S BD 0907017 Chapter 3

(1)

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi, Data, jeung Populasi/Sampel Panalungtikan 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Ieu Panalungtikan dilakukeun di tilu SMK anu aya di Kota Bandung, nya éta SMK Negeri 2 Bandung anu perenahna di Jalan Ciliwung No. 4, SMK Negeri 5 Bandung anu perenahna di Jalan Bojongkonéng No. 37A, sarta SMK Pasundan 3 Bandung anu perenahna di jalan Sumatera no.41. Katilu sakola éta dijadikeun lokasi panalungtikan kusabab éta tilu sakola bisa ngawakilan SMK anu aya di Kota Bandung.

3.1.2 Data

Data nu ditalungtik dina ieu panalungtikan nya éta butir soal jeung jawaban ujian sakola mata pelajaran basa Sunda siswa SMK Negeri 2 Bandung, siswa SMK Negeri 5 Bandung, sarta siswa SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2013/2014, sarta angka-angka anu mangrupa data pikeun analisis.

3.1.3 Populasi jeung Sampel 3.1.3.1 Populasi

Anu jadi populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh SMK anu aya di Kota Bandung.

3.1.3.2 Sampel

Téknik sampel anu digunakeun pikeun nangtukeun kelas mana anu lembar jawab siswana ditalungtik nya éta ngagunakeun téknik random sampling sacara

undian. Sabada dilaksanakeun téknik random sampling sacara undian,

ditangtukeun kelas anu lembar jawab siswana rék ditalungtik nya éta kelas 03 jeung 08 SMK Negeri 2 Bandung, kelas 07 jeung kelas 08 SMK Negeri 5 Bandung, sarta kelas 01 jeung 06 SMK Pasundan 3 Bandung. Sangkan leuwih jéntré, data ngeunaan kelas anu bakal ditalungtik aya dina tabél di handap:

(2)

Tabél 3.1 Sampel Panalungtikan

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta ieu di handap :

1) Tatahar

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tatahar ieu nya éta nangtukeun judul panalungtikan, ngulik pustaka, nyusun rarancang panalungtikan, konsultasi ka dosén pangaping ngeunaan panalungtikan, sarta ngaréngsékeun surat ijin pikeun panalungtikan.

2) Ngumpulkeun Data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta ngalaksanakeun obsérvasi, ngayakeun wawancara jeung narasumber, sarta ngumpulkeun data atawa dokumén-dokumén pikeun panalungtikan.

3) Ngolah data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta nganalisis validitas soal, réliabilitas soal, tingkat hésé-babarina soal, daya pangbéda soal, jeung analisis opsi soal. Anu satuluyna nyieun kacindekan tina hasil analisis soal.

Éta desain panalungtikan bisa ditingali dina diagram di handap:

No. Sakola Kelas Jumlah Kelas Siswa Jumlah Siswa

1 SMKN 2 Bandung Kelas 03

Kelas 08

24 Kelas 20 Siswa

20 Siswa

480 Siswa

2 SMKN 5 Bandung Kelas 07

Kelas 08

13 Kelas 20 Siswa

20 Siswa

251 Siswa

3 SMK Pasundan 3

Bandung

Kelas 01 Kelas 06

7 Kelas 20 Siswa

20 Siswa

125 Siswa

(3)

Diagram 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif. Salasahiji panalungtikan déskrptif nya éta data nu dikumpulkeun mimiti disusun, dijelaskeun, tuluy dianalisis. Kusabab kitu, ieu métode sok disebut ogé métode analitik. (Surakhmad, 1994, kc. 40)

Panalungtikan déskriptif mangrupa hiji wangun panalungtikan nu tujuanna pikeun ngadéskripsikeun kajadian-kajadian nu aya, boh kajadian alamiah atawa

Soal Ujian Sakola Basa Sunda

SMK di Kota Bandung

Analisis Validitas, Réliabilitas, Tingkat Hésé-Babarina Soal, Daya Pangbéda Soal,

