AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING LAGU LIWUNG URANG BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA.

(1)

No. 799/FPBS/0251/2014

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING

LAGU LIWUNG URANG BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ujian sidang Sarjana Pendidikan

ku

Dini Novianti R. NIM 1005794

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

Ajén Éstétis dina Kumpulan Dangding

Lagu Liwung Urang Bandung

Karya

Apung S. Wiratmadja pikeun Bahan

Pangajaran Maham Rumpaka Tembang

di SMA

Oleh Dini Novianti R.

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Dini Novianti R. 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Oktober 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

(4)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR BAGAN ... x

DAPTAR LAMPIRAN ... xi

DAPTAR SINGGETAN ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 6

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 7

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Raraga Tulisan ... 8

BAB II LANDASAN TIORI ... 10

(5)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

2.2 Éstétika Resépsi ... 13

2.3 Éstétika Sastra ... 16

2.3.1 Ajén Éstétis dina Karya Sastra ... 17

2.3.2 Unsur Éstétis dina Karya Sastra ... 21

2.3.2.1 Unsur Kabasaan ... 21

2.3.2.2 Unsur Eusi ... 29

2.3.3 Ukuran Ajén Éstétis dina Karya Sastra ... 34

2.4 Dangding ... 36

2.4.1 Unsur-unsur Dangding ... 41

2.5 Bahan Pangajaran ... 43

2.5.1 Bahan Pangajaran Maham Rumpaka Tembang ... 46

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ... 48

3.1 Sumber Data ... 48

3.2 Métode, Téhnik, jeung Instrumén Panalungtikan ... 48

3.2.1 Métode Panalungtikan ... 49

3.2.2 Téhnik Panalungtikan ... 49

3.2.3 Instrumén Panalungtikan ... 50

3.3 Desain Panalungtikan ... 50

3.4 Prosedur Ngolah Data ... 51

3.5 Wangenan Operasional ... 52

BAB IV AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING LAGU LIWUNG URANG BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA ... 55

4.1 Unsur Kabasaan jeung Unsur Eusi Kumpulan Dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja ... 55

(6)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4.1.1 “Campuh” (K1) ... 55

4.1.1.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 56

4.1.1.2 Analisis Unsur Eusi ... 57

4.1.2 “Cikapundung” (K2) ... 59

4.1.2.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 60

4.1.2.2 Analisis Unsur Eusi ... 61

4.1.3 “Dina Angkot” (K3) ... 63

4.1.3.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 64

4.1.3.2 Analisis Unsur Eusi ... 65

4.1.4 “Halodo” (K4) ... 67

4.1.4.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 68

4.1.4.2 Analisis Unsur Eusi ... 69

4.1.5 “Genah Merenah Tumaninah” (S1) ... 70

4.1.5.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 71

4.1.5.2 Analisis Unsur Eusi ... 71

4.1.6 “Parapatan Papanggungan” (S2) ... 73

4.1.6.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 74

4.1.6.2 Analisis Unsur Eusi ... 75

4.1.7 “Pajaratan” (S3) ... 76

4.1.7.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 77

4.1.7.2 Analisis Unsur Eusi ... 78

4.1.8 “Terminal” (S4) ... 79

4.1.8.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 80

4.1.8.2 Analisis Unsur Eusi ... 81

4.1.9 “Wilujeng Énjing, Bandung” (A1) ... 82

4.1.9.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 83

4.1.9.2 Analisis Unsur Eusi ... 84

(7)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4.1.10.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 87

4.1.10.2 Analisis Unsur Eusi ... 87

4.1.11 “PKL” (A3) ... 88

4.1.11.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 90

4.1.11.2 Analisis Unsur Eusi ... 90

4.1.12 “Mahoni téa” (A4) ... 92

4.1.12.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 93

4.1.12.2 Analisis Unsur Eusi ... 93

4.1.13 “Bandung” (D1) ... 94

4.1.13.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 95

4.1.13.2 Analisis Unsur Eusi ... 96

4.1.14 “Budeur Alun-alun” (D2)... 97

4.1.14.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 99

4.1.14.2 Analisis Unsur Eusi ... 100

4.1.15 “Sareupna di Dago” (D3) ... 101

4.1.15.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 102

4.1.15.2 Analisis Unsur Eusi ... 103

4.1.16 “Cenah” (D4) ... 104

4.1.16.1 Analisis Unsur Kabasaan ... 106

4.1.16.2 Analisis Unsur Eusi ... 106

4.2 Implementasi Hasil Panalungtikan kana Pangajaran Maham Rumpaka Tembang di SMA minangka Bahan Ajar ... 108

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 114

5.1 Kacindekan ... 114

5.2 Saran ... 116

(8)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

(9)

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING LAGU LIWUNG URANG

BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA PIKEUN BAHAN

PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA *)

Dini Novianti R. **)

ABSTRAK

Skripsi yang berjudul Ajén Éstétis dina Kumpulan Dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja pikeun Bahan Pangajaran Maham Rumpaka Tembang di SMA ini membahas tentang nilai estetis yang terkandung dalam lirik dangding, ditinjau dari unsur kebahasaan dan unsur isi. Tujuan penelitian ini adalah mendeskripsikan unsur kebahasaan dan unsur isi dalam kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja dan implementasinya dalam pembelajaran memahami rumpaka tembang sebagai bahan ajar. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode formal yang digabungkan dengan metode deskriptif analitis. Penelitian ini menggunakan teknik studi pustaka. Hasil penelitian ini menjelaskan nilai estetis yang terkandung di dalam dangding Lagu Liwung Urang Bandung, dari segi keindahan bahasanya melalui pilihan kata dan gaya basa yang digunakan. Dari bahasanya yang indah tersebut, terkandung makna yang indah (unsur isi). Dengan demikian, unsur kebahasaan dan unsur isinya telah memenuhi syarat nilai estetis karya sastra. Hal ini menunjukkan bahwa makna yang begitu indah dihasilkan oleh bahasa yang indah, hubungan keduanya sangat erat dalam menumbuhkan nilai estetis sebuah karya sastra. Dangding yang terdapat di dalam buku Lagu Liwung Urang Bandung beserta nilai estetis yang terkandung di dalamnya dapat dijadikan bahan ajar memahami rumpaka tembang di SMA.

Kata kunci: ajén éstetis, dangding, dan bahan ajar.

*) Judul skripsi di bawah bimbingan Dr. Retty Isnendes, M. Hum. selaku pembimbing 1 dan Dian Hendrayana, S.S., M.Pd. selaku pembimbing 2

(10)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

**) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Angkatan Th. 2010

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING LAGU LIWUNG URANG

BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA PIKEUN BAHAN

PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA *)

Dini Novianti R. **)

ABSTRACT

A research entitled Ajén Éstétis dina Kumpulan Dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja pikeun Bahan Pangajaran Maham Rumpaka Tembang di SMA explained about aesthetic value which was contained in dangding lyrics, analyzed from the language and contents aspects. This research was aimed to describe the language and contents aspects which was contained in the dangding collection entitled Lagu Liwung Urang Bandung, written by Apung S. Wiratmadja and its implementation as the material for teaching maham rumpaka tembang. This research employed formal method which was combined with analytical descriptive method. The technique used in this research was library research. The result of this research explained about aesthetic value which was contained in the dangding collection entitled Lagu Liwung Urang Bandung, analyzed from the aesthetic value of the language can be seen from the choice of words and the figures of speech. The aesthetic language contained a very beautiful meaning (the contents aspects). So, the language and contents aspects had met literature aesthetic value criteria. These showed that the beautiful meaning came from the aesthetic language. Dangding lyrics existed in Lagu Liwung Urang Bandung, also the aesthetic value from it can be used as the material for teaching maham rumpaka tembang in Senior High School.

(11)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

*) The title of the research under the supervision of Dr. Retty Isnendes, M. Hum. as the first supervisor and Dian Hendrayana, S.S., M.Pd. as the second supervisor **) A student of Sundanese Departmen FPBS UPI Bandung year 2010

(12)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Hasbullah (2008) dina wordpress.com nétélakeun yén nasib sastra Sunda téh beuki ngahariwangkeun. Éta hal balukar tina pangaruh modérnisasi jeung globalisasi anu geus bisa ngarobah pola pikir urang Sunda. Rasionalisasi jeung kamekaran ipték geus ngamodérnisasikeun kahirupan urang Sunda sarta nyuguhkeun cara hirup nu sagala praktis (instan). Résikona, tradisionalisme kasundaan bakal leungit. Dina nyanghareupan kaayaan krisis saperti kitu, sastra Sunda kudu mertahankeun daya fungsionalna sangkan tuluy mekar dina hirup kumbuh urang Sunda. Saupama sastra Sunda geus teu boga daya fungsional, bakal ditinggalkeun ku urang Sundana sorangan.

Hasbullah gé ngajelaskeun yén modérnisasi geus ngarobah citra jeung karesep (selera) urang Sunda jadi pop culture. Misalna waé, ayeuna urang Sunda leuwih resep kana lagu-lagu pop ti batan dangding. Dangding kaasup sastra Sunda nu geus leungiteun daya fungsionalna. Sanajan aya kénéh urang Sunda nu resep kana dangding, tapi éléh ku lobana nu resep kana lagu-lagu pop. Padahal dangding téh teu éléh pikaresepeunna jeung lagu-lagu pop. Katambah deui, dina dangding mah nyangkaruk ajén-inajén anu luhung (Sukri, 1989, kc. 5).

Dangding nyaéta “karangan nu kauger dina wangun pupuh (nu bisa ditembangkeun)” (Isnendes, 2010, kc. 60). Ngarang dangding henteu sagawayah, lantaran kudu gugon kana aturan pupuh nu geus maneuh. Ku kituna, rumpaka dangding sok disebut ogé rumpaka pupuh/tembang. Ari pupuh téh nyaéta rakitan puisi tradisional, anu kauger ku rupa-rupa patokan, boh wangunna boh eusina. Wangunna kauger ku sora vokal dina engang panungtung dina unggal padalisan, sedengkeun eusina kauger ku watek eusina, naha digunakeun keur

(13)

2

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

ngagambarkeun kabungah, kasedih, atawa heureuy. Unggal pupuh geus aya pilagueunana nu geus maneuh (Suryani, 2011, kc. 68).

Rumpaka dangding minangka cipta rasa, medalna teu leupas tina kanyataan-kanyataan nu nyampak dina kahirupan urang Sunda sarta némbongkeun ajén-inajén minangka hasil tina panapsiran-panapsiran alam jeung kahirupan. Di jerona nyangkaruk masalah-masalah batin anu ngawengku sipat-sipat kamanusaan, hakékat hirup, falsafah, jeung kereteg haté manusa. Rumpaka dangding mangrupa ébréhan tina kahirupan urang Sunda ti mangsa ka mangsa, anu engkéna ngajadi budaya bangsa anu luhung ajénna, sabab sakabéh sajarah sastra némbongkeun kalawan jéntré yén karya sastra nu hadé téh salawasna jadi tempat ajén kamanusaan anu tumuwuh, dimumulé, jeung dimekarkeun, salah sahijina nyaéta ajén éstetis.

Nurutkeun Ratna (2011, kc. 36), ajén éstétis téh ngawengku sagala hal nu aya patalina jeung unsur kaéndahan. Ari kaéndahan téh hakékat tina karya seni. Hartina, unggal karya seni tangtu miboga unsur kaéndahan. Ku kituna, dina rumpaka dangding téh nyangkaruk ajén éstétis, sabab dangding kaasup karya seni ogé.

Ajén éstétis aya dina ambahan élmu éstétika (élmu ngeunaan kaéndahan). Ratna (2011, kc. 413) nétélakeun yén éstétika téh aya patalina jeung genre sastra. Lamun dipatalikeun jeung tilu genre utama sastra (puisi, prosa, jeung drama), genre puisi leuwih beunghar ku éstétika sastra, hususna puisi lirik. Unsur-unsur nu aya dina puisi lirik téh nembrakkeun ajén éstétisna. Éta tiori negeskeun deui yén dina rumpaka dangding téh nyangkaruk ajén éstétis, sabab dangding kaasup genre puisi.

Tétéla geuning, dangding téh mibanda ajén éstétis; ajén nu luhung. Ku kituna, dangding téh miboga poténsi diajarkeun ka siswa. Siswa kudu wanoh kana dangding. Salian ti wanoh, hadéna téh barudak bisa ngarasa reueus yén cicing di

(14)

3

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

tatar Pasundan téh bisa mikawanoh tur neuleuman karya sastra heubeul nu luhung ajénna.

Niténan pangajaran sastra Sunda di sakola formal, lolobana guru ngawanohkeun istilah tembang tibatan dangding. Matak teu anéh lamun nanya ka barudak ayeuna ngeunaan dangding téh loba nu ngajawab ku ukur gogodeg, rungah-ringeuh, atawa salah ngahartikeun (disaruakeun jeung kawih). Sanajan kitu, aya ogé nu geus paham bédana dangding jeung kawih.

Tina hasil obsérvasi salila PPL (Program Pengalaman Lapangan) di SMP Negeri 2 Lembang, dangding jarang pisan diajarkeun, nu remen ditepikeun ka siswa téh rumpaka dangding nu geus ilahar. Kuduna mah aya inovasi dina bahan pangajaranna téh, sangkan pangaweruh siswa jadi leuwih jembar tur dinamis. Siswa perlu diwanohkeun jeung conto-conto rumpaka nu anyar. Buku kumpulan dangding bisa dijadikeun salasahiji référénsi pikeun ngajarkeun dangding. Hadéna, dina prosés pangajaranna téh henteu ngan saukur diwanohkeun conto-conto rumpakana hungkul, tapi ogé siswa dituyun neuleuman eusi rumpaka nepi ka kapaluruh ajén-inajénna.

