Sumber Data MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

50 Dini Novianti R, 2014 Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu Cara-cara pikeun ngumpulkeun data dina hiji panalungtikan, disebut métode panalungtikan Arikunto dina Ropiah, 2013, kc. 33. Métode panalungtikan téh kudu disaluyukeun jeung karakteristik garapan panalungtikan, sangkan prosésna lancar sarta hasilna nyoko kana tujuan panalungtikan anu geus ditangtukeun. Tina métode panalungtikan nu geus dipilih téh bakal ngawujud jadi desain panalungtikan.

3.2.1 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh rék nganalisis sarta ngadéskripsikeun data nu kapanggih dina buku kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja. Éta buku diulik ajén éstétisna tuluy hasilna dijadikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di SMA. Métode panalungtikan anu digunakeun nyaéta métode déskriptif analitis anu digabungkeun jeung métode formal. Ceuk Suyatna Ropiah, 2013, kc. 34, tujuan métode déskriptif nyaéta pikeun ngadéskripsikeun sacara ngéntép seureuh, faktual, tur akurat ngeunaan fakta-fakta, sipat-sipat, sarta hubungan antar fénoména anu ditalungtik. Data-data anu geus didéskripsikeun téh tuluy dianalisis saluyu jeung tiori anu dijadikeun cecekelan. Ari métode formal mah dipaké pikeun maluruh unsur-unsur karya sastra dina ieu panalungtikan mah maksudna unsur-unsur éstétis dangding. Ieu métode gabungan téh saluyu jeung karakteristik panalungtikan nu rék digarap. Ngaliwatan ieu métode gabungan téh bakal kapanggih unsur-unsur karya sastra anu satuluyna bakal didéskripsikeun sarta dianalisis nurutkeun ajén éstétisna. Hasil ahirna, bakal kapanggih ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja jeung cara ngalarapkeunana kana pangajaran maham rumpaka tembang minangka bahan ajarna.

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

96 481 35

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN KAAGAMAAN DINA NOVÉL MASYITOH KARANGAN AJIP ROSIDI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA.

2 17 23

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KUMPULAN GUGURITAN LAGU NGAJADI KARYA DIAN HENDRAYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUGURITAN DI SMA KELAS X - repository UPI S BD 1101895 Title

0 2 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING LAGU LIWUNG URANG BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA - repository UPI S BD 1005794 Title

0 2 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉDAGOGIK DINA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WANDA PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA - repository UPI S BD 1305082 Title

0 0 3