Kualitas Opsi Soal

Nyieun Kacindekan Tés Ujian

Sakola

Soal Ujian Sakola

Standar Kompeténsi

(SK) jeung Kompeténsi

(4)

kajadian buatan manusa. Kajadian ieu bisa mangrupa bentuk, kagiatan, karakteristik, parobahan, hubungan, sasaruaan, sarta bédana antara kajadian nu hiji jeung kajadian nu séjén (Sukmadinata, 2006, kc. 72). Furchan (2004, kc. 447) nétélakeun yén panalungtikan déskriptif nya éta panalungtikan anu dirarancang pikeun meunangkeun informasi ngeunaan status hiji gejala nalika panalungtikan dilakukeun. Salian ti éta, dijelaskeun ogé yén dina panalungtikan déskriptif taya paripolah anu dibéré atawa dikendalikeun sarta taya uji hipotésis sakumaha anu aya dina panalungtikan ékspérimén.

Panalungtikan déskriptif miboga karakteristik saperti anu disebutkeun ku Furchan (2004, kc. 447) yén :

1) Penelitian déskriptif cenderung menggambarkan suatu fenomena apa adanya dengan cara menelaah secaa teratur-ketat, mengutamakan obyektivitas, dan dilakukan secara cermat, 2)Tidak adanya perlakuan yag diberikan atau dikendalikan, dan 3)Tidak adanya uji hipotesis.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional ngagambarkeun variabel-variabel anu diukur. Variabel anu ditalungtik nya éta soal ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014 anu diukur tina 5 aspék nya éta: 1) Validitas mangrupa luyu henteuna soal-soal ujian sakola mata pelajaran

basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014 jeung indikator soal dumasar kana standar kompeténsi sarta kompeténsi dasar mata pelajaran basa Sunda.

2) Réliabilitas mangrupa tingkat konsistensi soal anu ditilik tina tingkat

kaajegan antara soal nu hiji jeung soal-soal nu séjén dina ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

3) Tingkat hésé-babarina soal mangrupa kategori anu kaasup soal babari, sedeng, jeung hésé dina soal ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

4) Daya pangbéda soal mangrupa kamampuh soal pikeun méré gambaran

bédana siswa nu pinter jeung siswa nu kurang pinter dina ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

(5)

5) Analisis opsi soal mangrupa sababaraha kamungkinan jawaban anu sok dipilih ku siswa dina soal pilihan ganda ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Sangkan meunangkeun data sarta informasi anu lengkep ngeunaan hal-hal anu dibahas dina évaluasi, alat évaluasi anu dipaké dina ujian ahir sakola dijadikeun pikeun instrumén. Salasahiji instrumén anu dijadikeun alat évaluasi nya éta tés. Tés nya éta saréntétan pertanyaan atawa latihan sarta alat séjén anu digunaken pikeun ngukur katerampilan, pangaweruh, kamampuh anu dipiboga ku hiji jalma atawa kelompok (Arikunto, 2007, kc. 150).

Tés nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta soal tés pilihan ganda anu dipaké dina ujian sakola mata pelajaran basa Sunda di SMK Kota Bandung taun ajaran 2013/2014 pikeun nangtukeun validitas, réliabilitas, tingkat hésé-babarina soal, daya pangbéda soal, jeung analisis opsi soal. Di handap ieu conto soal tés pilihan ganda anu dijadikeun instrumén évaluasi:

Tabél 3.2

Conto Soal Pilihan Ganda

No. Soal Soal

1 Abdi mios ka Sakola, pun Bapa ... ka Kantor

a. Angkat

b. Pergi

c. Mios

d. Angkat-angkatan

e. Sumping

2 Kalimah nu gunana pikeun ngébréhkeun bituna rasa nu nyangkaruk

dina haté panyaturna, disebut kalimah .... a. Paréntah

(6)

c. Wawaran d. Panyeluk

e. Sampurna

3 Paribasa cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, miboga harti.... a. Pipilueun nyarita kana urusan batur

b. Awahing ku leukeun lila-lila jadi bisa

c. Agul ku barang meunang nginjeum

d. Cilaka ku pamolah sorangan e. Agul ku katurunan

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data

Teknik ngumpulkeun data dilakukeun ngaliwatan téknik tés, sarta dokuméntasi.

