Prosedur Ngolah Data Prosedur Panalungtikan .1 Prosedur Ngumpulkeun Data

Dini Anggriani,2013 ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Data panalungtikan dicokot tina sumber lisan jeung sumber tinulis. Sumber lisan nya éta data hasil wawancara ti sababaraha informan anu apal kana seluk beluk kasenian Penca Silat. Kabeneran informan anu diwawancara téh nya éta pimpinan kasenian Penca Silat. Sedengkeun sumber tinulis dicokot tina kamus, buku, jeung internet anu aya patalina jeung kasenian Penca Silat. Léngkah-léngkahna nya éta : 1 niténan Kamus Umum Basa Sunda LBSS:1995 jeung buku-buku sumber lianna anu aya patalina jeung kasenian Penca Silat; 2 nyirian kekecapan anu aya patalina jeung Kasenian Penca Silat; 3 niténan istilah anu aya dina kasenian Penca Silat hasil wawancara; 4 ngadaptarkeun babandingan istilah kasenian Penca Silat tina Kamus Umum Basa Sunda jeung istilah hasil wawancara.

3.7.2 Prosedur Ngolah Data

Sanggeus sakabéh data kakumpulkeun, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Tahap ngolah data mangrupa nyusun, nganalisis, sarta napsirkeun data anu geus kakumpulkeun nepi ka bisa nyusun hiji kacindekan. Léngkah-léngkahna nya éta : 1 mariksa jeung niténan data-data istilah anu aya dina kasenian Penca Silat, kira-kira data tina Kamus Umum Basa Sunda téh saluyu henteu jeung data hasil wawancara; 2 milah-milah data dumasar kana wangunna; 3 ngadéskripsikeun istilah anu aya dina kasenian Penca Silat; 4 nyieun babandingan istilah kasenian anu aya dina Kamus Umum Basa Sunda jeung hasil wawancara; 5 nyusun laporan panalungtikan Dini Anggriani,2013 ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Sanggeus ngayakeun panalungtikan, nganalisis tur ngabandingkeun antara sumber tinulis saperti kamus, buku jeung hasil wawancara, bisa dicindekkeun sababaraha hal saperti ieu di handap. 1 Kasenian penca silat mangrupa wujud budaya, hasil cipta, rasa jeung karsa masarakat jaman baheula nalika ngabela atawa nyalametkeun diri ti musuh. ku robahna jaman, robah ogé pola pokir manusa, kitu ogé penca silat anu robah pungsi kiwari jeung baheula, jaman baheula mah penca silat dipaké pikeun mertahankeun diri, kiwari penca silat robah jadi seni pintonan anu dihibur ku gerakan-gerakan beladiri. 2 Numutkeun dina kamekaranna ayana Penca Silat luyu jeung kamekaran manusa, ku kituna penca silat mangrupa budaya titinggal karuhun. Katitén dina tujuan utama penca silat nya éta salaku ngabela diri, nyalametkeun diri ti gangguan musuh, saperti sato anu galak, ngalawan penjajah. Éta kajadian mangrupa ciri yén penca silat ayana ti jaman baheula nalika manusa ngalawan sato anu galak nepi ka jaman merdeka. 3 Dina kasenian penca silat Panglipur Kalurahan Balééndah Kacamatan Balééndah Kabupatén Bandung kapaluruh 159 100 istilah di antarana : istilah dina widang jurus aya 30 19, istilah dina widang pakakas atawa properti aya 10 5,3, istilah dina widang gerakan aya 42 27, istilah dina widang ngaran guru aya 6 3,7, istilah dina widang waditra jeung panunjangna aya 13 7,2, istilah dina widang pasamoan aya 6 3,7, istilah dina widang papatah guru ka murid aya 14 4,8, istilah dina widang ngaran gelar aya 6 3,7, istilah dina widang naékan élmu aya 3 2,5, jeung istilah budaya anu nyampak dina seni penca silat aya 10 5,3. 4 Salian ti istilah anu ilahar dipaké dina penca silat, ogé aya tuturan ti guru penca silat, diantarana : “Ulah Sina Nyeri Tapi Kudu Sina Ngarti”, “Ulah Siga Indit Tapi Cicing Tapi Kudu Siga Cicing Tapi Indit”, “Penca Gambaran

Dokumen yang terkait

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN JIGPRAK DI DESA SITU ILIR KECAMATAN CIBUNGBULANG BOGOR PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA PEDARAN NGEUNAAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

1 15 14

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 4 31

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII.

0 1 7

KASENIAN ANGKLUNG BUNCIS DI KACAMATAN CIGUGUR KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII : Tilikan Struktur jeung Sémiotik.

1 31 27

AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL DI KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN MACA BAHASAN MACA DI SMP KELAS IX.

0 35 27

ISTILAH-ISTILAH DINA KASENIAN PENCA SILAT PANGLIPUR DI KALURAHAN BALÉÉNDAH KACAMATAN BALÉÉNDAH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN SALAH SAHIJI ALTERNATIF BAHAN AJAR MACA BAHASAN KASENIAN DI SMA KELAS XII.

0 8 22

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN PENCA SILAT CAKAR KUMBANG KENCANA DI KAMPUNG NYINGKIR DÉSA CIHIDEUNG KACAMATAN PARONGPONG KABUPATÉN BANDUNG BARAT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

1 11 30

KASENIAN BRING-BRUNG DI KALURAHAN LEDENG KACAMATAN CIDADAP KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA : Ulikan Struktural-Sémiotik.

1 29 24

AJÉN ÉSTÉTIS KASENIAN GEMBYUNG DI KABUPATÉN SUBANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

0 24 38

AJÉN ÉSTÉTIS DINA KASENIAN ULIN BARONG DI KALURAHAN SÉKÉLOA KACAMATAN COBLONG KOTA BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII - repository UPI S BD 1102250 Title

0 1 3