Lokasi, Data, jeung PopulasiSampel Panalungtikan Desain Panalungtikan

Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi, Data, jeung PopulasiSampel Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu Panalungtikan dilakukeun di tilu SMK anu aya di Kota Bandung, nya éta SMK Negeri 2 Bandung anu perenahna di Jalan Ciliwung No. 4, SMK Negeri 5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan 3 Bandung anu perenahna di jalan Sumatera no.41. Katilu sakola éta dijadikeun lokasi panalungtikan kusabab éta tilu sakola bisa ngawakilan SMK anu aya di Kota Bandung.

3.1.2 Data

Data nu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta butir soal jeung jawaban ujian sakola mata pelajaran basa Sunda siswa SMK Negeri 2 Bandung, siswa SMK Negeri 5 Bandung, sarta siswa SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 20132014, sarta angka-angka anu mangrupa data pikeun analisis.

3.1.3 Populasi jeung Sampel

3.1.3.1 Populasi

Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh SMK anu aya di Kota Bandung.

3.1.3.2 Sampel

Téknik sampel anu digunakeun pikeun nangtukeun kelas mana anu lembar jawab siswana ditalungtik nya éta ngagunakeun téknik random sampling sacara undian. Sabada dilaksanakeun téknik random sampling sacara undian, ditangtukeun kelas anu lembar jawab siswana rék ditalungtik nya éta kelas 03 jeung 08 SMK Negeri 2 Bandung, kelas 07 jeung kelas 08 SMK Negeri 5 Bandung, sarta kelas 01 jeung 06 SMK Pasundan 3 Bandung. Sangkan leuwih jéntré, data ngeunaan kelas anu bakal ditalungtik aya dina tabél di handap: Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabél 3.1 Sampel Panalungtikan

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap : 1 Tatahar Kagiatan anu dilaksanakeun dina tatahar ieu nya éta nangtukeun judul panalungtikan, ngulik pustaka, nyusun rarancang panalungtikan, konsultasi ka dosén pangaping ngeunaan panalungtikan, sarta ngaréngsékeun surat ijin pikeun panalungtikan. 2 Ngumpulkeun Data Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta ngalaksanakeun obsérvasi, ngayakeun wawancara jeung narasumber, sarta ngumpulkeun data atawa dokumén-dokumén pikeun panalungtikan. 3 Ngolah data Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta nganalisis validitas soal, réliabilitas soal, tingkat hésé-babarina soal, daya pangbéda soal, jeung analisis opsi soal. Anu satuluyna nyieun kacindekan tina hasil analisis soal. Éta desain panalungtikan bisa ditingali dina diagram di handap: No. Sakola Kelas Jumlah Kelas Siswa Jumlah Siswa 1 SMKN 2 Bandung Kelas 03 Kelas 08 24 Kelas 20 Siswa 20 Siswa 480 Siswa 2 SMKN 5 Bandung Kelas 07 Kelas 08 13 Kelas 20 Siswa 20 Siswa 251 Siswa 3 SMK Pasundan 3 Bandung Kelas 01 Kelas 06 7 Kelas 20 Siswa 20 Siswa 125 Siswa Jumlah 6 Ruang 44 Kelas 120 Siswa 856 Siswa Syarrah silvia,2014 ANALISIS SOAL UJIAN SAKOLA MATA PELAJARAN BASA SUNDA DI SMK KOTA BANDUNG TAUN AJARAN 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Diagram 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan