Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan

DINI NOVIANTI SUTRISNA, 2015 SAJARAH CIJULANG Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta proses anu dirarancang pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun pasualan-pasualan panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan digambarkeun saperti dina bagan ieu di handap. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Nangtukeun Masalah Struktur Carita Ajén Étnopédagogik Unsur Semiotik Struktural: fakta carita: galur, karakter, jeung latar. Nangtukeun Tiori jeung Métode Panalungtikan Naskah Sajarah Cijulang Koléksi Perpustakaan Nasional Jakarta Nangtukeun Obyék Panalungtikan Semiotik: 1. Ikon 2. Indéks 3. Simbol Étnopédagogik: 1. Catur jatidiri insan: pengkuh agamana, luhung élmuna, jembar budayana, jeung rancagé gawéna. 2. Moral manusa: Moral manusa ka Pangéran, moral manusa ka pribadi, moral manusa ka manusa, moral manusa ka alam, moral manusa kana waktu, jeung moral manusa dina ngudag kapuasaan lahiriah jeung batiniah. 3. Gapura panca waluya: cageur, bageur, bener, pinter, singer, jeung pangger. Ngadéskripsikeun, nganalisis, jeung napsirkeun Nyindekkeun Nyusun Laporan DINI NOVIANTI SUTRISNA, 2015 SAJARAH CIJULANG Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Métode Panalungtikan

Nurutkeun Ratna 2013, kc. 34 métode asalna tina basa Latin methodos anu diwangun tina kecap meta jeung hodos. Meta hartina nuju, ngaliwatan, nuturkeun, sedengkeun hodos hartina jalan, cara, arah. Dina kagiatan ilmiah, métode dianggap salaku cara-cara atawa strategi dina maham réalitas, léngkah- léngkah sistematis pikeun ngungkulan masalah anu aya. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Métode déskriptif analisis dilakukeun ku cara ngadéskripsikeun fakta- fakta, tuluy dianalisis Ratna, 2013, kc. 53. Ngaliwatan ieu métode, panalungtik baris ngadéskripsikeun data-data anu kapanggih dumasar hasil analisis nepi ka bisa nyieun kacindekan tina ieu panalungtikan. Métode déskriptif analisis dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun struktur carita, unsur semiotik, jeung ajén étnopédagogik anu aya dina naskah Sajarah Cijulang.

3.3 Sumber Data