamahaman Pedaran (Basa Sunda) siswa kelas XI IPA 3

SMA Negeri 14 Bandung,

2. kamampuh maca pamahaman Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung,

3. hasil babandingan kamampuh maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung,

4. faktor nu mangaruhan kana kamampuh maca pamahaman Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung.

1.4 Mangpaat Pananulungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(12)

4

Ieu panalungtikan téh ngawewegan jeung ngaronjatkeun tiori anu patali jeung kamampuh maca siswa SMA dina pangajaran maca pedaran. Éta tiori téh bisa dijadikeun dadasar pikeun mekarkeun panalungtikan dina widang séjénna.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sangkan leuwih écés deui baris diwincik sababaraha mangpaat anu sipatna praktis, di antarana:

1. pikeun panalungtik, bisa mikawanoh kamampuh sarta minat maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung, sarta faktor naon anu mangaruhan kana hasil panalungtikan;

2. pikeun siswa, hasil tina ieu panalungtikan bakal ngadatangkeun mangpaat pikeun siswa anu miboga masalah dina kaparigelan maca, bisa nimbulkeun minat, sumanget, sarta nambahan kaparigelan dina maca pedaran (Basa Sunda);

3. pikeun guru, bisa mikanyaho kamampuh maca pamahaman kana Pedaran (Basa Sunda) sarta maca Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung, sarta bisa ngaropéa masalah anu bakal timbul dina pangajaran maca pedaran.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I eusina ngeunaan bubuka, nu medar ngeunaan kasang tukang, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, wangenan istilah, métode jeung téhnik panalungtikan, sumber data, sarta raraga tulisan;

Bab II eusina ngeunaan kajian Tiori, medar ngeunaan kaparigelan maca sarta pedaran, anggapan dasar, jeung hipotésis. Dina ieu bab, eusina ngeunaan tatapakan téori anu dipaké dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan;

Bab III eusina ngeunaan métodologi panalungtikan, medar ngeunaan populasi jeung sampel, desain panalungtikan, métode panalungtikan, téhnik

(13)

5

panalungtikan, wangenan oprasional, instrumén panalungtikan, validitas jeung réliabilitas soal tés, téhnik ngumpulkeun data, téhnik ngolah data uji hipotésis;

Bab IV eusina ngeunaan data jeung analisis hasil panalungtikan, medar ngeunaan déskripsi, prak-prakan, jeung hasil babandingan kamampuh maca dina pedaran basa Sunda jeung basa Indonésia siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung taun ajaran 2012/2013; jeung

Bab V eusina ngeunaan Kacindekan jeung Saran. Dina ieu bab, panalungtik nepikeun kacindekan tina hasil panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtikan ka hareupna.

(14)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 20

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Populasi jeung Sampel 3.1.1 Populasi

Nurutkeun Arikunto (2010: 173), populasi nya éta sakabéh subjék dina panalungtikan.

Luyu jeung pamadegan di luhur, dina ieu panalungtikan anu jadi populasi nya éta sajumlahing siswa SMA Negeri 14 Bandung. Tapi lantaran aya sababaraha titimbang, saperti: samporétna waktu, perijinan ka sakola, waragad jeung tanaga. Nu nalungtik ngawatesanan subjék panalungtikan nya éta sakabéh siswa kelas XI SMA Negeri 14 Bandung, anu jumlahna 320 siswa anu kabagi jadi dalapan kelas ti mimiti kelas XI IPA 1 nepi ka XI IPS 3.

3.1.2 Sampel

Sampel nya éta wawakil populasi anu rék ditalungtik. Nurutkeun Arikunto (2010: 174), yén saupama subjék kurang ti 100, leuwih hadé nu nalungtik ngayakeun panalungtikan populasi, anu ngajadikeun sakabéh subjék nu aya pikeun ditalungtik. Tapi saupama jumlah subjékna loba, bisa maké panalungtikan sampel, anu subjékna sakurang-kurangna 10-15% atawa leuwih ti populasi, gumantung kana:

1. kamampuan nu nalungtik tina waktu, tanaga, jeung waragad; 2. lega atawa heureutna wilayah tina unggal subjék; jeung 3. gedé atawa leutikna résiko pikeun nu nalungtik.

