Instrumén Panalungtikan Téknik Ngumpulkeun Data

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5 Analisis opsi soal mangrupa sababaraha kamungkinan jawaban anu sok dipilih ku siswa dina soal pilihan ganda ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Sangkan meunangkeun data sarta informasi anu lengkep ngeunaan hal-hal anu dibahas dina évaluasi, alat évaluasi anu dipaké dina ujian ahir sakola dijadikeun pikeun instrumén. Salasahiji instrumén anu dijadikeun alat évaluasi nya éta tés. Tés nya éta saréntétan pertanyaan atawa latihan sarta alat séjén anu digunaken pikeun ngukur katerampilan, pangaweruh, kamampuh anu dipiboga ku hiji jalma atawa kelompok Arikunto, 2007, kc. 150. Tés nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta soal tés pilihan ganda anu dipaké dina ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014 pikeun nangtukeun validitas, réliabilitas, tingkat hésé-babarina soal, daya pangbéda soal, jeung analisis opsi soal. Di handap ieu conto soal tés pilihan ganda anu dijadikeun instrumén évaluasi: Tabél 3.2 Conto Soal Pilihan Ganda No. Soal Soal 1 Abdi mios ka Sakola, pun Bapa ......... ka Kantor a. Angkat b. Pergi c. Mios d. Angkat-angkatan e. Sumping 2 Kalimah nu gunana pikeun ngébréhkeun bituna rasa nu nyangkaruk dina haté panyaturna, disebut kalimah .... a. Paréntah b. Pananya Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu c. Wawaran d. Panyeluk e. Sampurna 3 Paribasa cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, miboga harti.... a. Pipilueun nyarita kana urusan batur b. Awahing ku leukeun lila-lila jadi bisa c. Agul ku barang meunang nginjeum d. Cilaka ku pamolah sorangan e. Agul ku katurunan

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data

Teknik ngumpulkeun data dilakukeun ngaliwatan téknik tés, sarta dokuméntasi. 1 Téknik dokuméntasi dilakukeun pikeun meunangkeun data ti sakola. Éta data mangrupa ngaran sarta jumlah siswa kelas XII dina unggal sakola anu dijadikeun subjék panalungtikan. Siswa minangka testee nu ngerjakeun soal-soal nu rék dianalisis. 2 Téknik tés, téknik anu digunakeun nya éta tés tulis, tés anu wangunna pilihan ganda, anu digunakeun dina ujian sakola. Éta soal ngawengku 50 soal pilihan ganda.

3.7 Analisis Data