Sumber Data Panalungtikan Prosedur Analisis Data

35 2001:6. Métode analisis pikeun ngadadarkeun karakteristik obyék ku cara ngadadarkeun jeung nafsirkeun fakta-fakta, tanda-tanda ngeunaan konvénsi basa jeung poko pasualan nu aya dina téks nu ditalungtik. Métode analisis dilengkepan ku métode deskriptif ku cara ngadéskripsikeun hiji gejala, kajadian, nu kaalaman jaman ayeuna.

3.1.3 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan anu digunakeun nya éta studi pustaka.

3.2 Sumber Data Panalungtikan

Data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta naskah Babad Sumedang beunang Raden Aria Adipati Martanagara nu ditranslitasi ku Haji Said Raksakusumah jeung Edi S. Ekadjati, didokuméntasikeun ku Lembaga Kebudayaan Universitas Pajajaran dina 1978. Lobana kaca aya 164, jumlah padana aya 872, ditulis ngagunakeun mesin tik dina keretas stensil. Pikeun référénsi pangrojong, digunakeun data-data tina sumber séjén, saperti tina hasil- hasil panalungtikan, buku-buku, artikel-artikel, jeung tulisan-tulisan dina internét.

3.3 Prosedur Analisis Data

Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar kana léngkah-léngkah ieu di handap. 1 neuleuman téks Babad Sumedang; 2 nganalisis téks Babad Sumedang dumasar kana strukturna nu ngawengku 1 téma, 2 galur plot, 3 latar setting, 4 palaku, jeung 5 gaya basa, 3 neuleuman tanda-tanda nu aya dina téks Babad Sumedang; 36 4 nganalisis téks dumasar kana semiotik nu ngawengku indéks ngaran palaku jeung tindakan palaku; 5 nyieun laporan panalungtikan. 110

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

BS mangrupa salah sahiji karya sastra nu sumberna tina sajarah pamaréntahan Sumedang. BS diwangun ku manggala sastra, carita inti, jeung panutup. Manggala sastra jeung panutup mangrupa pedaran ti pangarang ngeunaan carita nu dikarangna, sedengkeun carita inti mangrupa riwayat para pamingpin Sumedang di jaman baheula. Dina bagian carita inti, BS ngariwayatkeun para pamingpin Sumedang di jaman baheula. Caritana mérélé luyu jeung jalma-jalma nu kungsi nyekel pamaréntahanana.. Sok sanajan kitu, henteu sakabéh pamingpin Sumedang dijéntrékeun riwayatna. Para pamingpin Sumedang nu dijéntrékeun riwayatna ngabogaan carita séwang-séwangan luyu jeung kajadianana. Antara pamingpin nu hiji jeung nu lianna ngabogaan carita nu béda-béda. Téma dina BS diwangun ku téma utama jeung téma tambahan. Nu jadi téma utama dina BS nya éta bagantina para pamingpin pamaréntahan Sumedang di jaman baheula. Nu jadi téma tambahan dina BS nya éta mimiti asupna Islam ka para pamingpin pamaréntahan Sumedang; dilarapkeunana hukum perkawinan numutkeun Islam; bebeneran jeung kaadilan bakal ngéléhkeun kajahatan; jeung persatuan mangrupa hiji kakuatan. Sacara gembleng galur BS mangrupa galur logor lantaran patali antargalur henteu raket. Ku lantaran kitu, aya sababaraha carita saupama dikaluarkeun tina