Dumasar kana hal-hal di luhur, sampel dina ieu panalungtikan ditangtukeun 12% tina populasi nya éta

x 320 = 38,4. Sangkan éta jumlah téh ajeg, sampel dijejegkeun jadi 40 siswa. Kelas anu dijadikeun sampel nya éta kelas XI IPA 3.

(15)

21

3.2 Desain Panalungtikan

Desain dina ieu panalungtikan ngagunakeun Pre Experimental Design, nurutkeun Campbell jeung Stanley dina Arikunto (2010: 123), desain Pre Experimental dibagi jadi tilu desain di antarana: (1) one shot case study, pres test, jeung (3) static group comparison. Lantaran dina ieu panalungtikan, udagan anu baris dihontal nya éta ngabandingkeun dua variabel. Ku kituna desain anu dipilih nya éta desain static group comparison. Mékanisme panalungtikanna baris digambarkeun dina bagan di handap:

X O1 O2

Katerangan :

X : treatment (maca pedaran) O1 : pedaran Basa Sunda

O2 : pedaran Basa Indonésia

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis komparatif. Nurutkeun Surachmad (1990: 139-140), métode déskriptif nya éta métode anu ngungkulan pasualan anu sipatna aktual ku cara ngumpulkeun data, masing-masingkeun data, jeung napsirkeun data. Sedengkeun tiori métode komparatif nurutkeun Sugiyono (2008: 57), métode komparatif nya éta panalungtikan anu ngabandingkeun hiji variabel atawa leuwih kana dua atawa leuwih sampel anu béda, dina waktu anu béda.

Dumasar kana sababaraha pamadegan di luhur, métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis komparatif, ku jalan ngadéskripsikeun data, ngolah data, jeung ngabandingkeun kamampuh maca pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia) nu kapanggih dina sampel panalungtikan.

Métode komparatif dipaké pikeun ngabandingkeun data dua variabel. Variabel anu dibandingkeun dina ieu panalungtikan nya éta variabel kaparigelan

(16)

22

kampuh maca pamahaman pedaran (Basa Sunda) jeung kamampuh maca pamahaman pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMAN 14 Bandung.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih gampang ngalaksanakeun ieu panalungtikan, leuwih tiheula baris diterangkeun sacara operasional istilah-istilah anu pakait jeung judul panalungtikan. Wangenan operasional ngawengku kana wangenan sacara umum ngeunaan variabel-variabel boh variabel bebas boh variabel kauger (variabel X jeung variabel Y). Ieu wangenan tina variabel panalungtikan baris dipedar saperti ieu di handap.

3.4.1 Kamampuh Maca

Kamampuh maca dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel bébas (variabel X), sabab mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén (variabel Y).

Kamampuh nya éta asal kecapna tina mampuh anu hartina bisa, sanggup, kuat. Sedengkeun maca nya éta nempo sarta maham eusi. Jadi dina ieu panalungtikan kamampuh maca téh nya éta paham kana eusi pedaran anu dibaca ku siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung.

3.4.2 Pedaran Basa Sunda

Pedaran Basa sunda dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bébas (variabel X).

Pedaran nya éta jujutan atawa hiji hal anu dipedar ngaliwatan media tinulis. Pedaran dina ieu panalungtikan ngagunakeun Basa Sunda anu judulna

(17)

23

3.4.3 Pedaran Basa Indonésia

Pedaran Basa Indonésia dina ieu panalungtikan sarua jeung pedaran Basa Sunda kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bébas (variabel X).

Pedaran dina Basa Indonésia hartina bahasan. Dina ieu panalungtikan pedaran anu ngagunakeun Basa Indonésia miboga judul “Upacara Pernikahan Adat Sunda”.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa hal anu kawilang penting dina prosés panalungtikan, sabab kahontal henteuna tujuan panalungtikan ditangtukeun ku alus henteuna instrumén. Instrumén atawa alat anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta:

1. Wacana.

wacana nu digunakeun nya éta Pedaran (Basa Sunda) anu judulna “ Sérén

Taun “ jeung Pedaran (Basa Indonésia) nu judulna tina “ Tradisi Pernikahan

Sunda “; 2. Tés

Tés anu digunakeun nya éta tés objéktif atawa tés pilihan ganda anu lobana 15 soal Pedaran ( Basa Sunda ) jeung 15 soal Pedaran ( Basa Indonésia ), tina 15 soal éta dibagi nurutkeun aspék kognitif, nya éta tilu soal C1, tilu soal C2, tilu soaal C3, dua soal C4, dua soal C5, jeung dua soal C6; jeung

3. Angkét

Angkét anu digunakeun nya éta angkét anonim, sabab siswa leuwih laluasa ngedalkeun pamadeganna.

