Wangenan Operasional Instrumén Panalungtikan

40 Acep Deri Cahyadi, 2014 Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode umum nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskripsi. Anu dimaksud métode déskripsi nya éta métode anu bisa ngungkulan pasualan kalawan aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, nyieun papasingan, ngaanalisis, jeung nafsirkeun Surakhmad, 1994, kc. 139. Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun sacara sistematis data nu aya dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013. Boh data struktur batin, unsur stilistikna, boh ajén-ajén etnopedagogina. Métode husus nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode struktural, stilistika, jeung etnopedagogi. Ieu métode téh mangrupa gabungan antara métode panalungtikan struktural-stilistika jeung etnopedagogi. Dina prak-prakanana, ngagunakeun métode struktural-stilistika jeung etnopedagogi téh nya éta ngaanalisis struktur batin téma, nada, rasa, jeung amanat, kajian stilistika, jeung kajian etnopedagogi.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan aya persépsi anu sarua kana ieu panalungtikan, ieu di handap ditétélakeun wangenan ngeunaan kecap-kecap anu jadi judul panalungtikan. 1 Analisis struktural nya éta analisis sajak kaasup unsur-unsurna jeung fungsina dina struktur sajak jeung ngajéntrékeun tiap unsur éta mibanda ma’na lamun aya patalina jeung unsur-unsur séjénna, bisa ogé dumasar kana tempat dina strukturna; 2 Stilistika mangrupa élmu nu nalungtik ngeunaan cara ngagunakeun basa jeung gaya dina karya sastra; 3 Ajén etnopedagogi mangrupa atikan nu leuwih nekenkeun kana ulikan anu aya patalina jeung ajén-ajén budaya; 4 Sajak nya éta wujud karya sastra nu ngébréhkeun pikiran jeung perasaan pangarang sacara imajinatif, disusun ku cara ngonséntrasikeun sakabéh kamampuh basa sacara struktur fisik jeung struktur batin. 41 Acep Deri Cahyadi, 2014 Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Instrumén Panalungtikan

Dina prakna ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun kartu data jeung tabél. Kartu data digunakeun pikeun nyirian data-data nu aya dina kumpulan sajak periode taun 2000-an. Data ngeunaan struk tur batin nu dipatalikeun ma’nana maké kajian stilistika sarta ajén etnopedagogi diasupkeun kana format data nu geus disadiakeun. Sedengkeun ari tabél, digunakeun pikeun ngasupkeun data nu geus dikumpulkeun diasupkeun kana format tabél nu geus disadiakeun. Kartu data jeung tabél bisa diilikan ieu di handap. Tabél 3.1 Format Analisis Struktural No Judul Sajak Analisi Struktur Batin Tema Nada Rasa Amanat 1 2 3 4 5 6 Judul Buku Kumpulan Sajak JUDUL SAJAK Pangarang A. Struktural 1. Tema 2. Nada 3. Rasa 4. Amanat B. Stilistika C. Etnopedagogi 1. Hakékat manusa salaku pribadi 2. Hakékat manusa salaku masarakat 3. Hakekat manusa jeung alam 4. Hakékat manusa jeung kapercayaan 5. Hakékat manusa dina ngahontal kasugemaan lahiriah jeung batiniah 42 Acep Deri Cahyadi, 2014 Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.2 Format Analisis StilistikaGaya Basa No Judul Buku Analisis Stilistika Kalimah Gaya Basa Kode 1 2 3 4 5 Tabél 3.3 Format Analisis Etnopédagogi No. Judul Sajak Etnopedagogi Hakékat manusa salaku Pribadi , Masarakat , Alam , Kapercayaan , jeung Kasugemaan Pribadi Masarakat Alam Kapercayaan Kasugem aan 1 2 3 4 5 6 7

3.6 Prosedur Panalungtikan