Dumasar kana kurikulum 2013 –Kompetensi Inti Kompetensi Dasar (KIKD– Mata Pelajaran Bahasa Sunda, Tingkat SMA/SMK/MA aya kompetensi dasar (KD) nu aya patalina jeung dangding, nyaéta 11.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan keberadaan bahasa Sunda sebagai sarana untuk memahami rumpaka

tembang dan kawih jeung 12.4.1 Mengapresiasi dan mengekspresikan gagasan,

citraan, dan perasaan dalam bentuk puisi buhun (sisindiran dan guguritan). Dina éta kurikulum digunakeun istilah tembang jeung guguritan. Sanajan béda istilah, tapi wangunna sarua kénéh jeung dangding. Ceuk Elis Suryani (2011, kc. 68), rumpaka dangding téh disebut ogé rumpaka tembang. Ari Retty Isnendes (2010, kc. 61) nyebutkeun dangding téh sarua jeung guguritan. Istilah tembang bisa ngawakilan istilah guguritan, sabab wangun guguritan kauger ku rupa-rupa

(15)

4

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

patokan anu dilarapkeun kana tembang. Jadi, tina dua KD di luhur téh bisa dibeungkeut kana pangajaran tembang.

Niténan kana éta eusi kurikulum, geus tangtu yén pangajaran tembang téh penting keur siswa, utamana maham ajén éstétisna pikeun maluruh ma’na nu saujratna tina rumpaka tembang.

Ku kituna, nilik kana pentingna ajén ététis dina rumpaka dangding pikeun bahan pangajaran tembang, perlu diayakeun panalungtikan. Saluyu jeung hasil Seminar Tembang Sunda 30 Oktober 1976 di Bandung, panalungtikan téh salah sahiji tarékah pikeun ngamumulé tembang Sunda. Tina éta seminar gé ditegeskeun yén tembang/dangding téh miboga mutu éstétis anu hadé pisan. Saupama ajén éstétis tina rumpaka dangding téh geus kaguar, gedé lolongkrangna pikeun ngamumulé ieu karya sastra heubeul. Ngaronjatkeun kasadaran masarakat Sunda yén dangding minangka karya sastra heubeul téh henteu ngan saukur jadi sajarah karya sastra Sunda, tapi ogé miboga fungsi panglipur haté katut pikiran (balukar tina pangalaman éstétis). Saha waé nu maham kana ajén éstétis nu nyangkaruk dina rumpaka dangding, tangtu bakal ngarasa reueus kana éta karya sastra, lantaran henteu babari ngarang lagu anu kauger ku aturan-aturan nu geus ditangtukeun. Leuwih alus deui saupama rumpaka dangding téh dijadikeun bahan pangajaran di sakola-sakola.

Panalungtik milih salasahiji buku kumpulan dangding pikeun dipaluruh ajén éstétisna tuluy hasilna dijadikeun bahan pangajaran rumpaka tembang, judulna Lagu Liwung Urang Bandung, karya Apung S. Wiratmadja. Medalna taun 2006 dina raraga “milangkala kota Bandung anu ka-196”. Éta buku téh eusina ngeunaan kaayaan kota Bandung ti mangsa ka mangsa, dijéntrékeun kalayan teleb dina wangun dangding. Apung S. Wiratmadja salaku seniman Sunda nu geus kahot, nyusun ungkara perkara kota Bandung ngaliwatan ungkara nu beunghar ku ajén éstétis. Kitu pangna panalungtik milih éta buku.

(16)

5

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Panalungtikan nu rék digarap téh aya dina ranah élmu sastra, tapi bisa ngadeudeul kana paélmuan budaya. Hasil tina ieu panalungtikan téh bakal ngawewegan pamadegan ti Ratna (2011, kc. 413) yén genre sastra dina wangun puisi (dangding) téh leubeut ku ajén éstétis.

Saacanna geus aya panalungtikan ngeunaan rumpaka dangding, judulna Purwakanti dina Kumpulan Dangding Jamparing Hariring Karya Dedy Windyagiri ku Ade Indayani (2005) jeung Analisis Struktur Kumpulan Dangding Jamparing Hariring Karya Dedy Windyagiri (Ditilik tina Pamarekan Objéktif) ku Antun Hikmawati E. (2005). Salian ti éta, aya deui panalungtikan nu méh sawanda jeung ieu panalungtikan, judulna Unsur Éstétika dina Rumpaka 17 Sekar Pupuh Karya Godi Suwarna, ku Imas Dachmawangsih (2005). Perkara pedaranana, aya sasaruaan jeung ieu panalungtikan, nyaéta ditilik tina unsur éstétikana nu nyangkaruk dina eusi rumpaka dangding. Bédana, salian ti nalungtik tina jihad eusina, dina ieu panalungtikan mah ditilik ogé tina jihad kabasaanana (gaya basa). Panalungtik ogé miboga udagan sangkan tina hasil ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan pangajaran di sakola formal, hususna pikeun pangajaran tembang di SMA.

Perkara pangajaran tembang, saacanna geus aya nu nalungtik, nyaéta: (1) Deti Yulianti (2014) Kamampuh Ngaregepkeun Pupuh Ngagunakeun Media Audio Pupuh Raéhan Sanggian H. Yus Wiradiredja; (2) Karina Barliani (2013) judulna Media Audio Visual pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngaregepkeun Tembang Pupuh Sekar Ageung; (3) Dyna Islami (2011) Rumpaka Tembang Sunda Cianjuran dina Wanda Rarancagan Karya Mang Bakang pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMA; jeung (4) Mike Wilasmi (2008) Efektivitas Media Kaset pikeun Pangajaran Maca Puisi Pupuh. Nilik kana panalungtikan nu geus kadata, can aya nu nalungtik buku kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung, karya Apung S. Wiratmadja tuluy hasilna dilarapkeun kana pangajaran maham rumpaka tembang. Ku kituna, ieu panalungtikan anu judulna “Ajén Éstétis

(17)

6

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

dina Kumpulan Dangding Lagu Liwung Urang Bandung, Karya Apung S. Wiratmadja pikeun Bahan Pangajaran Maham Rumpaka Tembang di SMA” perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

Sanggeus ngabahas kasang tukang nu dibéjérbéaskeun di luhur, ahirna kapanggih sababaraha masalah anu jawabanna bisa dipaluruh ngaliwatan panalungtikan. Tapi henteu sakabéh masalah bisa digarap, kudu diwatesan heula masalahna tuluy dirumuskeun dina wangun kalimah wawaran atawa pananya. 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang nu geus dipedar di luhur, loba masalah nu bisa ditalungtik. Tapi pikeun ieu panalungtikan, sakabéh éta masalah téh teu bisa ditalungtik sacara babarengan, ambahanna lega teuing. Ti mimiti perkara kamekaran dangding minangka karya sastra heubeul, ajén-inajén nepi ka kalungguhanna dina hirup kumbuh masarakat. Utamana masalah ajén-inajén, numutkeun Uking (1989, kc. 5), dangding téh adiluhung, beunghar ku ajén-inajén. Loba pisan ajén-inajén nu bisa ditalungtik tina rumpaka dangding, tapi panalungtik moal ngagarap ajén sagemblengna. Ku kituna, masalah nu rék ditalungtik téh diwatesan, sangkan pedaranna weweg tur teleb.

Masalah-masalah nu rék ditalungtik téh intina mah ngeunaan ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding. Ajén éstétis bisa diulik tina sababaraha jihad, tapi panalungtik museur kana dua jihad, nyaéta eusi jeung kabasaan. Tina jihad eusi dipaluruh unsur-unsur pangwangunna (struktur). Ari tina jihad kabasaan mah diulik gaya basa nu digunakeun pangarang. Sanggeus kitu, dipatalikeun jeung masalah pangajaran maham eusi rumpaka tembang di SMA (saluyu jeung KIKD 2013).

