PANGAJARAN 1 A. Nyaritakeun Eusi Biantara Kaca 8
1. Maksudna: milu nyarita bari ngarumasakeun taya kabisa, tapi alatan kapaksa.
2. Handap asor. Cirina: “rumasa simkuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah ĕtang-ĕtang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur
teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.”
3. kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumulé – ngaraksa sareng ngariksa basa Sunda katut budaya Sunda umumna ku cara ngayakeun rupa-rupa kagiatan
budaya, upamana pasanggiri biantara, lomba maca sajak, lomba nulis carpon, jste.
4. Moal aya bangsana nu taya basana; bakal leungit bangsana mun musnah basana; Ciri ayana budaya hiji bangsa téh nya éta aya basana.
5. a sabab geus gedéna moal aya basa karagok, teu bisa, sieun salah, éra atawa géngsi ngagunakeun basa Sunda; b budak nu ti leuleutik kénéh geus diajar basa
Sunda bakal ngarasa reueus bangga jeung mikacinta kana basa Sunda.
6. dina batang tubuh UUD ’45, utamana pasal 36, Bab XV; Q.S. Arrum ayat 22. anu unina wallohu a’lam: Jeung di antara tanda-tanda kakawasanNa nya éta
nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saéstuna tina hal éta téh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu
marikanyaho; Peraturan Daerah Propinsi Jawa Barat taun 2005 Pasal 5; jeung katangtuan UNESCO nu nyebutkeun basa indung nu aya di saatéro dunya kudu
dijaga jeung dimumulé ku masarakatna.
7. ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pédah nyarita ku basa Sunda, malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus – sabab geus ngamumulé
budaya karuhun
C. Nuliskeun deui Eusi Biantara Kaca 10
Jawaban terbukagumantung siswa jeung tinimbangan guruna
D. Ngoméntaran Eusi Biantara Kaca 10
Jawaban terbukagumantung siswa jeung tinimbangan guruna
E. Ngoméntaran nu Biantara Kaca 10
Jawaban terbukagumantung siswa jeung tinimbangan guruna
Latihan Kaca 12-13 1.
1. b agul ku payung butut 2. a adat kakurung ku iga
3. a ambek nyedek tanaga midek 4. b Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan
2
5. b. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok 6. a. Banda tatalang raga
7. a. Teu busik bulu salambar 8. a. Ilang-along marga hina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna
salambar getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, nyérénkeun
9. b. jabung tumalapung, sabda kumapalang 10. a. neukteuk leukeur meulah jantung
Nyusun Kalimah Kaca 13
1. reueus = ngarasa agul; bangga Conto kalimahna: Abdi ngarasa reueus ngabandungan pamaén PERSIB nu
sakitu alusna.
2. tarékah = usaha conto kalimahna: Hirup di jaman kiwari mah kudu aya tarékah sorangan
ulah sok ngandelkeun batur.
3. kataji = katarik ati haté Conto kalimahna: Kuring ngarasa kataji ku caritaanana anu sakitu sopanna.
4. miara = ngarawat; ngukut; mulasara Conto kalimahna:
Usaha Kang Dadang mah miara hayam nagri. Jang Kusen ngukut domba di lemburna
Pa Kiai nu ngaluluguan mulasara mayit mah.
PANGAJARAN 2 A. Maham Eusi Wacana Kaca 17
1. Papanggih sarta ngobrol jeung saurang jalma nu pinter nyarita ku basa Sunda. 2. Meneer Goesman
3. kungsi lila cicing di tatar Sunda, jadi Administratur Perkebunan Argabinta, di
Cianjur Kidul. 4. ngeunaan kamekaran perkembangan surat kabar dina basa Sunda.
5. Can pati loba siga kiwari. Warta-wartana lolobana ngeunaan kahirupan masarakat sarta nembongkeun sikep mihak ka Soekarno.
6. Koran atawa majalah basa Sunda téh bisa nyerep jeung napel ka nu macana. Nu matak, dipaké pikeun ngahudangkeun sumanget parapajuang dina
ngarebut kamerdekaan. 7. gumantung wawasan siswa
8. Medan Prijaji, medal di Bandung taun 1907. Anu boga alpukahna Radén Mas Tirto Adi Soerjo.
9. Sora-Merdika, pingpinan Moh. Sanoesi, édisi ka-3 taun ka-1 medal tanggal 1 Mei 1920. Aya nu nyebutkeun Koran basa Sunda munggaran téh Sunda
Berita. Ngan tacan jéntré iraha medalna. 10. dipaké alat perjoangan ku kaum nasionalis; warta-wartana lolobana ngeunaan
kahirupan masarakat sarta nembongkeun sikep mihak ka Soekarno.
3
11. nyaéta pikeun ngamumulé jeung ngaronjatkeun budaya Sunda sarta nanjeurkeun komara budaya Sund.
12. Koran Mingguan Giwangkara, Koran Poéan Sunda, Koran Ingguan Galura, Majalah Manglé, Majalah Cupumanik, jsté.
B Nuliskeun Pangalaman Sorangan Kaca 18
1. jawabanana gumantung kana wawasan siswa 2. Jawabanana gumantung kana wawasan siswa
C. Latihan Kaca 19