Wangenan Operasional MÉTODE PANALUNGTIKAN

21 Nisa Siti Zakiyah, 2014 Campur kode dalam siaran Béntang Parahyangan Bandung TV Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Parahyangan. Ku kituna, instrumen anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta alat rekam jeung kartu data. Alat rekam dipaké pikeun ngarekam paguneman anu aya dina éta siaran televisi, kartu data dipaké pikeun klasifikasi jeung déskripsi data. Dina kartu data aya nomer kode data, periode data, rekaman ka-, baris ka-, prosés campur kode, conto kalimat. NomerKode data : Rekaman ka : Kalimah ka : Prosés Campur Kode : Wanda CK : Wujud CK : Wangun Kalimah : NomerKode data : 114 R12.84 Rekaman ka : 1 Kalimah ka : 84 Prosés Campur Kode : Mantap Wanda CK : CK ka jero Wujud CK : Kecap Wangun Kalimah : Mantap salajengna nomer genep belas 22 Nisa Siti Zakiyah, 2014 Campur kode dalam siaran Béntang Parahyangan Bandung TV Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik ngumpulkeun data anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téknik sadap rekam, mangrupa ngarekam siaran televisi Béntang Parahyangan unggal poé Rebo tabuh 14.30-16.00 WIB édisi bulan Oktober.

3.7 Téknik Ngolah data

Sanggeus data anu diperlukeun pikeun panalungtikan kakumpulkeun, tuluy diolah piken didéskripsikeun. Éta data diolah ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di handap: a. Hasil rekaman ditranskrip pikeun mindahkeun data anu asalna wangun rekaman jadi wangun tinulis. b. Nyalin omongan kalimah kana kartu data, dibéré katerangan jeung kode anu tangtu. c. Kartu data disusun sacara alfabetis. d. Hasil transkrip dianalisis tur diklasifikasikeun dumasar kana wanda jeung wujud campur kode. e. Ngadéskripsikeun tina data anu geus diolah dina wangun présentase. f. Nafsirkeun campur kode. Nisa Siti Zakiyah, 2014 Campur kode dalam siaran Béntang Parahyangan Bandung TV Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 90

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data campur kode dina siaran Béntang Parahyangan Bandung TV, bisa dicindekkeun tilu hal ieu di handap. a Tina transkrip rekaman siaran Bénpar Bandung TV, kapanggih 207 data gejala campur kode, anu mibanda wanda jeung wujud campur kode nu tangtu. b Wanda campur kode nu kapanggih dina siaran Bénpar Bandung TV aya 335 kecap, nu nyoko kana campur kode ka jero inner code mixing 251 kecap 75 , jeung campur kode ka luar outer code mixing jumlahna 84 kecap 25 c Wujud campur kode anu kapanggih dina siaran Bénpar Bandung TV kapanggih 254 data wujud campur kode nyoko kana lima wujud campur kode nyaéta 1 CK nu ngawujud kecap aya 143 56,30, 2 CK nu ngawujud frasa aya 58 22,83, 3 CK nu ngawujud baster aya 12 4,73, 4 CK nu ngawujud idiom aya 4 1,57, jeung 5 CK nu ngawujud klausa aya 37 14,57. Dumasar tina kacindekkan di luhur, ébréh yén campur kode dina siaran Béntang parahyangan Bandung TV umumna mangrupa campur kode ka jero, anu lolobana ngawujud kecap.

5.2 Saran Ieu panalungtikan miboga saran pikeun:

1 Luyu jeung kamekaran élmu pangaweruh jeung téknologi, ku kituna kecap-kecap atawa kandaga kecap nu aya dina kamus basa Sunda gé kudu ditambahan saluyu jeung kamekaran téknologi nu aya.