(18)

7

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Dumasar kana watesan masalah di luhur, masalah nu rék ditalungtik téh dirumuskeun saperti kieu di handap.

1) Kumaha unsur kabasaan jeung unsur eusi dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja?

2) Kumaha impleméntasi hasil ieu panalungtikan kana pangajaran maham rumpaka tembang di SMA minangka bahan ajarna?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Saluyu jeung rumusan masalah nu diwincik di luhur, ieu panalungtikan téh miboga tujuan nu tangtu. Tujuanna aya nu sipatna umum jeung husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum tina ieu panalungtikan nyaéta:

1) pikeun maluruh ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja;

2) pikeun ngeuyeuban pangaweruh hasanah sastra-budaya tradisional masarakat Sunda dina wangun dangding.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nyaéta:

1) ngadéskripsikeun unsur kabasaan jeung unsur eusi dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja;

2) ngajelaskeun impleméntasi hasil ieu panalungtikan kana pangajaran maham rumpaka tembang di SMA minangka bahan ajarna.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ngayakeun panalungtikan téh henteu ngan saukur nyumponan sarat akademis, tapi panalungtik geus neundeun harepan nu bakal mangpaat keur panalungtik sorangan, panalungtik séjén, guru sastra, jeung masarakat. Dipiharep

(19)

8

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

ogé bisa ngeuyeuban pangaweruh dina dunya paélmuan jeung atikan. Mangpaat nu dipiharep téh sipatna bisa tioritis jeung praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Tina hasil ieu panalungtikan téh bakal kapanggih ajén éstétis nu nyangkaruk dina rumpaka dangding, ditilik tina jihad eusi jeung kabasaanana. Éta hal dipiharep bisa mangpaat pikeun panalungtik, guru sastra, jeung masarakat, nyaéta bisa ngajembaran pangaweruh jeung ngeuyeuban pangalaman éstétis. Salian ti éta, ogé dipiharep bisa ngamotivasi panalungtik séjén pikeun ngayakeun panalungtikan nu leuwih teleb tur mundel ngeunaan ajén éstétis nu nyangkaruk dina rumpaka dangding. Ku kituna, ieu hasil panalungtikan téh bisa dijadikeun tatapakan atawa référénsi pikeun panalungtikan satuluyna. Salian ti kitu, ajén éstétis nu nyangkaruk dina rumpaka dangding bisa dijadikeun eunteung dina ambahan dunya sastra-budaya Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, tina hasil ieu panalungtikan téh bisa dimangpaatkeun ku guru sastra pikeun dijadikeun salah sahiji bahan ajar dina pangajaran aprésiasi sastra (genre puisi). Utamana mah keur di SMA, bisa dijadikeun bahan ajar maham rumpaka tembang (saluyu jeung KIKD 2013). Salian ti kitu, masarakat gé bisa ngamangpaatkeun hasil ieu panalungtikan pikeun bahan aprésiasi sastra atawa sawala sastra di luar kapentingan akademis.

1.5 Raraga Tulisan

Raraga tulisan dina hiji panalungtikan miboga fungsi pikeun méré gambaran ngeunaan léngkah-léngkahna jeung gurat badag konsép laporan

(20)

9

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

panalungtikan. Raraga tulisan ieu laporan panalungtikan diwincik saperti kieu di handap.

BAB I: Bubuka

Bab I mangrupa bagian mimiti anu eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan (umum jeung husus), mangpaat panalungtikan (tioritis jeung praktis), jeung raraga tulisan.

Dina ieu panalungtikan, Bab I medar kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan jeung mangpaat panalungtikan anu patali jeung judul panalungtikan nya éta ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja pikeun Bahan Pangajaran Maham Rumpaka Tembang di SMA.

BAB II: Landasan Tiori

Landasan tiori miboga fungsi minangka tatapakan tiori anu ngarojong kana masalah anu dipedar dina panalungtikan, eusina téh ngeunaan konsep-konsep/tiori-tiori nu aya patalina jeung masalah nu keur ditalungtik. Dina ieu bab, ngabahas pamanggih sababaraha ahli atawa anu saacanna geus ngayakeun panalungtikan nu méh sawanda jeung ieu panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan, landasan tiori anu dipedar patali jeung masalah-masalah anu ditalungtik, nya éta ngeunaan konsép, genre, unsur-unsur jeung aprésiasi karya sastra. Utamana mah ngabahas dangding, ajén éstétis, jeung pangajaran tembang.

(21)

10

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Bab III eusina ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan. Dina ieu bab dibahas wangenan operasional, populasi jeung sampel, desain panalungtikan, métode jeung téhnik panalungtikan (instrumén, ngumpulkeun data, jeung analisis data).

BAB IV: Hasil Panalungtikan jeung Pembahasan

Hasil analisis ngeunaan masalah nu ditalungtik téh dibahas dina Bab IV. Sakabéh pamanggih panalungtik didéskripsikeun kalayan jéntré saluyu jeung tiori katut metodologi nu geus ditangtukeun. Panalungtik ngabéjérbéaskeun ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja sarta larapna hasil panalungtikan pangajaran tembang minangka bahan ajarna.

BAB V Kacindekan jeung Saran

Dina Bab V pamanggih panalungtik téh dicindekkeun, nyoko kana tujuan panalungtikan nu geus ditangtukeun. Tuluy panalungtik méré saran pikeun sababaraha pihak anu aya patalina jeung hasil panalungtikan, misalna pikeun masarakat salaku aprésiator karya sastra, pangarang salaku pencipta karya sastra, ogé sababaraha lembaga anu patali jeung kamekaran paélmuan sastra-budaya Sunda.

(22)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data

Sumber data ieu panalungtikan téh nyaéta dangding nu aya dina buku kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja. Éta buku téh diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama dina bulan Oktober taun 2006. Éta buku kakara dicitak sakali. Medal dina raraga ngareuah-reuah milangkala kota Bandung anu ka-196 taun. Éta buku téh bisa medal kalayan pangrojong ti Pamaréntah Kota Bandung. Rumpaka dangding nu aya dina éta buku téh jadi sumber data ieu panalungtikan

Dangding-dangding dina éta buku téh ngagunakeun aturan pupuh sekar ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula). Dangding anu ngagunakeun aturan pupuh Kinanti téh aya 8 judul; Sinom aya 6 judul; Asmarandana aya 5 judul; Dangdanggula mah panglobana, aya 9 judul. Jadi, kabéhanana téh aya 29 judul dangding. Unggal rumpaka téh diwangun ku sababaraha pada anu jumlahna béda-béda: pangsaeutikna 3 pada, sedengkeun panglobana mah 7 pada. Nilik kana aturan pupuh anu digunakeun, loba rumpaka dangding anu wangun jeung eusina téh sarua, ku kituna anu dianalisis téh henteu kabéhanana, tapi 16 (tina unggal pupuh téh dicokot 4 judul).

Data utama ieu panalungtikan téh kekecapan/basa, ari data pangdeudeulna mah mangrupa dokumén (buku-buku pustaka) anu bisa ngadeudeul ieu panalungtikan. Pangna kitu téh, sabab ieu panalungtikan kaasup panalungtikan kualitatif (Rosyidi, 2010, kc. 163).

