Landasan Tiori Métodologi Panalungtikan

10 Dini Novianti R, 2014 Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu Bab III eusina ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan. Dina ieu bab dibahas wangenan operasional, populasi jeung sampel, desain panalungtikan, métode jeung téhnik panalungtikan instrumén, ngumpulkeun data, jeung analisis data.

BAB IV: Hasil Panalungtikan jeung Pembahasan

Hasil analisis ngeunaan masalah nu ditalungtik téh dibahas dina Bab IV. Sakabéh pamanggih panalungtik didéskripsikeun kalayan jéntré saluyu jeung tiori katut metodologi nu geus ditangtukeun. Panalungtik ngabéjérbéaskeun ajén éstétis nu nyangkaruk dina kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung Karya Apung S. Wiratmadja sarta larapna hasil panalungtikan pangajaran tembang minangka bahan ajarna.

BAB V Kacindekan jeung Saran

Dina Bab V pamanggih panalungtik téh dicindekkeun, nyoko kana tujuan panalungtikan nu geus ditangtukeun. Tuluy panalungtik méré saran pikeun sababaraha pihak anu aya patalina jeung hasil panalungtikan, misalna pikeun masarakat salaku aprésiator karya sastra, pangarang salaku pencipta karya sastra, ogé sababaraha lembaga anu patali jeung kamekaran paélmuan sastra-budaya Sunda. Dini Novianti R, 2014 Ajén éstétis dina kumpulan dangding Lagu liwung urang bandung karya apung s. Wiratmadja pikeun bahan pangajaran maham rumpaka tembang di sma Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data ieu panalungtikan téh nyaéta dangding nu aya dina buku kumpulan dangding Lagu Liwung Urang Bandung karya Apung S. Wiratmadja. Éta buku téh diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama dina bulan Oktober taun 2006. Éta buku kakara dicitak sakali. Medal dina raraga ngareuah-reuah milangkala kota Bandung anu ka-196 taun. Éta buku téh bisa medal kalayan pangrojong ti Pamaréntah Kota Bandung. Rumpaka dangding nu aya dina éta buku téh jadi sumber data ieu panalungtikan Dangding-dangding dina éta buku téh ngagunakeun aturan pupuh sekar ageung Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula. Dangding anu ngagunakeun aturan pupuh Kinanti téh aya 8 judul; Sinom aya 6 judul; Asmarandana aya 5 judul; Dangdanggula mah panglobana, aya 9 judul. Jadi, kabéhanana téh aya 29 judul dangding. Unggal rumpaka téh diwangun ku sababaraha pada anu jumlahna béda-béda: pangsaeutikna 3 pada, sedengkeun panglobana mah 7 pada. Nilik kana aturan pupuh anu digunakeun, loba rumpaka dangding anu wangun jeung eusina téh sarua, ku kituna anu dianalisis téh henteu kabéhanana, tapi 16 tina unggal pupuh téh dicokot 4 judul. Data utama ieu panalungtikan téh kekecapanbasa, ari data pangdeudeulna mah mangrupa dokumén buku-buku pustaka anu bisa ngadeudeul ieu panalungtikan. Pangna kitu téh, sabab ieu panalungtikan kaasup panalungtikan kualitatif Rosyidi, 2010, kc. 163.

3.2 Métode, Téhnik, jeung Instrumén Panalungtikan

Dokumen yang terkait

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

ASPÉK SOSIOLOGI SASTRA DINA KUMPULAN CARPON JAJATÉN NINGGANG PAPASTÉN KARYA YUS RUSYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA.

96 481 35

AJÉN SENI DINA LAIS DI KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

1 12 29

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN KAAGAMAAN DINA NOVÉL MASYITOH KARANGAN AJIP ROSIDI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA.

2 17 23

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KUMPULAN GUGURITAN LAGU NGAJADI KARYA DIAN HENDRAYANA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUGURITAN DI SMA KELAS X - repository UPI S BD 1101895 Title

0 2 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KUMPULAN DANGDING LAGU LIWUNG URANG BANDUNG KARYA APUNG S. WIRATMADJA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MAHAM RUMPAKA TEMBANG DI SMA - repository UPI S BD 1005794 Title

0 2 3

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3

ULIKAN STRUKTURAL JEUNG AJÉN ÉTNOPÉDAGOGIK DINA RUMPAKA TEMBANG CIANJURAN WANDA PANAMBIH KARYA MANG BAKANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA - repository UPI S BD 1305082 Title

0 0 3