3.6 Uji Validitas jeung Réliabilitas 3.6.1 Uji Validitas

Nurutkeun Arikunto (2010: 212-213), validitas nya éta ukuran nu nuduhkeun tingkatan-tingkatan validna instrumén. Instrumén nu valid atawa sahih mibanda validitas anu luhur, sabalikna instrumén anu kurang valid berarti

(18)

24

mibanda validitas anu kawilang kurang. Kurang henteuna validitas instrumén nuduhkeun data nu bisa dikumpulkeun teu salah atawa saluyu jeung gambaran ngeunaan validitas nu dimaksud.

Validitas tés nu dipaké nya éta “validitas eksternal”. Validitas tésna dihontal ku jalan ngabandingkeun peunteun siswa anu dihontal tina instrumén jeung peunteun Basa Sunda di rapot. Éta data téh dipatalikeun maké rumus

poduct moment” saperti di handap:

rxy = n.Ʃxy - (Ʃx)(Ʃy)

Katerangan:

rxy : koéfisién korélasi anu dipaluruh

n : jumlah subjék

x : skor tés tina instrumén y : peunteun dina rapot

Dina validitas éksternal, pakakas tés miboga sipat gembleng. Ku kituna, tés anu validitas soalna luhur nuduhkeun yén sagemblengna éta soal geus valid.

3.6.2 Réliabilitas

Sabada diuji validitasna tuluy diuji ogé réliabilitasna, sangkan éta soal téh bisa dibuktikeun bebenerannana. Réliabilitas soal anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta, réliabilitas internal. Dina ieu téknik, skor jawaban tés dianalisis ku cara dibagi dua, antara soal nu ganjil jeung genap. Jumlah tina skor ganjil jeung genap éta diitung maké rumus Flanagan. Nurutkeun Arikunto (2010: n227), rumus nu dipaké nya éta saperti ieu dihandap.

r11 = 2( 1- V1 - V2 )

(19)

25

Katerangan:

r11 : réliabilitas instrumén

V1 : variasi beulahan kahiji (varian skor butir-butir ganjil)

V2 : variasi beulahan kadua (varian skor butir-butir genap)

Vt : variasi skor total

Pikeun nangtukeun sakabéh variasi maké rumus:

V = Ʃx2 - (Ʃx)2

N N

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik dina ieu panalungtikan nya éta ku cara ngalaksanakeun tés jeung angkét. Tés digunakeun pikeun ningali kamampuh maca pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia). Sedengkeun angkét digunakeun pikeun néangan faktor-faktor nu mangaruhan kana kamampuh maca siswa.

Léngkah-léngkah pikeun ngumpulkeun data dina ngalaksanakeun panalungtikan saperti ieu di handap:

1. panalungtikan ngajelaskeun heula téknis dina ngayakeun tés;

2. ngabagikeun instrumén tés ka siswa. Pedaran (Basa Sunda) anu di gunakeun nya éta Upacara Adat Sérén Taun di Kuningan Jawa Barat;

3. téks pedaran anu geus dibaca dikumpulkeun deui; 4. sabada maca nu nalungtik ngabagikeun soal tés;

5. sabada beres tés anu ka hiji, panalungtik ngabagikeun bahasan (Basa Indonésia) anu judulna Tradisi Pernikahan Sunda tuluy dibaca ku siswa, 6. bérés maca, nu nalungtik ngabagikeun soal tés; jeung

(20)

26

3.8 Téhnik Nganalisis Data

Data anu geus dikumpulkeun tuluy diolah pikeun mikanyaho hasil tina tés tina panalungtikan anu geus dilaksanakeun.

Data tina hasil panalungtikan anu dilaksanakeun ditujukeun pikeun mikanyaho masalah-masalah di handap.

1. Kumaha kamampuh maca Pedaran (Basa Sunda) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung?

2. Kumaha kamampuh maca Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung?

3. Kumaha hasil babandingan kamampuh maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung? 4. Faktor naon anu mangaruhan kana kamampuh maca pamahaman Pedaran

(Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung?

