27
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014 AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Dina ieu panalungtikan métode nu dipaké nya éta
métode panalungtikan déskriptif. Métode deskriptif mangrupa hiji métode panalungtikan nu mibanda tujuan pikeun méré gambaran ngeunaan realitas kana
objék nu ditalungtik sacara objéktif tur diébréhkeun aspék-aspék nu jadi puseur perhatian panalungtikanna.
Ieu métode mangrupa istilah nu umum anu ngawengku rupa-rupa téhnik déskriptif. Nu dimaksud panalungtikan kalawan maké téhnik déskriptif téh nya éta
ngawengku panalungtikan nu ngajéntrékeun, nganailisis, jeung ngelompokkeun kalawan téhnik survéy, angket, téhnik wawancara, observasi Surakhmand, 1989,
kaca 39. Masalah anu ditalungtik dina kasenian Barong Domba Garut Badogar
mangrupa masalah nu aya dina mangsa kiwari atawa masalah faktual. Sedengkeun nu didéskripsikeun nya éta ajén budaya dina kasenian Badogar di wilayah Désa
Margalaksana Kecamatan Cilawu Kabupaten Garut. 3.2
Ngumpulkeun Data
Eileen Kane dina Moleong, 2007, kaca 157 nétélakeun harti téhnik panalungtikan nya éta salasahiji panalungtikan anu mangrupa unsur penting.
Téhnik panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik
ngumpulkeun data.
Téhnik ngumpulkeun data mangrupa kagiatan utama dina ieu panalungtikan, sabab tujuan utama tina ieu panaluntikan nya éta nyangking data. Ngumpulkeun
data bisa dilakukeun dina rupa-rupa sumber jeung cara. Dumasar kana sumber datana, téknik ngumpulkeun data bis a ngagunakeun sumber primer jeung sumber
sekunder.
28
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014 AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Sumber primer nya éta sumber data anu langsung méré data ka nu ngumpulkeun data. Sedengkeun sumber sekunder mangrupa sumber data anu teu
langsung méré data ka nu ngumpulkeun data, misalna ngaliwatan batur atawa ngaliwatan dokumentasi.
Ditingali tina cara ngumpulkeun datana, téknik ngumpulkeun data bisa dilakukeun ku cara observasi, wawancara, dokumentasi, jeung gabungan tina
kaopatna. Rupa-rupa téhnik ngumpulkeun data bisa ditingali tina ieu gambar di handap.
Gambar. 3.1 Rupa-rupa Téhnik Ngumpulkeun Data
Dumasar kana éta gambar, téhnik ngumpulkeun data miboga opat cara, nya éta: observasi, wawancara, dokumentasi, jeung gabungantriangulasi. Dina
panalungtikan kualitatif, ngumpulkeun data dilakukeun dina kondisi anu alamiah natural setting. Téhnik ngumpulkeun datana leuwih loba ngagunakeun
partisipasi observasi participan observasi, wawancara sacara jero in depth interview, jeung dokumentasi.
1 Observasi
Nasution dina Sugiyono, 2012, kaca 310 nétélakeun yén observasi nya éta dasar sagala élmu pangaweruh. Para ilmuwan ngan bisa gawé dumasar kana data,
nya éta fakta anu dimeunangkeun ku cara observasi. Sedengkeun nurutkeun Marshall dina Sugiyono, 2012, kaca 310, observasi nya éta niténan paripolah
jeung makna tina éta paripolah. Ku kituna, observasi nya éta kagiatan museurkeun panitén kana hiji obyék ngagunakeun pancadria; cara ngumpulkeun data sacara
langsung atawa nyata dumasar kana gawé jeung data anu aya. Dina ieu
Rupa-rupa tehnik ngumpulkan
Observasi Wawancara
Dokumentasi Triangulasigabungan
29
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014 AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
panalungtikan anu jadi objék observasi nya éta kasenian Badogar anu aya di Desa Margalaksana Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut.
2 Wawancara
Nurutkeun Esterberg dina Sugiyono, 2012 kaca 319 wawancara mangrupa jantungna panalungtikan sosial. Lamun nilik kana jurnal élmu sosial, tangtuna
bakal manggihan kabéh panalungtikan sosial dumasar kana wawancara, boh anu standar boh anu sacara jero. Ku kituna, wawancara nya éta gunem catur anu
dilakukeun sacara langsung antara pananya jeung panyatur. Wawancara miboga tujuan pikeun néangan pasualan anu kudu ditalungtik sarta digunakeun pikeun
ngumpulkeun data. Anu jadi narasumber dina ieu panalungtikan nya éta jalma- jalma anu patali jeung objék panalungtikan, diantarana pupuhuanu nyieun
kasenian Badogar atawa masarakat anu nyaho kana kasenian Badogar. 3
Dokumentasi Dokumen mangrupa gambaran hiji kajadian. Dokumentasi bisa wangunna
tulisan, gambar, atawa karya-karya monumental hiji jalma. Dokumentasi anu wangunna tulisan, misalna: tulisan sapopoé, sajarah kahirupan life histories,
carita, biografi, aturan, kawijakan. Dokumen anu wangunna gambar, contona: foto, gambar hirup, sketsa jeung nu séjénna. Dokumen anu wangunna karya
misalna karya seni bisa mangrupa gambar, patung, film, jsb. 4
Triangulasi Triangulasi dihartikeun salaku téhnik ngumpulkeun data anu sifatna
ngagabungkeun tina rupa-rupa téhnik ngumpulkeun data jeung sumber data anu geus aya. Dina ngumpulkeun data ku cara triangulasi, panalungtik salian
ngumpulkeun data ogé nguji kredibilitas data. Dina hal triangulasi, Susan Stainback dina Sugiyono, 2012, kaca 330
nétélakeun yén “the aim is not to determine the truth about some social
phenomenon, rather the purpose of triangulation is to increase one’s understanding of what ever is being investigated”. Tujuan tina triangulasi lain
pikeun néangan bebeneran ngeunaan rupa-rupa hal anu nyampak, tapi leuwih kana ningkatkeun pamahaman panalungtik kana naon anu geus kapanggih.
Lengkah-lengkah ngumpulkeun data:
30
Ginanjar Muhamad Sukamdani, 2014 AJÉN BUDAYA DINA KASENIAN BADOGAR DI DÉSA MARGALAKSANA KECAMATAN CILAWU
KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
1. Observasi ka lapangan,
2. Nyusun pedoman wawancara,
3. Wawancara narasumber,
4. Dokumentasi kagiatan,
5. Ngumpulkeun data
6. Ngolah data, jeung
7. Nyusun data.
3.3 Instrumén Panalungtikan