5
Dian Nurul Hidayanti, 2014 Kamampuh Ngagunakeun Unsur Serepan D ina Karangan Éksposisi Siswa Kelas Vii B SMP
Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1.4 Mangpaat Panalungtikan
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Panulis miharep sangkan ieu panalungtikan téh miboga mangfaat tioritis, nyaéta ngajembaran pangaweruh dina widang tata basa jeung palanggeran éjahan
hususna ngeunaan unsur serepan.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Lian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis saperti ditaaan ieu di handap.
1 Mangpaat pikeun guru nyaéta bisa jadi sumber informasi ngeunaan
kamampuh dina maké unsur serepan nu dilakukeun ku parasiswa kelas VII SMP Negeri 3 Lembang, sarta méré patokan ka guru dina meunteun karangan
éksposisi. 2
Mangpaat pikeun siswa nyaéta bisa mikawanoh kasalahan dina ngagunakeun unsur serepan, maham kana unsur serepan, sarta méré pangalaman anyar
hususna dina nyieun karangan éksposisi. 3
Mangpaat pikeun panalungtik nyaéta meunang gambaran leuwih teleb ngeunaan kamampuh maké unsur unsur serepan dina karangan éksposisi
siswa kelas VII SMP Negeri 3 Lembang.
1.5 Raraga Nulis
Nyusun hiji laporan dina wangun skripsi jadi tahap ahir dina ieu panalungtikan. Dina nulis ieu skripsi, sacara gurat badag dibagi jadi lima bab
saperti ditataan ieu di handap. Bab I bubuka, eusina ngeunaan sub judul, nya éta kasang tukang
panalungtikan, idéntifikasi
jeung rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan nya éta tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan
nu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, sarta raraga nulis. Dina bab II kajian pustaka, dipedar tiori ngeunaan cara nulis unsur serepan,
tiori nulis anu ngawengku watesan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis jeung
6
Dian Nurul Hidayanti, 2014 Kamampuh Ngagunakeun Unsur Serepan D ina Karangan Éksposisi Siswa Kelas Vii B SMP
Negeri 3 Lembang Taun Ajaran 20132014 Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
mangpaat nulis, sarta tiori ngeunaan éksposisi nu ngawengku wangenan karangan éksposisisi, ciri-ciri éksposisi, jeung sarat nulis éksposisi.
Bab III métode panalungtikan, dina bab tilu eusina ngeunaan lokasi jeung subjék panalungtikan, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan
operasional, instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung léngkah- léngkah panalungtikan.
Bab IV déskripsi ngeunaan data unsur serepan anu kapanggih, data kasalahan
nuliskeun unsur serepan nu dipilampah, jeung kamampuh siswa kelas VII B SMP
Negeri 3 Lembang dina ngagunakeun unsur serepan. Bab V kacindekan jeung saran, mangrupa bab pamungkas sarta gurat badag
jeung intisari tina ieu panalungtikan. Bab ieu ngawengku kacindekan jeung saran.