Kasang Tukang Masalah BUBUKA

1 Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Dina kahirupan masarakat sapopoé loba kapanggih kabiasaan-kabiasaan anu dilaksanakeun tur ngajanggélék jadi kabudayaan. Kabudayaan mangrupa salasahiji hasil pamikiran manusa anu asalna tina kabiasaan nu jadi ciri tina éksisténsina hiji golongan masarakat. Numutkeun Kamus Basa Sunda beunang R.A. Danadibrata, budaya mangrupa ringkesan tina dua kecap “budi” jeung “daya” anu hartina usaha, tanaga, karep, pikiran, sarta parasaan jelema. Kabudayaan sorangan nya éta hasil tina, karep, pikiran, sarta parasaan jelema pikeun nambahan kasenangan jeung kani’matan ku rupa-rupa akal. Luyu jeung pamadegan Koentjaraningrat 2002: 180 yén budaya téh nya éta sakabéh gagasan jeung karya manusa, anu kudu dibiasakeun ku cara diajar, sarta sakabéh hasil budi jeung karyana éta sorangan. Kitu ogé karya sastra, mangrupa hasil cipta karya manusa anu maké alat basa. Demi fungsina rupa-rupa, salian pikeun nambahan pangaweruh ogé minangka salasahiji sarana hiburan. Ku cara maca karya sastra, hiji jalma jadi apal kana hal anu leuwih jembar deui. Ku cara maca karya sastra urang bisa jadi ngarasa bungah, senang, sedih, keuheul atawa ambek balukar pangaruh eusi éta karya. Komo deui pikeun nu nyiptakeun éta karya sastra atawa nu sok disebut pangarang. Upama hiji jalma nyieun karya sastra atawa ngarang karya sastra, hiji jalma bisa ngetrukeun sagala kanyahona kana éta karya sangkan karyana miboga mangpaat pikeun balaréa. Salian ti éta, karya sastra bisa ogé dijadikeun sarana pikeun para pangarang ngaéksprésikeun perasaanna. Teu ngan saukur pikeun para pangarang nu geus boga ngaran hungkul, tapi ogé pikeun saha baé nu resep nulis, resep ngarang. Ku cara nyieun karya sastra, pangarang bisa ngébréhkeun pamaksudan sarta ngaéksprésikeun parasaanna kalawan jujur. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Hususna dina karya sastra novél, sifatna mémang fiksi. Tapi dina novél ieu gé bisa disalusupkeun kajadian anu enya-enya kajadian salaku pangalaman atawa kajadian sajarah. Dina karya sastra aya gaya basa nu digunakeun sangkan caritana karasa leuwih hirup, leuwih keuna kana mamanah nu macana. Ku kituna karya sastra ngandung rupa-rupa ajén anu luhur. Ajén anu aya dina karya sastra diantara ajén falsafah, ajén budaya, ajén kaagamaan, ajén psikologis, jeung ajén moral. Salian ti ngandung ajén-ajén anu geus disebutkeun tadi, karya sastra ogé miboga struktur pangwangunna. Struktur nya éta komponén-komponén anu ngawangun hiji karangan. Komponén atawa unsur anu ngawangun karya sastra nya éta téma, galurplot, latar, gaya basa, palaku, watek, jeung amanat. Dina kahirupan sastra Sunda, salasahiji cara pikeun maluruh kamekaran sastra Sunda nya éta kudu niténan sawatara hasil karya sastra nu gelar dina periode anu tangtu. Diantarana aya karya sastra Sunda buhun jeung modern. Nu kaasup kana karya sastra buhun nya éta saperti mantra, carita pantun, carita wayang, sawér, wawacan, pupuh, guguritan, pupujian, jeung kakawihan. Ari nu kaasup kana karya sastra modern nya éta kayaning sajak, carpon, novél, jeung drama. Salasahiji karya sastra Sunda modern nya éta novél. Novél mémang lain produk asli ti urang Sunda, novél datang ti budaya deungeun. Sok sanajan kitu, urang sunda ogé ilubiung kana kamekaran novél. Novél anu pangheulana gelar di Tatar Sunda nya éta Baruang ka nu Ngarora karangan Daeng Kanduruan Ardiwinata anu gelar dina taun 1914. Hal éta nuduhkeun yén karya sastra novél Sunda leuwih tiheula gelarna dibanding jeung novél dina basa Indonesia atawa basa Malayu, lantaran novél nu munggaran gelar dina basa Malayu nya éta Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar anu gelar dina taun 1920. Jaman harita anu sok medalkeun buku nya éta pamedal Balai Pustaka. Tapi sanggeusna rentul koran-koran, karya sastra novél téh mindeng dimuat dina koran dijadikeun carita nyambung. Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Jadi cindekna mah novél nu mekar di Tatar Sunda lain pangaruh tina sastra Indonesia atawa sastra Malayu sabab tétéla novél maké basa Sunda nu leuwih tiheula gelarna sok sanajan nu ngarangna lain urang Sunda pituin. Hanjakal teu loba masarakat anu apal kana ieu informasi. Upama urang niténan karya sastra Sunda, tong boroning nu buhun dalah karya sastra modern ogé ari wangunna maké basa Sunda mah langka nu maca. Paribasa teu ngarti kana basana. Hal éta ngalantarankeun teu loba pamedal nu medalkeun karya sastra Sunda, sakalina aya nu butuh néangan kokotéténgan hésé pisan. Padahal loba pisan karya sastra Sunda anu mangrupa novél téh, malah dina rupa-rupa eusi carita. Di luhur geus disebutkeun karya sastra kaasup kana budaya lantaran mangrupa hasil cipta tina ide gagasan manusa. Sagedéngeun éta, karya sastra ogé miboga sababaraha ajén nu geus disebutkeun tadi nu diantarana ajén budaya téa. Numutkeun Koentjaraningrat 2002: 186 budaya dibagi kana tilu aspék kahirupan. Nu kahiji minangka kompléks ide-ide, gagasan, ajén, norma, peraturan-peraturan, jeung sajabana. Nu kadua minangka aktivitas laku lampah manusa dina hirup kumbuhna di masarakat. Nu katilu minangka wujud-wujud barang hasil karya manusa. Éta aspék kabudayaan téh raket pisan patalina jeung kahirupan. Moal mungkin ayana aktivitas-aktivitas lamun teu dimimitian ku pikiran ide jeung gagasan mah, jeung salila urang boga aktivitas urang pasti butuh sarta bisa ngahasilkeun nu disebut karya téa. Salian ti wujud kabudayaan ditétélakeun ogé ngeunaan unsur-unsur kabudayaan saperti 1 basa; 2 sistem pangaweruh; 3 sistem jeung organisasi kamasarakatan; 4 sistem téknologi; 5 sistem pakasaban; 6 sistem religi jeung upacara kaagamaan; jeung 7 kesenian. Ulikan ngeunaan unsur budaya dina karya sastra saperti novél masih langka kénéh dilakukeun, kaasup ulikan budaya kana novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana. Panalungtikan nu aya réréana ajén budaya dina wawacan saperti “Analisis struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Sulanjana” ku Diana Darnia, 2004, “Analisis Struktur Carita jeung Ajén Budaya Wawacan Regen Boncél Bupati Caringin pikeun Bahan Pangajaran di SMP” ku Winda Rohayani, 2013 Struktur Instrinstik Dan Struktur Budaya Dina Novel Tanjeur Najuritan Jaya Di Buana Karangan Yoseph Iskandar Pikeun Bahan Pangajaran Apresiasi Sastra Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Nenden Nurwendah, 2009 , “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Babad Cirebon” ku Dini Siti Oktaviani, 2007, “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya dina Wawacan Panji Kusumah pikeun Bahan Pangajaran” ku Nenden Sri Utari, 2010, jeung “Analisis Struktur jeung Ajén Budaya Wawacan Nabi Yusuf” ku Eva Novianti, 2004. Ku kituna, panalungtikan anu judulna “Struktur Intrinsik jeung Unsur Budaya dina Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana Karangan Yoséph Iskandar pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMA ” dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah