AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL DI KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN MACA BAHASAN MACA DI SMP KELAS IX.

(1)

750/FBBS/C0251/2014

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMP KELAS IX

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana Pendidikan

ku Lili Aliyanti NIM 1000975

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMP KELAS IX

Oleh Lili Aliyanti

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Lili Aliyanti 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2014

Hak cipta dilindungi undang-undang. Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya


(3)

LEMBAR PENGESAHAN

LILI ALIYANTI NIM 1000975

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMP KELAS IX

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Dr. Retty Isnendes, M. Hum. NIP 197212021999032001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M. Pd. NIP 196408221989031001


(4)

vi Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR EUSI

Kaca

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR BAGAN ... xi

DAPTAR GAMBAR ... xii

DAPTAR TABEL ... xiii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Rangkay Skripsi ... 5

BAB II ÉSTÉTIKA, KASENIAN, BAHAN PANGAJARAN 2.1 Éstétika ... 7


(5)

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.1 Wangenan Éstétika ... 7

2.1.2 Éstétika jeung Seni ... 7

2.1.3 Ajén Éstétika jeung Ajén Seni ... 8

2.1.4 Ajén Éstétis ... 9

2.1.5 Ajén Seni ... 10

2.1.6 Filsafat Seni ... 11

2.2 Kasenian Réog Cengal ...13

2.2.1 Kasenian ...13

2.2.2 Fungsi Kasenian ...13

2.2.3 Réog Cengal ... 15

2.3 Bahan Pangajaran Maca ...16

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 16

2.3.2 Tujuan Pangajaran ... 17

2.3.3 Kriteria Milih Bahan Ajar ... 18

2.3.4 Maca ... 18

2.3.4.1 Watesan Maca ... 18

2.3.4.2 Tujuan Maca... 19

2.3.4.3 Wanda Maca... 19

2.3.5 KIKD Basa jeung Sastra Sunda ... 20

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan ...24

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ...24

3.3 Téhnik Ngolah Data ...24

3.4 Instrumén Panalungtikan ...25

3.5 Desain Panalungtikan...26


(6)

viii

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6.1 Seniman Réog Cengal ...27

3.6.2 Gambaran Umum Lokasi, Sosial, Budaya, jeung Tempat Panalungtikan ...28

3.6.2.1 Letak Géografis ...28

3.6.2.2 Warga ...29

3.6.2.3 Atikan ...30

3.6.2.4 Agama ...30

3.6.2.5 Basa ...30

3.6.2.6 Pakasaban ...30

3.6.2.7 Wangenan Operasional ...30

BAB IV AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL KAC. JAPARA KAB. KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN KASENIAN DI SMP KELAS IX 4.1 Sajarah kasenian Réog Cengal ...32

4.1.1 Déskripsi Kasenian Réog Cengal ...32

4.1.2 Fungsi Kasenian Réog Cengal ...35

4.2 Prak-prakan Kasenian Réog Cengal ...37

4.2.1 Tempat Lumangsungna Pintonan ...37

4.2.2 Lumangsungna Upacara ...37

4.2.3 Sasayagaan Pintonan ...37

4.2.4 Struktur dina Kasenian Réog Cengal ...39

4.2.4.1 Waditra ...40

4.2.4.2 Kostum ...43

4.2.4.3 Struktur Pintonan Réog Cengal ...44

4.2.4.4 Susunan Pamaén Réog Cengal ...48

4.3 Analisis Ajén Éstétika anu Nyangkaruk dina Kasenian Réog Cengal.... ...50


(7)

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.3.1.1 Ajén Éstétika dina Kostum Kasenian Réog Cengal ... 50

4.3.1.2 Ajén Éstétika dina Gerak Kasenian Réog Cengal ... 53

4.3.1.3 Ajén Éstétika dina Waditra Kasenian Réog Cengal ... 54

4.3.2 Ajén Éstétika dina Eusi jeung Pintonan Kasenian Réog Cengal ...57

4.4 Larapan Hasil Panalungtikan Kasenian Réog Cengal pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Di SMP Kelas IX ... 59

4.4.1 Nyusun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Kasenian Kelas IX Nu Luyu jeung KIKD ...60

4.4.2 Nyusun Matéri Ajar ...62

4.4.3 Évaluasi Pangajaran ...64

4.4.3.1 Soal Latihan ...65

4.4.3.2 Konci Jawaban...65

4.4.4 Conto Rencana Pelaksanaan Pembelajaran ...69

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 80

5.1 Kacindekan ...80

5.2 Saran ...81

DAPTAR PUSTAKA ...83

LAMPIRAN-LAMPIRAN ...85


(8)

i Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL DI KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN MACA BAHASAN MACA DI SMP KELAS IX 1)

Lili Aliyanti 2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Ajen Estetika dina Kasenian Reog Cengal di Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX ”. Tujuan dilakukannya penelitian ini adalah mendeskripsikan sejarah perkembangan kasenian Réog Cengal, pola penyajian kasenian Réog Cengal, nilai estetika yang terdapat pada kesenian Reog Cengal, serta bagaimana hasil penelitian ini dijadikan bahan pembelajaran membaca bahasan untuk siswa kelas IX. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif dengan teknik telaah pustaka, wawancara, observasi, dan dokumentasi. Sekitar tahun 1946 kasenian Reog menyebar ke daerah Cengal. Pada tahun 1970-an Abah Ebro memimpin kesenian reog yang bernama “Reog Buhun Desa Cengal”. Ciri khas dari Reog Cengal adalah dari struktur pertunjukannya yang berdeda dengan kesenian reog umumnya, yaitu terdiri dari: tatalu, babadayan, bobodoran atau dagelan, pencak silat atau roronggengan, dan nyandiwara atau ngalalakon. Alat musik utama dalam kesenian Réog Cengal yaitu empat buah dog-dog. Selain menjadi hiburan kasenian Réog Cengal dulu berfungsi sebagai media penyebaran agama Islam. Di dalam Kesenian Reog Cengal terdapat nilai estetika atau nilai keindahan pada unsur-unsur estetika seperti wujud dan penampilan kasenian Reog Cengal. Nilai estetika yang terdapat pada kesenian Reog Cengal di antaranya ada dalam bentuk kostum pemain Reog Cengal, gerak, tempo dalam alat musik, dan penampilan Reog Cengal. Berdasarkan hasil penelitian pada Kesenian Reog Cengal di Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan, bisa dijadikan bahan pembelajaran membaca bahasan di SMP kelas IX, melengkapi bahan pembelajaran bahasa dan sastra Sunda, serta melestarikan budaya dan kearifan lokal. Saran ditujukan kepada lembaga kesenian, guru, mahasiswa, dan masyarakat.

Kata kunci: ajen estetika, Reog Cengal, membaca, bahan pembelajaran

1) Skripsi di bawah bimbingan Dr. Ruhaliah, M.Hum. dan Dr. Retty Isnendes, M.Hum.


(9)

1 Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang

Koentjaraningrat (2009, kc. 165) nétélakeun yén kabudayaan téh sacara

universal ngawengku tujuh unsur budaya, nya éta: 1) basa, 2) sistem pangaweruh,

3) organisasi kamasarakatan, 4) sistem téknologi, 5) sistem pakasaban, 6) sistem kapercayaan, jeung 7) sistem kasenian. Kabudayaan téh teu bisa leupas tina tujuh unsur. Ku kituna antara kasenian jeung kabudayaan raket patalina. Koentjaraningrat (2009, kc. 166) nétélakeun yén kasenian mangrupa ciptaan tina sagala pikiran jeung paripolah manusa nu fungsional, éstétis, jeung éndah, nepi ka bisa dirasakeun ku panca indera.

Kasenian bagian tina kabudayaan nu aya patalina jeung unsur kaéndahan. Sabagian manusa boga pikiran yén kasenian téh mangrupa éksprési hasrat nu bisa dirasakeun, di antarana: seni sora, seni rupa, jeung seni drama. Seni drama nya éta seni nu ngawadahan sakabéh unsur seni nu sipatna tradisonal Koentjaraningrat (2009, kc. 299). Seni nu sifatna tradisional di tatar Sunda di antarana kasenian Réog Cengal.

Réog Cengal nya éta salasahiji kasenian tradisional nu aya di Kuningan. Istilah réog nu aya di Jawa Barat hususna di wewengkon Kuningan, teu sarua jeung istilah réog nu aya di Jawa Timur. Réog nu aya di Jawa Barat nya éta jenis kasenian tradisional anu ngagunakeun dog-dog minangka waditra utamana, nu ditabeuh dibarengan ku gerakan tari nu pikaseurieun (Disparbud Jabar, 2013, kc. 3).

Dina kasenian Réog Cengal ngandung ajén éstétika. Éstétika dina harti heureut nya éta filsafat anu niténan atawa anu aya hubunganana jeung sagala hal ngeunaan kaéndahan alam jeung seni (Kartika, 2004, kc. 9). Kasenian Réog Cengal kaasup kana kaéndahan seni, kaéndahan seni anu nyampak dina ieu kasenian di antarana katitén dina waditra, kostum pamaén, jeung gerakan.

Nurutkeun Ébro (70 taun), salasahiji tokoh Réog Cengal, istilah réog asal kecapna tina riyag-riyeg (basa wewengkon Kuningan), nu hartina gerakan alon nu


(10)

2

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngagambarkeun jelema nu keur dzikir. Gerakan riyag-riyeg aya dina adegan babadayan, nya éta adegan maju mundur nu museur kana damar jodog/oncor/ajug/pagawangan.

Dina babadayan, palaku mintonkeun gerakan ritmis nu ampir sarua jeung gerakan tari, di antarana, gerakan anu nukangan pamilon, galéong ngangkat suku dina puteran kahiji, gerakan maju mundur nu museur kana pagawangan sabari godeg, géndéng éngkég gigir runduk suku, jeung keber nya éta gerakan maju mundur puteran kadua, nu dibarengan ku leungeun katuhu diangkat ka luhur.

Ayana kasenian Réog Cengal teu lepas tina maksud jeung tujuan diciptakeunna. Jaman baheula ieu kasenian téh ngajak ka sakumna masarakat sangkan ngagem agama Islam (Ébro, 27/02/2013). Kiwari kasenian réog Cengal mangrupa media hiburan atawa pintonan rahayat pikeun ngaraketkeun deui solidaritas dina hiji masarakat.

Kasenian Réog Cengal bisa leungit mun masarakatna geus teu maliré deui kana kabeungaharan budaya lokal nu aya di sabudeureunana. Kasenian Réog Cengal geus ampir 24 taun teu dipintonkeun deui. Ku sabab aya sababaraha faktor nu ngabalukarkeun kasenian Réog Cengal teu pati dipikawanoh ku masarakat, di antarana faktor intrinsik jeung faktor ékstrinsik. Faktor intrinsik, misalna waditra anu ruksak atawa palakuna anu geus kolot jeung aya anu maot. Ari faktor ékstrinsikna, misalna ayana pangaruh kamekaran téknologi jeung média informasi, nu balukarna bisa ngarobah sikep jeung kamandang palaku budaya di kalangan masarakat, hususna di kalangan kaum rumaja.

Pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun kasenian tradisional, kaum rumaja salaku generasi anyar perlu mikawanoh ieu kasenian. Ku cara diwulangkeun dina pangajaran sakola. Salian ti éta tarékah séjénna bisa ngaliwatan budaya pariwisata. Pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola ngabogaan tujuan pikeun ngajénan jeung nimbulkeun rasa kareueus kana basa jeung sastra Sunda. Hal éta saluyu jeung bahan pangajaran maca nu aya dina kompeténsi inti jeung kompeténsi dasar (KIKD), nya éta ngeunaan maca bahasan budaya.

Ieu panalungtikan budaya diluyukeun kana KIKD, salaku bahan pangajaran nu aya di SMP. Éta hal kaunggel dina pangajaran kaparigelan maca pikeun kelas


(11)

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

IX. Kompeténsi Inti (KI) 9.2, nya éta “menghargai dan menghayati perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, peduli (toleransi gotong royong), percaya diri, dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan soialnya dan alam dalam jangkauan pergaulan dan keberadaannya. Kompeténsi Dasar (KD) 9.2.2, nya éta menunjukan perilaku jujur, tanggung jawab, percaya diri, peduli, proaktif dan santun dalam menggunakan bahasa Sunda untuk memahami berita ilmu

pengetahuan dan budaya sarta bahasan teknologi dan seni” (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 27).

Saméméhna geus kungsi aya panalungtikan dina wangun skripsi ku mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, UPI Bandung, di antarana:

1) Dini Novianti Cahyati (2009) “Unsur Celempungan “Sinata Grup” anu aya di

Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang”.

2) Eka Purwanti (2011) “Ajén Éstétis dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén

Subang”.

3) Marlina Efendi (2013) “Ajén Éstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan

Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”.

4) Tiya Komalasari (2013) “Ajén Éstétika dina Kasenian Penca Silat Cakar Kamuning Kencana di Kampung Nyingkur Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas

XII”.

5) Sandi Masri Putri (2013) “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kacamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi Garut pikeun

Bahan Pangajaran Maca Bahasan Kelas XII”.

Tétéla can aya anu ngaguar perkara kasenian Réog Cengal dina wangun skripsi. Sangkan masarakat wanoh kana ieu kasenian, ku kituna panalungtikan nu judulna ”Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal di Kacamatan Japara kabupatén Kuningan pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX” perlu dilaksanakeun.


(12)

4

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Kabudayaan nu aya di tatar Sunda téh loba pisan, pedaran ngeunaan kabudayaanana ogé lega, boh ajén falsafah boh ajén éstétika, jeung ajén-inajén lianna. Dina ieu panalungtikan dibahas data tur informasi ngeunaan Kasenian Réog Cengal pikeun Pangajaran di SMP. Sangkan pedaranana henteu lega teuing, masalah dina ieu panalungtikan diwatesanan nya éta Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara kabupatén Kuningan pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX”.

1.2.2 Rumusan Masalah

Ngarumuskeun masalah dina panalungtikan mangrupa hiji hal nu penting. Ku kituna, éta rumusan masalah bakal jadi pituduh pikeun ngumpulkeun data. Dumasar kasang tukang jeung watesan masalah nu aya di luhur, ieu di handap aya sababaraha rumusan masalah nu dipidangkeun dina wangun patalékan.

1) Kumaha sajarah kasenian Réog Cengal téh?

2) Kumaha prak-prakan pagelaran kasenian Réog Cengal?

3) Kumaha ajén éstétik anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal?

4) Kumaha pedaran materi kasenian Réog Cengal pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMP di Kelas IX?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan téh nya éta ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Panalungtikan ngeunaan ajén éstétika dina kasenian Réog Cengal miboga tujuan pikeun miara jeung ngamumulé hasil karancagéan masarakat Sunda, hususna dina widang kasenian, sangkan masarakat jaman kiwari apal kana éta kasenian, sarta bisa dijadikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMP kelas IX.


(13)

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan miboga tujuan husus nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) sajarah kasenian Réog Cengal;

2) prak-prakan pagelaran kasenian Réog Cengal;

3) ajén éstétika anu nyampak dina kasenian Réog Cengal; jeung 4) bahan pangajaran maca bahasan di SMP Kelas IX.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis

Sacara téoritis ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan, boh pikeun bahan pangajaran, boh pikeun aprésiasi budaya.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat sanggeus panalungtikan nu dipiharep bisa:

1) nambahan wawasan sarta pangaweruh ngeunaan kesenian Réog Cengal hususna pikeun dunya pangaweruh atawa atikan;

2) di dunya pangajaran, bisa dijadikeun salasahiji sumber pikeun bahan pangajaran di sakola;

3) di masarakat, sangkan ulah mopohokeun kana tradisi atawa kabudayaan di Jawa Barat. Masarakat kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé tradisi anu aya di Jawa Barat.

4) panalungtik, bisa ngamangpaatkeun ieu panalungtikan salaku média pikeun nambahan pangaweruh dina widang kabudayaan.

1.5 Rangkay Skripsi

BAB I : Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan jeung panalungtikan, jeung rangkay skripsi. BAB II : Kajian tiori


(14)

6

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III: Métodologi panalungtikan medar ngeunaan métode jeung téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan, sumber data, jeung wangenan operasional.

