Sumber Data Panalungtikan Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan

39 Acep Deri Cahyadi, 2014 Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar ngeunaan métodologi panalungtikan nu ngawengku: 1 sumber data panalungtikan, 2 desain panalungtikan, 3 métode panalungtikan, 4 wangenan operasional, 5 instrumén panalungtikan, 6 prosédur panalungtikan, 7 téhnik ngumpulkeun data, jeung 8 téhnik ngolah data.

3.1 Sumber Data Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto 2010, kc. 129 sumber data nya éta subjék anu ngahasilkeun éta data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kumpulan sajak periode taun 2008-2013 kalayan wincikan: 1 Serat Panineungan karangan Étti R.S. medal taun 2008, 2 Nu Nyusuk dina Sukma karangan Chyé Rétty Isnéndés medal taun 2010, 3 Paguneman karangan Acép Zamzam Noor medal taun 2011, jeung 4 Tariking Angin karangan Godi Suwarna medal taun 2013.

3.2 Desain Panalungtikan

Panalungtikan kualitatif ngagunakeun desain panalungtikan studi kasus, dina harti panalungtikan dipuseurkeun kana hiji runtuyan kajadian nu dipilih jeung dicangkem sacara leuwih teleb Sukmadinata, 2012, kc. 99. Panalungtikan kualitatif nataharkeun jeung ngararancang sacara leuwih asak pikeun nangtukeun tempat, partisipan, jeung ngamimitian ngumpulkeun data. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Watesan jeung Rumusan Masalah Panalungtikan Nyusun Patalékan- patalékan Inti Ngumpulkeun Data, Ngaanalisis jeung Ngainterprétasi Data Nyusun Laporan Panalungtikan 40 Acep Deri Cahyadi, 2014 Kajian Struktural, Stilistika, jeung Etnopedagogi dina Kumpulan Sajak Periode Taun 2000-an Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode umum nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskripsi. Anu dimaksud métode déskripsi nya éta métode anu bisa ngungkulan pasualan kalawan aktual ku cara ngumpulkeun, nyusun, nyieun papasingan, ngaanalisis, jeung nafsirkeun Surakhmad, 1994, kc. 139. Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan pikeun ngadéskripsikeun sacara sistematis data nu aya dina kumpulan sajak periode taun 2008-2013. Boh data struktur batin, unsur stilistikna, boh ajén-ajén etnopedagogina. Métode husus nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode struktural, stilistika, jeung etnopedagogi. Ieu métode téh mangrupa gabungan antara métode panalungtikan struktural-stilistika jeung etnopedagogi. Dina prak-prakanana, ngagunakeun métode struktural-stilistika jeung etnopedagogi téh nya éta ngaanalisis struktur batin téma, nada, rasa, jeung amanat, kajian stilistika, jeung kajian etnopedagogi.

3.4 Wangenan Operasional