Métode Panalungtikan Wangenan Operasional

46 Arini Dwi Jayanti, 2014 Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan arus kagiatan panalungtikan nurutkeun Jabrohim 2012, kc. 39 kalayan pangropéa.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode asal kecapna tina kecap methodos basa Latén, nu hartina stratégi pikeun maham kana realitas kanyataan dumasar léngkah-léngkah nu sistematis pikeun ngungkulan runtuyan sabab-akibat Ratna, 2013, kc. 34. Siswantoro 2010, kc. 55-56 nétélakeun nu disebut métode téh nyaéta cara nu dipaké ku panalungtik dina ngaréngsékeun pasualan anu ditalungtikna. Ku kituna panalungtikan mangrupa kagiatan ilmiah, métodena kudu sistematis atawa prosedural. Sistematis, miboga harti panalungtikan kudu dilaksanakeun sacara teratur dumasar kana urutan léngkah-léngkah panalungtikanna. Panalungtikan sastra sarua jeung panalungtikan élmu séjén, maké métode nu sistematis. Bédana, panalungtikan sastra mah sifatna déskriptif, ku kituna métode dina ieu panalungtikan digolongkeun kana métode déskiptif. Nawawi dina Siswantoro, 2010, kc. 56 nétélakeun yén métode déskriptif nyaéta: “Metode deskriptif dapat diartikan sebagai prosedur pemecahan masalah yang diselidiki dengan menggambarkan atau melukiskan keadaan subjek atau objek penelitian novel, drama, cerita pendek, puisi pada saat sekarang berdasarkan fakta-fakta yang tampak atau sebagaimana adanya ”. 47 Arini Dwi Jayanti, 2014 Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif- analitik. Métode déskriptif-analitik nyaéta métode nu ngadéskripsikeun sakabéh data kalawan rinci, anu saterusna éta data dianalisis Ratna, 2013, kc. 53. Dina ieu panalungtikan, éta métode téh dipaké pikeun ngadéskripsikeun sajak-sajak Lagu Padungdung dumasar kana pamarekan struktural jeung semiotik kana téks sajakna, anu saterusna dijadikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional dina ieu panalungtikan nyaéta: 1 Sastra nyaéta ungkapan pribadi manusa dina wangun karya seni anu digelarkeun kalawan ngagunakeun alat basa. 2 Sajak bébas nyaéta salasahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu kauger ku patokan wangunna. Sajak mangrupa éksprési rasa ti pangarangna dina rékaman gambaran kahirupan, nu ngungkarakeun basa kalawan teu langsung. 3 Struktural sacara étimologis asal kecapna tina “struktur” hartina nyaéta ayana hubungan anu tetep antara kelompok gejala atawa unsur. Salian ti éta disebut ogé tata hubungan antara bagian-bagian hiji karya sastra nepi ka jadi sagemblengna. Analisis struktural mangrupa kajian kana unsur-unsur intrinsik anu ngawangun hiji carita dina karya sastra. 4 Semiotik nyaéta élmu nu ngulik ngeunaan tanda jeung simbol-simbol, atawa élmu nu ngulik ngeunaan pamahaman ma’na karya sastra dumasar kana tanda nu aya dina éta karya. Hal ieu diluyukeun jeung kanyataan yén basa téh mangrupa sistem tanda. Dina ieu panalungtikan tanda-tanda nu dimaksud nyaéta ikon, indéks, jeung simbol. 5 Bahan pangajaran nyaéta matéri pangajaran atawa substansi poko nu rék ditepikeun ku guru ka siswa dina prosés diajar-ngajar anu luyu jeung kurikulum. 48 Arini Dwi Jayanti, 2014 Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Instrumen Panalungtikan