(23)

50

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Cara-cara pikeun ngumpulkeun data dina hiji panalungtikan, disebut métode panalungtikan (Arikunto dina Ropiah, 2013, kc. 33). Métode panalungtikan téh kudu disaluyukeun jeung karakteristik garapan panalungtikan, sangkan prosésna lancar sarta hasilna nyoko kana tujuan panalungtikan anu geus ditangtukeun. Tina métode panalungtikan nu geus dipilih téh bakal ngawujud jadi desain panalungtikan.

3.2.1 Métode Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh rék nganalisis sarta ngadéskripsikeun data nu kapanggih dina buku kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja. Éta buku diulik ajén éstétisna tuluy hasilna dijadikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di SMA. Métode panalungtikan anu digunakeun nyaéta métode déskriptif analitis anu digabungkeun jeung métode formal.

Ceuk Suyatna (Ropiah, 2013, kc. 34), tujuan métode déskriptif nyaéta pikeun ngadéskripsikeun sacara ngéntép seureuh, faktual, tur akurat ngeunaan fakta-fakta, sipat-sipat, sarta hubungan antar fénoména anu ditalungtik. Data-data anu geus didéskripsikeun téh tuluy dianalisis saluyu jeung tiori anu dijadikeun cecekelan. Ari métode formal mah dipaké pikeun maluruh unsur-unsur karya sastra (dina ieu panalungtikan mah maksudna unsur-unsur éstétis dangding). Ieu métode gabungan téh saluyu jeung karakteristik panalungtikan nu rék digarap. Ngaliwatan ieu métode gabungan téh bakal kapanggih unsur-unsur karya sastra anu satuluyna bakal didéskripsikeun sarta dianalisis nurutkeun ajén éstétisna. Hasil ahirna, bakal kapanggih ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja jeung cara ngalarapkeunana kana pangajaran maham rumpaka tembang minangka bahan ajarna.

(24)

51

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu 3.2.2 Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta téknik studi pustaka. Salila prosés panalungtikan, panalungtik ngamangpaatkeun dokumén-dokumén tertulis, saperti buku, jurnal, jeung artikel.

3.2.3 Instrumén Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngagunakeun instrumén kartu data, sangkan leuwih éféktif dina ngadéskripsikeun jeung nganalisis data. Wangunna téh saperti kieu di handap.

Kode Unsur éstétis Ukuran ajén éstétis

Unsur éstétis Ukuran ajén éstétis

Kabasaan H NI FS Eusi H NI FS

1 2 3 4 5 6 7 8 9

Tabél 3.1 Kartu Data

Dina kolom ka-1, ditulis kode rumpaka dangding nu ditalungtik. Conto kodena kieu: K1 keur judul rumpaka dangding kahiji anu ngagunakeun aturan pupuh Kinanti. Kolom ka-2 mah keur nuliskeun unsur éstétis dangding husus kabasaanna hungkul, nyaéta gaya basa anu digunakeun. Ari kolom ka-6 mah dieusian ku unsur éstétis dangding tina jihad eusina. Tuluy gaya basa anu geus dituliskeun téh dipatalikeun jeung ukuran ajén éstétis dina kolom 3-5, sedengkeun eusi mah dina kolom 7-9. Ukuran ajén éstétis téh harmoni (H), nature & ingenium (NI), jeung fungsi sastra (FS). Lamun nyumponan sarat éstétis, ditulis tanda céntang (√) dina kolomna.

(25)

52

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu 3.3 Desain Panalungtikan

Gurat badag ngeunaan léngkah-léngkah ieu panalungtikan téh digambarkeun dina desain panalungtikan. Dumasar kana métode nu digunakeun, desain ieu panalungtikan wangunna sakumaha nu katangén di handap.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Maluruh unsur éstétis karya sastra unggal rumpaka dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja. Kodisasi rumpaka dangding nu rék ditalungtik dina kumpulan dangding

Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja.

Ngadéskripsikeun unsur éstétis nu geus dipaluruh.

Nganalisis data sagemblengna.

Matalikeun unsur éstétis jeung ukuran ajén éstétis.

Nyieun kacindekan. Napsirkeun hasil analisis.

(26)

53

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu 3.4 Prosedur Ngolah Data

Lamun sakabéh data anu dibutuhkeun téh geus didéskipsikeun, satuluyna éta data-data téh kudu diolah ngagunakeun prosedur anu sistematis tur éféktif. Hasil déskripsina téh nyaéta unsur-unsur éstétis dina rumpaka dangding: unsur kabasaan (gaya basa) jeung unsur eusi (téma, rasa, nada, amanat, purwakanti, jeung pedotan). Dumasar kana métode, desain, jeung téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan, prosedur ngolah datana dijéntrékeun saperti kieu:

1) matalikeun unsur éstétis jeung ukuran ajén éstétis. Ukuran ajén éstétis téh nyaéta harmoni, natura & ingenium, sarta fungsi sastra. Maksud tina harmoni téh gaya dina sastra saluyu jeung téma nu dipilih, cara dina ngungkabkeunna gé kudu saluyu jeung karakteristik pamaca. Kaparigelan pangarang katitén tina kamampuh nyiptakeun karya sastra anu hadé ngaliwatan unsur-unsur éstétis sastra, éta patali jeung sarat natura & ingenium. Ari sarat fungsi sastra mah aya hubunganna jeung mangpaat éta karya sastra. Dina ieu tahap, dirojong ku data-data anu geus ditulis dina kartu data (instrumén panalungtikan). Sabenerna mah ieu tahap téh geus kaasup tahap nganalisis, ngan henteu teleb, sabab nu diulikna ngan anu aya dina kartu data, ari kartu data téa kawatesanan ku ruang, jadi hal-hal penting téh henteu bisa katuliskeun sacara jéntré jeung deui ukur bisa dianalisis perbagian (unsur); 2) nganalisis data sagemblengna. Sanggeus matalikeun unsur éstétis jeung

ukuran ajén éstétis, tuluy sakabéh data dianalisis sacara gembleng, lain nganalisis perbagian deui. Dina ieu tahap, analisis leuwih teleb, sabab ngabahas sagala hal anu teu katuliskeun dina kartu data;

3) napsirkeun hasil analisis. Sakabéh data anu geus dianalisis sacara gembleng téh kudu ditapsirkeun, pikeun nyangking pamanggih anu weweg, anu satuluyna bakal ngawujud jadi kacindekan;

(27)

54

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

4) nyieun kacindekan. Kacindekan kudu saluyu jeung tujuan panalungtikan. Ieu téh tahap pangahirna dina prosés ngolah data. Kacindekan nyoko kana hasil pedaran ti tahap ka-1 nepi ka tahap ka-3.

3.5 Wangenan Operasional

Istilah-istilah anu digunakeun dina judul ieu panalungtikan (“Ajén Éstétis dina Kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja pikeun Bahan Pangajaran Maham Rumpaka Tembang di SMA”) téh, kudu dijelaskeun sangkan nu maca hasil ieu panalungtikan moal salah ngahartikeun, bakal saluyu jeung pamikiran panalungtik. Ku kituna, ieu di handap dijelaskeun ngeunaan ajén éstétis, kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja, jeung bahan pangajaran maham rumpaka tembang.

1) Ajén Éstétis

Dumasar kana tiorina, ajén éstétis téh sagala hal nu aya patalina jeung kaéndahan, ditilik alus-goréngna. Ajén éstétis karya sastra nyangkaruk dina unsur basa jeung eusina. Unsur basana téh didominasi ku gaya basa, sedengkeun unsur eusina mah nyaéta téma, nada, rasa, amanat, purwakanti, jeung pedotan (unsur has dangding). Ajén éstétis hiji karya kudu nyumponan sarat decorum, natura katut ingenium, jeung fungsi sastra (tiori Horatius). Dina ieu panalungtikan téh panalungtik maluruh ajén éstétis nu nyangkaruk dina buku kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung, karya Apung S. Wiratmadja.

2) Kumpulan Dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja

(28)

55

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Dangding téh karya sastra heubeul dina wangun puisi anu kauger ku patokan-patokan pupuh. Patokanana téh guru lagu, guru wilangan, jumlah padalisan dina sapadana, jeung watek.

Panalungtik milih salah sahiji buku kumpulan dangding anu judulna Lagu Liwung Urang Bandung, karya Apung S. Wiratmadja. Hadéna, éta judulna téh bisa dipikaharti ma‟nana. Sacara harfiah, liwung téh hartina „bingung‟ atawa „baluweng lantaran pegat kacintaan‟ (LBSS, 2007, kc. 272). Dina Ensiklopedi Sunda (2000, kc. 384) mah liwung téh istilah karawitan Sunda nu diasongkeun ku R. Mahyar Angga Kusumahdinata minangka ngaran surupan dina laras pélog. Tapi harti nu saluyu jeung maksud éta judul nyaéta “bingung” atawa “baluweng”. Katitén tina tulisan di bagian cover tukang anu unina saperti kieu: “Aya rasa ngenes nu nyerenteng neumbag dada... Tapi aya ogé rasa nineung nu tetep ngalangkang, hamo bisa disisilihan”. Bisa jadi éta téh lantaran pangarang (Apung S.W.) ningali Bandung baheula mah éndah, matak pangarang ngarasa nyaah ka kota Bandung, tapi kaayaan Bandung ayeuna geus lain anu dipikadeudeuh ti baheula, matak timbul rasa keuheul, ambek, sedih, jeung kecéwa anu ahirna pangarang jadi baluweng. Kacindekanana, maksud tina judul Lagu Liwung Urang Bandung téh eusina ngeunaan tembang nu ngagambarkeun kabingung urang Bandung pédah ningali kaayaan lembur anu dipikacintana teu éndah siga baheula.

3) Bahan Pangajaran Maham Rumpaka Tembang

Tina hasil panalungtikan ngeunaan ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja téh dipiharep bisa dijadikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang (saluyu jeung kurikulum SMA 2013: KIKD).

(29)

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh nganalisis ajén éstétis anu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung, karya Apung S. Wiratmadja, ditilik tina unsur kabasaan jeung unsur eusina. Ditalungtik ngagunakeun métode formal anu digabungkeun jeung métode déskriptif analitis. Ari téhnikna mah studi pustaka. Analisisna ngalarapkeun tiori ti Richard (unsur eusi), Tamsyah (unsur kabasaan jeung eusi), Dian Hendrayana (pedotan), jeung Horatius (ukuran ajén éstétis). Tina 29 judul dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung téh anu ditalungtikna mah 16 judul.

Unsur kabasaan dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung téh lolobana ngagunakeun basa Sunda nu geus ilahar diucapkeun dina paguneman sapopoé. Salian ti éta, ogé aya basa anu teu ilahar; ngareumpak aturan katatabasaan jeung jarang dipaké dina paguneman sapopoé urang Sunda. Kekecapan anu asalna lain tina basa Sunda gé kapanggih dina ungkara dangding-dangding Lagu Liwung Urang Bandung, nyaéta tina basa Arab, basa Jawa, jeung basa Indonesia. Basa dina karya sastra téh bakal karasa éndah saupama dimomonés ku gaya basa. Umumna mah, rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung ngagunakeun gaya basa mijalma jeung ngupamakeun. Gaya basa téh nuduhkeun kasaimbangan bakat jeung kaparigelan pangarang dina ngolah basa sangkan bisa numuwuhkeun ajén éstétis (sarat éstétis nature & ingenium). Apung S.W. parigel pisan dina ngarakit basa anu éndah, sanajan kauger ku rupa-rupa patokan.

Nilik kana unsur eusina, dangding-dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh témana ngeunaan kaayaan Bandung ayeuna. Anu dicaritakeun téh

(30)

117

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

aya patalina jeung kaéndahan alam di Bandung, infrastruktur (jalan), jeung kalakuan urang Bandung. Dina sababaraha rumpaka, pangarang ngabandingkeun kaayaan Bandung kiwari jeung mangsa bihari. Sabenerna mah, Bandung anu baheula leuwih éndah, tingtrim, genah, merenah, tur tumaninah ti batan Bandung ayeuna. Loba hal-hal anu piéndaheun ti Bandung téh geus laleungitan jeung raruksak. Antukna, timbul rasa sedih, prihatin, jeung ambek, lantaran Bandung nu ayeuna geus lain dayeuh anu dipikameumeut siga baheula. Tina rumpaka-rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh pamaca diajak mikir (nada) pikeun nyiar bongbolonganana. Salian ti diajak mikir, pamaca gé dipapagahan ngeunaan cara ngurus alamna ngarah resik tur asri. Inti amanatna téh nyaéta kaéndahan alam kudu dijaga tur diriksa, sangkan moal ngarugikeun kahirupan manusa.

Salian ti éta, aya unsur pangwangun eusi séjénna anu nambahan kualitas ajén éstétis éta rumpaka-rumpaka dangding, nyaéta purwakanti jeung pedotan. Rumpaka-rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh beunghar pisan ku purwakanti, matak kekecapanna karasa éndah pas dibaca téh; ngagalindeng. Panglobana nu dipaké mah purwakanti laraswekas jeung maduswara. Kekecapan anu murwakanti téh henteu ngan saukur genah dibacana, tapi ogé bakal merenah ditembangkeun ku cara ngalarapkeun pola pedotan anu merenah ogé. Pola pedotan dina ungkara-ungkara rumpaka dangding Lagu Liwung Urang Bandung téh lolobana 2-2-2-2 jeung 3-2-3 (tiori Hendrayana).

Dumasar kana ukuran ajén éstétis: harmoni, nature & ingenium, jeung fungsi sastra, unsur eusi rumpaka dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung téh geus nyumponan éta tilu sarat. Ma’nana nu éndah saluyu jeung ciri has eusina. Salian ti kitu, kaéndahanana karasa tina gumulungna unggal unsur pangwangun eusi (téma, rasa, nada, amanat, purwakanti, jeung pedotan). Ma’na anu éndah téh bakal karasa leuwih éndah ku cara genah ditembangkeun (dampak tina pola pedotan anu merenah). Katambah deui, ma’na nu éndah tina rumpaka

(31)

118

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh bisa dimangpaatkeun dina kahirupan sapopoé, bakal kapaké pisan.

Ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung téh bisa dilarapkeun kana pangajaran maham rumpaka tembang di SMA, sabab saluyu jeung kurikulum 2013 (Kompetensi Inti dan Kompetensi Dasar). Sanggeus dipatalikeun jeung kritéria bahan ajar nu hadé, hasil ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan ajar dina éta pangajaran.

5.2 Saran

Tina hasil ieu panalungtikan téh loba hal-hal penting anu bisa dimangpaatkeun, tapi di sagigireun éta panalungtik gé sadar kana kakurangan ieu panalungtikan. Ku kituna, panalungtik ngajukeun saran keur sababaraha pihak, nyaéta pikeun guru basa Sunda, panalungtik, pamaréntah, jeung masarakat umum. 1) Guru basa Sunda dipiharep bisa ngamangpaatkeun hasil ieu panalungtikan pikeun dijadikeun bahan ajar dina pangajaran maham rumpaka tembang, sabab geus kaasup kritéria nu hadé.

2) Panalungtik diperedih nalungtik dangding kalayan leuwih teleb tur mundel ambahanana, anu ditilik tina aspék séjén, leuwih hadé deui dipatalikeun jeung widang atikan. Hasil ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan référénsi pikeun panalungtikan satuluyna.

3) Pamaréntah disarankeun leuwih merhatikeun deui kalungguhan rumpaka tembang dina widang atikan. Hususna, rumpaka dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung téh bisa dijadikeun pangdeudeul dina pangajaran tembang, sabab miboga ajén éstétis.

4) Masarakat dipiharep bisa ngamangpaatkeun ieu hasil panalungtikan minangka bahan aprésiasi sastra.

(32)

120

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Aisah, I. (2013) Analisis Struktural Puisi Mantra Di Désa Cimindi Kacamatan Cigugur Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Puisi Di SMA Kelas X. Skripsi, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Aminuddin. (2004) Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Aningsih, A. (2013) Analisis Struktural Puisi Mantra di Desa Cengcal Kacamatan Japara Kabupaten Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Puisi di SMA. Skripsi, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Dachmawangsih, I. (2005) Unsur Éstétika dina Rumpaka 17 Sekar Pupuh Karya Godi Suwarna. Skripsi, Universitas Pendidikan Indonesia.

Hasbullah, M. (2008) Kebudayaan Sunda Diambang Kepunahan. [Online]. Aya dina: http://moeflich.wordpress.com/2008/04/01/kebudayaan-sunda-diambang-kepunahan/ [Diunduh tanggal 18 September 2014]. Hendrayana, D. (2012) “Perkara Dangding” dina Manglé.

Hikmawati, A. (2005) Analisis Struktur Kumpulan Dangding Jamparing Hariring Karya Dedy Windyagiri (Ditilik Tina Pamarekan Objektif). Skripsi, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Iskandarwassid jeung Sunendar, D. (2011) Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Isnendes, R. (2010) Teori Sastra. Bandung: Wahana Karya Grafika. Kartika, D.S. (2007) Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Kartika, D.S. jeung Perwira, N.G. (2004) Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

(33)

121

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Koswara, D. jeung Ruhaliah (éditor). (2010) Sastra Sunda Buhun. Bandung: Wahana Karya Grafika.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (2007) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Pradopo, R.D. spk. (2001a) Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Hanindita Graha Widya.

Pradopo, R.D. (2003b) Beberapa Teori Sastra, Metode, Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, N.K. (2010) Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, N.K. (2011) Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, A. spk. (2000) Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosyidi, M.I. spk. (2010) Analisis Teks Sastra. Yogyakarta: Graha Ilmu. Satjadibrata, R. (2011a) Kamus Sunda-Indonesia. Bandung: Kiblat. Satjadibrata, R. (2005b) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., jeung Yudibrata, K. (2011) Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sudaryat, Y. spk. (tanpa taun) Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press. Sukri, U. (1989) Pamelaran Tembang Sunda 1. Bandung: Mitra Buana. Sumardjo, J. (2000) Filsafat Seni. Bandung: Institut Teknologi Bandung.

Suryani, E. (2011) Calakan Aksara, Basa, Sastra, Katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.

Tamsyah, B.R. (1996a) Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tamsyah, B.R. (2001b) “Gaya Basa” dina Galuring Basa. Bandung: Pustaka Setia.

Tamsyah, B.R. (2003c) Kamus Lengkap Sunda-Indonesia Indonesia-Sunda Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Teeuw, A. (2013) Sastra dan Ilmu Sastra. Bandung: Pustaka Jaya.

(34)

121

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Wiratmadja, A. S. (2006) Lagu Liwung Urang Bandung. Bandung: Kiblat.

(2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh nganalisis ajén éstétis anu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung, karya Apung S. Wiratmadja, ditilik tina unsur kabasaan jeung unsur eusina. Ditalungtik ngagunakeun métode formal anu digabungkeun jeung métode déskriptif analitis. Ari téhnikna mah studi pustaka. Analisisna ngalarapkeun tiori ti Richard (unsur eusi), Tamsyah (unsur kabasaan jeung eusi), Dian Hendrayana (pedotan), jeung Horatius (ukuran ajén éstétis). Tina 29 judul dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang Bandung téh anu ditalungtikna mah 16 judul.

Unsur kabasaan dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung téh lolobana ngagunakeun basa Sunda nu geus ilahar diucapkeun dina paguneman sapopoé. Salian ti éta, ogé aya basa anu teu ilahar; ngareumpak aturan katatabasaan jeung jarang dipaké dina paguneman sapopoé urang Sunda. Kekecapan anu asalna lain tina basa Sunda gé kapanggih dina ungkara dangding-dangding Lagu Liwung Urang Bandung, nyaéta tina basa Arab, basa Jawa, jeung basa Indonesia. Basa dina karya sastra téh bakal karasa éndah saupama dimomonés ku gaya basa. Umumna mah, rumpaka dangding dina Lagu Liwung

Urang Bandung ngagunakeun gaya basa mijalma jeung ngupamakeun. Gaya basa

téh nuduhkeun kasaimbangan bakat jeung kaparigelan pangarang dina ngolah basa sangkan bisa numuwuhkeun ajén éstétis (sarat éstétis nature & ingenium). Apung S.W. parigel pisan dina ngarakit basa anu éndah, sanajan kauger ku rupa-rupa patokan.

Nilik kana unsur eusina, dangding-dangding dina Lagu Liwung Urang

(2)

117

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

aya patalina jeung kaéndahan alam di Bandung, infrastruktur (jalan), jeung kalakuan urang Bandung. Dina sababaraha rumpaka, pangarang ngabandingkeun kaayaan Bandung kiwari jeung mangsa bihari. Sabenerna mah, Bandung anu baheula leuwih éndah, tingtrim, genah, merenah, tur tumaninah ti batan Bandung ayeuna. Loba hal-hal anu piéndaheun ti Bandung téh geus laleungitan jeung raruksak. Antukna, timbul rasa sedih, prihatin, jeung ambek, lantaran Bandung nu ayeuna geus lain dayeuh anu dipikameumeut siga baheula. Tina rumpaka-rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh pamaca diajak mikir (nada) pikeun nyiar bongbolonganana. Salian ti diajak mikir, pamaca gé dipapagahan ngeunaan cara ngurus alamna ngarah resik tur asri. Inti amanatna téh nyaéta kaéndahan alam kudu dijaga tur diriksa, sangkan moal ngarugikeun kahirupan manusa.

