Mangpaat Tioritis Mangpaat Panalungtikan

5 Nisa Siti Zakiyah, 2014 Campur kode dalam siaran Béntang Parahyangan Bandung TV Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a. Ngajembaran ambahan élmu sosiolinguistik minangka élmu ngeunaan basa katut nu makéna basa di masarakat; b. Mikanyaho kaayaan campur kodé nu lumangsung di masarakat Sunda; c. Nambahan pangaweruh dina hal kasundaan nu aya dina siaran televisi.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Lian ti sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep ogé miboga manfaat sacara praktis nyaéta: a. Pikeun panalungtik bisa nambahan pangaweruh ngeunaan masalah campur kodé; b. Pikeun masarakat, méré informasi ka masarakat yén campur kodé mangrupa masalah dina masarakat anu multilingual.

1.5 Raraga Tulisan

Bab 1 mangrupa bab anu munggaran dina ieu skripsi. Bab hiji ngawengku kasang

tukang masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan diayakeun ieu panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raga panulisan skripsi.

Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan

sacara jembar jeung leuwih jero. Bab dua ieu ngawengku kajian pustaka anu dijerona medar ngeunaan tiori kadwibasaan jeung campur kodé.

Bab III medar ngeunaan métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan, saperti

sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrument panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV anu ngawengku hasil panalungtikan jeung pedaran Bab V anu ngawengku kacindekan jeung saran.

Nisa Siti Zakiyah, 2014 Campur kode dalam siaran Béntang Parahyangan Bandung TV Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 18

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Unggal panalungtikan tangtuna kudu aya objék anu jadi sumber panalungtikan. Dumasar kana judul panalungtikan, anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta transkrip paguneman tina hasil rékaman siaran TV Béntang Parahyangan Bénpar édisi Oktober 2013. 3.2 Desain Panalungtikan Desain panalungtikan tangtuna dipikabutuh dina panalungtikan sangkan léngkah- léngkah panalungtikan bisa kasusun sacara sistematis jeung sangkan prosés panalungtikan bisa leuwih gampang Desain panalungtikan nyaéta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah anu aya dina panalungtikan. Ieu desain panalungtikan téh disusun dumasar kana léngkah-léngkah: 1 Nangtukeun masalah, 2 Studi pendahuluan, 3 Ngawetasanan jeung ngarumuskeun masalah, 4 ngarumuskeun anggapan dasar, 5 Nangtukeun sumber data, 6 Nangtukeun jeung nyusun instrument, 7 Ngumpulkeun data, 8 Analisis data, 9 Nyieun Kacindekan, 10 Nyusun laporan. Arikunto, 2010, kc. 22-23. Dumasar Léngkah-léngkah panalungtikan anu sakumaha ditétélakeun ku Arikunto di luhur, panalungtik ngagambarkeun desain panalungtikan sangkan panalungtikan lumangsung sacara sistematis, nyaéta dimimitian ku ngarekam siaran Bénpar Bandung TV maké alat rékam, rekaman ditranskripkeun sangkan jadi wangun tinulis, gejala CK anu muncul dituliskeun dina kartu data, ngaklasifikasikeun