BAB IV : Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan. BAB V : Kacindekan jeung saran


(15)

24 Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara nu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana (Arikunto, 2010, kc. 203). Sacara jembar metodé panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data dumasar kana tujuan nu hayang dihontal. Métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif, hal ieu saluyu jeung Moleong: “penelitian yang bermaksud untuk memahami fenomena tentang apa yang dialami oleh subjek penelitian misalnya perilaku, persepsi, motivasi, tindakan, dll. (Efendi, 2013, kc. 6).

Métode dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sajarah, prak-prakan, ajén éstétika nu aya dina kasenian Réog Cengal, sarta matalikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal di Kacamatan Japara pikeun bahan pangajaran maca di kelas IX.

3.2 Téhnik Ngumplkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta analisis data hasil obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Data hasil obsérvasi tuluy dikumpulkeun sarta didéskripsikeun, tuluy diolah dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan sajarah kasenian Réog Cengal, prak-prakan kasenian Réog Cengal, ajén éstéika nu aya dina kasenia Réog Cengal, sarta ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca bahasan budaya ngeunaan kasenian, pikeun mikanyaho luyu henteu dijadikeun alternatif bahan pangajaran.

3.3 Téhnik Ngolah Panalungtikan

Téhnik nu digunakeun pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta analisis hasil obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Data tina hasil obsérvasi dipasing-pasing tuluy didéskripsikeun, sanggeus kitu diolah pikeun kapentingan


(16)

25

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan sajarah kasenian Réog Cengal, prak-prakan kasenian Réog Cengal, ajén éstétika anu nyampak dina kasenian Réog Cengal, sarta kumaha pedaran matéri kasenian Réog Cengal pikeun bahan pangajaran maca kelas IX.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 203), instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagawéanana leuwih babari sarta hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih taliti, lengkep, jeung sistematis nepi ka babari dikokolakeun. Dina ieu panalungtikan instrumén anu digunakeun nya éta, camera digital, handphone

(recorder), buku catetan, jeung pedoman wawancara. Pedoman wawancara nya

éta runtuyan patalékan-patalékan wawancara ngeunaan kasenian Réog Cengal digambarkeun dina tabél 3.1.

Tabél 3.1

Daftar Patalékan dina Pedoman Wawancara

No. Patalékan-patalékan wawancara

1. Naha bet dingaranan kasenian Réog Cengal? 2. Ti iraha ayana kasenian Réog Cengal teh?

3. Naon kasang tukang ngadegkeun kasenian Réog Cengal? 4. Dimana tempat pagelaran lumangsung?

5. Biasana iraha kasenian ieu dipidangkeun?

6. Sabaraha lila pintonan Réog Cengal lumangsung?

7. Persiapan naon waé nu kudu disiapkeun saméméh kasenian Réog Cengal dilaksanakeun?

8. Naon waé waditra anu dipaké mirig kasenian Réog Cengal?

9. Aya katangtuan husus teu, dina pemilihan kostum nu dipaké ku pamaén Réog Cengal téh?


(17)

26

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kalancaran lumangsungna ieu kasenian?

3.5 Desain Panalungtikan

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

DESAIN PANALUNGTIKAN

Ngadéskripsikeun:

1. Sajarah kasenian Réog Cengal

2. Prak-prakan kasenian Réog Cengal

3. Ajén éstétitik anu nyampak dina kasenian Réog Cengal

4. Kumaha pedaran matéri kasenian Réog Cengal pikeun

bahan pangajaran maca bahasan kelas IX.

NGAYAKEUN PANALUNGTIKAN DI DESA CENGAL KACAMATAN JAPARA JEUNG NGAWAWANCARA SENIMAN

NGADÉSKRIPSIKEUN DATA JEUNG NGANALISIS AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL

KUMAHA PEDARAN MATÉRI KASENIAN RÉOG CENGAL PIKEUN PANGAJARAN


(18)

27

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Sumber Data

Sumber data nya éta subjék ti mana data dicangking. Sumber data mangrupa asal data panalungtikan ti lapangan. Sumber data ngawengku tilu, nya éta jalma, tempat, jeung kertas (Arikunto, 2010, kc. 172).

1) Jalma, nya éta sumber data nu bisa méré data nu mangrupa jawaban lisan jeung tinulis.

2) Tempat, nya éta sumber data nu némbongkeun kaayaan cicing jeung gerak. 3) Kertas, nya éta sumber data nu bisa méré data nu ngagambarkeun tanda-tanda

mangrupa huruf, angka, atawa gambar.

Luyu jeung pedaran di luhur, sumber data dina ieu panalungtikan nya éta ti seniman atawa jalma-jalma nu aya patalina jeung kasenian Réog Cengal, tina hasil rékaman ngawawancara, foto atawa video pintonan kasenian Réog Cengal nu aya di Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan.

3.6.1 Seniman Réog Cengal

Dina ngumpulkeun data ngeunaan kasenian Réog Cengal, panalungtik ngayakeun wawancara jeung para seniman nu aya di Désa Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan. Di antarana wawancara ka pupuhu kasenian Réog Cengal, palaku kasenian Réog Cengal, jeung sesepuh masarakat Désa Cengal.

Tabél 3.2 Biodata Informan

No. Biodata Informan

1 Wasta : Suanda (Ebro) Umur : 70 Taun Pakasaban : Tani Atikan : SD

Alamat : Ds. Cengal Dusun VII RT/RW 27/07


(19)

28

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kalungguhan : Pupuhu Kasenian Réog Buhun Cengal

2 Wasta : Aknan A.R Permana Umur : 75 Taun

Pakasaban : Pensiunan Guru Atikan : SGA

Alamat : Ds. Cengal Dusun III RT/RW 10/07

Kalungguhan : Sesepuh Masarakat Désa Cengal 3 Wasta : Pendi

Umur : 76 Taun Pakasaban : Tani Atikan : SD

Alamat : Ds. Cikeleng Dusun Puhun RT/RW 10/07 Kalungguhan : Palaku Kasenian Réog Cengal 4 Wasta : Juanda

Umur : 51 Taun Pakasaban : PNS Atikan : S2

Alamat : Ds. Citapen Dusun I RT/RW 01/01

Kalungguhan : Palaku Kasenian Réog Cengal

3.6.2 Gambaran Umum Lokasi, Sosial, Budaya, jeung Tempat Panalungtikan 3.6.2.1 Letak Géografis

Désa Cengal nu dijadikeun tempat panalungtikan pernahna aya di Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan. Sacara administrasi Désa Cengal beulah kidul diwatesanan ku Désa Pamulihan (Kacamatan Cipicung), jeung beulah kalér


(20)

29

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

diwatesanan ku Désa Cikeléng (Kacamatan Japara), beulah kulon diwatesan ku Désa Wano (Kacamatan Japara), beulah wétan diwatesanan ku Désa Jambugeulis (Kacamatan Cigandamekar).

Désa Cengal miboga 7 dusun (I-VII), 7 RW, 32 RT. Dumasar data ti désa, jumlah penduduk nu kacatét bulan Februari taun 2013 aya 4.984 jiwa, anapon wincikanana nya éta: awéwé 2.549 jiwa jeung lalaki 2.435 jiwa.

Gambar 3.1 Peta Kacamatan Japara

Désa Cengal

Jalan Raya Utama Walungann Jalan Désa

3.6.2.2 Warga

Dina kahirupan sapopoéna hubungan antar masarakatna kawilang alus, sarta masarakatna soméah hadé ka sémah. Ka titaén, saupama aya kapapaténan, aya jalma nu gering, aya nu keur nyieun imah sok silih bantuan boh matéri boh non matéri. Ieu nandakeun yén dina kahirupan sapopoéna hirup sauyunan, silih rojong,


(21)

30

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

silih ajénan antara masarakat nu hiji jeung nu lianna. Kitu oge dina kagiatan séjénna saperti kerja bakti, masarakat Désa Cengal paheuyeuk-heuyeuk leungeun.

3.6.2.3 Atikan

Dina widang atikan Désa Cengal kawilang alus, katitén masarakatna ngarasa butuh kana dunya atikan ku kituna kolotna aya nu nyakolakeun budakna ti mimiti PAUD, TK, SD, SMP/MTs, SMA/MA/SMK, jeung paguron luhur. Masarakat Désa Cengal, sacara umum masarakatna geus wawuh kana huruf (bisa maca) jeung wawuh kana angka (bisa ngitung).

3.6.2.4 Agama

Masarakat Désa Cengal sacara umum ngagem agama Islam. Kagiatan-kagiatan rutin kaagaman anu dilaksanakeun nya éta pangajian mingguan ibu-ibu unggal poé Minggu, Salasa, jeung Rebo, pangajian rutin barudak leutik bada lohor, jst.

3.6.2.5 Basa

Basa nu dipaké ku masarakat Désa Cengal sacara umum nya éta basa Sunda, sok sanajan aya masarakat nu lain urang Sunda saperti Jawa, manéhna ngaluyukeun maké basa Sunda waktu komunikasi jeung masarakat, sanajan dina lentong masih kénéh kandel lentong Jawana.

3.6.2.6 Pakasaban

Pakasaban masarakat Désa Cengal réréana kana tani jeung dagang, tapi salian ti éta aya ogé nu digawé jadi PNS, guru, montir, kuli bangunan, tukang ojég, sopir, jrrd.

3.6.2.7 Wangenan Operasional

Pikeun nyingkahan kasalahpahaman dina nafsirkeun istilah-istilah dina ieu panalungtikan, nu judulna Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan SMP Kelas


(22)

31

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

IX. Ku kituna, perlu pisan didadarkeun istilah-istilah nu aya dina ieu panalungtikan.

1) Ajen nya éta nilai atawa harga;

2) Éstétika nya éta bagian tina élmu filsafat nu ngaguar ngeunaan kaéndahan; 3) atawa hal nu éndah hususna dina seni, cita rasa nu satata dina meunteun seni

Sarta tanggapan manusa kana éta kaéndahan;

4) Kasenian nya éta bagian tina budaya jeung sarana nu dipaké pikeun ngaéksprésikeun rasa kaéndahan dina haté manusa;

5) Réog Cengal nya éta salasahiji kasenian tradisional nu aya di wewengkon Kuningan.

6) Bahan pangajaran nya éta salasahiji komponén dina prosés diajar-ngajar. 7) Pangajaran maca nya éta kagiatan diajar-ngjar di sakola ngaliwatan bahan


(23)

80 Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Kasenian Réog Cengal gelarna taun 1940-an, ieu kasenian mangrupa salasahiji kasenian tradisonal nu aya di wewengkon Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan. Kasenian Réog Cengal asalna ti Désa Sangkanhurip kacamatan Cigandamekar, grup réog Sangkanhurip atawa grup réog Pusaka Janggala, kasenian réog ieu dipingpin ku Bapa Tawes. Teu lila ti éta, Roheman sanggeus meunang idin ti Bapa Tawes ngadegkeun grup réog “Pusaka

Margahurip”. Ti dinya aya nu nuluykeun kasenian réog ti Roheman nya éta Ebro, dina taun 1970-an Ebro nu mingpin ieu kasenian. Kasenian réog nu dipingpin ku

Ebro, dingaranan “Réog Buhun Désa Cengal”.

Prak-prakan mintonkeun kasenian Réog Cengal aya sababaraha kagiatan, nya éta tatalu, babadayan, bobodoran atawa dagelan, penca silat, jeung nyandiwara atawa ngalalakon. Tempat jeung waktu lumangsungna pintonan bisa di mana waé. Pintonan kasenian Réog Cengal disaluyukeun jeung wirahma tur gerakan anu sipatna ngahibur, luyu jeung kabiasaan atawa adat-istiadat urang Sunda nu miboga sipat humor. Saméméh pintonan prung dimimitian, aya kagiatan awal nu dipigawé nya éta nyiapkeun kalengkepan pikeun ngujuban (basa wewengkon Kuningan) atawa nyuguh, jeung pakakas péntas. Pakakas ngujuban (nyuguh) nya éta parukuyan, sasajén, jeung panyinglar. Nu mangrupa média pikeun nepikeun pesen ka roh karuhun, sangkan pintonan Réog Cengal aya dina kalancaran

Ajén éstétika dina kasenian Réog Cengal ditilik tina unsur-unsur éstétis ngawengku wujud (kostum, gerak, jeung waditra), eusi jeung pintonan kasenian Réog Cengal. Kostum nu dipaké ku pamaén nu nabeuh kentrung, jongjrong, jeung dungpak, nya éta iket, baju kamprét, calana komprang, sampur, jeung samping. Kostum nu dipaké ku pamaén Réog Cengal miboga ajén ékstrinsik, nya éta baju katut propertina mangrupa kaéndahan ékstrinsik nu méré gambaran sangkan katingali gagah. Salian ti éta kostum nu dipaké ogé miboga ajén éksprési, nya éta


(24)

81

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nu diwujudkeun dina wangun kostum nu ngawakilan éksprési pamaén luyu jeung karakter dina pintonan kasenian Réog Cengal. Gerak jeung tari dina kasenian Réog Cengal kaasup kana ajén éstétis anu murni, Gerakan babadayan kaasup kana ajén éstétis nu murni, lantaran dina gerak saluyu jeung tempo dina wirahma. Hartina ajén éstétis éta aya, katitén tina gerakan anu dipintonkeun ku pamaén Réog Cengal biasana pikaseurieun. Dina kasenian Réog Cengal waditra anu dipaké nya éta dog-dog, kecrék, goong, angklung, tarompét, saron, jeung kendang. Sakabéh waditra éta téh mangaruhan kana pintonan Réog Cengal jeung mangrupa unsur pang pentingna kana lumangsuna pintonan. Ku kituna unsur waditra téh teu bisa dileupaskeun tina pintonan kasenian Réog Cengal. Salila pintonan kasenian Réog Cengal lumangsung dipirig ku waditra, waditra anu dipaké miboga ajén éstétika saperti waditra kendang miboga nya éta pikeun ngatur irama lagu. Tarompét nya éta salaku mélodi lagu,tarompét dipaké salaku alat tiup dina kasenian Réog cengal. Kaéndahan dina pintonan Kasenian Réog Cengal mibanda ajén éksprési jeung ajén katarsis katémbong dina waktu pintonan kasenian Réog Cengal lumangsung, pamiarsa ngarasa kahibur jeung bungah nalika pintonan lumangsung, katitén aya dina gerakan babadayan, bobodoran jeung ngalalakon.

Hasil panalungtikan ngeunaan kasenian Réog Cengal bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran Basa jeung sastra Sunda, hususna matéri ngeunaan

budaya nya éta “Maca Bahasan Kasenian”. Matéri ngeunaan éstétika téh kaasup matéri nu rada kompleks. Jadi nu luyu pikeun nyangking pangajaran téh nya éta

siswa SMP kelas IX, aya dina pangajaran “Maca Bahasan Kasenian”. Matéri ngeunan ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal bisa dilarapkeun dina pangajaran maca bahasan kasenian Réog Cengal nu luyu jeung KIKD.

5.2. Saran

Sabada nyindekkeun hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara rékoméndasi pikeun panalungtikan satuluyna, hususna dina panalungtikan maca bahasan kasenian. Dipiharep ieu kasenian téh ngeuyeuban deui kana kajembaran


(25)

82

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kasenian tradisional nu aya di Jawa Barat. Hususna nya éta kasenian Réog Cengal nu aya di Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan. Sangkan kasenian ieu teu leungit aya sababaraha saran di antarana pikeun: lembaga kasenian, guru, mahasiswa, jeung masarakat.

1) Lembaga Kasenian

Lembaga kasenian dipiharep bisa ngainvéntarisir budaya jeung seni, hususna kasenian nu aya di Jawa Barat.

2) Guru

Guru bisa ngamangpaatkeun hasil panalungtikan nu luyu jeung Rencana

Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) nu aya dina bab IV.

3) Mahasiswa

Mahasiswa bisa ngayakeun deui panalungtikan dina kasenian Réog Cengal, sangkan bisa ngaguar hal-hal séjénna dina garapan anu leuwih husus.

4) Masarakat

Masarakat kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé kasenian Réog Cengal sangkan teu leungit.


(26)

83 Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Bahri Djamarah, S. & Aswan Zain. (2006). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Depertemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia: Pusat

Bahasa. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.

Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat (2013). Revitalisasi Seni Reog

Cengal. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Dinas Pendidikan Jawa Barat (2013). Standar Inti dan Kompetensi dasar Mata

Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi

Jawa Barat.

Efendi, Marlina (2013). “Ajén Éstétika dina Kasenian Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangjaran Maca Kelas XII”. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: Teu Diterbitkeun.

Ginting, A. (2010). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora..

http://id.wikipedia.org/wiki/Kecrek 28/02/2014 11.47

http://masanisfuad.blogspot.com/2011/05/saron-alat-musik-tradisional-indonesia.html 28/02/2014 11 45

http://www.kuningankab.go.id/pemerintahan/kecamatan/kecamatan-japara 28/02/2014 12.05

(http://carapedia.com/pengertian_definisi_kesenian_menurut_para_ahli_info491.h tml 12 /01/2014 09.39

Kartika, S Dharsono & Nanang Ganda P. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains

Kartika, S Dharsono (2007). Kritik Seni. Bandung: Rekayasa Sains.


(27)

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Komalasari, Tiya (2013). “Ajén Éstétika dina Kasenian Penca Silat Cakar Kamuning Kencana di Kampung Nyingkur Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangjaran Maca Kelas XII”. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: Teu Diterbitkeun.

Kuswari, Usep (2010), Silabus Teori Membaca. Bandung: JPBD. Teu Diterbitkeun.

Maryaeni (2005). Metode Penelitian Kebudayaan. Malang: Bumi Aksara

Ratna, Nyoman K. (2007). Estetika Sastra dan Budaya.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudirga, I Komang (2004). Cakepung. Yogyakarta: Kalika Press Sumardjo, Jacob (2000). Filsafat Seni. Bandung: Penerbit ITB.

Tarigan, Hendry Guntur (2008). Membaca sebagai Suatu Keterampilan

Membaca, Bandung: Percetakan Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran (2009). Bandung: UPI.

Turner (1988)

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Teu Diterbitkeun.


(1)

31

IX. Ku kituna, perlu pisan didadarkeun istilah-istilah nu aya dina ieu panalungtikan.

1) Ajen nya éta nilai atawa harga;

2) Éstétika nya éta bagian tina élmu filsafat nu ngaguar ngeunaan kaéndahan; 3) atawa hal nu éndah hususna dina seni, cita rasa nu satata dina meunteun seni

Sarta tanggapan manusa kana éta kaéndahan;

4) Kasenian nya éta bagian tina budaya jeung sarana nu dipaké pikeun ngaéksprésikeun rasa kaéndahan dina haté manusa;

5) Réog Cengal nya éta salasahiji kasenian tradisional nu aya di wewengkon Kuningan.

6) Bahan pangajaran nya éta salasahiji komponén dina prosés diajar-ngajar. 7) Pangajaran maca nya éta kagiatan diajar-ngjar di sakola ngaliwatan bahan


(2)

80

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Kasenian Réog Cengal gelarna taun 1940-an, ieu kasenian mangrupa salasahiji kasenian tradisonal nu aya di wewengkon Cengal, Kacamatan Japara, Kabupatén Kuningan. Kasenian Réog Cengal asalna ti Désa Sangkanhurip kacamatan Cigandamekar, grup réog Sangkanhurip atawa grup réog Pusaka Janggala, kasenian réog ieu dipingpin ku Bapa Tawes. Teu lila ti éta, Roheman sanggeus meunang idin ti Bapa Tawes ngadegkeun grup réog “Pusaka Margahurip”. Ti dinya aya nu nuluykeun kasenian réog ti Roheman nya éta Ebro, dina taun 1970-an Ebro nu mingpin ieu kasenian. Kasenian réog nu dipingpin ku Ebro, dingaranan “Réog Buhun Désa Cengal”.

Prak-prakan mintonkeun kasenian Réog Cengal aya sababaraha kagiatan, nya éta tatalu, babadayan, bobodoran atawa dagelan, penca silat, jeung nyandiwara atawa ngalalakon. Tempat jeung waktu lumangsungna pintonan bisa di mana waé. Pintonan kasenian Réog Cengal disaluyukeun jeung wirahma tur gerakan anu sipatna ngahibur, luyu jeung kabiasaan atawa adat-istiadat urang Sunda nu miboga sipat humor. Saméméh pintonan prung dimimitian, aya kagiatan awal nu dipigawé nya éta nyiapkeun kalengkepan pikeun ngujuban (basa wewengkon Kuningan) atawa nyuguh, jeung pakakas péntas. Pakakas ngujuban (nyuguh) nya éta parukuyan, sasajén, jeung panyinglar. Nu mangrupa média pikeun nepikeun pesen ka roh karuhun, sangkan pintonan Réog Cengal aya dina kalancaran

Ajén éstétika dina kasenian Réog Cengal ditilik tina unsur-unsur éstétis ngawengku wujud (kostum, gerak, jeung waditra), eusi jeung pintonan kasenian Réog Cengal. Kostum nu dipaké ku pamaén nu nabeuh kentrung, jongjrong, jeung dungpak, nya éta iket, baju kamprét, calana komprang, sampur, jeung samping. Kostum nu dipaké ku pamaén Réog Cengal miboga ajén ékstrinsik, nya éta baju katut propertina mangrupa kaéndahan ékstrinsik nu méré gambaran sangkan katingali gagah. Salian ti éta kostum nu dipaké ogé miboga ajén éksprési, nya éta


(3)

