Dwi Zahra Fitriani, 2013 AJÉN MORAL DINA NASKAH DRAMA PUNDÉN-PUNDÉN NU RAREMPAG KARYA R. HIDAYAT
SURYALAGA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
3.7.1 Tahap Tatahar
Dina tahap tatahar léngkah garapanana saperti ieu di handap:
1 talaah pustaka;
2 nyieun watesan jeung rumusan masalah;
3 ngajukeun judul;
4 nyusun rarancang; jeung
5 konsultasi ka dosen pangaping.
3.7.2 Tatap Ngumpulkeun Data
Bérés tahap tatahar, diteruskeun kana tahap ngumpulkeun data. Data dina ieu panalungtikan nya éta naskah drama Pundén-Pundén nu Rarempag karya R.
Hidayat Suryalaga. Anapon léngkah-léngkahna saperti ieu di handap:
1 maca sagemblengna naskah drama Pundén-Pundén nu Rarempag
karya R. Hidayat Suryalaga; jeung 2
nganalisis struktur drama dina naskah.
3.7.3 Tahap Ngolah Data
Tahap ngolah data disusun di handap ieu: 1
ngadéskripsikeun data; jeung 2
nyieun kacindekan ajén moral.
3.7.4 Tahap Nyusun Laporan
Ieu tahap manrupa tahap pangahirna dina ieu panalungtikan. Kagiatanana mangrupa nyusun laporan kana wangun skripsi.
Dwi Zahra Fitriani, 2013 AJÉN MORAL DINA NASKAH DRAMA PUNDÉN-PUNDÉN NU RAREMPAG KARYA R. HIDAYAT
SURYALAGA Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Nalungtik ajén moral dina naskah drama Pundén-Pundén nu Rarempag karangan Hidayat Suryalaga disababkeun éta naskah téh ngandung ajén moral anu
linuhung, anu nyampak dina ieu naskah. Ngaliwatan métode déskriptif-analitik ngadéskripsikeun fakta-fakta anu satuluyna dianalisis. Métode déskriptif-analitik
nya éta métode anu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta anu nyampak dina objék panalungtikan.
Hasil analisis struktur drama Pundén-Pundén nu Rarempag téh kapanggih, yén téma dina naskah drama Pundén-Pundén nu Rarempag téh ngeunaan
ngeunaan kahirupan sosial anu patalina jeung moral. Nilik unsur séjénna nya éta latar tempat, waktu jeung sosial. Dina ieu naskah drama mah latar tempat téh
kabagi kana dua tempat nya éta, imahna Nini Keton jeung panti jompo. Dua tempat, dina éta naskah tétéla digambarkeun ogé kumaha kahirupanana sacara
sosial, boh di kulawarga boh di masarakat. Latar waktu dina ieu naskah drama mah ukur nuduhkeun waktu suasana, nya éta pasosoré jeung isuk-isuk, sedeng
latar waktu anu nuduhkeun poé tur waktu anu teu écés mah teu kapanggih dina ieu naskah. Dina latar sosial, kapanggih situasi-situasi anu nyaritakeun pasualan hirup
kumbuh jeung sasama, misalna silih ajénan, silih hargaan, jeung silih hormat ka sasama, éstu nyampak dina ieu naskah. Nilik kana karakter unggal tokohna, dina
ieu naskah kapanggih rupa-rupa karakter, lain baé pasualan jahat atawa teu jahatna éta tokoh, tapi nyampak ogé karakter anu ngabentuk moral-moral éta
tokohna. Misalna waé, karakter anu kapanggih dina ieu naskah nya éta, tigin, sabar, idéalis, sarakah, licik, nyombongkeun manéh. tina éta karakter ahirna mah
ngabentuk moralitas tokoh-tokohna anu teu silih ajénan, teu silih hargaan, teu silih hormat boh éta ka kolot boh éta ka sasama.
Sabada nganalisis sturktur drama, panalungtikan téh dituluykeun kanu analisis ajén moral dina naskah drama Pundén-Pundén nu Rarempag. Tina hasil