Struktur Organisasi Skripsi BUBUKA

Dini Anggriani,2013 ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 Pikeun sakola ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi media pikeun ngawanohkeun kabeungharan budaya daérah diwewengkonna. 4 Pikeun masarakat ieu panalungtikan dipiharep bisa dijadikeun bahan kasadaran sangkan leuwih loba ngalibetkeun kasenian buhun hususna Penca Silat dina acara-acara. 5 Pikeun nu nalungtik ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajawab sagala rupa kapanasaran ngeunaan istila-istilah anu nyampak dina kasenian Penca Silat.

1.5 Struktur Organisasi Skripsi

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab 1 mangrupa bubuka, eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina masalah anu bakal ditalungtik, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sarta struktur organisasi dina ieu skripsi. Bab II mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun téori-téori ngeunaan istilah, penca silat, jeung bahan pangajaran. Bab III mangrupa bagian skripsi anu ngébréhkeun ngeunaan métodologi anu digunakeun dina ieu panalungtikan, boh boh métode panalungtikan boh prak- prakan ngolah data tina hasil panalungtikan, désain panalungtikan, wangenan operasional, sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, sarta prosedur dina ieu panalungtikan. Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, ngaanalisis data hasil panalungtikan, jeung medar ngeunaan luyu henteuna istilah-istilah anu nyampak dina Penca Silat pikeun alternatif bahan ajar maca di SMA. Bab V mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun kacindekan jeung saran panalungtikan, anu ngawengku kacindekan jeung saran. Dini Anggriani,2013 ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Géografi

Kalurahan Balééndah mangrupa salah sahiji Kalurahan di Kacamatan Balééndah. Perenahna aya di kidul pusat pamaréntahan Kabupatén Bandung. Ieu désa téh diwatesanan ku Désa Bojongsari Kacamatan Bojongsoang Beulah kalér, Beulah kidul diwatesanan ku Désa Bojongmanggu Kacamatan Pameungpeuk, Beulah wetan diwatesanan ku Kalurahan Manggahang Kacamatan Balééndah, jeung Beulah kulon diwatesanan ku Kalurahan Andir Kacamatan Balééndah. Sacara Topografi, Kalurahan Balééndah aya di dataran handap. Jarak ka IbukotaKecamatan nya éta 0,8 Km jeung jarak ka Ibu kota Kabupatén 16 Km. Warga Kalurahan Balééndah bulan januari 2013 jumlahna 50.995 urangjiwa, nu ngawengku 25.641 urang lalaki jeung 25.354 urang awéwé. Jumlah kepala keluargana 14.039 KK. Éta jumlah téh nyebar di 20 RW nu ngawengku 80 RT sumber, profil Kalurahan Balééndah taun 2013.

3.1.2 Sosial Budaya 1

Warga Interaksi antar masarakat di Kacamatan Balééndah hususna Kelurahan Balééndah, kawilang alus dina kahirupan sapopoéna. Masarakatna masih kénéh mentingkeun kahirupan sosialna. Hal éta katitén dina waktu aya kapapaténan, sakabéh jalma sok hideng ngabantu-bantu najan ngan ukur tatangga lain baraya deukeut tapi sok harideng marantuan tatanggana, lain ngan ukur kapapaténan hungkul uapama aya anu hajat ogé biasana sok ngabantu-bantu, dina wangun tanaga, pikiran, jeung materi, sok sanajan henteu dipenta tulung. Ku kituna bisa disebutkeun yén masarakat Kacamatan Balééndah téh sauyunan, hirup gotong royong, sarta masih kénéh nyekel pageuh tali paranti karuhun Sunda. Sanajan di ieu daérah wargana geus heterogen loba nu asalna ti sélér bangsa séjén.

Dokumen yang terkait

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG BOGOR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN NGEUNAAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

1 15 14

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL DI KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN MACA BAHASAN MACA DI SMP KELAS IX.

0 35 27

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 8 22

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA : Ulikan Struktural-Sémiotik.

1 29 24

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3