1) Téknik dokuméntasi dilakukeun pikeun meunangkeun data ti sakola. Éta data mangrupa ngaran sarta jumlah siswa kelas XII dina unggal sakola anu dijadikeun subjék panalungtikan. Siswa minangka testee nu ngerjakeun

soal-soal nu rék dianalisis.

2) Téknik tés, téknik anu digunakeun nya éta tés tulis, tés anu wangunna pilihan ganda, anu digunakeun dina ujian sakola. Éta soal ngawengku 50 soal pilihan ganda.

3.7 Analisis Data 3.7.1 Tahap Tatahar

Kagiatan anu dilaksanakeun dina tahap tatahar ieu nya éta nangtukeun judul panalungtikan, tuluy nyiapkeun surat ijin panalungtikan ka SMK Negeri 2 Bandung, SMK Negeri 5 Bandung, jeung SMK Pasundan 3 Bandung ngeunaan ujian sakola mata pelajaran basa Sunda taun ajaran 2013/2014.

(7)

3.7.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta ngalaksanakeun obsérvasi pikeun maluruh informasi ngeunaan soal jeung lembar jawab siswa basa Sunda di SMK Negeri 2 Bandung, SMK Negeri 5 Bandung, jeung SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.7.3 Tahap Ngolah Data 3.7.3.1 Téknik Méré Skor

Nurutkeun Slameto, 2001 (dina Sukardi, 2009, kc.129), méré skor tés pilihan ganda (PG) umumna dibédakeun jadi dua rupa, nya éta kucara:

1) Méré skor anu merhitungkeun jawaban salah.

Kucara ieu, jawaban salah diperhitungkeun sarta digunakeun jadi denda pikeun ngurangan jawaban anu bener. Rumus anu digunakeunana:

(Sukardi, 2009) Kat. :

N = Niléy

B = Jumlah jawaban bener S = Jumlah jawaban salah n = lobana pilihan

Konsékuénsi tina ayana denda ieu, siswa jadi leuwih ati-ati dina ngajawab soal. Siswa bakal leuwih taliti sarta ati-ati tina ngajawab soal.

2) Méré skor anu teu merhitungkeun jawaban salah.

Jawaban salah teu mangaruhan kana peunteun tina jawaban bener. Niléy ahir tina tés pilihan ganda (PG) sarua jeung jawaban bener. Rumus anu digunakeunana nya éta:

N = B - � −1

(8)

(Sukardi, 2009) Kat. :

N = Niléy

B = jumlah jawaban bener 3.7.3.2 Analisis Validitas

Validitas anu dipaké nganalisis dina ieu panalungtikan nya éta validitas eusi jeung validitas konstruksi. Validitas eusi nya éta ngabandingkeun valid henteuna soal jeung Starndar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) basa Sunda, indikator, jeung buku ajar, sedengkeun validitas konstruksi leuwih nyoko kana soal jeung tujuan pembelajaranna.

1) Analisis Validitas Eusi

Dina validitas eusi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid henteuna soal jeung Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD), indikator, sarta buku ajar anu di gunakeun di SMK. Di handap ieu tabél anu digunakeun dina nganalisis validitas eusi:

Tabél 3.3

Conto Tabél Analisis Validitas Eusi

No. Soal

Soal

Standar Kompeténsi dan

Kompeténsi Dasar (SKKD) Silabus

SK KD Indikator Buku

Sumber 1

2 3 N = B

(9)

2) Analisis Validitas Konstruksi

Dina validitas konstruksi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid-henteuna soal jeung tujuan pembelajaran, anu miboga harti bisa valid-henteuna soal ujian pikeun ngukur hal anu aya dina matéri anu diukurna. Di handap ieu tabél anu digunakeun dina nganalisis validitas konstruksi:

Tabél 3.4

Conto Tabél Analisis Validitas Konstruksi

No. Soal Tujuan

Pembelajaran

indikator Kat.

1. 2. 3.

3.7.3.3 Analisis Réliabilitas

Hiji tés bisa disebut réliabel atawa ajeg lamun dina sababaraha kali pengujian nunjukkeun hasil anu méh sarua. Pengujian hiji tés bisa dilakukeun kana objék anu sarua dina waktu anu béda. Ngukur réliabilitas soal bisa ku téknik beulah dua, ngagunakeun rumus Spearman Brown (dina Sukardi, 2011 kc. 48), saperti dihandap:

(Sukardi, 2011) Kat. :

r = reliabilitas

=

2 1+ � � ℎ

� ℎ

(10)

Tabél 3.5

Kritéria Réliabilitas Soal

(J. P Guilford dina Arifin, 2009)

3.7.3.4 Analisis Tingkat Hésé-Babarina

Tingkat hésé-babarina soal bisa katitén tina kamapuh siswa dina ngajawab éta soal, lain ditingali tina guru anu nyieunna. Hal anu penting dina ngalakukeun analisis tingkat hésé-babarina soal nya éta panangtu kritéria atawa babagian soal anu kaasup babari, sedeng, jeung hésé. Cara pikeun nangtukeun tingkat hésé-babarina soal nya éta ngagunakeun rumus dihandap:

(Arifin, 2009) Kat. :

p = hésé-babarina soal

� = lobana siswa nu ngajawab bener

N = jumlah siswa nu ngajawab

Niléy � ��� Kritéria

0,80 < ≤ 1,00 Luhur Pisan

0,60 < ≤ 0,80 Luhur

0,40 < ≤ 0,60 Sedeng

0,20 < ≤ 0,40 Handap

� � ≤ 0,20 Handap Pisan

= �

(11)

Tabél 3.6

Kritéria Tingkat Hésé-Babarina Soal

Hésé-Babarina Soal (p) Kritéria Katerangan

p > 0,700 Soal Babari Ganti

0,300 ≤ p≤ 0,700 Soal Sedeng Paké

p < 0,300 Soal Hésé Révisi

(Arifin, 2009)

3.7.3.5 Analisis Daya Pangbéda

Analisis daya pangbéda nya éta nganalisis soal anu tujuanana pikeun mikanyaho kasanggupan soal dina ngabédakeun siswa anu miboga kamampuh diajar luhur jeung siswa anu miboga kamampuh diajar handap (Sudjana, 2009 kc. 141). Cara anu dilakukeun dina nganalisis daya pangbéda nya éta kucara ngagunakeun rumus di handap:

( Arifin, 2009) Kat. :

DP = daya pangbéda

WL = jumlah siswa anu ngajawab salah dina kelompok handap WH = jumlah siswa anu ngajawab salah dina kelompok luhur

n = 27% x N

Tabél 3.7

Kriteria Daya Pangbéda

Daya Pangbéda Kritéria Katerangan

≥ 0.40 Hadé Pisan Tarima

0,30 – 0,39 Hadé Tarima

0,20 – 0,29 Goréng Ganti

≤ 0,19 Goréng Pisan Ganti

(Ebel dina Arifin, 2009)

(12)

3.7.3.6 Analisis Option Soal (Distraktor)

Dina soal pilihan ganda (PG) aya alternatif (opsi) anu mangrupa pengécoh. Soal anu hadé, pengécohna bakal rata dipilih ku siswa anu ngajawab salah. Sabalikna, soal anu kurang hadé, pengécoh nu dipilihna bakal teu rata (Arifin, 2009 kc. 279). Indeks pengécoh bisa diitung ngagunakeun rumus di handap:

(Arifin, 2009) Kat. :

IP = indeks pengécoh

P = jumlah siswa anu milih pengécoh

N = jumlah siswa

B = jumlah siswa anu ngajawab bener dina unggal soal

N = jumlah alternatif jawaban (opsi)