5. Pikeun maluruh masalah-masalah di luhur, aya sababaraha léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan.

3.8.1 Nafsirkeun Skor

Sabada skor dipikanyaho, tuluy nangtukeun tahap kamampuh maca pamahaman pedaran Basa dumasar kana Penilaian Acuan Patokan (PAP) 75% maké rumus skala 100%. Sabada diitung maké éta rumus, duluyukeun jeung kritéria peunteun ieu di handap.

Tabel 3.1

Tapsiran Skala Peunteun

(Sudijono, 2009: 312)

No Skala Peunteun Tapsiran

1 2 3 4 5

A B C D E

Luhur Pisan Luhur Sedeng Handap Handap pisan

(21)

27

Sanggeus napsirkeun kamampuh maca pamahaman pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia) unggal siswa dumasar kana PAP 75, saterusna napsirkeun boga henteuna kamampuh siswa kana kamampuh maca pamahaman pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia).

Siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung, dianggap geus boga kamampuh maca pamahaman pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia), lamun sakurang-kurangna nu miboga kamampuh maca téh nya éta 75% atawa leuwih. Sabalikna dianggap can boga kamampuh, lamun kurang ti 75%.

Sangkan nyaho kana luhur handapna tahap kamampuh siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung kana maca pamahaman pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia), maké pamarekan skala 100%. Anu rumusna saperti ieu di handap.

Sabada diitung maké éta rumus, hasil olahan téh ditapsirkeun kana kritéria peunteun skala 100 ieu di handap.

Tabel 3.2

Kritéria peunteun Skala 100

(Sudijono, 2009: 302)

No Skala Peunteun Skor dihontal Tapsiran

1 2 3 4 5

91 - 100% = A 81 - 90% = B

71 - 80% = C 61 - 70% = D ... - 60% = E

91 - 100 81 - 90 71 - 80 61 - 70 .... - 60

Luhur pisan Luhur Sedeng Handap Handap pisan

(22)

28

Sabada réngsé bisa kapanggih babandingan kamampuh maca pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung.

3.8.2 Uji Hipotésis

Sudjana (2005: 446) nétélakeun uji tanda digunakeun pikeun nguji signifikan beda dua rata-rata (mean) nu diacongkeun pikeun ngabuktikeun hipotésis.

Léngkah-léngkahna saperti ieu di handap.

1. Néangan rata-rata peunteun unggal tés, rumusna nya éta:

Katerangan: X : rata-rata

Ʃfx : jumlah peunteun dikali frékuénsi N : jumlah siswa

2. Néangan standar deviasi unggal tés, rumusna nya éta:

Katerangan:

SD : standar deviasi

N : jumlah subjék panalungtikan

Ʃ fx : jumlah frékuénsi dikali peunteun

X = Ʃfx

N

S

D =√ ∑ ∑ N ( N -1 )

(23)

29

3. Néangan standar déviasi gabungan, rumusna nya éta:

Sdg = √ n1 + n2 – 2

Katerangan:

Sdg : standar déviasi gabungan

n1 : jumlah siswa nu maca pedaran Basa Sunda

n2 : jumlah siswa nu maca pedaran Basa Indonésia

S12 : standar déviasi anu dikuadratkeun ti kelompok pedaran Basa Sunda

S22 : standar déviasi anu dikuadratkeun ti kelompok pedaran Basa Indonésia

4. Nangtukeun harga t, rumusna nya éta:

t

=

Katerangan:

X1 : rata-rata kelompok pedaran Basa Sunda

X2 : rata-rata kelompok pedaran bada Indonésia

Sdg : standar déviasi gabungan

n1 : jumlah siswa nu maca pedaran Basa Sunda

n2 : jumlah siswa nu maca pedaran Basa Indonésia.

5. Nangtukeun derajat kabéBasan (db), rumusna nya éta:

(24)

30

6. Nangtukeun harga t tabel

Harga t tabel nalika narima hipotésis

Saupama t tabel < t hitung hipotésis ditolak, jeung

(25)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 62

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan méré gambaran ngeunaan kamampuh maca pedaran (Basa Sunda), kamampuh maca pedaran (Basa Indonésia), babandingan kamampuh maca pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia), sarta faktor anu ngabalukarkeun siswa mampuh maca pedaran (Basa Sunda) jeung (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung taun ajaran 2012/2013.

Luyu jeung tujuan sarta rumusan masalah dina ieu panalungtikan, bisa dicindekkeun:

1. Kamampuh maca pedaran Basa Sunda siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung taun ajaran 2012/2013 kurang lantaran aya 33 siswa (82,5%) anu can mampuh maca pedaran Basa Sunda, sedengkeun siswa anu mampuh maca pedaran Basa Sunda aya tujuh siswa (17,5%).

2. Kamampuh maca pedaran Basa Indonésia siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung taun ajaran 2012/2013 hadé lantaran aya 31 siswa (77,5%) anu mampuh maca pedaran Basa Indonésia, sedengkeun aya salapan siswa (22,5%) anu can mampuh maca pedaran Basa Indonésia.

3. Babandingan antara kamampuh maca pedaran (Basa sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung taun ajaran 2012-2013 béda pisan, kabuktian ku hasil analisis ieu di handap:

1) can mampuh maca pedaran Basa Sunda lantaran rata-rata kamampuhna 57,83 (kurang ti 75); jeung

2) boga kamampuh maca pamahaman pedaran (Basa Indonésia) lantaran rata-rata kamampuhna 79,4 (lantaran leuwih ti 75).

4. Faktor-faktor nu mangaruhan can mampuhna siswa kelas XI IPA 3 SMAN 14 Bandung taun ajaran 2012/2013 kana maca pedaran (Basa Sunda), di antarana:

1) basa, basa anu dipaké di lingkungan sakola, imah jeung lingkungan masarakatna lolobana ngagunakeun Basa Indonésia;

(26)

63

2) lingkungan, siswa anu rata-rata padumukanana di hésé nyangkem Basa Sunda, éta ngabalukarkeun kurangna minat siswa kana pangajaran maca Basa Sunda jeung pangajaran Basa Sunda di sakola;

3) pabukon di sakola, buku Basa Sunda anu disadiakeun di sakola kawilang kurang;

4) waktu maca siswa, dina sabulan siswa leuwih loba maca buku Basa Indonésia tibatan buku Basa Sunda, siswa maca buku Basa Sunda ngan saukur maca buku pangajaran nalika lumangsungna pangajaran Basa Sunda; jeung

5) karesep kana pangajaran Basa Sunda, siswa leuwih resep diajar Basa Indonésia tibatan Basa Sunda, éta katémbong dina jawaban angkét siswa. Salian data-data di luhur, hasil analisis statistik dina hipotésis katémbong yén titung leuwih gedé batan ttabél. Nya éta titung (4,57) > ttabél (1,99). Éta hal

ngagambarkeun yén kamampuh maca pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia) téh béda kalawan taraf signifikan 0,01 jeung taraf kapercayaan 0,975. Hartina, aya béda anu signifikan antara kamampuh maca pedaran (Basa Sunda) jeung pedaran (Basa Indonésia) siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013. Cindekna hasil analisis data hipotésis panalungtikan ditarima.

Tina pedaran data-data di luhur bisa dicindekkeun, yén siswa kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 can mampuh maca pedaran (Basa Sunda) dibandingkeun jeung maca pedaran (Basa Indonésia), alatan faktor-faktor anu mangaruhan kana éta hal.

5.2 Rékomendasi

Saréngséna ieu panalungtikan, aya sababaraha saran saperti ieu di handap. 1. Pikeun guru

1) karesep maca siswa kudu dironjatkeun ngaliwatan model anu merenah; jeung

2) para siswa dibéré pancén maca pedaran leuwih loba, sangkan ngirut siswa pikeun maca.

(27)

64

2. Pikeun para siswa

1) siswa kudu dibiasakeun nyarita maké Basa Sunda;

2) siswa kudu dibiasakeun resep maca bacaan Basa Sunda; jeung 3) siswa kudu remen latihan maca.

3. Pikeun panalungtik

1) Perlu aya panalungtikan ngeunaan maca pedaran Basa Sunda anu leuwih jembar.

Ku ayana rékomendasi di luhur, mugia aya mangpaatna pikeun ngaronjatkeun pangajaran maca pedaran Basa Sunda hususna, pangajaran séjén umumna, pangpangna di SMA Negeri 14 Bandung.

