Métode Panalungtikan Wangenan Operasional

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Diagram 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif. Salasahiji panalungtikan déskrptif nya éta data nu dikumpulkeun mimiti disusun, dijelaskeun, tuluy dianalisis. Kusabab kitu, ieu métode sok disebut ogé métode analitik. Surakhmad, 1994, kc. 40 Panalungtikan déskriptif mangrupa hiji wangun panalungtikan nu tujuanna pikeun ngadéskripsikeun kajadian-kajadian nu aya, boh kajadian alamiah atawa Soal Ujian Sakola Basa Sunda SMK di Kota Bandung Analisis Validitas, Réliabilitas, Tingkat Hésé-Babarina Soal, Daya Pangbéda Soal, Kualitas Opsi Soal Nyieun Kacindekan Tés Ujian Sakola Soal Ujian Sakola Standar Kompeténsi SK jeung Kompeténsi Dasar KD Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu kajadian buatan manusa. Kajadian ieu bisa mangrupa bentuk, kagiatan, karakteristik, parobahan, hubungan, sasaruaan, sarta bédana antara kajadian nu hiji jeung kajadian nu séjén Sukmadinata, 2006, kc. 72. Furchan 2004, kc. 447 nétélakeun yén panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dirarancang pikeun meunangkeun informasi ngeunaan status hiji gejala nalika panalungtikan dilakukeun. Salian ti éta, dijelaskeun ogé yén dina panalungtikan déskriptif taya paripolah anu dibéré atawa dikendalikeun sarta taya uji hipotésis sakumaha anu aya dina panalungtikan ékspérimén. Panalungtikan déskriptif miboga karakteristik saperti anu disebutkeun ku Furchan 2004, kc. 447 yén : 1 Penelitian déskriptif cenderung menggambarkan suatu fenomena apa adanya dengan cara menelaah secaa teratur-ketat, mengutamakan obyektivitas, dan dilakukan secara cermat, 2Tidak adanya perlakuan yag diberikan atau dikendalikan, dan 3Tidak adanya uji hipotesis.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional ngagambarkeun variabel-variabel anu diukur. Variabel anu ditalungtik nya éta soal ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014 anu diukur tina 5 aspék nya éta: 1 Validitas mangrupa luyu henteuna soal-soal ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014 jeung indikator soal dumasar kana standar kompeténsi sarta kompeténsi dasar mata pelajaran basa Sunda. 2 Réliabilitas mangrupa tingkat konsistensi soal anu ditilik tina tingkat kaajegan antara soal nu hiji jeung soal-soal nu séjén dina ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014. 3 Tingkat hésé-babarina soal mangrupa kategori anu kaasup soal babari, sedeng, jeung hésé dina soal ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014. 4 Daya pangbéda soal mangrupa kamampuh soal pikeun méré gambaran bédana siswa nu pinter jeung siswa nu kurang pinter dina ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014. Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 5 Analisis opsi soal mangrupa sababaraha kamungkinan jawaban anu sok dipilih ku siswa dina soal pilihan ganda ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 20132014.

3.5 Instrumén Panalungtikan