1 = bilangan tetep

Tabél 3.8

Kritéria Analisis Option Soal

Indéks Pengécoh Kritéria Katerangan

76% - 125% Hadé Pisan Tarima

51% - 75% atawa 126% - 150%

Hadé Tarima

26% - 50% atawa 151% - 175%

Kurang Hadé Révisi

0% - 25% atawa 176% - 200%

Goréng Ganti

>200% Goréng Pisan Ganti

(Arifin, 2009)

Nalika sakabéh siswa ngajawab bener dina hiji soal (luyu jeung konci jawaban), IP = 0, ieu hartina éta soal goréng, kusabab kitu, pengécoh teu miboga fungsi.

�= �

(1)

3.7.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Anu dilaksanakeun dina kagiatan ngolah data nya éta ngalaksanakeun obsérvasi pikeun maluruh informasi ngeunaan soal jeung lembar jawab siswa basa Sunda di SMK Negeri 2 Bandung, SMK Negeri 5 Bandung, jeung SMK Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2013/2014.

3.7.3 Tahap Ngolah Data 3.7.3.1 Téknik Méré Skor

Nurutkeun Slameto, 2001 (dina Sukardi, 2009, kc.129), méré skor tés pilihan ganda (PG) umumna dibédakeun jadi dua rupa, nya éta kucara:

1) Méré skor anu merhitungkeun jawaban salah.

Kucara ieu, jawaban salah diperhitungkeun sarta digunakeun jadi denda pikeun ngurangan jawaban anu bener. Rumus anu digunakeunana:

(Sukardi, 2009) Kat. :

N = Niléy

B = Jumlah jawaban bener S = Jumlah jawaban salah n = lobana pilihan

Konsékuénsi tina ayana denda ieu, siswa jadi leuwih ati-ati dina ngajawab soal. Siswa bakal leuwih taliti sarta ati-ati tina ngajawab soal.

2) Méré skor anu teu merhitungkeun jawaban salah.

Jawaban salah teu mangaruhan kana peunteun tina jawaban bener. Niléy ahir tina tés pilihan ganda (PG) sarua jeung jawaban bener. Rumus anu digunakeunana nya éta:

N = B - � −1

(2)

(Sukardi, 2009) Kat. :

N = Niléy

B = jumlah jawaban bener 3.7.3.2 Analisis Validitas

Validitas anu dipaké nganalisis dina ieu panalungtikan nya éta validitas eusi jeung validitas konstruksi. Validitas eusi nya éta ngabandingkeun valid henteuna soal jeung Starndar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) basa Sunda, indikator, jeung buku ajar, sedengkeun validitas konstruksi leuwih nyoko kana soal jeung tujuan pembelajaranna.

1) Analisis Validitas Eusi

Dina validitas eusi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid henteuna soal jeung Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD), indikator, sarta buku ajar anu di gunakeun di SMK. Di handap ieu tabél anu digunakeun dina nganalisis validitas eusi:

Tabél 3.3

Conto Tabél Analisis Validitas Eusi

No. Soal

Soal

Standar Kompeténsi dan

Kompeténsi Dasar (SKKD) Silabus SK KD Indikator Buku

Sumber 1

2 3 N = B

(3)

2) Analisis Validitas Konstruksi

Dina validitas konstruksi, ieu panalungtikan maluruh ngeunaan valid-henteuna soal jeung tujuan pembelajaran, anu miboga harti bisa valid-henteuna soal ujian pikeun ngukur hal anu aya dina matéri anu diukurna. Di handap ieu tabél anu digunakeun dina nganalisis validitas konstruksi:

Tabél 3.4

Conto Tabél Analisis Validitas Konstruksi

No. Soal Tujuan

Pembelajaran

indikator Kat.

1. 2. 3.

3.7.3.3 Analisis Réliabilitas

Hiji tés bisa disebut réliabel atawa ajeg lamun dina sababaraha kali pengujian nunjukkeun hasil anu méh sarua. Pengujian hiji tés bisa dilakukeun kana objék anu sarua dina waktu anu béda. Ngukur réliabilitas soal bisa ku téknik beulah dua, ngagunakeun rumus Spearman Brown (dina Sukardi, 2011 kc. 48), saperti dihandap:

(Sukardi, 2011) Kat. :

r = reliabilitas

=

2 1+ � � ℎ

� ℎ

(4)

Tabél 3.5

Kritéria Réliabilitas Soal

(J. P Guilford dina Arifin, 2009)

3.7.3.4 Analisis Tingkat Hésé-Babarina

Tingkat hésé-babarina soal bisa katitén tina kamapuh siswa dina ngajawab éta soal, lain ditingali tina guru anu nyieunna. Hal anu penting dina ngalakukeun analisis tingkat hésé-babarina soal nya éta panangtu kritéria atawa babagian soal anu kaasup babari, sedeng, jeung hésé. Cara pikeun nangtukeun tingkat hésé-babarina soal nya éta ngagunakeun rumus dihandap:

(Arifin, 2009) Kat. :

p = hésé-babarina soal

� = lobana siswa nu ngajawab bener N = jumlah siswa nu ngajawab

Niléy � ��� Kritéria 0,80 < ≤ 1,00 Luhur Pisan 0,60 < ≤ 0,80 Luhur 0,40 < ≤ 0,60 Sedeng 0,20 < ≤ 0,40 Handap

� � ≤ 0,20 Handap Pisan

= �

(5)

Tabél 3.6

Kritéria Tingkat Hésé-Babarina Soal

Hésé-Babarina Soal (p) Kritéria Katerangan

p > 0,700 Soal Babari Ganti

0,300 ≤ p≤ 0,700 Soal Sedeng Paké

p < 0,300 Soal Hésé Révisi

(Arifin, 2009)

3.7.3.5 Analisis Daya Pangbéda

Analisis daya pangbéda nya éta nganalisis soal anu tujuanana pikeun mikanyaho kasanggupan soal dina ngabédakeun siswa anu miboga kamampuh diajar luhur jeung siswa anu miboga kamampuh diajar handap (Sudjana, 2009 kc. 141). Cara anu dilakukeun dina nganalisis daya pangbéda nya éta kucara ngagunakeun rumus di handap:

( Arifin, 2009) Kat. :

DP = daya pangbéda

WL = jumlah siswa anu ngajawab salah dina kelompok handap WH = jumlah siswa anu ngajawab salah dina kelompok luhur n = 27% x N

Tabél 3.7

Kriteria Daya Pangbéda

Daya Pangbéda Kritéria Katerangan

≥ 0.40 Hadé Pisan Tarima

0,30 – 0,39 Hadé Tarima

0,20 – 0,29 Goréng Ganti

≤ 0,19 Goréng Pisan Ganti

(Ebel dina Arifin, 2009)

(6)

3.7.3.6 Analisis Option Soal (Distraktor)

Dina soal pilihan ganda (PG) aya alternatif (opsi) anu mangrupa pengécoh. Soal anu hadé, pengécohna bakal rata dipilih ku siswa anu ngajawab salah. Sabalikna, soal anu kurang hadé, pengécoh nu dipilihna bakal teu rata (Arifin, 2009 kc. 279). Indeks pengécoh bisa diitung ngagunakeun rumus di handap:

(Arifin, 2009) Kat. :

IP = indeks pengécoh

P = jumlah siswa anu milih pengécoh N = jumlah siswa

B = jumlah siswa anu ngajawab bener dina unggal soal N = jumlah alternatif jawaban (opsi)

1 = bilangan tetep

Tabél 3.8

Kritéria Analisis Option Soal

Indéks Pengécoh Kritéria Katerangan

76% - 125% Hadé Pisan Tarima

51% - 75% atawa 126% - 150%

Hadé Tarima

26% - 50% atawa 151% - 175%

Kurang Hadé Révisi 0% - 25% atawa

176% - 200%