Salian ti éta, aya unsur pangwangun eusi séjénna anu nambahan kualitas ajén éstétis éta rumpaka-rumpaka dangding, nyaéta purwakanti jeung pedotan. Rumpaka-rumpaka dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh beunghar pisan ku purwakanti, matak kekecapanna karasa éndah pas dibaca téh; ngagalindeng. Panglobana nu dipaké mah purwakanti laraswekas jeung maduswara. Kekecapan anu murwakanti téh henteu ngan saukur genah dibacana, tapi ogé bakal merenah ditembangkeun ku cara ngalarapkeun pola pedotan anu merenah ogé. Pola pedotan dina ungkara-ungkara rumpaka dangding Lagu

Liwung Urang Bandung téh lolobana 2-2-2-2 jeung 3-2-3 (tiori Hendrayana).

Dumasar kana ukuran ajén éstétis: harmoni, nature & ingenium, jeung fungsi sastra, unsur eusi rumpaka dangding nu aya dina Lagu Liwung Urang

Bandung téh geus nyumponan éta tilu sarat. Ma’nana nu éndah saluyu jeung ciri

has eusina. Salian ti kitu, kaéndahanana karasa tina gumulungna unggal unsur

pangwangun eusi (téma, rasa, nada, amanat, purwakanti, jeung pedotan). Ma’na

anu éndah téh bakal karasa leuwih éndah ku cara genah ditembangkeun (dampak

(3)

118

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

dangding dina Lagu Liwung Urang Bandung téh bisa dimangpaatkeun dina kahirupan sapopoé, bakal kapaké pisan.

Ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang

Bandung téh bisa dilarapkeun kana pangajaran maham rumpaka tembang di SMA,

sabab saluyu jeung kurikulum 2013 (Kompetensi Inti dan Kompetensi Dasar). Sanggeus dipatalikeun jeung kritéria bahan ajar nu hadé, hasil ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun bahan ajar dina éta pangajaran.

5.2 Saran

Tina hasil ieu panalungtikan téh loba hal-hal penting anu bisa dimangpaatkeun, tapi di sagigireun éta panalungtik gé sadar kana kakurangan ieu panalungtikan. Ku kituna, panalungtik ngajukeun saran keur sababaraha pihak, nyaéta pikeun guru basa Sunda, panalungtik, pamaréntah, jeung masarakat umum.

1) Guru basa Sunda dipiharep bisa ngamangpaatkeun hasil ieu panalungtikan pikeun dijadikeun bahan ajar dina pangajaran maham rumpaka tembang, sabab geus kaasup kritéria nu hadé.

2) Panalungtik diperedih nalungtik dangding kalayan leuwih teleb tur mundel ambahanana, anu ditilik tina aspék séjén, leuwih hadé deui dipatalikeun jeung widang atikan. Hasil ieu panalungtikan bisa dijadikeun bahan référénsi pikeun panalungtikan satuluyna.

3) Pamaréntah disarankeun leuwih merhatikeun deui kalungguhan rumpaka tembang dina widang atikan. Hususna, rumpaka dangding nu aya dina Lagu

Liwung Urang Bandung téh bisa dijadikeun pangdeudeul dina pangajaran

tembang, sabab miboga ajén éstétis.

4) Masarakat dipiharep bisa ngamangpaatkeun ieu hasil panalungtikan minangka bahan aprésiasi sastra.

(4)

120

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Aisah, I. (2013) Analisis Struktural Puisi Mantra Di Désa Cimindi Kacamatan

Cigugur Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Puisi Di SMA Kelas X. Skripsi, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas

Pendidikan Indonesia.

Aminuddin. (2004) Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Aningsih, A. (2013) Analisis Struktural Puisi Mantra di Desa Cengcal

Kacamatan Japara Kabupaten Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Puisi di SMA. Skripsi, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia.

Dachmawangsih, I. (2005) Unsur Éstétika dina Rumpaka 17 Sekar Pupuh Karya

Godi Suwarna. Skripsi, Universitas Pendidikan Indonesia.

Hasbullah, M. (2008) Kebudayaan Sunda Diambang Kepunahan. [Online]. Aya dina:

http://moeflich.wordpress.com/2008/04/01/kebudayaan-sunda-diambang-kepunahan/ [Diunduh tanggal 18 September 2014].

Hendrayana, D. (2012) “Perkara Dangding” dina Manglé.

Hikmawati, A. (2005) Analisis Struktur Kumpulan Dangding Jamparing Hariring

Karya Dedy Windyagiri (Ditilik Tina Pamarekan Objektif). Skripsi, Fakultas

Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia.

Iskandarwassid jeung Sunendar, D. (2011) Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Isnendes, R. (2010) Teori Sastra. Bandung: Wahana Karya Grafika. Kartika, D.S. (2007) Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

Kartika, D.S. jeung Perwira, N.G. (2004) Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains.

(5)

121

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Koswara, D. jeung Ruhaliah (éditor). (2010) Sastra Sunda Buhun. Bandung: Wahana Karya Grafika.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (2007) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Pradopo, R.D. spk. (2001a) Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Hanindita Graha Widya.

Pradopo, R.D. (2003b) Beberapa Teori Sastra, Metode, Kritik, dan

Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, N.K. (2010) Teori, Metode, dan Teknik Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ratna, N.K. (2011) Estetika Sastra dan Budaya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Rosidi, A. spk. (2000) Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Rosyidi, M.I. spk. (2010) Analisis Teks Sastra. Yogyakarta: Graha Ilmu. Satjadibrata, R. (2011a) Kamus Sunda-Indonesia. Bandung: Kiblat. Satjadibrata, R. (2005b) Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., jeung Yudibrata, K. (2011) Tata Basa Sunda

Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sudaryat, Y. spk. (tanpa taun) Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press. Sukri, U. (1989) Pamelaran Tembang Sunda 1. Bandung: Mitra Buana. Sumardjo, J. (2000) Filsafat Seni. Bandung: Institut Teknologi Bandung.

Suryani, E. (2011) Calakan Aksara, Basa, Sastra, Katut Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.

Tamsyah, B.R. (1996a) Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tamsyah, B.R. (2001b) “Gaya Basa” dina Galuring Basa. Bandung: Pustaka Setia.

Tamsyah, B.R. (2003c) Kamus Lengkap Sunda-Indonesia Indonesia-Sunda

Sunda-Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Teeuw, A. (2013) Sastra dan Ilmu Sastra. Bandung: Pustaka Jaya.

(6)

121

Dini Novianti R, 2014

Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

Wiratmadja, A. S. (2006) Lagu Liwung Urang Bandung. Bandung: Kiblat.

(2013) Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

96 481 35

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN KAAGAMAAN DINA NOVÉL MASYITOH KARANGAN AJIP ROSIDI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA.

2 17 23

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KUMPULAN GUGURITAN LAGU NGAJADI KARYA DIAN HENDRAYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUGURITAN DI SMA KELAS X - repository UPI S BD 1101895 Title

0 2 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING LAGU LIWUNG URANG BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA - repository UPI S BD 1005794 Title

0 2 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉDAGOGIK DINA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WANDA PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA - repository UPI S BD 1305082 Title

0 0 3