81

nu diwujudkeun dina wangun kostum nu ngawakilan éksprési pamaén luyu jeung karakter dina pintonan kasenian Réog Cengal. Gerak jeung tari dina kasenian Réog Cengal kaasup kana ajén éstétis anu murni, Gerakan babadayan kaasup kana ajén éstétis nu murni, lantaran dina gerak saluyu jeung tempo dina wirahma. Hartina ajén éstétis éta aya, katitén tina gerakan anu dipintonkeun ku pamaén Réog Cengal biasana pikaseurieun. Dina kasenian Réog Cengal waditra anu dipaké nya éta dog-dog, kecrék, goong, angklung, tarompét, saron, jeung kendang. Sakabéh waditra éta téh mangaruhan kana pintonan Réog Cengal jeung mangrupa unsur pang pentingna kana lumangsuna pintonan. Ku kituna unsur waditra téh teu bisa dileupaskeun tina pintonan kasenian Réog Cengal. Salila pintonan kasenian Réog Cengal lumangsung dipirig ku waditra, waditra anu dipaké miboga ajén éstétika saperti waditra kendang miboga nya éta pikeun ngatur irama lagu. Tarompét nya éta salaku mélodi lagu,tarompét dipaké salaku alat tiup dina kasenian Réog cengal. Kaéndahan dina pintonan Kasenian Réog Cengal mibanda ajén éksprési jeung ajén katarsis katémbong dina waktu pintonan kasenian Réog Cengal lumangsung, pamiarsa ngarasa kahibur jeung bungah nalika pintonan lumangsung, katitén aya dina gerakan babadayan, bobodoran jeung ngalalakon.

Hasil panalungtikan ngeunaan kasenian Réog Cengal bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran Basa jeung sastra Sunda, hususna matéri ngeunaan budaya nya éta “Maca Bahasan Kasenian”. Matéri ngeunaan éstétika téh kaasup matéri nu rada kompleks. Jadi nu luyu pikeun nyangking pangajaran téh nya éta siswa SMP kelas IX, aya dina pangajaran “Maca Bahasan Kasenian”. Matéri ngeunan ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal bisa dilarapkeun dina pangajaran maca bahasan kasenian Réog Cengal nu luyu jeung KIKD.

5.2. Saran

Sabada nyindekkeun hasil analisis data jeung kacindekan, aya sawatara rékoméndasi pikeun panalungtikan satuluyna, hususna dina panalungtikan maca bahasan kasenian. Dipiharep ieu kasenian téh ngeuyeuban deui kana kajembaran


(4)

82

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

kasenian tradisional nu aya di Jawa Barat. Hususna nya éta kasenian Réog Cengal nu aya di Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan. Sangkan kasenian ieu teu leungit aya sababaraha saran di antarana pikeun: lembaga kasenian, guru, mahasiswa, jeung masarakat.

1) Lembaga Kasenian

Lembaga kasenian dipiharep bisa ngainvéntarisir budaya jeung seni, hususna kasenian nu aya di Jawa Barat.

2) Guru

Guru bisa ngamangpaatkeun hasil panalungtikan nu luyu jeung Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) nu aya dina bab IV.

3) Mahasiswa

Mahasiswa bisa ngayakeun deui panalungtikan dina kasenian Réog Cengal, sangkan bisa ngaguar hal-hal séjénna dina garapan anu leuwih husus.

4) Masarakat

Masarakat kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé kasenian Réog Cengal sangkan teu leungit.


(5)

DAFTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Bahri Djamarah, S. & Aswan Zain. (2006). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Danadibrata, R. A. (2009). Kamus Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Depertemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia: Pusat

Bahasa. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.

Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat (2013). Revitalisasi Seni Reog Cengal. Bandung: Tidak Diterbitkan.

Dinas Pendidikan Jawa Barat (2013). Standar Inti dan Kompetensi dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Efendi, Marlina (2013). “Ajén Éstétika dina Kasenian Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangjaran Maca Kelas XII”. Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: Teu Diterbitkeun.

Ginting, A. (2010). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora..

http://id.wikipedia.org/wiki/Kecrek 28/02/2014 11.47

http://masanisfuad.blogspot.com/2011/05/saron-alat-musik-tradisional-indonesia.html 28/02/2014 11 45

http://www.kuningankab.go.id/pemerintahan/kecamatan/kecamatan-japara 28/02/2014 12.05

(http://carapedia.com/pengertian_definisi_kesenian_menurut_para_ahli_info491.h tml12 /01/2014 09.39

Kartika, S Dharsono & Nanang Ganda P. (2004). Pengantar Estetika. Bandung: Rekayasa Sains

Kartika, S Dharsono (2007). Kritik Seni. Bandung: Rekayasa Sains.


(6)

84

Lili Aliyanti, 2014

Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX

Komalasari, Tiya (2013). “Ajén Éstétika dina Kasenian Penca Silat Cakar Kamuning Kencana di Kampung Nyingkur Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangjaran Maca Kelas XII”. Skripsi Sarjana FPBS UPI Bandung: Teu Diterbitkeun.

Kuswari, Usep (2010), Silabus Teori Membaca. Bandung: JPBD. Teu Diterbitkeun.

Maryaeni (2005). Metode Penelitian Kebudayaan. Malang: Bumi Aksara

Ratna, Nyoman K. (2007). Estetika Sastra dan Budaya.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sudirga, I Komang (2004). Cakepung. Yogyakarta: Kalika Press Sumardjo, Jacob (2000). Filsafat Seni. Bandung: Penerbit ITB.

Tarigan, Hendry Guntur (2008). Membaca sebagai Suatu Keterampilan Membaca, Bandung: Percetakan Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran (2009). Bandung: UPI. Turner (1988)

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Teu Diterbitkeun.