(28)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 65

DAPTAR PUSTAKA

Abidin, Yunus. 2012. Pembelajaran Membaca Berbasis Pendidikan Karakter. Bandung: Refika Aditama.

Abidin, Yunus. 2010. Strategi Membaca (Teori dan Pembelajaran). Bandung: Rizqi Press.

Arikunto, Suharsini. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendeketan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta

Ahuja, Pramila. 2010. Membaca Secara Efektif dan Efisien. Bandung: Kiblat. Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Dinas PendidikanProvinsi Jawa Barat. 2005. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Disdik Jabar.

Fauzi, Fikri. 2009. Babandingan Kamampuh Maca Carpon jeung Cerpen Siswa

Kelas X SMA Negeri 1 Margahayu Kabupatén bandung. Skripsi Sarjana di

FPBS UPI. Bandung: teu diterbitkeun.

Hérnawan. 2009. Peningkatan Kemampuan Membaca Bahasa Indonesia

Menggunakan Model Pengalaman Berbahasa Terkonsentrasi (Concentrated Language Encounter). Tésis Master di FPBS UPI.

Bandung: teu diterbitkeun.

LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Nurgiyantoro, Burhan. (2010). Penilaian dalam pengajaran Bahasa dan Sastra

Indonesia. Yogyakarta: BPFE

Nurgiyantoro, Burhan. (2010). Penilaian Pembelajaran Berbasis Kompetensi. Yogyakarta. BPFE

Nurhadi. 2008. Membaca Cepat dan Efektif. Bandung: Sinar Baru Algensindo. Sudaryat, Yayat. 2004. Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sudjana, Nana 1989. Penelitian dan Penilaian Pendidikan. Bandung: Sinar Baru. Sudjana. 1992. Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sudjana, Nana. 1992. Penilaian Hasil Proses Belajar Mengajar. Bandung: Rosdakarya.

(29)

66

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan (Pendekatan Kuantitatif),

Kualitatif, dan R&d). Bandung: Alfabeta.

Surakhmad, Sumadi. 1985. Pengantar Penelitian Ilmiah. Bandung: Tarsito. Syamsudin jeung Damaianti. (2009). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa.

Bandung: Sekolah Pascasarjana UPI jeung PT Remaja Rosdakarya.

Tampubolon, D.P. 2008. Kemampuan Membaca, Teknik Membaca Efektif dan

Efisien. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Wikipedia.2013. Upacara Adat Sérén Taun. Tersedia:

http://su.wikipedia.org/wiki/Seren_taun [5 Januari 2013] Wikipedia.2013. Upacara Adat Pernikahan. Tersedia:

(1)

30

6. Nangtukeun harga t tabel

Harga t tabel nalika narima hipotésis

Saupama t tabel < t hitung hipotésis ditolak, jeung

(2)

Hesti Widiastuti,2013

BABANDINGAN KAMAMPUH MACA PEDARAN (BASA SUNDA) JEUNG PEDARAN (BASA INDONÉSIA) SISWA KELAS XI IPA 3 SMA NEGERI 14 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013

Universitas Pendidikan Indonesia |repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

62

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI 5.1 Kacindekan

65

DAPTAR PUSTAKA

Abidin, Yunus. 2012. Pembelajaran Membaca Berbasis Pendidikan Karakter. Bandung: Refika Aditama.

Abidin, Yunus. 2010. Strategi Membaca (Teori dan Pembelajaran). Bandung: Rizqi Press.

Arikunto, Suharsini. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendeketan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta

Ahuja, Pramila. 2010. Membaca Secara Efektif dan Efisien. Bandung: Kiblat. Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Dinas PendidikanProvinsi Jawa Barat. 2005. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Disdik Jabar.

Fauzi, Fikri. 2009. Babandingan Kamampuh Maca Carpon jeung Cerpen Siswa

Kelas X SMA Negeri 1 Margahayu Kabupatén bandung. Skripsi Sarjana di

FPBS UPI. Bandung: teu diterbitkeun.

Hérnawan. 2009. Peningkatan Kemampuan Membaca Bahasa Indonesia

Menggunakan Model Pengalaman Berbahasa Terkonsentrasi

(Concentrated Language Encounter). Tésis Master di FPBS UPI.